Re: [Urang Sunda] kemis 28 januari balik euy

2010-01-28 Terurut Topik Awan Gunawan
wah, Mang J geus balik deui eung..
hanyakal pisan teu nyaba ka Inggris..
mun enya mah, urang ngopi babarengan di dieu..

wilujeng weh..





From: mang jamal ja...@itenas.ac.id
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tue, January 26, 2010 11:51:47 AM
Subject: [Urang Sunda] kemis 28 januari balik euy

  
ka eropa nu ayeuna mah beda karasana dibanding taun 1997. padahal sarua di
usum tiris (winter).

ari taun 1997 mah ka kopenhagen denmark. nagara nu euweuh patali sajarah
jeung urang. sanajan ari produkna mah aya oge di urang, cara mesin pompa
cai Grundfost. atawa beh ditu, danvespa motor, distributor vespa, nu urang
denmark. meureun pedah ayeuna mah geus boga buntut dua, 6 jeung 3 taun.
sono pisan ka maranehna. jujur, ka indungna mah sonona ge semu sieun.
heuheu. pedah ieu buuk, salila tilu bulan di walanda teu dicukur. hahaha.
huis beuki kaciri.
huisan da eusi sirah jarang dipake, karaahaan (karatan). karaha=karat.

ayeuna mah ka walanda. nagara nu boga sajarah jero jeung urang. jadi
salian ti riset pikeun disertasi teh, oge neuleumen perkara hindia belanda
tea. haha jaba kungsi panggih deuih jeung urut KNIL. aki-aki na sepedah.
haha

sirah pinuh ku urusan soal penjajahan walanda ka hindia belanda. plis,
lain indonesia, tapi hindia belanda. mun panggih jeung supervisor teh,
prof peter jm nas, pangsiun bulan2 kamari, diskusi soal riset si kuring
mah paling 15 menitan. sesana nu dua jam sok dipake ngobrol soal
kolonialisasi. jadi tambah lieur. haha

teu karasa geus tilu bulan. 28 januari kemis, rek mulang. make pesawat
jiran. nepi ka cgk terus ka bdg, jumaah 29 januari.

nya hasil riset mah geus manggih. teu beda jauh nu kapanggih di bandung.
teu neangan naskah sunda kuno (aya cenah di perpustakaan universiteit
leiden tapi teu dikorehan da rumasa lain filolog, teu bisa macana). jaba
make naskah sunda kunona oge nu geus diterjemahkeun we, sang hyang
siksakandang karesian. maca promosi sundalana anyar nu aya tulisan gunawan
ti perpusnas,jadi panasaran hayang maca heula eta. sugan aya patalina
jeung soal desain tradisional wadah pare beas sangu di urang.

di leiden panggih jeung Urang Sunda oge diantarana:
1. kang syaiful rahman, nu boga milis baraya sunda tea.

2. tuti c Atmawidjaja, nu nulis novel kunanti dirimu di yunani tea. alumni
biologi unpad, jadi dosen di udayana, s2 di james cook australi, tapi teu
tamat dan kaburu nikah jeung dosena, Dr Robert J Coelen. mereka pindah ka
leiden da Robert jadi vice president international office univ leiden.
cenah rek pindah ka kampus stenden university di leewarden, belanda kaler,
rada deukeut jeung groningen

3.kang sukmana, dosen (asana ushuludin) UIN jakarta -sigana balad Tantan-
nu keur s3 di leiden. s2 na di MacGill Kanada. manehna turunan cimari
cikoneng. sepuhna terus pindah ka banjar ciais. kang sukmana SMA na di
Gontor.

4. Jihad Akbar, alumni UIN jakarta, s2 progam Training for Indonesian
Young Leader (TIYL) progra depag jeung leiden. hanjakal manehna dititah
balik ku koordinator program, sabab teu lulus opat mata kuliah. kamerna
dipake si kuring

5. oib, ngaranna mah tholib, alumni UIN  Bandung. sakola master islamic
studies program TYIL.
6. Ali, alumni UIN Jkt sarua sakola master islamic studies program TIYL
depag.
7. teh Maya, alumni mesin itenas nu nikah jeung kang ahmad, can
panggih,karek nelpon  mesbuk. ngondang dinner ka imahna di pasisian
leiden. kang ahmad alumni nhi, jadi chef dihiji resto leiden.
8.jst


 


  

Re: [Urang Sunda] horeee... akhirna jakarta sumedang liwat jalan tol

2010-01-18 Terurut Topik Awan Gunawan
dikeueum kunaon, kang??
meni marelang kitu..





From: Solihin solihi...@gmail.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Mon, January 18, 2010 10:36:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] horeee... akhirna jakarta sumedang liwat jalan tol

  
ah kampung uing na ge geus rek di keu eum... rarasaan mah sigana moal aya mudik 
deui ka sumedang :)


2010/1/16 mang Ohle guther...@gmail. com














  


 
  
 

hadee... . ^_^




2010/1/15 Aldo Desatura ™ hanja...@gmail. com
















  


 
  
 
  Jalan Tol Cileunyi-Sumedang Dibangun Pemerintah 
 

bpjt.net 
Artikel Terkait: 
  * Pembangunan Tol Jalan di Tempat 
  * Tol Semarang-Ungaran Agustus 2010 Selesai
  * Jalan Tol Picu Ekonomi Cirebon
  * Jalan Tol Primadona, Kereta Api Terlupakan
  * Rumitnya Pembebasan Lahan untuk Jalan Tol di Tengah  Janji  Pemerintah
Laporan wartawan KOMPAS Haryo Damardono

Kamis, 14/1/2010 | 17:03 WIB

JAKARTA, KOMPAS.com - 
Wakil Menteri Pekerjaan Umum, Hermanto Dardak menegaskan, jalan tol
Cileunyi-Sumedang- Dawuan sepanjang 58,30 kilometer, telah diputuskan
untuk dibangun sendiri oleh pemerintah.

Jadi tidak benar
informasi itu (dari televisi swasta), yang menyatakan jalan tol
Cileunyi-Sumedang dibangun oleh kontraktor China, kata Hermanto, Kamis
(14/1) dalam jumpa pers tentang infrastruktur jalan.

Akan
tetapi, Hermanto menambahkan, jalan tol itu didanai pinjaman Pemerintah
China. Demikian pula pinjaman untuk Jembatan Suramadu dan jalan tol
Kuala Namu-Medan.

Per Januari 2010 ini, sudah 10,45 persen dari
363 hektar kebutuhan lahan tol Cileunyi-Sumedang telah dibebaskan.
Diharapkan, seluruh lahan tol itu dibebaskan paling lambat hingga akhir
tahun 2010, kata Direktur Jalan Bebas Hambatan dan Jalan Metropolitan,
Harris Batubara.

Harris menambahkan, jalan tol itu nantinya akan
menghubungkan Bandung dengan calon Bandara Internasional Kertajati.
Saya dengar izin prinsipnya sudah keluar, katanya.
Editor: ksp 

-- 
Aldo Desatura ®  ©
 
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata





-- 
mang Ohle ngacapruk...
http://gutherzig. net


 


  

Re: Bls: [Urang Sunda] qwerty-azerty

2010-01-18 Terurut Topik Awan Gunawan
MJ, nyaba ka Inggris teu?





From: mang jamal mangja...@yahoo.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Sun, January 17, 2010 5:25:07 PM
Subject: Bls: [Urang Sunda] qwerty-azerty

  


wah, can beruntung sigana. 12 poe deui mulang. euro ngan aya 250-an deui. keur 
bekel 12 poe. nyanyabaan ge pedah aya nu masihan beasiswa, akademis, sanes duit 
sorangan sesa gajih. haha. mudah2an we kahareup aya nu masihan ONH. amin!



Dari: jalakpakuan@ yahoo.com jalakpakuan@ yahoo.com
Kepada:  urangsu...@yahoogro ups.com
Terkirim: Ming, 17 Januari, 2010 08:07:49
Judul: Re: [Urang Sunda] qwerty-azerty

  

 
  
 












MJ pami tiasa mah sempetkeun atuh Umrah sugan kagok  tos teu tebih ti tanah 
haram.
Powered by Telkomsel BlackBerry®





 Dapatkan alamat Email baru Anda!  
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain! 
 


  

Re: Bls: ....[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

2009-12-19 Terurut Topik Awan Gunawan
kuring boga picaritaeun,

1. kuring boga babaturan, lain urang Sunda sih(urang wetan), tapi geus lila 
cicing (jeung bahkan lahir) di negeri Sunda. Manehna jadi biasa make basa Sunda 
pikeun basa sapopoe. Kuring mun ngobrol jeung manehna make basa sunda, oge 
babaturan nu sejen. Manehna boga lanceuk. Lanceuk manehna mun ngobrol jeung 
babaturanana teh make basa sunda. Hiji waktu kuring kabeneran babarengan jeung 
babaturan kuring eta jeung oge aya lanceukna. Naha ari pek teh maranehna 
ngobrol make bahasa Indonesia. Kuring jadi kerung. kunaon gerangan teh. Kuring 
terus tatanya ka sahiji babaturan lanceukna eta nu oge senior kuring. Harewosna 
teh : Sieuneun kasar, cenah.

2. Aya babaturan deui nu sejen, biasa ngobrol basa sunda jeung kuring. Da 
indungna emang urang sunda. Tapi indungna mun ngajak kuring ngobrol teh tara ku 
basa Sunda, Bahasa Indonesia wae, nya saeutik-saetuik kosa kecap sunda mah aya. 
Pek teh si babaturan teh mere meja, yen indngna teu daekeun make basa sunda teh 
pedah takut kasar. Dina hate teh, har.. ku kitu na.. da amun kuring diajak 
ngobrol ku basa Sunda, tangtuna kuring ge bakal 'berusaha' ngomong sopan. Emang 
masalah kosa kecap jadi ribet pedah lamun subjek kahiji mah tangtu siga nu 
kasar, saperti anu tos dibahas. 


3. Basa Sunda Di Banten jero, atawa di daerah sejen, atawa di kampung nu jero, 
dianggap kasar tipada basa Sunda di Bandung atawa kota sejen, komo deui ku 
'menak-menak'-na mah. Naha kitu? Nya enya, sabab baheula apanan cenah 
menak-menak jeung pejabat teh teu meunang ngomong kasar ka jelema ti mataram. 
jadi basa sunda maranehna kapangaruhan ku basa ti mataram. Kasar pedah 
referenced ka basa mataram? Sedangkeun di kampung-kampung jero mah, pangaruh 
mataram euweuh atawa saeutik pisan. Jadi basa sunda nu asli teh nu eta, nu 
kasar tea kitu? 

4. Cenah, lamun ngomong hareup ka ibu guru teh kasar. Tapi lamun ngomong 
rarangken hareup ka ibu guru, eta mah henteu kasar. Lamun nyebut panon ka 
bapa guru, cenah mah kasar. Tapi lamun nyebut kaca panon ka bapa guru, henteu 
kasar.

cag ah, kuring rek sare [mondok, obo, hees, molor, kulem, ...(naon deui nya??)] 
heula..




From: Moch Dachman Maman maman.mochdach...@yahoo.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Fri, December 18, 2009 3:59:37 PM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

  
Cing Abah ngiringan. Nu dimaksad Ragam Loma teh kapungkur mah disebatna Basa 
Kasar, nyakitu deui Ragam Hormat kapungkur mah jenenganana Basa Lemes. Sami eta 
teh. Ayeuna kunaon ngabasakeun keur sorangan sok ngagunakeun basa loma kasasaha 
oge. Contona kieu.. Kang Dudi nanya ka Kang Abbas :Istri, pameget putra teh 
Kang Abbas ?
Diwaler ku Kang Abbas : Awewe puguh. Tah waleran ieu nu leres mah, bade nu 
narosna sahandapeun atanapi saluhureun sami ngawalerna teh : Awewe puguh. 
Sanes ku kalimah ; Istri puguh. Sanes, sanes kitu. Ari margina basa keur 
sorangan kedah nganggo Ragam Loma sanes ku Ragam Hormat. Margi ngahormat mah 
kedah ka batur, ka sorangan mah teu kedah ngahormat, logikana mun sorangan 
masih keneh hoyong dihormat ku sorangan komo atuh ku batur, saur agama nu masih 
wae hoyong dihormat teh kalebet jalmi anu sombong sareng takabur. Rupina anu 
dipikahoyong ku Kang Abas teh sanes lebah Undak-usuk Basa-na. Tapi eta lebah 
madakeun atanapi nempatkeun basana sing keuna kana wirahmana, sing ninggang 
kana kekecrekna saur Kang Dudi mah. Memang teu ngabibisani di urang masih keneh 
seueur lepat ngalarapkeunana, tapi nalika dilereskeun teh basana ge Sesa 
Penjajah ti Mataram, cenah Undak-usuk Basa mah. Padahal kamafhum saran ti Kang 
Abbas teh, mun ngagunakeun Ragam Hormat sing
merenah, oge upami bade ngagunakeun Ragam Loma atanapi Basa Kasar mangga teh 
teuing, nu ulah teh janten pacorok, Basa Kasar teu kaasup Basa Lemes can 
manjing, kapiran panginten nu kitu teh. Sok aya eta oge didieu nu sok rajin 
ngelereskeun teh nyaeta Teh Roro teureuh Sumedang. Janten upami jaga kaleresan 
aya nu lepat nempatkeun Ragam Basa-na, mun Kang Abbas kersa ngalereskeunana. 
Pan langkung sae. Sakitu wae heula, kapayun urang guar deui.

On Fri Dec 18th, 2009 2:48 AM EST jalakpakuan@ yahoo.com wrote:

Mun balik ka lembur priangan mah masih sabisana make uubs da karuhun araya 
keneh, mun ka mitoha di jasinga bogor basa  sunda nu kumaha ge ditampa, mun di 
jakarta aya nu make basa sunda reueus lah, mun di Lombok aya nu make basa 
sunda atoh kacida atohna. Nu penting PAKE BASA SUNDA. Cag ah.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-Original Message-
From: Dudi Herlianto dudi.herlianto@ gmail.com
Date: Fri, 18 Dec 2009 14:40:40 
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

hiha bagea kang dudi

bener teh gumantung ka dadasar/asumsi nu ku urang dipake. jigana akang jeung
bah abas mah masih nyepeng bebeneran uubs nya? najan enya ge nyarankeun
sangkan basa sunda loma nu digunakeun. keur kuring mah, conto nu didamel ku
akang kedahna mah leres mun uubs 

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Angkutan - Jalur Cepat Menuju 2012?

2009-12-02 Terurut Topik Awan Gunawan
Alus oge pami di Indonesia aya kareta samodel kieu,
tapi bakal diruksakan moal, nya???





From: Surtiwa


Aya dua modal kangge nyaghareupan masalah anu kieu;

1.Revisit Tata Ruang saluyukeun kana pangwangunana anu bakal naekkeun niley 
ekonomi
2. Konstrusi jalan tol utamina dina Rest Area sareng Intercrossing anu 
ngahubungkeun ka society road networks kedah ditangtoskeun. .minimumna. 
..wajib bangun..itu. .ieu


Re: [Urang Sunda] Fw: Mahasiswa Sukabumi Ngaduruk Kondom ....

2009-12-01 Terurut Topik Awan Gunawan
Upami dina Basa Inggris mah: free sex, anu hartina sex haratis.
heuheu teu kudu mayar..

Si Rawing





From: Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wed, December 2, 2009 9:55:57 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Mahasiswa Sukabumi Ngaduruk Kondom 

  
kuring mah sok bingung naon si ari hartina seks bebas teh? aya nu terang?

dudi


2009/12/2 Waluya waluya2...@yahoo. co.id














  


 
  
 
Dina rarangka poe HIV/AIDS, Mahasiswa Sukabumi cenah demo bari ngadurukan 
kondom,  alesanana kondom bisa ngadorong perilaku seks bebas. Sedengkeun seks 
bebas bisa nyababkeun HIV/AIDS. Ngan asa jadi pabaliut, sabab kondom teh salah 
sahiji cara keur mencegah penularan HIV/AIDS. Teu pati kaharti maksud 
mahasiswa SUkabumi teh, nyegah penularan  HIV/AIDS atawa nyegah perilaku seks 
bebas?

Mahasiswa Sukabumi Bakar Kondom

http://www.antaranews.com/berita/1259656681/mahasiswa-sukabumi-bakar-kondom

Mahasiswa Sukabumi Bakar Kondom
Selasa, 1 Desember 2009 15:38 WIB | Peristiwa | Kesehatan |

(ANTARA/Ujang Zaelani/ss/hp)


._,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 


  

Re: [Urang Sunda] Ultah Kota Jakarta: 22 Juni teh ngarayakeun naon?

2009-11-29 Terurut Topik Awan Gunawan
Si Rawing likes this.

Apanan si Demak teh percaya ka ramalan Jayabaya. Si Demak hawatir/sieun lamun 
saumpana Portugis teh nyaeta bakal jadi penjajah anu dimaksud dina ramalan 
Jayabaya (atawa iri pedah Urang Sunda mah geus bisa menjalin hubungan jeung 
bangsa bule). Terus weh diserang Sunda Kalapa teh. Eh, ari pek teh si Demak 
salah target. Portugis mangpret, Walanda datang ngajajah. Pedah kalakuan si 
Demak eta tah, jadi weh ramalan si Jayabaya kajadian.

Jeung deuih, kalapa mah sarupa siga jagong sareng sampeu. Sanes tutuwuhan asli 
Indonesia. 
Jadi saha atuh nu ngaaranan Sunda Kalapa teh? Hayo ngaku!!

Si Rawing





From: Waluya waluya2...@yahoo.co.id
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thu, November 26, 2009 11:11:21 AM
Subject: [Urang Sunda] Ultah Kota Jakarta: 22 Juni teh ngarayakeun naon?

  
Jakarta (Batavia), dina pelajaran Sajarah di Sakola, cenah Jakarta tadina 
aranna Sunda Kalapa tapi diganti aranna jadi Jayakarta ku Fatahillah sanggeus 
manehna naklukeun ti pangawasa samemehna (Pajajaran?) . Tapi ieu aya artikel 
tina website Budaya Betawi nu boga versi sejen. Dina versi ieu aran Sunda 
Kalapa teh sabenerna aran ti urang bule, nu aslina mah ukur KALAPA.  Aran 
Jayakarta lain ti Fatihillah, tapi geus aya ti beh ditu, sabab catetan urang 
Protugis geus nyebut Xacatara.

Nu leuwih penting deui, dina versi ieu tokoh Fatahillah teh leuwih condong 
disebut Sang penyerebu nu ngacak-ngacak KALAPA, tinimbang Pahlawan nu ngusir 
pangaruh Protugis.

Mana Nu bener? Ah ...nyanggakeun we artikelna:

22 Juni Itu Hari Perayaan Apa? (Ridwan Saidi)

Portugis menggunakan nama Xacatara (Jayakarta), jauh sebelum invasi Fatahillah

http://www.budayabe tawi.com/ index.php? id=55

Atas prakarsa Walikota Jakarta Raya Soediro, ahli sejarah Prof. Dr. Mr. 
Soekanto pada tahun 1958 melakukan penyelidikan untuk menetapkan hari jadi kota 
Jakarta. Selidik punya selidik sang profesor berkesimpulan bahwa hari jadi kota 
Jakarta adalah tanggal 22 Juni, karena pada tanggal itu nun di tahun 1527 
pasukan koalisi Cirebon-Banten- Demak pimpinan ahli perang asal Gujarat bernama 
Fatahillah berhasil merebut pelabuhan Kalapa yang berada di bawah kekuasaan 
penyembah berhala. Setelah diutak-atik, sang profesor merasa sangat yakin 
tanggal 22 Juni itulah garda Pajajaran menekuk mereka punya lutut di hadapan 
Jenderal Al Gujarati. Walau Prof. Dr. P.A. Hoesein Djajadiningrat sendiri 
berkeyakinan bahwa pelabuhan Kalapa direbut pada akhir tahun 1526.

Dosa tak berampun yang dibuat penyembah berhala adalah mereka telah melakukan 
persengkongkolan dengan Portugis sebagai adikuasa di zaman itu. Portugis 
beroleh konsesi setumpuk tanah untuk membangun loji, kemudian mendapat pasokan 
lada yang teratur dari Pajajaran. Sementara Pajajaran mendapat jaminan keamanan 
bila ada musuh yang menyerang. Perjanjian ditandatangani pada 21 Agustus 1522 
dan dipatri dalam sebuah padrao agar khalayak ramai mengetahui. Ini yang 
membuat gusar Demak. Pajajaran yang di bawah kekuasaan Prabu Surawisesa 
(1521-1535) beberapa kali di tahun 1526 berkunjung ke Malaka, yang sudah 
menjadi koloni Portugis, untuk menggarap perjanjian ini. Demak merasa 
tersinggung karena menafsirkan perjanjian ini tertuju kepada mereka. Seolah 
jika Demak menyerang, maka Portugis akan tampil membela Pajajaran. Padahal 
perjanjian itu dapat ditafsirkan lain, Pajajaran memberi konsesi tanah dan 
pasokan lada teratur kepada Portugis agar kerajaannya tidak
 diserang Portugis. Pajajaran tidak ingin jadi Malaka II atau Pasai II. Dua 
kerajaan ini telah diserang dan ditaklukkan Portugis.

Dengan dalih islamisasi persiapan menyerang Pajajaran dilakukan. Terlebih dulu 
kerajaan Banten Girang di bawah pimpinan Pucuk Umun diserang tentara gabungan 
Cirebon-Demak pada tahun 1526. Sisa-sisa tentara Pucuk Umun terpaksa atau tidak 
dilibatkan menyerang Kalapa. Maka Fatahillah dengan kekuatan 1452 pasukan 
menyerang Kalapa dari rusuk sebelah barat. Serangan ini tidak diduga, seperti 
halnya serangan terhadap Banten Girang, karena penguasa Cirebon adalah Sunan 
Gunung Jati yang notabene menantu Pucuk Umun. Seperti diketahui berdasarkan 
naskah Wangsakerta, Banten Girang dan Tanjung Jaya adalah kerajaan bawahan 
Siliwangi. Tanjung Jaya adalah kerajaan kecil di tepi kali Ciliwung yang 
mendapat kewenangan mengelola pelabuhan Kalapa.

Menjadi pertanyaan kini, apakah benar setelah merebut pelabuhan Kalapa maka 
Fatahillah memberi nama bandar ini sebagai Jayakarta yang berarti kota 
kemenangan untuk mengganti nama sebelumnya yaitu Sunda Kalapa? Atau, 
barangkali pertanyaannya dapat dibalik, benarkah bandar ini bernama Sunda 
Kalapa? Menurut peta Cièla yang dibuat Pangeran Panèmbong pada setidaknya 
sebelum serangan Maulana Yusuf atas Pakuan tahun 1579, kota ini disebut sebagai 
Nusa Kalapa. Pelabuhan Kalapa bukan nama spesifik, perkataan itu lebih 
mengandung keterangan tempat, yaitu pelabuhan (di) Kalapa. Çumda Calapa (Sunda 
Kalapa) adalah nama yang digunakan 

Re: [Urang Sunda] Ramalan Jayabaya: Saumur Jagong?

2009-11-25 Terurut Topik Awan Gunawan
Kameureunan sejen:
Mungkin pada abad ka-11 eta, ketika eta raja berkuasa (mun enya mah aya), geus 
aya urang bule nu datang ka Indonesia. Mungkin si bule eta papanggih jeung 
JAYABAYA terus mere JAGONG ka manehna. Kemudian si bule ngaharewos ka JAYABAYA: 
ulah bebeja ka batur yen nu mere JAGONG teh uing, nya!!. Matakna teu pernah 
kacaritakeun dina sajarah lamun bule datang ka Indonesia teh geus ti abad ka-11.
Tapi da, barina ge pada abad ka-11 mah benua Amerika-na oge can dieusian ku 
bule, lin?!

cag ah,
Si Rawing





From: Waluya waluya2...@yahoo.co.id
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wed, November 25, 2009 10:19:12 PM
Subject: [Urang Sunda] Ramalan Jayabaya: Saumur Jagong?

  
Dina TV One peuting ieu, teuing acara naon da kuring teu nempo, ngan ngadenge 
sorana wungkul (keur ketak-ketik dina komputer), dicaritakeun perkara ramalan. 
Ti mimiti nu keur populer ayeuna, ramalan kiamat taun 2012, tepi ka ramalan 
lokal khas Jawa/ Indonesia, nyaeta RAMALAN JAYABAYA. Ceuk naratorna teh, 
ramalan Jayabaya geus ngaprediksi Indonesia bakal dijajah ku bangsa kulit 
koneng SAUMUR JAGONG. Tapi ieu lain perkara bener salahna eta ramalan, ngan 
perkara JAGONGNA. Jagong lain pepelakan asli Indonesia, tapi asal muasalna ti 
Amerika. Tah kulantaran JAYABAYA nu lamun teu salah mah Raja Karajaan Kediri di 
abad ka 11, kuring jadi bingung sorangan. Ari bingungna kieu:

1) Lamun jagong geus aya ti abad ka 11, ieu hartina aya urang Jawa/ Indonseia 
nu geus boga hubungan jeung benua Amerika. Duka saha tah nu enggeus nganjang 
kaditu, samemeh Columbus .

2) Kamungkinan sejen, ramalan Jayabaya teh rekayasa pujangga Jawa di jaman 
sanggeus datangna pendatang bule (Protugis, Spanyol, Walanda) nu mawa jagong 
ka Indonesia di abad ka 17.

Kamungkinan sejen? Manawi aya baraya anu terang...Hehehehe

Baktos,
WALUYA


 


  

Re: [Urang Sunda] singkatan

2009-11-17 Terurut Topik Awan Gunawan
sigana mah enya..





From: bjf32001 bjf32...@yahoo.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Sun, November 15, 2009 3:19:43 PM
Subject: [Urang Sunda] singkatan

  
iseng we manawi aya nu uninga: leres teu nya ari GOROLONG teh adopsi ti basa 
inggris (GO - ROLL - LONG)?


 


  

Re: [Urang Sunda] singkatan

2009-11-17 Terurut Topik Awan Gunawan
sapagodos with kang Faisal..

lain ku kituna english kiyeu kitu, 
nya reresepan we.. heuheureuyan..


Aya hiji carita babaturan kuring urang Walanda, tapi bisaeun basa Sunda..
Ninina emang urang Indonesia, tapi Surabaya, kuduna mah bisaeunana kana boso 
jowo nyo..





From: irpan rispandi mr.rispa...@gmail.com
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tue, November 17, 2009 4:36:45 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] singkatan

  
lamun enya, so what geto loh ?!

urang jadi reueus sabab basa sunda jeung basa inggris dulur misan?
naha bet reueus?
sabab bahasa inggris leuwih luhur ?
sabab bahasa inggris basa internasional?



Awan Gunawan wrote: 
   
sigana mah enya..





From: bjf32001 bjf32...@yahoo. com
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Sun, November
15, 2009 3:19:43 PM
Subject: [Urang Sunda]
singkatan

  
iseng we manawi aya nu uninga: leres teu nya ari GOROLONG teh
adopsi ti basa inggris (GO - ROLL - LONG)?




 


  

Re: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung

2009-04-03 Terurut Topik Awan Gunawan
hiji
Muhun, di taun lima puluhan Bandung teh ibukota Karesidenan Pringan. Apanan di 
taun lima puluhan oge, Ngaran Provinsi Sunda Kecil teh dirobah jadi Bali, Nusa 
Tenggara Barat jeung Nusa Tenggara Timur.
Duka kunaon, teu pakait jeung Urang Sunda cenah, boa-boa limitisasi sunda...

dua
Ngeunaan 'kau'. Ceuk kurig oge, geus saprak ti lila jelema ti jauh oge teh 
nyaho yeh Bandung teh nyaeta ibukota of Priangan. Maranehna geus sono, geus 
lila teu papanggih jeung Bandung anu ibukota Priangan.

tilu
Dicokot ku saha? Har apanan cenah,
dicokot ku urang Jakarta,
dicokot ku urang wetan,
dicokot ku urang Cina,
dicokot ku urang bule,
dicokot ku jalma nu teu tanggung jawab

mun hayang ngarebut deui kudu boga prestasi, saacan nyieun prestasi, Hudang 
heula...

opat
Kolot baheula teu riuk riuk, muhun da puguh apanan kolot baheula mah masih 
terjajah ku urang wetan. 
Cikan ari ayeuna urang teh masih terjajah atawa geus merdeka?
Tuh geuning, hese ari bangsa urang mah nya. Aya niat tulus, majarkeun hayang 
neangan proyek keur nyieunan plang ngaran...

lima = hiji + opat
Ari kuring mah, nu penting mah, lain hayang hayang teuing ngarobah ngaran.
Nyaah kuring mah. Kuring lain menak lain bangsawan, nu kitu ge teu nyaah 
geuningan.
Jeung kuring mah sangsi mun jawabana teh 'geus merdeka'.





From: Kang Iman firman.raha...@urang-sunda.or.id
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, April 3, 2009 4:34:07 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung


Ide mere ngaran provinsi baheula teh dumasar kana ngaran pulo tempatna
pedah cenah supaya leuwih rasa indonesa
terus pas aya pemecahan provinsi . paroho kana konsep eta
der weh sababaraha provinsi ngaranna jadi ngaran asal karajaan anu pernah aya 
didinya
aya oge anu ngaran suku didinya

asana mah baheula ge waktu mimiti di jieun ngaran jawa barat asa teu riuk riuk 
kolot teh
keur naon ayeuna hayang ganti ? naha hayang aya proyek ganti plang sa jawa 
barat ?

dina conto bah iwa ge nagn sabarahiji anu sarua jeung ngaran suku na
boa boa teu jadi provinsi sunda malah jadi provinsi rorombeheun

 





2009/4/3 H Surtiwa surt...@gmail. com

Propinsi Jawa Tengah/Timur. .jelemna urang Jawa
Propinsi Jawa Barat jelemana urang Sunda
Propinsi Banten jelemana urang Sunda
propinsi DKI Jakarta jeleman Betawi/sagala jelema
Propinsi NTB jelemana urang urang Bali/Sasak/Sumba
Propinsi Maluku jelemana urang Ambon/Maluku
Propinsi Sulawesi Selatan jelemana urang Bugis/Mandar
Propinsi Sulteng jelemana urang Toraja
Propinsi Sulawesi Utara jelemana urang Manado
propinsi Gorontalo jelemna urang Gorontalo
Propinsi Kaltim jelemana Kutai/Dayak
Propinsi Kalsel jelemana urang Banjar
Propinsi Kalbar jelemana urang Pontianak/Dayak
Propinsi Sumsel jelemana urang Lampung/Palembang
Propinsi Sumatera Utara jelemna urang Batak
propinsi Sumatera barat jelemana urang Padang  

Ari di Propinsi sejen mah ngaran Geografis teh sarua jeung ngaeran 
etnisna...Etnis Sunda nyicingan di 2 Propinsi



On 4/2/09, arif ramdlan riframadlans@ yahoo.com wrote:
akang akang wajib baca buku Aceh di Mata Urang SUnda..
geus terbit tuh bukuna... heh eehehe
ceuk saya bener urang kudu boga Provinsi ngarana Priangan...
saya geus lila gogorokan soal eta,..
eh kadong disaleungseurikan. .

Sunda itu sanes Jawa, 
jawa oge sanes Sunda...
kumaha tah? erek anggeur wae ngaran Jawa Barat?

Hudang

Arif Ramdan


--- On Thu, 4/2/09, Awan Gunawan sirawing_peageers@ yahoo.com wrote:


From: Awan Gunawan sirawing_peageers@ yahoo.com
Subject: [Urang Sunda] Halo Halo Bandung
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Thursday, April 2, 2009, 3:19 AM


Sampurasun Baraya sadaya,
kumaha daramang?

Tos lami si kuring tara kutrak ketrok dinu kibod.
Ayena jadi hoyong lalaguan, judulna teh Halo-halo Bandung,
ceuk cenah mah jieunan Ismail Marzuki, tapi duka teuing.

Yu, babarengan,
hiji. dua.. tilu...

-=-
Halo Halo Bandung
Ibu kota Priangan
Halo Halo Bandung
Kota kenang-kenangan
Sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
Sekarang sudah menjadi lautan api
Mari Bung rebut kembali
-=-

Tuh tinggali, Bandung teh ibu kota Priangan, lain ibu kota Jawa Barat.
Tuh tinggali, geus ti saprak lila jelema nu ti jauh oge nyahoo ngeunaan eta 
perkara.
Nu matak, mun ek ngarobah ngaran jadi Provinsi Priangan, geus sapatutna, eta 
mah hak urang, geus puguh loba jelema nu geus nyahoo.

Ayeuna Bandung geus panas, geus rumeuk, geus heurin ku tangtung.
Ceuk cenah, Bandung bakal mulang deui jadi danao lamun Bandung geus heurin ku 
tangtung.

Kumaha atuh? Duka teuing...

Hayu urang hudang...
Hayu urang bergerak...
Hayu urang rebut deui...

Atawa,

Antep sina titeuleum deui, jadi danao deui,
sahingga jaga, Priangan jeung eta Ibu kotana ngan ukur jadi kenangan wungkul.


Cag ah,
Si Rawing

 



   


  

[Urang Sunda] Halo Halo Bandung

2009-04-02 Terurut Topik Awan Gunawan
Sampurasun Baraya sadaya,
kumaha daramang?

Tos lami si kuring tara kutrak ketrok dinu kibod.
Ayena jadi hoyong lalaguan, judulna teh Halo-halo Bandung,
ceuk cenah mah jieunan Ismail Marzuki, tapi duka teuing.

Yu, babarengan,
hiji. dua.. tilu...

-=-
Halo Halo Bandung
Ibu kota Priangan
Halo Halo Bandung
Kota kenang-kenangan
Sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
Sekarang sudah menjadi lautan api
Mari Bung rebut kembali
-=-

Tuh tinggali, Bandung teh ibu kota Priangan, lain ibu kota Jawa Barat.
Tuh tinggali, geus ti saprak lila jelema nu ti jauh oge nyahoo ngeunaan eta 
perkara.
Nu matak, mun ek ngarobah ngaran jadi Provinsi Priangan, geus sapatutna, eta 
mah hak urang, geus puguh loba jelema nu geus nyahoo.

Ayeuna Bandung geus panas, geus rumeuk, geus heurin ku tangtung.
Ceuk cenah, Bandung bakal mulang deui jadi danao lamun Bandung geus heurin ku 
tangtung.

Kumaha atuh? Duka teuing...

Hayu urang hudang...
Hayu urang bergerak...
Hayu urang rebut deui...

Atawa,

Antep sina titeuleum deui, jadi danao deui,
sahingga jaga, Priangan jeung eta Ibu kotana ngan ukur jadi kenangan wungkul.


Cag ah,
Si Rawing