Rampes Bah Oca....emh waraas nya jaman nuju "neangan anu neangan"....he..he. 
Ari Bah Oca mah dina ngebrehkeun proses milarian teh nganggo rumpaka bebas 
"wanda prosa", ari sim kuring mah sok kabita ku didangdingkeun nganggo "pupuh" 
anu sok dihaleuangkeun dina tembang "Cianjuran"..... Ieu mah sakadar conto wae 
da eusina mah henteu tebih ti lalakon Bah Oca. 

Pupuh Kinanti rumpaka kenging R.H.Hasan Mustopa :

Satungtung neangan kidul,
Kaler deui kaler deui,
Satungtung neangan wetan,
Kulon deui kulon deui,
Satungtung neangan aya,
Euweuh deui euweuh deui.

Pupuh Pupuh Dangdanggula rumpaka sim kuring:
 
Siang wengi henteu weleh jadi pikir,

jagad
raya sok jadi implengan,
katut
bentang nu gumenclong,
pangeusi
uwung-uwung,
pamohalan
tanpa tepi,
tapi teu
kadongkang akal,
naon anu
tungtung,
ngarungkupan
anu nyata,
langit
leungit dina pepetengan ati,
poek
ngeukeupan caang. 

Mangga nyanggakeun.......

________________________________
 From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: H. Abdurrohman M.Sastra <ps...@yahoo.com> 
Cc: "kisunda@yahoogroups.com" <kisunda@yahoogroups.com>; UrangSunda 
<urangsu...@yahoogroups.com>; Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com>; 
"kabuyu...@yahoogroups.com" <kabuyu...@yahoogroups.com> 
Sent: Monday, September 30, 2013 8:49 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?
 


kasanggakeun AbahSepuh lan baraya sadaya...
sampurasuuuun....hampura ingsun !

eta kageuri deui kuring,ku alatan kalimah 'COET HAYANG NYAHO DI BATUNA"

harita, samangsa kuring keur jadi  si COET, hayang nyaho 

WHAT, WHERE, WHEN, WHO, HOW is the meaning of WATU-BATU
nepi ka tungtungna nyieun papantunan, anu kieu uni na :
hampura mun teu pantes teu merenah,sabab keur paroses
sakadada sakadugana bae...:)


...._/I\_...._/I\_...._/I\_....

(...menekung tanpa tungtung; haleuang nu lewang; jumerit dina werit maratan 
langit..)

nun gusti nu agung, nu luhung , nu gumulung
nun gusti hyang widi, hyang wenang, hyang wening
nun gusti nu welas nu asih
kedah kamana abdi milari?
kamana jeung dimana 'anjeun' lumahing?

ceuk sakaol, aya di kulon, manggih wetan
ceuk sakaol aya dikaler, manggih kidul
ceuk sakaol, teang 'elmu'na nepi ka nagri cina
ceuk sakaol, leuwih deukeut batan urat beuheung sorangan
ceuk sakaol, aya dimana-mana, euweuh dimana-mana
ceuk sakaol, aya dina patung
ceuk sakaol, aya dina batu
ceuk sakaol, aya dina leuwi jeung leuweungna
ceuk sakaol, aya di mumunggang gunung
ceuk sakaol, aya dijero laut
ceuk sakaol, kumaha lalangit urang sewang-sewangan.

naha 'ANJEUN' ngan saukur 'EUCEUK' jeung 'BEJA' ?

naha ngan saukur 'yakin' aya na, bari teu yakin aya na?
naha ngan saukur catur, aya di euweuhna?
naha ngan saukur teang dina galeuh bitungna?
naha ngan saukur dina langit ka tujuh?
naha ngan saukur dina lapis ka salapan?

nun gusti nu murba wisesa
nun gusti nu murbeng alam

nya kamana abdi muntang, ka,mana abdi balik?
dina walahir aya awal aya ahir?
dina miang ti pamiangan?
dina balik ka pangbalikan?

muga ulah salah harti,muga ulah salah larap
muga aya pituduh, muga aya nu nuduhkeun

muga karasa ku 'rasa'ning rasa
muga kahontal ku nalarna akal
muga katepi ku 'aci'ning ati
muga katembong ku 'deuleu'na mata
muga kadangu ku'reungeu'na ceuli
muga ka ambeu ku 'angseu'na irung
muga karampa ku'ragap'na leungeun
muga jeung muga deui wae
da 'ngaing' mah teu wasa...........................

cag !

oca,warung pojok'72. o2.oo, 22.01.'00



tah kitu kirang langkung parosesna teh?..._/I\_
Rampes! ...Rampa Salira !
hn*R3M
















.  









2013/9/30 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>

kasanggakeun kidulur mang Kabayan, 
>aya hal nu jadi aheng dina pasualan kecap al hajj atw haji. 
>kieu
>gelar pupuhu PADJADJARAN NAGARA, di Pakuan Padjadjaran:
>SRI BADUGA MAHARAJA, RATU 'HAJI' DIPAKUAN PADJADJARAN
>SRI JAYADEWATA.
>SANG PAMANAH RASA
>katelah sohor disebut Eyang Prabu Siliwangi.
>kecap haji di Sunda dina harti geus 'hatam  nga'hiji'keun..hiji jeung enol tea.
>
>oge kecap wali. 
>hurup sacara etimologi w tungtungna jadi b. conto wesi-besi; waja-baja; 
>
wali- bali, hartina wiwit; asal mula; purwa (ka bali geusan ngajadi )
>baduy oge tina asal kecap waduy, sarua hartina ; wiwit.
>jadi jentre mun kecap kawali - ka wiwit, lain kuali. 
>wiwit kiwari robah, jadi bibit ! bibit buit..heu
>
>cag Rampes...Rampa Salira!.
>
>hn*R3M
>
>
>
>
>
>
> 
>
>
>
>
>2013/9/30 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>
>SAMPURASUUUN! ....HAMPURA INGSUN _/i\_..EXCUSE ME !
>>
>>emh...abah Sepuh, mang Kabayan lan baraya sadaya,
>>
>>subhanallah!
>>
>>asa puriding puringkak ngaos pedaran ngaran kuring keur koreksi diri teh,
>>
>>asa kaleuleuwihi pedaran abah Sepuh teh....
>>
>>da kuring mah teu wasa, teu daya, teu upaya.....
>>
>>sadaya na oge anging keresaNa Gusti Nu Maha Suci , nun..._/I\_
>>
>>mung anjeunna nu boga Kawasa, boga Keresa
>>
>>nu ngusik malikkeun urang sadaya.
>>
>>AnjeunNa nu ngaWasa Wallahir, awal jeung ahir.
>>
>>
>>pedaran kuring sateuacanna boa mung saukur ukuran debu dijagat pawenangan ieu.
>>
>>ngan sabab 'karandapan ku sorangan' wae eta mah, pamendak keur sadirieun 
>>wungkul.
>>
>>ulah waka dipercaya sagemblengna
>>
>>bisi nangtung dina kayakinan numutkeun EUCEUK jeung BEJA.
>>
>>sabab lamun miboga kayakinan dina euceuk jeung beja mah,
>>
>>pinasti neangna kaLUAR, lain kaJERO.
>>
>>bakal ngabalukarkeun SASABna papanggihan...beuh !
>>
>>ieu kamandang kusabab aya alungan judul ti baraya ,
>>
>>sugan jeung sugan,..eusianeun.
>>
>>ngan panganteurna make data padika/metodana ti kabuyutan
>>
>>ti uyut urang sarerea...karuhun
>>
>>anahoreng, pedaran ti UYUT  teh geuning, teu jauh beda jeung pedaran tina 
>>AYAT.
>>
>>ngan saukur beda sesebutannana wungkul.
>>
>>geuning eta keneh BARANGna mah. 
>>
>>
>>ngaguar atawa neangan elmu teh geus sakuduna dina lengkah anu
>>
>>kaHARTI, tuluy kaRASA anu tungtungna NYATA !
>>
>>aenal yaqien tuluy jadi haqqul yaqien... 
>>
>>heu...!
>>
>>cag,
>>
>>RAMPES....RAMPA SALIRA.
>>
>>nhn*R3M
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>2013/9/30 H. Abdurrohman M.Sastra <ps...@yahoo.com>
>>
>>
>>Wah jadi haneuteun deui yeuh Kisunda teh upami para Bagawan Sunda tos 
>>ngawitan "HEHEOTAN" sareng "NGAHARIRING". Ulah lepat deui upami hoyong terang 
>>bangsa "TATAPAKAN" taroskeun we ka Bah Oca anu nami asli anjeunna teh 
>>jenengan "ANU POHARA GAGAH PERKASANA" atawa "MAHA KAWASA"...dina basa Sunda 
>>disebat "ROSA". Aya deui ma'na anu sanes nyaeta papasangan tina "KHAUF" 
>>namina "ROZA". Pilihan dina waktos ragu-ragu. "SILOKANA" sapertos Siti Hajar 
>>bulak balik to SOFA ka MARWA (tina KHAUF ka ROZA?) waktos bingung milarian 
>>cai tina nyaah ka putrana "ISMAIL" anu nembe borojol... nya dijantenteunkeun 
>>rukun haji ku mangrupa "SYA'I"......he..he. Numawi leres upami bade mios 
>>"HAJI" kedah nepangan heula Bah Oca anu parantos terang di "HIJI" sareng 
>>"NOL" silokana "RAGA" sareng "NYAWA" ngahijina jadi "AING" dina tingkatan 
>>"SASMITA" sanes "SILOKA". Upami dina ajaran sufi mah eta teh sok disebat 
>>tingkatan "MURA AQOBAH = MURAKABAH", saluhureun tingkat "SIDIQIYAH". Dina
 tingkatan eta basa padanan anu sok dianggo ku para Guru Mursid tibalik, upami 
tos kapendak "TAPAKNA" kedah terang saha "NU BOGANA" naha meri naha soang atawa 
sireum?, padanan basana sok sering dianggo "COET HAYANG NYAHO DI BATUNA"....tah 
kedah kumaha nya? ....Cag 
>>>  
>>>From: mang kabayan <dkaba...@gmail.com>
>>>To: Kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; UrangSunda 
>>><urangsu...@yahoogroups.com>; Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com>; 
>>>kabuyu...@yahoogroups.com 
>>>Sent: Monday, September 30, 2013 4:10 AM
>>>
>>>Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?
>>> 
>>>
>>>
>>>  
>>>Dahsyaaat Bah Oca,
>>>Tah geuning berarti bener tah Eyang Haji teh nyarita teu meunang naek haji 
>>>lamun can haji ~ hiji ~ ngahiji ~ ngaji diri ~ neangan diri ~ ngarampa diri 
>>>tea :).
>>>
>>>Eta anu hese mah pan ngaji diri hehehe. Ngaji kitab mah gampang tinggal maca 
>>>kaharti, ngaji diri sorangan tah lieur hehehe. 
>>>
>>>nuhuuuuns,
>>>mang asep kabayan
>>>www.cipaku.org
>>>________________________________
>>>
>>>From:  "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasu...@gmail.com> 
>>>Sender:  kisunda@yahoogroups.com 
>>>Date: Mon, 30 Sep 2013 01:22:54 +0700
>>>To: <kisunda@yahoogroups.com>
>>>ReplyTo:  kisunda@yahoogroups.com 
>>>Cc: <kabuyu...@yahoogroups.com>; Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>; 
>>>UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>
>>>Subject: Re: [kisunda] Re: Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?
>>>
>>>  
>>>neang suwung?
>>>
>>>dina metoda keur neang JatiDiri jeung Gusti
>>>sapuk kudu 'ngosong'keun pikir tina masalah dunya.
>>>eta metoda dipake sacara universal
>>>kusagala ageman boh nu 'resmi' atawa hanteu
>>>nga'hening'....
>>>mun 'bener' ngaheningna
>>>pinasti papanggihan..
>>>bakal panggih jeung sajatining diri na
>>>sabab neangna ka jero
>>>kudu panggih heula jeung si Aing na
>>>cag!
>>>
>>>urang tunda di hanjuang hyang
>>>urang teundeun di haneuleum hieum
>>>paragi nyokot
>>>jeung ninggalkeun
>>>keur sampeureun jaga...
>>>
>>>hampura ingsun....
>>>rampa salira!
>>>
>>>_/I\_..._/I\_..._/I\_
>>>
>>>
>>>
>>>*R3M
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>2013/9/30 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>>>
>>>Sampurasuuun! hampura ingsun..._/I\_
>>>>beuh... 
>>>>Abah Sepuh lan baraya sadaya ! 
>>>>Kuring asa kageuri deui dina bagbagan  ngaguar deui hal2 anu sipatna dina 
>>>>tataran pantun/suluk buhun.yeuh? 
>>>>
>>>>Eta pantun memang cenderung ngajak urang neuleuman nyosok jero ngeunaan 
>>>>hiji guaran buhun : - 
>>>>AYA di EUWEUH NA - EUWEUH di AYA NA.-(teang dina -galeuh bitung , hate 
>>>>kangkung tea). 
>>>>Janten numutkeun kuring di tapsirkeunana kedah dina tataran atanapi panta 
>>>>luhung, SASMITA (= ma'rifat mun ceuk ageman Islam mah).
>>>>sanes dina panta SILIB, SINDIR, SAMPIR,SILOKA (panca curiga) deui...tapak 
>>>>soang, tapak meri, tapak sireum jjrd., 
>>>>kesanna abstak atawa moal kapanggih atawa kataekan. 
>>>>GEURA TEANG KU DIA! naha suwung teh dina harti kosong sacara lahir? 
>>>>naha Tapak soang, meri, sireum teh euweuh?
>>>>Mun hayang kapanggih, kapaksa kudu jadi bitung, kangkung,  soang, meri 
>>>>jeung sireum heula.heu...
>>>>'Rasa jeung Sipat Manusa, kudu obah ('turun?)' jadi 'rasa/sipat sato' atawa 
>>>>' rasa/sipat tutuwuhan' heula. 
>>>>Kunanon dina prasasti2 karuhun urang dina batu, sok make 'tapak suku', ngan 
>>>>sakadar 'cap' wungkul ???
>>>>
>>>>Baraya....
>>>>Dina naskah Amanat Galunggung aya panta-panta mahluk di alam dunya. disebut 
>>>>JANMA (lain jalma). Boga lima panta: 
>>>>1. Janma Tumuwuh(tutuwuhan). 2.Janma Triak(sato). 3. Janma Wong (jelema 1/2 
>>>>sato). 4. Janma Siwong (jelema nu geus make otak jeung rasa)
>>>> jeung 5.Janma Wastu siWong ( jelema nu geus ma'rifat). Emut ngaran Wastu 
>>>>Kancana, tos didinya level anjeunna.
>>>>Janma Tumuwuh , hirup samemeh aya janma Triak (triasic-jurasic?) jst.
>>>>Janma siWong/cerdas  kacaritakeun karak berkembang 100rewu taun 
>>>>katukang.(homo sapien)
>>>>Umur dunya lima milyar taun. Tangkal wiwitan, sapuk disebut tangkal PAKU 
>>>>puluhan yuta taun katukang.
>>>>
>>>>hmm...galuh PAKUan - PAKUan padjadjaran.
>>>>
>>>>
>>>>AYA jeung EUWEUH bisa dideukeutkeun dina angka matematik sarua jeung 
>>>>wilangan numerik binary - hiji jeung enol....
>>>>lamun hiji dibagi enol disebutna 'tanpa wates wangenan'- infinity - tak 
>>>>hingga. tapi lamun enol dibagi hiji, nya tetep enol. 
>>>>Eta angka binary anu jadi 'nyawa'na komputer tug nepi ka kiwari. 
>>>>Komputer bisa 'hirup' ku ka AYA na hiji jeung EUWEUHna enol ! 
>>>>Empirik geus ngabuktikeun kitu. Komputer teh buatan janma siWong.... 
>>>>ari janma siWong buatan saha?
>>>>tah eta rupina anu disebut KUJANG PAPASANGAN teh.
>>>>
>>>>manga geura emutan KUuJANG...naon anu diteangan teh?
>>>>
>>>>
>>>>rengse saheulaaneun....
>>>>
>>>>Cag..!
>>>>
>>>>Rampes...rampa salira.
>>>>
>>>>nhn*R3M  
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>2013/9/28 mang kabayan <dkaba...@gmail.com>
>>>>
>>>> 
>>>>>  
>>>>> Luar biasa Ua Sastra nuhuuuns pisan :).
>>>>>
>>>>>Pami aya anu gaduh bukuna diantos, sok ah urang galuaran :). 
>>>>>
>>>>>nuhuuuuns,
>>>>>mang asep kabayan
>>>>>www.cipaku.org
>>>>>________________________________
>>>>>
>>>>>From:  msastraabdurroh...@gmail.com 
>>>>>Sender:  kabuyu...@yahoogroups.com 
>>>>>Date: Thu, 26 Sep 2013 03:15:11 +0000
>>>>>To: <kabuyu...@yahoogroups.com>; 
>>>>>Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>; 
>>>>>UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>; Kisunda<kisunda@yahoogroups.com>
>>>>>ReplyTo:  kabuyu...@yahoogroups.com 
>>>>>Subject: Re: [kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?
>>>>>
>>>>>  
>>>>> Upami aya anu kagungan cobi pilari dina kamus para sufi Sunda seratan 
>>>>> "R.H.Hasan Mustopa" atanapi wawacan Muslimin Muslimat.. Seueur kalimat 
>>>>> padanan anu sami ma'na na. Eta kalimah sok sering disadur ku Bah Oca: 
>>>>> contona teangan " tapak sireum dina batu", "bangkong ngaheumheum liang", 
>>>>> "galeuh kangkung awi bitung"... Upami teu lepat eta kalimat teh "suluk" 
>>>>> para Guru Mursid keur "nguji" tingkat IQ muridna naha tos nepi kana 
>>>>> tingkatan  "ma'rifat/tauhid?" atanapi masih keneh hejo kanyahona... Ceuk 
>>>>> guru ka murid kudu geus nepi ka "buah ragrag asak geus nyaho kana 
>>>>> sikina".... Wallohu'alam... 
>>>>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>>>>________________________________
>>>>>
>>>>>From:  "mang kabayan" <dkaba...@gmail.com> 
>>>>>Sender:  kabuyu...@yahoogroups.com 
>>>>>Date: Thu, 26 Sep 2013 02:45:53 +0000
>>>>>To: Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>; 
>>>>>UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>; Kisunda<kisunda@yahoogroups.com>; 
>>>>><kabuyu...@yahoogroups.com>
>>>>>ReplyTo:  kabuyu...@yahoogroups.com 
>>>>>Subject: [kabuyutan] Teangan Tapak Meri Dina Leuwi?
>>>>>
>>>>>  
>>>>>Salah sahiji teka teki nu aya di Kabuyutan Cipaku anu can kaharti ku 
>>>>>Mamang kieu, "Teangan Tapak Meri Dina Leuwi"? Ciiik susuganan kasepuhan 
>>>>>jeung baraya didieu apal naon hartina? 
>>>>>
>>>>>Ari Teangan Tapak Soang di Awang-awang mah geus Kaharti hehehe artina 
>>>>>nyakitu eta Rasi Bintang jeung Kalender Kala Sunda nu pang kolotna sadunya 
>>>>>tea :). 
>>>>>
>>>>>Tah Palebah Tapak Meri Dina Leuwi can kapikir euy :(. 
>>>>>
>>>>>Aya deui Endog Kongkorongok hehehe pan biasa nah Hayam lin nu kongkorongok 
>>>>>mah ieu mah endog kongkorongok, ieu paham artina kaitanna ieu jeung Islam 
>>>>>yeuh. Nu Pang Ngorana tapi Pang Sampurna na, kunaon disebut Sampurna 
>>>>>kulantaran nyakitu malikeun deui KATAUHIDAN, Monotheismeu, "La Ilaha 
>>>>>Illalloh" tea euweuh deui Gusti Pangeran Iwal ti Alloh SWT. Kristen rada 
>>>>>menyimpang walopun Tuhanna sarua tapi Ngultuskeun Nabi ISA. Tah Islam mah 
>>>>>henteu Nabi Muhammad SAW henteu dikultuskeun, hade pisan tah Alloh SWT 
>>>>>ngamanusiakeun Nabi Muhammad SAW contona nyakitu manehna resep ka ABG 
>>>>>hehehe. Eta manusiawi pisan justru palebah dieu Alloh SWT Maha Kawasana 
>>>>>euweuh Umat Islam anu mahiwal siga Kristen nyebut Nabi Muhammad SAW anakna 
>>>>>Alloh SWT :). 
>>>>>
>>>>>Tah beuki kadieu beuki loba Endog Anu Kongkorongok nyakitu generasi leuwih 
>>>>>ngora bisa nyiptakeun Sagala Rupa ku Kapanggihna Elmu Pangatahuan jrrd. 
>>>>>
>>>>>Aya deui Teangan Dawegan Kolot Kalapana tah ieu ampir mirip jeung Endog 
>>>>>Kongkorongok artina Generasi Ngora Anu Kolot Eusina / Kolot Pangaweruhna/ 
>>>>>Luhur Elmuna pan ayeuna anu maju teh kitu. Tempo weh Fesbuk jijieunan 
>>>>>Dawegan Kalapa Kolot eta... Budak Ngora nyieun Geger Dunia pan? 
>>>>>
>>>>>Nabi Muhammad SAW weh bisa kaasup Dawegan Kalapa Kolot hehehe umur 40 taun 
>>>>>ngeus ngabamblam nyaritakeun Ayat-ayat Alloh SWT pan? 
>>>>>
>>>>>Kabelah dieu sigana bakal beuki loba Dawegan Kalapa Kolot, budak ngora anu 
>>>>>luhur elmuna tur kreatif bisa mendobrak dunya hehehe. 
>>>>>
>>>>>Wallohualam bishawab :). 
>>>>>
>>>>>nuhuuuuns, 
>>>>>mang asep kabayan 
>>>>>www.cipaku.org
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>

Kirim email ke