[kisunda] Lebaran atawa Lubaran?

2010-10-03 Terurut Topik Tukang Wawar

 Ku: *DJASÉPUDIN*

 *Urang palidkeun hayu, kapeurih ka laut asih
 Meungpeung cangra nu hibar bulan purnama
 Poé ieu ngagulidag caah cihampura
 Sanggeus girimis bulan kamari nyerep ‘na aci bumi
 Ku éndah rasa sumirat rahmat Mantenna*

 Saban taun urang Islam mayeng ngareuah-reuah dua kali poéan lebaran: nyaéta
 Lebaran Idul Fitri jeung Lebaran Idul Adha. Lebaran Haji  atawa Id Al-Qurban
 atawa Id Al-Adha atawa Id Al-Kabir hartina hari raya besar (lebaran gedé).
 Ari lebaran Idul Fitri atawa Id Al-Fitr atawa Id Al-Saghir hartina hari raya
 kecil (lebaran leutik). Tapi, di Indonésia mah kalahka lebaran leutik nu
 pangraména direuah-reuah téh.


 Sebutan séjén Lebaran Idul Adha nyaéta lebaran Rayagung. Ari Lebaran Idul
 Fitri mah nelah boboran siyam atawa lebaran puasa. Bobor hartina buka, teu
 puasa.

 Patali jeung kabudayaan Sunda, nyuméndér kana asbabun nujulna, istilah
 ‘lebaran’ paling hanteu nyuméndér kana dua kecap: ‘lebar’ jeung ‘lubar’.
 Tina éta kecap urang bisa ngajujut robahna Id Al-Fitr jadi poéan ‘lebaran’.

 Dina ahir Ramadhan méméh solat Id, urang Islam kudu geus mayar jakat pitrah
 atawa Zakt Al-Fitr. Jakat pitrah gé mangrupa salah sahiji runtuyan tina
 Ramadhan jeung Lebaran. jakat pitrah téh sahanteuna pikeun méré rasa
 kabagjan keur golongan nu kaasup mustahik, nu masakat téa.

 Istilah ‘lebaran’ méh sarimbag jeung ‘lubaran’. ‘Lubaran’ sarua jeung
 ‘bubar’, ‘leungit’, atawa ‘break’ (béak). Lubar idah, upamana, hartina béak
 masa idah. Lubar puasa hartina teu puasa. Anapon ngalubarkeun dosa hartina
 ngaleungitkeun (ngahampura) dosa.

 Kangaranan manusa tangtu moal bener salawasna. Kakeunaan ku sipat lepat
 jeung luput. Dosa di papada jalma mah hésé dileungitkeunana. Padahal Alloh
 SWT mah lautan pangampura. Kacida héséna nangénan jalma wakca balaka ngaku
 kasalahanana. Mana komo kudu ménta hampura ka sahandapeun. Wuih, jarang
 kabina-bina. Nu jadi cukangna mah urusan géngsi asa pangaingna. Ngan manusa
 nu jembar manah nu ngaku kana kasalahanana.

 *Urang sieuhkeun hayu, kaceuceub ka leuweung deudeuh
 Da langit balungbang timur
 Kapan béntang baranang luhureun urang
 Peuting tadi ngukir tingtrim ‘na angin takbir
 Ku timpuh ieu kalbu sumilir bayu Nu Agung*

 Ku kituna, ménta hampura dina poéan lebaran Idul Fitri mangrupa wanci nu
 kawilang mustari. Momen nu ngeunaheun. Ari sabab, dina éta wanci,
 silihhampura téh geus lain baé nedunan paréntah Gusti Nu Maha Suci, tapi ogé
 geus jadi tradisi.

 Éta tradisi téh tradisi silaturahmi, tradisi nu islami, tradisi nu kudu
 terus diréproduksi. Sabab, silihhampura dina poéan lebaran mangrupa salah
 sahiji cara nu murah jeung gampang pikeun silihlubarkeun dosa.

 Hanjakal, wanci silih lubarkeun dosa téh mindeng dirécokan ku hal nu teu
 perlu. Éta momen kalahka dilelebar. Dipiceun teu puguh.

 Samalah, sabot ngalakonan bulan Ramadhan téh lain katakwaan nu jadi udagan,
 tapi satékah polah bisa ngareuah-reuah poéan lebaranna. Nyaéta pésta pora
 hura-hura alias ngamonyah-monyah bangsaning hal nu teu puguh. Nya gubrag wé
 istilah ‘lebaran’.

 Minangka pangaruhna, urang luareun Islam gé bisa ngamanpaatkeun ceuyahna
 poéan Lebaran. Pasar ramé ku nu pelesiran. Toko pakéan gegek ku nu balanja.
 Tukang dagang daging ciweuh ku nu barang beuli. Samalah tikét beus jeung
 karéta api ti anggalna mula geus béak ku nu marudik. Kapan ayeuna ge di
 sajumlahing stasiun karéta, tikét pikeun mudik jeung balik deui téh geus
 saréép.

 Ku kituna, hajat pangrongkahna warga Indonésia nyaéta hajat Lebaran. Ari
 baheula mah nu mudik téh umumna kaum buruh, kuli kasar, tukang sayur, atawa
 karyawan pabrik, kiwari mah jalma jugala atawa dununganana gé parebut tempat
 jeung bawahanana geusan hiji kecap: mudik!

 Mémang, tradisi mudik Lebaran téh bisa nyababkeun manusa kana prosés
 ‘desakralisasi’ ibadah. Pola ‘konsumérisme’ dihenteu-henteu gé beuki
 ngagalaksak. Ku kitu téh nyababkeun ma’na puasa bisa leungiteun hikmah jeung
 dangiangna.

 Padahal bulan Ramadhan meredih urang sangkan bisa hirup basajan. Teu
 dihalalkeun milampah sikep ngalelebar. Mana komo bari diémbohan ku sikep
 pamér matéri malar katangar ku batur. Emh, boa nu dibibita ku urang mah
 kasigeung mamaras rasana. Muhun, enya gé rupa fisikna bangun nu tiis, boa
 haténa mah bati lumengis.

 Hal éta téh malar dina nyorang lalakon kahirupan urang bisa mulus rahayu,
 berkah salamet, taya pacogrégan, teu pahiri-hiri, teu pakia-kia. Ku
 silihhampura dipiharep dina hirup kumbuh sapopoé urang bisa sauyunan
 sabilulungan, éstuning tiis ceuli hérang mata caang haté.

 *Urang gurit hayu, haleuang dangding hurip
 ‘na lambaran kadar ku mangsi takdir
 Urang taratas jalan anyar ku haté nu nyacas
 Ieu wanci pamiangan pikeun pataréma rasa
 Mupus tugenah nu sumarambah di unggal bayah*

 Sajeroning kitu, embung sarta ngamanpaatkeun momen Lebaran, program-program
 média satékah polah midangkeun acara nu bau-bau réligius Islam. Hal éta téh
 tujuan utamana mah, asana, taya lian sakadang iklan.

 Mareng jeung majuna téknologi, jasa 

[kisunda] [Info Buku] Mau Haji dan Umrah bersama Ustadz Yusuf Mansur?

2010-10-03 Terurut Topik ahmad sahidin
Ibadah haji merupakan salah satu ritual Islam yang memiliki
rukun-rukun, baik wajib maupun sunnah. Selain sebagai bagian dari rukun
Islam, ibadah haji dan umrah juga bisa disebut ibadah ziarah. Karena
itu, perjalanan haji atau umrah bukan sekadar ritual dan wisata ruhani
semata, tetapi pada hakikatnya sebuah proses penyucian sekaligus
menyempurnakan keislaman kita.

Karena itu, dalam pelaksanaan
ibadah haji dan umrah perlu dilakukan dengan sungguh-sungguh dan
persiapan yang matang. Tidak hanya aspek fiqih dan bacaan (doa) yang
perlu dikuasai para calon haji atau umrah, tetapi juga tips dan
informasi serta panduan praktis berkaitan dengan ibadah tersebut.

Dalam
upaya menyiapkan sebuah panduan haji dan umrah yang praktis, buku
Travel Guide Haji  Umrah karya Ustadz Yusuf Mansur ini kami
terbitkan. Ustadz Yusuf Mansur, penulis yang juga seorang pembimbing
haji dan umrah, kepada pembaca berbagi pengetahuan tentang
persiapan-persiapan ibadah haji, tata cara ibadah haji dan umrah
beserta rukunrukunnya, doa dan bacaan pada setiap pelaksanaan rukun
haji dan umrah, serta tips meraih haji dan umrah yang mabrur.

Judul: Travel Guide Haji  Umrah
Penulis: Ustadz Yusuf Mansur
Penerbit: Salamadani
Tahun: 2010

http://hiburan.kompasiana.com/group/buku/2010/09/28/mau-haji-dan-umrah-bersama-ustadz-yusuf-mansur/