[Urang Sunda] Dalang wayang Catur.....

2007-08-23 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb.
Alhamdulillah, sim kuring poe ieu geus bisa nepungan abah Idja
dalang wayang catur tea, sok sanajan rada hese oge neanganana sabab di
cinunuk mah anjeuna teu di kenal yen anjeuna dalang wayang catur tapi
arapalna teh yen bah Idja teh tukang ngala suluh. Sanggeus nyimpang
heula ka kampung seni nu aya di desa cinunuk nya dituduhkeun imahna,
satuluyna mah biur wae muru imahna bari dianteur mu tukang
ojeg...hehehe
Barang srog ka bumina, ehmmm...beu..! matak ngaheulas geuning da
anjeuna teh ukur nyiruruk di saung butut (teu pantes di sebut imah)
bari jeung nunggeulis sorangan. saur tatanggana mah bah Idja teh hirup
nyorangan da bojona geus ngantunkeun ti heula bari jeung teu boga
turunan alias teu sanak teu kadang estuning hirup sorangan dina
kaayaan anu geus kacida kolotna. Sok sanajan sabenerna mah eta oge
disambat di kampung sening cenah mah ngan bah Idja nolak basana mah
embung ngaripukeun batur cenah padahal umurna teh geus kawilang kolot
(80 tahun).
Insya Allah dina HBH nu bakal datang bah Idja kaasup salah saurang nu
bakal narima pangleler ti Kusnet, mudah-mudahan bae dipanjangkeun umur
saurna mah kalayan sehat jadi bisa datang diba HBH engke.

Sakitu lalampahan singget nepungan bah Idja salah saurang dalang
wayang catur anu masih keneh makalangan sok sanahan teu jiga baheula
keur ngora. sanes teu hoyong panjang ngadongeng tapi ieu waktu
juma'ahan geus ngageroan, insya Allah ke disambung deui

cag...ah, nuhun.

kkbm'69
-ke dina waktosna bah Idja kedah dianteur - jemput ku panata calagra HBH Kusnet.


Re: [Urang Sunda] perkara kuncens

2007-08-07 Terurut Topik kang boim
Satujuu.
siiplah aya wawakil ti eropah kantun anu ti amrik sareng afrika
nyahehehe

kkbm'69
#kuncen-7#

On 8/7/07, Indihiang [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Mangga abdi mah satuju mang j

 baktos
 ERN





Re: [Urang Sunda] Kanggo Pangersa Kuncen Kusnet: M.Sasmita

2007-08-07 Terurut Topik kang boim
Euleuuuh geuning beja ngenaan pak Sukarma tokoh seniman Tarawangsa  bakal
meunang pangleler ti panitia HBH Kusnet tos aya dina Galura...? padahal sim
abdi teu acan kantos nepangan dan nembe oge direncakeun dina sasih agustus
ieu sareng kang Yus R Ismail.
mung pami teu lepat mah kang Yus kantos nyarios yen aya rerencangana anu ti
Galura ngobrolkeun perkawis pa Sukarma bakal di leler ku panitia HBH Kusnet
2007 tapi sifatna masih off teu record saurna mah (malah diomat-omatan
sagala ulah waka diuar-uar saur kang Yus teh da teu acan pasti / nembe
rencana...)
Ari kitu mah rupina kedah saenggalna sim kuring nepangan anjeuna...hehehehe.

nuhun iberna, rumaos tos langki tara maca koran Galura...

kkbm'69



On 8/7/07, MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote:

Kaleresan teu acan maca Galura, ke urang milarian.
 Perkawis eta mah wewenang Panitia HBH anu nangtoskeun saha-sahana, sareng
 sim kuring teh asa teu kantos ngiberan masalah eta ka Galura. Mung anu
 kantos teh posting ka Kusnet perkawis dalang catur tea Aki Idja Sukmadja,
 eta ge mung ngusulkeun.
 Duka tah upami Kang Iim anu kantos nyarios bade ka Rancakalong.

 MSas





Re: [Urang Sunda] Warga anyar bade nepangan baraya sadaya

2007-08-07 Terurut Topik kang boim
Haturan kang/teteh Su (m)
aya paribasa Moal bogoh mun wanoh, moal geugeut mun teu deukeut...,
biasana urang Sunda mah sok norolang nikukur siga manuk lamun pancakaki teh,
kukitu sok atuh sing jelas saha anu saleresna ngarah wanoh...komo dugi ka
bogoh mahhehehe...(saha nu terang saalmamater waktos di sma)
teu hilap nepangkeun sim Iim (boim) kawit ti sumedang oge (Paseh Kaler)
ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung.

cag..ah, nuhun.

kkbm'69


On 8/8/07, Kabupaten Sumedang [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Sampurasun
 Haturan para wargi sadaya...

 Langkung tipayun simkuring bade negeskeun yen simkuring mah sanes jalmi
 nyata... mung ukur salah saurang warga dunia maya nu hoyong ngiring aub
 ngadu bako di ieu milis. Nami cekap wae Su(m), Kawit tisumedang, ayeuna aya
 di tisumedang, damel ngaplodan hal-hal kasumedangan ka multiply, mangga
 jugjug sareng tingali di tisumedang.multiply.com. Ka sadaya kadang warga
 nu gaduh hal-hal ngeunaan kasumedangan sareng bade digegelkeun ka mp
 simkuring dihaturanan pisan... diantos di ieu surelek.

 Hatur nuhun ka ki kuncens nu tos nampi kahoyong simkuring janten anggota
 ieu milis.

 Sakitu heula ti simkuring,
 Sunda jaya!
 --
 ~]:tisumedang.multiply.com:[~
  



[Urang Sunda] Re: [gankleboy] [naros] wisata alam di bandung

2007-08-03 Terurut Topik kang boim
kang Kumi...,
1. Tangkuban Parahu : ti Leuwi Panjang naek beus kota jurusan Ledeng, ti
Ledeng disambung ku naek colt /elf jurusan subang turun wae di gerbang
Tangkuban parahu...
2. Our bond Sindang Reret Lembang : naek kandaraan umumna sami jeung tujuan
ka tangkuban parahu
3. Situ Patenggang Ciwidey : ti Leuwi Panjang naek elf/colt jurusan Ciwidey-
ti Cidey didambung ku angkot nu ka Situ patenggang (2x naek angkutan umum)
4. Curug Maribaya : ti leuwi panjang naek beus kita jurusan ledeng- ti
ledeng naek colt/elef jurusan lembang - to lembang naek angkot nu maribaya
(3x naek)
5. THR H. Djuanda Dago : ti leuwi panjang naek beus kota jurusan Dago turun
di pasar simpang - ti simpang anek angkot jurusan Dago -kalapa nu ka
dagokeun sok langsung ka THR ( 2 x naek)

cag..ah, nuhun.

kkbm'69




On 8/3/07, kumincir [EMAIL PROTECTED]  wrote:

   baraya, ari di bandung tempat wisata alam anu bisa (gampil) dideugdeug
 make angkutan umum di mana wae nya? ieu aya babaturan ti Cikarang hayang
 ngajak ulin barudakna. Ceuk manehna teh, mun naek primajasa ti Cikarang nepi
 ka Leuwipanjang, tah terusna ka mana wae nu bisa dideugdeug bari cukup sapoe
 bulak-balik? Misalna ka Tangkuban Parahu, ti Leuwipanjang naek umum sabaraha
 kali deui? Aya nu langsung teu? cikan ah...

 --
 sikandar
 kumincir.blogspot.com
  



Re: [Urang Sunda] Tumaros (urgent)

2007-08-02 Terurut Topik kang boim
kang Ika bade nyobian ngawaler nya...:

Kaintun Tipung Katambang Beas, Katali Asih Ngajadi, = laksana kapiduriat
atanapi ngajodo

Ayang ayang gung kabala Nyungcung  = ngahiji rumah tangga

Dangdeung Ka Gapura Ageung, Jatukramina pun anak, = Rurumpaheun /
dihaturanan sumping  / ngondang

sing Ginulur Karahayuan, Ginanjar Kawilujengan, Hurip Ati Waras Gusti… = berkah
salamet aya dina panangtayungan Allah Swt / senang / aya dina kabagjaan

Kasimbeuh Maneh..ku Maghfiroh Gusti Alloh…= aya dina ridlo sareng barokah ti
Allah Swt...
sakitu anu kapihatur mugia bahan katampi, punten bilih aya nu kirang merenah
atanapi lepat...

nuhun,

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Kahatur Kuncen uing protes ka kuncen

2007-08-02 Terurut Topik kang boim
nu puguh sim abdi oge nembe apal kamari pas noong aya ceu Ely ngelol deui,
eta oge dibejaan ku kang Kumi, ayeuna mah kumaha kasapukan sarera bae naha
dittalapung deui atawa dikumahakeun. Tapi ceuk sim abdi mah daripada
ngabarubahkeun sarerea talapung sajahehehe...
tapi lamun aya kasapukan nu sejen ngiringan asal hade keur sarerea

Nuhun,

kkbm'69
-nu lieur mikiran lengkah ka hareup.

On 8/2/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:

kuring keur noong di jero yahoo, kuncen nu mana nu ngaloloskeun e-mail
  ely evalita.
 

 aya dalapan urang kuncen teh

 1. kang Ismail Rachman nu ngadamel milis ieu, teu aktif, ngawakilan
 kuningan cirebon (anggap we DPD)
 2. ua Sasmita, bandung
 3. kuring jurig cai, ciamis galuh pinuh ku suluh
 4. kumi kumincir, garut
 5. eko tasik-bogor
 6. apih siddik, bogor-seoul
 7. iim-sumedang
 8. ndoel, kuningan-jakarta

 kuring kuncen 3 tangtu henteu.
  kuncen sejen pastina.





Re: [Urang Sunda] Tumaros (urgent)

2007-08-02 Terurut Topik kang boim
kang Asep,
leres pisan tipung teu tiasa diuntun sareng beas teu tiasa janten tambang,
tapi ieu kecap teh ngandung siloka pan tipung beas anu bisa diuntun jeung
dijieun tambang teh Kue Tambang  ngarana.
geuning pan sok diuntun dihijikeun jiga rambut anu dikepang, jadi hartosna 
Kauntung tipung katambang beas.. teh laksana kapiduriat alias ngahiji / itu
bogoh ieu resep / micinta pami ceuk paribasa malayu mah tidak bertepuk
sebelah tangan cenah hehehhe

punten ah pami lepat, nuhun.

kkbm'69

On 8/2/07, Aschev Schuraschev [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Kang Iim,

 Upami uninga, bade ngiring naros, naha nya sepuh urang nganggo kecap-kecap
 kauntun tipung sareng katambang beas? Upami sacara harfiah, pan tipung
 mah henteu tiasa diuntun. Oge beas mah henteu tiasa dijantenkeun tambang.
 Mamanawian tiasa ngawaler.

 Hatur nuhun,

 Asep





Re: [gankleboy] Fw: [Urang Sunda] Bewara Halal Bihalal Kusnét 2007

2007-08-02 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam wr, wb.
Hatur nuhun kang Ndoel wawaranana, mudah-mudahan kuayana wawaran ieu baraya
Kusnet sadaya janten uninga sareng kanggo tatahar sangkan tiasa ngiringan
HBH Kusnet dina waktosna.
Deah baraya sok geura lebetan formulirna areng ulah hilap
sumbangananahehehe

Cag...ah, nuhun.

kkbm'69
-daftar no.2 ah


 



Re: [Urang Sunda] Mangga nyanggakeun.

2007-08-01 Terurut Topik kang boim
Eh,
kunaon ari ceu Ely nya, su'udzon teh mani kabina-bina teuing, ceuk saha
anggota milis ieu rata-rata pangangguran bari jeung nungguan maot sagala
jeung ceuk saha anggota milis ieu mahasiswa abadi?
tuuh tingali aki Tatang anu di malaya nembe pisan nyangking gelar Doktor
(S-3) oge kang Dede anu di Bandung, sakeudeung deui kang Bohay nyangking
gelar Master jrrd.
Aceuk...,
cik atuh ari nanaon teh ulah asal ngong wae kudu bisa ngarasakeun hate batur
naha bakal ngeunaheun atawa kumaha piakibateunana ka hareupna, ulah
nyiar-nyiar pipaseaeun jeung piributeun atuh. didi eu ham anu sarupa kitu
dipahing pisan komo kana masalah pribadi mah da tujuan di ieu milis mah keur
silaturahmi bari silih simbeuh ku pangaweruh nu aya manfaatna.
Heuplahomat sakali deui poma ulah mamawa kana masalah pribadi, nuhun.

kkbm'69
-sugan teh datang teh rek mawa kaademayeuman tapi sabalikna geuning


On 8/2/07, ely evalita [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Wilujeng tepang akang anu kasep teteh anu geulis.

 Pribados ngartos anggauta milist KUSNET moal tertarik kana soal anu rada
 serius atanapi anu rada berat. Hal ieu dilantarankeun anggauta milist
 samodel kieu mah umumna jalmi anu  pangangguran matuh atanapi pensiunan anu
 teu aya pacabakan deui, dari pada nganggur ngantosan maot. Aya oge sih
 mahasiswa, tapi umumna mahasiswa kuuleun malih panginten mahasiswa abadi
 . kitutah panalungtikan pribados anu sapopoena ngurus masalah
 sosial masarakat.





Re: [Urang Sunda] Manawi aya US nu ayeuna dumuk di Bangkok

2007-07-26 Terurut Topik kang boim
kang Dudi...,
pami teu lepat tipayun mah aya US anu nuju sakola di Bangkok namina kang
Enjang (Agus) urang Sumedang, mung duka naha ayeuna masih keneh di nagri
gajal atanapi tos mulih deui ka lemah cai tos lami teu aya posting..ka
Babakan Kusnet(Anjeuna pami teu lepat alumni IPB + alumni SMAN 2 SMD di
cimalaka saalmamater sareng abdi SMA na ma)


kkbm'69


On 7/27/07, dudi mulyadi [EMAIL PROTECTED] wrote:

   Bagea baraya, kumaha daramang?. Nuhun atuh ari daramang mah.
 Sim kuring hoyong terang yeuh ,cik manawi aya baraya anu ayeuna linggih di
 Bangkok Thailand.
 Hatur nuhun
 Wassalam


 --
 Need a vacation? Get great deals to amazing places
 http://us.rd.yahoo.com/evt=48256/*http://travel.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTFhN2hucjlpBF9TAzk3NDA3NTg5BHBvcwM1BHNlYwNncm91cHMEc2xrA2VtYWlsLW5jbQ--on
 Yahoo! Travel.

  



Re: [Urang Sunda] HEUAY VS NGULIAT

2007-07-25 Terurut Topik kang boim

Ngeunahna nguliat mah pas hudang sare nya bari heuay tea, karasana teh
pating derekdek satulang sani nikmaat.
hehehehe

kkbm'69


On 7/26/07, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Ceuk kuring mah aya deui kani'matan sejen salian
heuay,
nyaeta nguliat. Nguliat teh bisa nyehatkeun awak jeung
ngabuka inspirasi, anu buntu. Sok geura titenan,
lamun aya jalma keur ngadekul digawe, diuk dina hiji
meja lila teuing. Biasana lamun cengkat tina korsi teh
sok nguliat heula. Nguliat anu pang ni'matna, lamun
keur nguliat teh awak disada peretek, terus ramo
leungeun dipitesken disarada peretek oge.
Keur anu lila teuing diuk na korsi, teu aya salahna
dipraktekeun kabiasaan nguliat ieu.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Kang Ule [EMAIL PROTECTED] kang.ule%40gmail.com wrote:

 heuheuheueueueueueueua.. :p

 On 7/25/07, sr [EMAIL PROTECTED] payoez%40yahoo.com.au wrote:
 
  *HEUAY*
  Wadul, mun aya nu ngaku can kungsi heuay, tangtuna
 sarerea geus pada
  apal nu kumaha ari heuay teh. Komo kana rasana
 mah, kabeh ge pasti satuju
  yen heuay teh pelem. Pelem kacida. Malahan saking
 pelemna aya nu kadedemes
  sagala. Unggal menit nya heuay jeung heuay we
 gawena teh. Sanajan pelem,
  omat kana heuay teh ulah sok kokomoan teuing. Bisi
 kawas batur, gara-gara
  heuay antukna dibawa karumah sakit lantaran
 heuayna kaliwatan teuing,
  carehamna teu balik deui, alias calangap
 salawasna, katambah keur calangap
  teh geleber aya entog eunteup kadinya, terus asup
 bari ludak lodok.

__
Need a vacation? Get great deals
to amazing places on Yahoo! Travel.
http://travel.yahoo.com/
 



Re: [Urang Sunda] Kebon Strobery di Ciwidey

2007-07-11 Terurut Topik kang boim

Tos wae di Sindang Reret ciwidey kang, tidinya mah tengah-tengah ka kawah
putih caket kantun ka tonggoh, ka kebon strobery caket kantun mudun. Mung
punten abdi teu gaduh nomor kontakna (hilap deui).

nuhun,

kkbm'69


On 7/11/07, Marwan Faizal A. Bachtiar [EMAIL PROTECTED] wrote:


Assalamualaikum Wr Wb.



Punten ka sadayana Dupi aya anu terang Hotel di Ciwidey sareng caket KAwah
Putih, anu aya Kebon Stroberi na teu, kinten-kinten anu tempatna merenah
kanggo 50 urang



HAtur nuhun



Marwan Faizal

 

inline: image001.gif

Re: [Urang Sunda] Dalang Wayang Catur

2007-07-09 Terurut Topik kang boim

Hatur nuhun ua Sas...,
tah geuning aya laratanana, insya Allah ke abdi urang paluruh mudah-mudahan
bae kapendak,
janten pami kitu mah tos aya 3 nominasi kanggo dipaparin pangleler dina HBH
teh ;
1. Senimah tarawangsa bapak Sukarma ti Rancakalong - Sumedang
2. Seniman wayang catur  Aki Idja Sukmadja ti Cibarengkok- Cileunyi Bandung
3. Seniman beluk.???

Rupina kanggo sementawis mah panginten cekap nya, nuhun.

kkbm'69
-kantun di survey panginten nya

On 7/8/07, MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote:


   Kaleresan basa dinten Jumaah ping 6 Juli 2007, ngadu bako di Cupumanik,
da biasa ari dinten Jumaah sabada Jumaahan sok ngadu bako di Cupumanik,
harita mah aya Pa Her Suganda wartawan Komaps manten, kasorenakeun ge aya
Mang J, ngan ajengan Irfan teu hadir da saurna teh aya tugas ti Mabes (Mama
Besar, sepuhna).
Ngadu bako rada rame, nya obrolan teh ngaleor kana kasenian diantawisna
wayang catur, tah geuning aya keneh dalang wayang catur teh sanaos tos sepuh
pisan, saur Pa Her mah aya kana 90an.
Namina eta dalang wayang catur teh Aki IDJA SUKMADJA, alamatna di Kampung
Cibarengkok Desa Cinunuk Kecamatan Cileunyi, saurna anu terangeun bumina mah
Kang Isa Perkasa (pelukis).
Ka Panitia HBH 2007 anu bade ngaleler hadiah, utamina Kang Boim,  ieu
dalang wayang catur teh tiasa dilebetkeun nominasi. Mung kedah dipaluruh
heula alamat anu jelasna.
Perkawis Beluk, teu acan pendak sareng Kang Dipa, rada linghas puguh ge.

MSasmita


 



Re: [Urang Sunda] pendak sareng kang mike ontohod

2007-07-09 Terurut Topik kang boim

Mj,
hapunten kamari teh teu kabujeng nyusul ka lembang da ningali waktu sigana
moal ka udag, rengse ti ondangan kang Surya teh jam 2-an, tidinya mah terus
wae ngajajapkeun baraya kusnet anu kaparengan pendak di tempat ondangan bari
sakalian ngurilingan Bandung (tapi teu kakurilingan...0 hehehe
sakali deui punten nya.pissah...!!! hehehe

kkbm'69


On 7/9/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:




hehe, Mike Ontohod mah nami dina e-mailna. da ari wasta resmina mah kang
Suhermanto Duliman, urang Talaga Majalengka, ageung di Purwakarta. kang
Herman ieu nu janten tokoh di rubrik Urang Sunda nu munggaran di majalah
CUPUMANIK.

dinten minggu kamari si kuring sareng bah Willy oge kang Oman Manar ka Jl.
Maribaya, nganjang ka komplek guruminda, payuneun pisan sespim polri, ka
bumina nu di Lembang. anjeuna nuju cuti sakantenan barudakna, 2, istri
pameget nuju pere sakola. (nu pameget namina Mohammad Fermi. fermi ti
enrico fermi, salah saurang tokoh kahot ahli nuklir).

jadi kamari teh aya fisikawan duaan uplek ngobrol, bah willy (itb 75
sareng kang Herman, UI 83). kuring mah inget2 we obrolanana pikeun bahan
novel. da kang Herman sareng kang Yaya Rukayadi baris dinovelkeun make
judul DONG MU (bahasa korea kanggo kawan). Gramedia tos okeh cenah.

kang Herman ieu damelna di IAEA, badan tenaga nuklir PBB. ayeuna tos
sataun di kantor cabang Tokyo. kamari mah, lima taun langkung di markas
IAEA di Wina Austria.

reaktor nuklir di Jepang mah puluhan cenah. seuseurna kanggo energi
sarupaning listrik. tah kang Herman teh damelna mariksa tiap reaktor
nuklir sareng sajabana. jadi nu ngaran uranium, dina bentuk logam, cai,
gas, jeung bubuk oge plutonium-uranium nu geus ditingkatkeun kualitasna,
geus jadi barang sapopoe kang Herman.

mj

http://geocities.com/mangjamal

 



Re: [Urang Sunda] Pameran Produksi??

2007-07-08 Terurut Topik kang boim

Wa'alaikumsalam..
kng Awin...,
pameran anu di Graha siliwangi mah tos atosan waktos dinten juma'ah kamari,
anu aya keneh mah di Gasibu pameran industri kecil (koperasi) sajawa barat +
propinsi nu sanesna tapi dinten panungtunganana..

nuhun,

kkbm'69


On 7/9/07, aWin [EMAIL PROTECTED] wrote:


   Assalamu'alaikum, wilujeng enjing,



Aya nu terang pameran di gigireun big price cut F-O siliwangi dugi ka
iraha nya, teu kahaja dinten rebo kadinya tapi teu lami da bari ngantosan
baraya travel, pameran na oge seueur pisan nu nyunda, diantawisna angklung
mang Udjo, samak, kujang jrrd.

Atanapi aya baraya US nu muka kios di pameran eta?



Wass.

Awin

 



Re: [Urang Sunda] Masbuq

2007-07-05 Terurut Topik kang boim

dina sholat teu dikengingkeun bergerak( jalan-jalan) komo bari ngahaja
nyandak qur'an mah tangtosna ge sholatna teu sampurna, anu diwenangkeun
bergerak dina sholat ukur pikeun gerakan sholat atanapi nyingkahkeun hal-hal
anu ngahlangan dina sholat (mis: aya budak nghalangan, aya sato anu matak
nyilakakeun jrrd) eta oge gerakna teu kenging bari nyoara. bacaan susuratan
dina sholat mah sakamampuh nu ku urang mampu ulah maksakeun.
teras ngamamum kanu sanes muhrim dina sholat tiasa alias diwenangkeun, mis ;
sholat berjama'ah di mushola kantor sareng sasama karyawati nu aya di kantor
malah sae pisan.

sakitu sakaterang sim abdi mah punten bilkih aya nu lepat atanapi kirang
merenah, nuhun.

kkbm'69


On 7/5/07, Taufiq Abdussalam [EMAIL PROTECTED] wrote:


   Ngiringan ah abdi ge….



Abdi ge salami ieu pami berjamaah teh kitu, ditepak we nu tos ti payun
supados janten imam teras tara pernah berjamaah berantai…

Memang salami ieu teu acan mendakan hadits perkawis berjamaah berantai
kitu… baraya manawi aya haditsna?



Abdi gaduh patarosan perkawis :



   1. Imam pami disambil ngaos Qur'an kenging henteu..? (imam bergerak
   nyandak Qur'an teras tos rengse di simpen deui)
   2. Pami sanes muhrim kenging henteu jadi ma'mum…?



Hatur nuhun





Taufiq







Re: hayang jadi kuwu!...Re: [Urang Sunda] Dajal di Garut?

2007-07-05 Terurut Topik kang boim

jang Ndud,
bagja eta cita-cita teh sok atuh geura parak tatahar, tapi samemeh jadi kuwu
kudu aya calon ibu kuwuna pikeun jadi katua PKK desa.hehehe(bagja
geura lamun di jatinunggal aya sarjana jadi kuwu.)
soklah dirojongdrrah!

kkbm'69
-kang Ule..., jang Ndud mah urang jatununggal Sumedang tapi meureun aya
teureuh panjalu...hehehe

On 7/5/07, Kang Ule [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Kang Ndud..
Panjalu teh meun teu salah mah aya situna nya? situ naon tah?
soalna meun teu salah basa keur paparahuan di hiji situ teh didaerah
panjalu.. kira kira taun '94an.. terus anu jadi lanceuk teh ngomong kieu 
asa dilaut euy...   parahu teh ngadadak oyag siga beunang ku ombak..
rareuwaseun.. kabeh.. nya babaturan anu urang dinya langsung nyarekan.. 
kade ateuh tong ngomong sompral didieumah.. ..

balik deui ka mitos.. :p






Re: hayang jadi kuwu!...Re: [Urang Sunda] Dajal di Garut?

2007-07-05 Terurut Topik kang boim

eh..enya nya..., pan kang Don oge sang bupati Sumedang teu gaduh ibu bupati
nyahehehe
tapi pikeun ngabagjakeun si ema mah langkung sae sanesheuheuheu...
derr.ah!

kkbm'69
-sim abdi lamun dizinan mah hayang nyalonkeun jadi kuwu di lembur tapi teu
diizinan ku indung barudak jeung teu aya modalnahehehe...

On 7/5/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:


  ah sang abah mah kadinyah sajah beloknyah pan tak ada bu kuwu ge ga
apa-apa, sugan

atawa eta tata tartib nomer hiji kitu?
dh





Re: [Urang Sunda] Masbuq

2007-07-04 Terurut Topik kang boim

Baraya...,
ngiring nambihan ahperkawis masbuk anu teu sempet maca surat Al-fatihah
numutkeun naon anu pernah ku sim abdi kabaca dina buku pangajaran sholat
karangan  A.Hasan tetep kedah nambih rakaat kakuranganana margi bacaan surat
Al-fatihah dina sholat mangrupakeun bacaan wajib, sok sanaos urang sempet
ngiring ruku.
Terus lamun urang jadi ma'mum dina waktu imam maca surat Al-fatihah urang
oge kudu ngilu bareng maca surat al-fatihah, ngan lamum imam dijaharkeun
(jelas/ditarikeun)  sedengkeun ma'mum disirkeun (dijero hate' teu kaluar
sora) ieu ngama'mum dina sholat maghrib, isya sareng subuh.

sakitu nurutkeun pamendak sim abdi mah, punten bilih aya anu teu sapagodos
salajeungna mah mangga nyanggakeun kana kayakinan masing-masing mana
sakirana anu cocok/loyog sareng kayakian masing-masing. nuhun.

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] sajarah urang sunda

2007-07-01 Terurut Topik kang boim

Haturan kang Ees...,
nepangkeun sim abdi Iim (Boim) kawit ti smd/bdg, ayeuna nuju di Bandung.
punten bade ngiring mangwalerkeun rehna ua Sas teh nyaeta salah sawios
kuncen bin moderator di Kusnet, anjeuna pangsiunan padamel Telkom mung
ayeuna nuju rajin nalungtik kasundaan malih mah di bumi ngagaduhan pabukon
alias perpustakaan anu koleksina dikhususkeun kana buku basa sunda boh nu
enggal atanapi nu kuno sareng tos sering janten nara sumber dina diskusi
atanapi seminar ngenaan kasundaan.
sakitu panginten panmabih ti sim abdi mah hatur nuhun.

kkbm'69
-punten ka ua Sas to skumawantun pangwalerkeun...hehehe


On 7/1/07, eesbuku [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Tah gening tebih-tebih ti nagara deungeun masih merhatoskeun
kabudayaan sareng sajarah sunda. Kang Tatang dimana kitu lingih ayeuna
teh? Nepangkeun Abdi ees, linggih ayeuna teh di bekasi, caket
kalimalang. Tapi sanes di sisi walungannana. Upami lahirmah di Subang.
eta oge tebih keneh ka Subang. Bade naros ka Kang Tatang, upami Ua Sas
teh saha? Ahli sajarah sunda? punten yeh.

-
ees
islandscript.net






Re: [Urang Sunda] Pendak abah Joe Raggan NYC

2007-06-29 Terurut Topik kang boim
wah asyk atuh
MJ aya nomor kontakna teu salami anjeuna aya di Indonesiapami aya
cing alungkeunhehehe...
nuhun.

kkbm'69


On 6/29/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Abah Joe Raggan aka Singgih Nata nuju pakansi di endonesya. Ayeuna aya di
 bdg, ngendong di homan. Enjing bade teras ka bali teras ka yogya teras ka
 bandung deui

 Tos 32 taun cenah teu mulang. Jadi pangling pisan sagalana.

 Tadi wengi uplek ngobrol bari ngopi sareng abah Joe di sidewalk café hotel
 homann sareng bah Willy, Ua Sas. Dipasihan oleh2 cat akrilik ti amrik. Nuhun
 bah. Ua sas dipasihan buku hasil noong teleskop satelit Hubble.

 Bah Joe Raggan mah WNA, warga negara amerika. haha




Re: [Urang Sunda] Hallowwww sadayana..

2007-06-29 Terurut Topik kang boim
teh Icho..!!!
ehmmbagja nya aya ngulampreng deui ka lembur babakan...damang
teh..? nuhun pami damang mah mugia salamina...amin.
ceu Roro..., ieu mah sanes teh Icho (Cholisoh) pangarang tapi teh Icho
nu ngageugeuh di Astrahehehe

kkbm'69
-ka absen euy.!!!


On 6/29/07, Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Duh, meuni ngagebeg abdi...
 Ieu Teh Cholisoh, pengarang Sunda nu kakoncara tea?...waduh haturan atuh...
 Nepangkeun Teh, abdi Roro, linggih di Bandung, anggota enggal nembe 2 taun
 ngiringan Kusnet heheh...


Re: [Urang Sunda] Re: Pulisi jujur jeung amanah

2007-06-26 Terurut Topik kang boim
Baraya,
ieu pangalaman kuring pisan basa poe Saptu nu kaliwat (tgl.23 Juni),
harita balik ti komplek Batununggal tas ngiluan olah raga. Pas lewat
parapat Holis deukeut bunderan saacan Jl. H.Alpi ningali aya polisi
keur operasi rutin, atuh kanu sabeulaheun teh ngebejaan ;  awas sabuk
pengaman bisi poho ceuk kuring teh.. bari kuring oge rumpu-rampa bisi
kapohoan, geuning kalahka kuring nu poho teu nyangredkeun sabuk
pengaman da kahalangan ku tas leutik anu disaledangkeun rarasaan geus
dicangreudkeun(kapohoan tea), ngan waktu keur rumpa-rumpa aya
polisi nu nempoeun yen kuring keur menerkeun sabuk pengamanatuh
priiit cenah bari nitah nyisi.
sanggeus nyisikeun sikukut (BMW tea) polisi teh nyamperkeun terus
ngomong ;  maaf pak coba lihat surat-suratnya cenah...! terus wae
kuring teh ngaluarkeun anu dipenta lengkep.., ningali surat-surat
lengkep polisi teh ngomong deui : bapak tadi tdk pakai sabuk pengaman
ya...? mari ikut saya! cenah.
atuh jrut wae kuring teh turun nuturkeun polisi tea. di tempat nu iuh
manehna nerangkeun yen lamun poho teu make sabuk pengaman tilangna 300
rebu cenah tapi kudu sidang, tapi lamun dina sidang kamahalan ulah
nyalahkeun jeung neangan manehna cenah...(polisi).
terus polisi teh nawarkeun solusi lamun embung sidang bayar ditempat
aja 25 rebu cenah.
Kuring dikitukeun rada ngabela diri yen tadi poho teu make sabuk
pengaman teh sabab bieu di holis tas ka pom bensin heula ngeusi bensin
jeung lamun kudu mayer 25 rebu euweuh duitna da geus dibelikeun bensin
tadi, naha bisa kurang deui..? kuring nanya, heunteu cenah tetep 25
rebu. singkat carita kieu wae atuh pak sabab kuring teu boga deui
duit, tah sakieu waelah nya ceuk kuring teh bari mikeun duit 15 rebu.
Sugan ten moal ditampanan ari pek teh ditarima geuning bari manehna
ngasongkeun sim jeung stnk nu tadi ditahan.., nuhun ceu kuring teh
bari ngaleos...
padahal mah sigana 10 rebu oge ditarima nya.ceuk kuring teh
nyarita ka simanehna sanggeus anjog kana mobil deui, tidinya terus wae
ngabiur nuluykeun lalampahan..hehehe..

Beu...ku aya-aya wae nya.hehehe.(satadina mah rek menta
ditilang wae tapi dipikir deui pasti SIM ditahan, atuh moal bisa
kamana-kamana mangkaning loba burueun keneh.salah kuring oge
ketang nyahehehe...)

cag...ah, nuhun.

kkbm'69
-cenah mah polisi oge diudah setoran.hehehe


Re: [Urang Sunda] Ua Sas sakloter sareng teh ika

2007-06-08 Terurut Topik kang boim
Amiin
Mj mah keur deg deg suredeg ngantosan serat ditampi heunteuna sakola deui...,
ari sim abdi mah keur deg deg suredeg nungguan pangumuman jadi taun
ayeuna jarah ka tanah sucu taun ayeuna atanapi asup daftar nu taun
hareup bin waiting list...hehehe
ah...pasrah sumerah ka Allah SWT bari jeung usaha mudah-mudahan bisa
taun ayeuna, kalayan aya dina ridlo Allah SWT...amin. (pan cenah taun
ayeuna aya tambahan kuota 5000 jama'ah anu tinggal nungguan surat di
raja Arab...)
neda pido'a na wae ti sadaya baraya, nuhun.

kkbm'69


On 6/8/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
 amin kang. heuheu
 taun payun teh rencana mah sakola deui .mun katampi kitu oge. ngawitan mah
 nya semester payun.
 ayeuna nuju deg deg suredeg ngantosan serat ditampi henteuna. eta bade
 nalungtik perkawis Estetika Sunda dina widang wangunan. daptar bpps deui.
 noong waragad onh nu 25jutaan kitu mah, teu acan kabedag rupina.
 kencleng yp oge ngan 7-8 jutaan, mun ditambut teh seueur teuing milari
 kanggo nambihna. haha.

 pangulinan oge masihan ongkos kanggo bade ke mekah. saratna tos damel
 minimal 15 taun, teras diundi-upami dina taun eta, langkung ti duaan.


Re: [Urang Sunda] Pa Yogi SM pupus

2007-06-07 Terurut Topik kang boim
Innalillahi wa inna ilaihi roji'uun...
mugia Allah Swt ngahapunten kana dosa sareng kahilafanana, nampi amal
ibadahna kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam kuburna, kanggo
kulawarga anu dikantun mugia dipaparin kakiatan dina mayunan ieu
cocobi...amin.

kkbm'69
-info bin wartos di detik.com oge tos aya.

On 6/7/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
 meunang SMS ti kang Ush Kompas,


 Pa Yogi SM, mantan gubernur jabar, (oge mantan danjen kopassus),  pupus
 dinten ieu, kemis tabuh 14.15
 di RS Advent Bandung

 dimakamkeun dinten Jumaah bada jumaahan

 Innalillahi wainna ilaihi rojiun


 --
 geocities.com/mangjamal



Re: Hal: [Urang Sunda] Sampurasun

2007-06-07 Terurut Topik kang boim
Rampesss...
damang juragant mantan jajakapaksa..? hehehe
ua Sas bade munggah haji! amn
sok atuh daftar tapi sigana kanggo taun ayeuna mah tos pinuh kuotana
margi kamari waragad ongkos mungah haji tos diumumkeun tapi pami Allah
marengkeun mah insya Allahnaon wae lamun Allah Swt tos ngersakeun
mah moal aya nu tiasa ngahalangan...

cag..., mugia laksana tinekanan kana sagala anu dipimaksadamin.

kkbm'69
-pido'a na sim abdi oge bade ah.!!!

 - Pesan Asli 
 Dari: mamat rachmat [EMAIL PROTECTED]
 Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
 Terkirim: Kamis, 7 Juni, 2007 5:06:48
 Topik: Re: [Urang Sunda] Sampurasun

 Lain.. Mang Jamal.!!!..

 Abdi teh tadi enjing2 pendak sareng Ua
 Sas.tos nyandak Bisluit(?) anu panungtungan cenah,

 Ua Sas oge hayang munggah haji, mun tiasa mah tau
 ieu cenah

 cik sugan Kang H. Zaenal tiasa
 nulungan .

 Hayu Urang Du'a keun... Ua Sas sing enggal munggah
 haji.

 Was : Mamatrachmatmantanj ajakakapaksa


Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2007-06-06 Terurut Topik kang boim
Rampeesss.!!
haturan wilujeng sumping di babakan Kusnet kang Setia (punten pami
lepat), teu hilap nepangkeun oge sim abdi Iim kawit ti
sumedang/bandung ayeuna nuju aya di bandung..., pami kang Setia kawot
timana sareng leres kitu damel di bank Jabar..?
prungah...!!!

kkbm'69


On 6/6/07, stia [EMAIL PROTECTED] wrote:
 sampurasun akang sareng teteh, nepangkeun sim abdi setia nembean gabung
 sareng forum kusnet.
 salam baktos


Re: [Urang Sunda] Allah aya imahan.

2007-06-05 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Teddy.,
ulah make lieur sagala kang..., lamun urang yakin kana sifat Allah anu
20 urang pasti yakin yen Allah Swt ngabogaan sifat Wujud alias aya sok
sanajan ghoib atawa teu katingali tapi aya ciptaanana nu nandakeun yen
Allah SWT aya. oge urang pasti yakin kana naon anu disebut Baitullah
(imah Allah) alias Kabah.
Atuh eta eusing Kabah cenah batu hideung alias Hajar Aswad tea, sok
padahal Hajar Aswad mah ayana lain di jero kabah tapi aya di saluareun
kabah sareng teu diwajibkeun lamun urang jarah ka tanah suci kudu
nyium eta batu jadi di jero kabah teh saestuna kosong. Lamun urang
jarah ka tanah suci (Mekah) lain ngandung harti nyembah kana eta batu
sok sanajan dina sholat urang kudu ngiblat ka kabah, tapi tetep anu
wajib disembah mah anging Allah SWT sahiji atuh lamun nyembah kana
batu mah pan geus pada terang hukum musrik.

sakitu sakaterang sim abdi mah punten pami aya nu lepat atanapi kirang merenah,
nuhun.

kkbm'69

On 6/5/07, teddy sur [EMAIL PROTECTED] wrote:
 baraya..kuring anu lieur,atanapi emang dilieurkeun?
 kieubaraya:
 dina hadis.urang islam teu menang/teu diwajibkeun
 nyembah anu berhala,jinisna.patung,kayu,batu jeung
 sajabana deui.anging Allah anu wajib disembah jeung di
 puja.nahaa..ari prakna jadi nyembah batu.

 ceunah di mekah aya BAITULLAH.bait hartina imah,tullah
 hartina Allah berarti eta baitullah teh imah
 Allah,naha enya Allah geus ngabogan imah?
 ceunah eusina oge batu hideung nu gede?
 naha enya Allah geus robah jadi batu?
 ti jaman baheula nepi ka kiwari.


 ahh..lieur ata mah.





 
 Boardwalk for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated
 for today's economy) at Yahoo! Games.
 http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow



Re: [Urang Sunda] Neda bantosan

2007-06-05 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Kamal,
puguh geuning ampir sami nasib teh...abdi keur lampu koneng cenah...hehehe.
mudah-mudahan urang sadaya dipaparin jalan anu sae mungguh Allah SWT
pikeun lumampah kahareupna...sareng dibukakeun panto rizki pikeun
urang sadayaamin.

nuhun,

kkbm'69
-sok derr...ah...!!! kabaraya anu kagungan info padaelan mah alungkeun
saja ka babakan...saha nu terang manfaat pikeun balarea.


Re: [Urang Sunda] urang kusnet jadi staf jubir presiden

2007-06-04 Terurut Topik kang boim
Alhamdulillah, wilujeng kang Herdis, hebring euy!!!
mudah-mudahan bisa jadi corong Kusnet ogehehehe...
(boa-boa engke mah HBH Kusnet oge bisa nginjeum tempat di Bina Grahahehehe)

kkbm'69

On 6/4/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:


Herdis, urang tasik, sakolana ti filsafat UGM, terus s2 Filsafat UI, adik
 kelas Oneng Rike Dyah Pitaloka.

 Kamari2 maturan pak Willy Wirantaprawira (wirantraprawira.net0 urang tasik
 WNJ (warga negara jerman) pangsiunan Marc Plack Institute Heidelberg. ari ka
 endonesya.

 Ayeuna jadi staf jubir presiden andi malarangeng.

 Ngen..sugan mah. heuheu

   _







 http://mail.istanapresiden.go.id/iNotes/Forms6.nsf/h_ResourcesByName/decoch
 evronblack.gif/$FILE/decochevronblack.gif?OpenElementMaxExpiresTimeStamp=2
 0060616T092655,04Z
 Herdis Herdiansyah M.Hum
 Subtantial Staff of Presidential Spokesperson

 Office of The Presidential Spokesperson
 Presidential Palace, Bina Graha, Second Floor
 Veteran III No. 16
 Jakarta Pusat
 (Phone) 62-21 384 5001 ext 401
 (Fax) 62-21 351 3195
 Please cc your e-mail to  [EMAIL PROTECTED]
 mailto:[EMAIL PROTECTED]










Re: [Urang Sunda] Lembur Sepi

2007-06-04 Terurut Topik kang boim
sok derr.ah
sami di warung oge sepiw bin tiiseun...untung bieu ngabeledugeun
pepetasanjadi aya nu ngulampreng ka warung.hehehe..

kkbm'69
- tong di duruk kang Ndoel mending urang bom wae nyahehehe...

On 6/5/07, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Lembur teh sepi..tiiseun..
 réhé combrék, kamarana nya ?

 cik, uing rék ngaduruk pos kamling ah..
 sugan wé haneuteun...



 -dul-
 tukangteuing




Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Uleman Kanggo Kukumpulan Panatacalagara HBH 2007

2007-05-30 Terurut Topik kang boim

kang S4d3w4...,
tiasa pisan malahan diantos pisan.hehehe... (asa tos lami teu patepang
nya...)

kkbm'69


On 5/30/07, s4d3w470 [EMAIL PROTECTED] wrote:


  upami nu teu katulis tonggong tiasa ngiringan ilubiung teu kang

hatur nuhun





[Urang Sunda] Re: [gankleboy] Urang ngadesign Kaos HBH 2007 Yuk!

2007-05-30 Terurut Topik kang boim

Cep Deden...bin kang Toni...,
hatur nuhun kana wawaranana..., hal ieu pisan kamari kang Syam dina japrian
sangkan diayakeun lomba design kaos HBH Kusnet(ari merdihna mah ka MJ
cenah) tapi bisi MJ nuju sibuk nya bewarakeun wae ka baraya Kusnet sakumna
tah mana anu panghadena nurutkeun balarea urang jieun kaos resmi HBH Kusnet
2007.
Soal name tag atawa tanda pengenal saena dicantumkeun oge ngaran landihan
sabab dina postingan lolobana make ngaran landihan mis; BOIM padahal aslina
bin nu sabenerna IIMhehehe..

prung ahbaraya!!!

nuhun,

kkbm'69
-name tag bentukna manjang siga photo ukuran 3/5 R ngarah makena bisa
dikongkorongkeun...


On 5/31/07, [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] wrote:



Kahayangna, pikeun ngagampangkeun ngaraketkeun babarayaan,ngakrabkeun
diantara papada peserta HBH2007 engke,
aya Ide, sigana masing-masing peserta HBH 2007 engke di gantelan 'name
Tag'ngarana masing2 dina dada...
supaya teu ngandelkeun teuing Panata calagara keun ngenal2keun, nya apanan
tiasa kenal nyalira..
ilikan name tag na..nya inisiatip we langsung taros,de weh
ngobrol...








Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Uleman Kanggo Kukumpulan Panatacalagara HBH 2007

2007-05-29 Terurut Topik kang boim
Kaci pisan kang Emoddiantos...(komo lamun bari riba ku oleh-oleh mah)
hehehe...
sok saha deui nu bade ngiring ngariung.!!!???

kkbm'69
-kang Irfan hatur nuhun siiplah

On 5/30/07, Emod Morales [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Ingsa Alloh mun kuring teu kamana-mana, rek ulin we hungkul, kaci teu ?

   Emod,

 irpan rispandi [EMAIL PROTECTED] wrote:
   heug ke lamun Amerika menunda agresina ka Indonesia, abi datang :)


Re: [Urang Sunda] Kuncen

2007-05-29 Terurut Topik kang boim
ehmmm
da emang atuh ari nu disebut kuncen mah tukang ngurus jeung nungguan
kuburan utamana kuburan anu dikaramatkeun, contona ; makam para
raja/karuhun atawa makam hiji tokoh anu dipokolot/anu boga pangaruh
bin pangaweruh alias luhung elmuna.
jadi lamun kuncen Kusnet atuh Kusnet teh bisa kaasup kuburan nyahehehe
kateuing ah..(naha ganti istilah kitu ulah disebut kuncen tapi
jadi jagabaya lokaalias tukang ngajagaan ramat loka Kusnet...???)

kkbm'69


On 5/30/07, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Baraya
 Maca dina Mangle minggu ieu, dina kaca 46
 meunang istilah patukangan, kieu cnah :

 1. Sarati : Tukang Miara gajah
 2. Malim : Tukang naklukeun sasatoan
 3. Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas
 4. Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
 5. Paledang : Tukang nyieun parabot tina tamba
 6. Pakacar : Bujang atawa juru laden
 7. Kuncen : Tukang ngurus kuburan

 hi hi
 jadi seuri sorangan, da sok ngaku Kuncen Kusnet tea..


 -dul-
 tukangteuing









Re: [Urang Sunda] Nyair duit di jalan

2007-05-29 Terurut Topik kang boim
tapi sok aya hanjakalna, ari ngawangun mani haget komo nyiar
sumbanganana mah tapi pas rengse ngawangun eta masjid geuning anu
ngeusiana mah ukur poe juma'ah hungkul ramena tehhehehe...
sok aya nu disebut imam borongan tea, timimiti adzan, komat,makmum
jeung imam diborong kusorangan da jama'ahna suwung...(komo sholat
subuh mah)..

kkbm'69
-padahal cenah mah eta nu nyaring duit teh kungsi ditertibkeun ku
dishub da ngabahayakeun pikeun patalimarga...(khususna di jalur
pantura..)

On 5/30/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 keukeuh nya bah ti baheula... sugan ngungudag sebutan sarebu tea bah jiga
 bali nu disebut pulo sarebu pura, lombok pulo sarebu masjid... tah meureun
 ieu sarua hayang disebut pantura sarebu masigit ;D... 100 meter gok masjid
 100 meter gok masjid.


Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Uleman Kanggo Kukumpulan Panatacalagara HBH 2007

2007-05-29 Terurut Topik kang boim
mangga..kenging pisankomo bari angkaribung ku oleh-oleh
mah(saur kang Toni)
diantos kang Pandu...!!

kkbm'69


On 5/30/07, pandu hadi [EMAIL PROTECTED] wrote:
 halow.upami nu nembe ngiringan , kenging ngiring teu 



Re: [Urang Sunda] falsafah kumaha engke === dongeng 4

2007-05-25 Terurut Topik kang boim

Ceu...,
sae eta lalampahan tuang rai teh bisa jadi pieunteungeun pikeun urang
sarerea, geuning modal KUMAHA ENGKE teh bisa ngahasilkeun nya ari
dileukeunan jeung dibarengan ku do'a jeung usaha mahhehehe.

nuhun,

kkbm'69
(nu milu reueus kana perjuangan adi ceu Roro..)


Re: [Urang Sunda] ngiringan

2007-05-25 Terurut Topik kang boim

Wa'alaikumsalam...
haturan kang Yayan, wilujeng sumping di lembur babakan Kusnet teu hilap
nepangkeun sim abdi Boim (Iim) kawit ti sumedang/Bdg ayeuna nuju idek liher
di dayeu Bandung.
mangga mugia betah tumaninah sok bilih gaduh peperenian geura
diguarprung ah!!!
eh.wedalan ti syari'ah mah nyebatna oge mani jama'ahhehehe...
(kang Yayan pami leres di UIN pasti kenal ka kang Tantan atuh nya??)

cag...,

kkbm'69


On 5/25/07, yayan sopyan [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Assalamu'alaikum
nepangkeun ka sakumna jamaah [EMAIL PROTECTED] sim kuring yayan
sopyan, kawit mah ti Ciranjang-Cianjur. mung ayeuna gaduh lulumbukan di
Ciputat Tangerang, dupi padamelan ngawurukan mahasiswa di fakultas syari'ah
 Hukum UIN Syarif Hidayatullah Jakarta.
mugia sakumna jamaah urangsunda tiasa nampi. mugi tiasa ngaraketkeun
duduluran, manjangkeun babarayaan, sareng nalian silaturahmi.
hatur nuhun


*
*



Re: [Urang Sunda] falsafah kumaha engke

2007-05-23 Terurut Topik kang boim
pangalaman sim abdi mah kieu:
basa sataun sangeus lulus sakola aya nu ngajakan kawin mangkaning can
boga paksaban (pagawean) nu tetep alias masih sakasampeurna, tapi ku
babaturan disumangetan bismillah wae keun rizki mah  kumaha engke 
da anging Allah nu ngatur asal tekad jeung niat urang kuat tur aya
usaha pasti aya jalan...
komo basa bebeja ka kolot di lembur mah kabeh karageteun bari jeung
tumanya ;  naha bener ieu teh? naha rek dibayuan kunaon lamun
engke geus rumah tangga pamajikan teh...?  jawab kuring ;  insya
Allah rizki mah anging Allah nu ngatur da tiap jalma geus aya rizkina
masing-masing ngan gede leutikna gumantung kana usaha
sewang-sewangan...jeung nu penting mah niatna keur ibadah ka Allah...

Alhamdulillah, ayeuna geus salapan taun rumah tangga berekah
salamet tur geus dipercaya boga turunan dua, geuning prinsip kumaha
engke  teh ari urangna yakin jeung dibarengan ku usaha mah
Alhamdulillah berekahhehehe

cag...ah, nuhun.

kkbm'69
-sok ah jang Ndud geura nawaetuan ti ayeuna ulah salempang niatkeun nu
buleud...hehee...


Re: [Urang Sunda] sampurasun - Kanggo Kang Boim

2007-05-23 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb.
haturan kang Santosa,
geuning tatanggian nya..., sim abdi ari linggih di komplek Graha Bukit
Raya I (GBR) blok H.2 No.2 RT.05 RW.21, pami ti Permata Cimahi ka
palih luhur sakedik nu ngalangkungan kolam pemancingan tea kantun
nanjak sakedik teras mengkol ka katuhuhehehe (tangtos terang
nya...)
pami akang Permata Cimahi na palih mana...? kaleresan abdi oge di
Permata teh aya pun lanceuk di Blok N.3 (anu payuneun dr. Selvie).

mudah-mudahan atuh sanes waktos urang tiasa patepang, .

hatur nuhun kang

wilujeng tugas...

wassalam,

kkbm'69


On 5/23/07, trias santosa [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Kang Boim teh di Jl. H. Gopur!? Palih mana ?
   Tatangga atuh nya.
   Sim kuring urang Permata Cimahi.

   Trias Santosa


Re: RE: [Urang Sunda] Kacapi Suling di Malaysia

2007-05-22 Terurut Topik kang boim
mangga kang, urang kaleng ku sim abdi teh Sofi na ngarah tiasa lebet
ka babakan Kusnethehehe...(boa tos dikaleng ku kang kumi atawa
kang Ndoel kitu.hehehe)

kkbm'69


On 5/23/07, Asep Hadiyana [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Punten ka kang kuncen, naha tiasa alamat email teh Sofi dilebetken janten
 anggota milis ieu?

 sofi [EMAIL PROTECTED] wrote: From: sofi [EMAIL PROTECTED]
 To: 'Asep Hadiyana' [EMAIL PROTECTED],


Re: [Urang Sunda] sampurasun

2007-05-21 Terurut Topik kang boim
Rampes neng Fitri,
wilujeng sumping di lembur babakan Kusnet teu hilap nepangkeun sim
abdi Boim bin Iim kawit ti sumedang/bandung ayeuna nuju buburuh kuli
di dayeuh Bandung tapi ari rorompok mah di Cimahi (Jl. H. Ghopur),
pami neng Fitri di Bandungna palih mana...?
mangga neng mugia betah tumaninah., nuhun.

kkbm'69


On 5/21/07, tree [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Nepangkeun ka sadayana, sim kuring Fitri ti Bandung. Mugia tiasa janten
 baraya dina grup ieu

 hatur nuhun,




Re: [Urang Sunda] portal berita

2007-05-21 Terurut Topik kang boim
kang Ncep...,
sok atuh kudu kumaha ngamimitianana? sugan wae sim abdi bisa
ngiluan jadi tukang maca beja ngenaan Bandung ti detik ka detik,
sare deui ahngarah bisa ngimpihehehee

kkbm'69

On 5/22/07, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Tah kira2 numutkeun Kang nCep anu ti jurnalistik, kira2 kudu kumaha tah
 mun hayang kitu? Ngimpi ge pan kudu dimimitian ku... sare! heuheu...

 On 5/21/07, ncep tribun [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
Detikom kamari launching detiksurabaya.com. Kantos ngobrol jeung Dadan
  Sutisna, hayang ngadamel portal berita di bandung, boh nu ku basa sunda,
 boh
  ku basa indonesia. Sigana tiasa dibalakan ku Wa Sasmita, Mang Jamal,
  katut baraya di ieu kusnet.Hebat lamun tinenakan teh, tug dugi ka jadi
  corporate..sigana ngadegkeun perpustakaan sunda di saban desa moal
  eungap teuing. Hi hij, ngimpina ieu mah. Tapi pan tina ngimpi sok
  tuluy..ngalindur.
  Nya susuganan, kitu kulan
 



Re: [Urang Sunda] Buku

2007-05-20 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Enton,
bilih bade nyumbang buku kanggo program pabukon Kusnet tiasa
dikintunkeun ka mang Jamal (MJ) di Jl. Rajamantir Kaler No.23.
Buahbatu Bandung.

mangga diantos kaleresan seueur daftar tunggu bin waiting list nu
nyuhunkeun kintunan buku kanggo pabukon teh, hatur nuhun sateuacana.

kkbm'69
-bilih kedah dicandak sim abdi nyuhunkeun alamat kang Enton insya
Allah ku sim abdi bade dijugjughehehe..


On 5/18/07, enton supriyatna sind [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Hoyong ulubiung nyumbang buku kanggo pabukon urang sunda. Seueur mah
 henteu, mung aya we. Cik kedah ka mana dialamatkeunana?

   ESS


 -
 Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.


Re: [Urang Sunda] Wilujeng, cep Bagja adian euy!

2007-05-16 Terurut Topik kang boim
Aya gosp anyar euy
hebatlah kudu kitu atuh.heheheh..

kkbm'69


On 5/16/07, irpan rispandi [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Bagja-na kang kumi lain ieu teh.

 lamun enya, he..he..he.. selamat nya, produktif si akang kumi teh geuning.
 lembur ter..


Re: [Urang Sunda] KONGRESS KUSnet Kaping 13 Mei 2007, Di Jl. Rajamantri Kaler No.23 Buahbatu Bandung

2007-05-15 Terurut Topik kang boim
Rampes jang Ndud,
hehehehe., insya Allah lamun tea mah jadi tempat HBH di Buper
kiarapayung jatinangor soal angkutan ka lokasi mah pasti disayogikeun
pikeun ngabantu baraya sakabeh anu bade ngiringan, nu penting ayeuna
niat nu pasti bakal ngiluan jeung siap bakal ngilu nyukseskeun ieu HBH
ku jalan gawe babarengan, pan sukses mah saha nu reueus pastina baraya
Kusnet sakabeh saneshehehe..

kanggo kang Edy...,
teu sawios kang, pido'a wae mugia lancar bin sukses dina waktosna. teu
hilap sambung do'a kanggo tuang rai (bojo akang) mugia enggal damang
teu damangna.amin.
hatur nuhun sateuacana kana kasogian bade ngabantos HBH dina waktosna,
nuhun kang...

cagah,

kkbm'69


On 5/15/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 sampurasun... damang bah? oge nu sanesna mugya salawasna aya dina
 panangtayungan gusti nu murbeng alam.

 waas tuda lamun hbh jadi di buper. jadi nineung waktu masih ngiluan siaga
 baheula. ngaranna we kemah. padahala ukur pindah sare. da sagala rupa geus
 disadiakeun ku pembina heuheu... jigana mah hbh ge kitu, sikuring tinggal
 ngadaweung, sagala tos diatur panitia, panatacalagara tea...

 punten, ti sikuring...

 dh



Re: [Urang Sunda] kenalaaaa...

2007-05-15 Terurut Topik kang boim
enya puguh sim abdi oge asa kaingetan yen di daerah eta  teu meunang
nyebut ucing tapi kudu enyeng lamu teu kitu sok hujan angin dor dar
gelap cenah(pedah aya babaturan sakola jeung guru urang dinya)
wilujeng tepang kang Yudi, nepangkeun oge sim abdi Iim kawit ti
Paseh-Sumedang...
sok ah mangga dilajengderrrah!!!

kkbm'69


On 5/16/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 haha sarua jeung panyangka... yen surenyenk urang sumedang!!

 nyangka teh pedah kungsi manggih beja di sabudereun megamendung teu meunang
 nyebut ucing diganti ku enyeng, lamun maksa pamali cenah matak datang mamala
 haha (deui ah seurina)

 wilujeung sumping kang enyeng :)) sok bebetah ngarah geunah ngababakan di
 lembur kusnetna


Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2007-05-14 Terurut Topik kang boim
wa'alaikumsalam...
haturan kang Pandu..., pami kamari ngiringan HBH pasti kantos tepang
sareng sim abdi nya kanghehehe(ngan numana tea nya)
teu hilap nepangkeun deui sim abdi Iim bin Boim kawit ti
sumedang/bandung ayeuna nuju di bandung status salengkah ti panto imah
bujalan..eh bujanganhehehe..

mangga kang pandu wilujeng linggih di babakan Kusnet..., sok ah derr!!
nuhun.

kkbm'69


On 5/14/07, pandu hadi [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Asslamualaikum.wr.wb.

 Nepangkeun abdi Pandu hadi Pkawitna ti bandung (kopo)...mung ayeuna mah
 linggih di jakarta.Abdi tos nikah sareng pun bojo..hehehheheh.tacan
 batian nembe badeKamari ngiring HBH, mung telat dongkapna tabuh setengah
 2. Gening resep pisan kempel2 teh...komo deui aya ceu gya..hehhehehatur
 nuhun ah.

 Wassalamualaikum.wr.wb


 -
 Yahoo! oneSearch: Finally,  mobile search that gives answers, not web links.


Re: [Urang Sunda] sampurasun

2007-05-14 Terurut Topik kang boim
Rampes kang Nugraha...,
geuning nuju di tumbilaloka bin balikpapanhehehe
saleresna di balikpapan aya baraya Kusnet oge urang Bandung nu damel
di pertamina namina mang Osam (Kosam) mung alamat lengkepan hilap
deui...sok geura tepangan...
teu hilap nepangkeun sim abdi Iim (boim) kawit ti sumedang/bandung
ayeuna nuju aya di bandung
mangga kang wilujeng sumping di babakan Kusnetprungah!!!

kkbm'69
-naha kunaon US di balikpapan pami pendak sok pating laleos bin
ngabalieur...leres eta tehbeu... (mun enya teh...kacida
nya...)

On 5/14/07, Nugraha Nitipraja [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Barayasampurasun

 Nepangkeun
 nami abdi Nugraha, kawit ti Bandung, ayeuna sim kuring nuju ngumbara di
 Balikpapan, tos 4 taun di nagri batur. milarian artos alit.maklum we da
 di bandung rada sesah milarian damel. Abdi damel di perusahaan kontraktor
 batu bara di balikpapan.

 seueur orang sunda di kalimantan khususna di balikpapan, tapi naha bet sok
 pati sing ngaleos upami pendak.

 sakitu wae, hatur nuhun ka bapa kuncen.

 baraya sadayanapermios

 nugraha



 Yahoo!
 oneSearch: Finally, mobile search
 that gives answers, not web links.
 http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC


Re: [Urang Sunda] Neng Ika tos kenging Dr. ti unpad (DOKTOR/DR atanapi DOKTER/dr)

2007-05-14 Terurut Topik kang boim
punten ngalereskeun sakedik, (kanggo bah Jaka sareng aki Tams...)
anu parantos rengse sakola S3 kalayan nyanding gerlar Doktor mah sanes
teh Ika tapi rerencangan wastna kang Dede Mariana, pami teh Ika mah
masih nyumprih elmu program S3 na.(mudah-mudahan anjeuna oge enggal
rengse kalayan lancar...amin)
insya Allah saur kang Dede hasil desertasina bade dialungkeun ka
babakan Kusnet..., sakitu panginten.

cag...ah, nuhun.

kkbm'69


  joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote:
  Wilujeng oge ka neng Ika.
  Ke bade tumaros janten dokter (dr) atanapi doktor
  (DR/S3)?
  Nuhun
 
  --- Tatang Sariman [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
   Wilujeng neng Ika mugi2 sing janten elmu anu
   mangfaat kanggo salira sareng keluarga, oge kangge
   kamusiaan, kum we lah. Wilujeng sakali deui,
   baktosna aki tams.
  
   -
   Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that
  gives
   answers, not web links.
 
 
 __Building
  a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business
  gives you all the tools to get online.
  http://smallbusiness.yahoo.com/webhosting
 
 
 
 
 
  -
  Sucker-punch spam with award-winning protection.
   Try the free Yahoo! Mail Beta.




 Ready
 for the edge of your seat?
 Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.
 http://tv.yahoo.com/



[Urang Sunda] Re: [gankleboy] KONGRESS KUSnet Kaping 13 Mei 2007, Di Jl. Rajamantri Kaler No.23 Buahbatu Bandung

2007-05-13 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam wr. wb.
hatur nuhun ka kang Toni anu parantos medar hasil kongres dinten
kamari di bumina MJ, oge teu hilap kanggo MJ salaku shohibulbaith kana
panampianana mugia Allah Swt ngabales sagala kasaean ieu ku amal nu
manglipet gandaamin.
teu hilap oge ka baraya kusnet (US) anu parantos nyempetkeun waktos
kanggo sumping, atuh kanggo anu teu sempet sumping ngahaturkeun kana
pido'ana Alhamdulillah naon dipharep ku urang sadaya tiasa
kalaksanakeun kalayan lancar, mudah-mudahan naon anu parantos ku urang
dilakonan salamina aya dina ridlo Allah sareng kenging maghfirah ti
Allah Swt...amin.

sakedik bade nambihan, kanggo HBH kapayun insya Allah bade disarengan
ku Bakti sosial kanggo masyarakat sabudeureunana dimana HBH
dilaksanakan ku mangrupi ngabagikeun paket sembako ka masyarakat anu
kirang mampu dina segi ekonomi, kumaha prakprakanana insya Allah bade
didugikeun saenggalna margi hal ieu masih dina tahapan usulan
mudah-mudahan tiasa kalaksanakeun.

Kanggo pelaksanaan HBH insya Allah baris dilaksanakeun dina ping 27 -
28 Oktober 2007 dinten saptu - minggu (dua minggon saatos boboran Idul
Fitri) mudah-mudahan teu aya parobihan waktos.

sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana sagala perhatosanana...

wassalam,

kkbm'69
(Pupuhu HBH 2007)


Re: [Urang Sunda] KONGRESS KUSnet Kaping 13 Mei 2007, Di Jl. Rajamantri Kaler No.23 Buahbatu Bandung

2007-05-13 Terurut Topik kang boim
Hatur nuhun teh Ika,
punten sim abdi wangsul rada rurusuhan margi aya uleman tabuh 13,30 nu
kedah diluuhan, perkawis tempat rupina mah rada condong ka palih wetan
alias ka Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung Jatinangor sok sanaos
aya masalah sakedik dina transportasi (angkutan kanggo ka lokasi) tapi
pami tos janten kasapukan mah insya Allah tiasa diusahakeun ku pihak
panitia HBH perkawis angkutan mah janten engke aya kendaraan anu
standby kanggo ngangkut baraya anu teu nganggo/nyandak kandaraan ka
lokasi HBH.

sakitu panginten anu kapihatur, hatur nuhun kana bantosanana...

kkbm'69


On 5/14/07, ika mardiah [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Kang Toni oge baraya sadayana.
   Punten kuring karek datang ka Rajamantri tabuh 14.30.
   Perkawis tempat HBH, manawi teh tos paheut di Bumi Perkemahan Mashudi
 Kiarapayung, Jatinangor? Gening masih keneh 3 lokasi nu diajengkeun?
   Kaleresan kuring nu kawitna ngusulkeun Dago Resort, mung saatos dicek,
 mung tiasa nganggo aula wungkul, janten teu aya kanggo nginep. transportasi
 sesah. Janten kedah tos dicoret tina daftar.
   Upami Bumi Kitri sareng Bumi Perkemahan Mashudi, usulan ti Kang Dede
 Mariana.
   Bumi Kitri aya aula sareng tempat nginep. Lokasi di Cikutra, transportasi
 gampang, mung cenah di kota teuing, upami bade aya acara bakti sosial rada
 sesah, nginep bayar.
   Pilihan nu ceuk abdi mah rada pantes, nyaeta di Bumi Perkemahan Mashudi.
 Eta oge nu kamari katangkep ku kuring, salaku tempat nu bade dipilih,
 jalaran tempatna di gunung, caket sareng masyarakat, ngan rada sesah
 transportasina, teu aya angkot dugi ka gunung.
   Ieu mah mung pendapat abdi, mangga nyanggakeun.
Baktos,
   -ika-


Re: [Urang Sunda] Re: kongress yuuu...Bdg 13 Mei 07 (Ngemutan deui...)

2007-05-10 Terurut Topik kang boim
Baraya sadaya!!!
sim abdi seja ngemutan deui reh KOPDAR bin KONGRES di Bandung teh
kantun 2 poe deui sareng ayeuna, kukituna ka baraya anu bade ngringan
bin hadir diantos kasumpinganana, insya Allah ari acara nu pokona mah
bakal dingawitan tabuh 10.00 teng dugi ka rengse, mangga diantos di.
Jl. Rajamantri Kaler No.23 Buahbatu Bandung (bumina MJ sagedengeun SD
Putraco).
teu hilap ngahturkeun nuhun kanu parantos daftar, atuh teu cios
ngiringan oge teu sawios mudah-mudahan kapayuna tiasa ngiringan, kanu
teu acan daftar bin konfirmasi mangga diantos, atuh bade langsung
sumping oge langkung sae sok ulah isin-isin komo ngisinkeun mahda
acarana moal sarius urang 3S saja (Sosonoan Santai Sukses ) hehehe...

cag...ah, nuhun.

kkbm'69

 dugia ka wayah kieu nu parantos konfirmasi bade sumping dina kongres
ping 13 Mei nyaeta :
 1. kang Toni (bekasi/Bandung)
 2. kang Dedih (Jakarta)  teu cios
 3. teh Egi (Bandung)
 4. ua Sas (Bandung)
 5. Atet (Bandung)
 6. Bagja, abah  ambuna, manawi pareng (Jatinangor)
 7. Waluya (Bandung, Manawi pareng, geus 6 poe diimah wae ...kudu
istiraha cenah)
 8. Agus Pakusarakan ( teu cios aya urusan keneh di RSUD batang jawa tengah)
 9. LYGIA NOSTALINA
10. neng Nining (Jkt / Bandung)
11. neng Rini  (Jkt / Bandung)
12. teh Imas (Jakarta)
13. kang Dikdik (Jkt)
14. neng Giawati /Gege (Bekasi)
15. neng Iva (Bandung)
16. kang Ndoel (Jkt)
17. kang Eddy... (Bandung)
18.  (saha deui sok ngacung..)


Re: [Urang Sunda] kongress yuuu...Bdg 13 Mei 07

2007-05-09 Terurut Topik kang boim
kang Budhi...,
ngiring belasungjkawa mugia tuang putra sing enggal dipaparin kakiatan
dina mayunan ieu cocobi ku Allah Swt kalayan mugia enggal sehat deui
sabihara-sabihari deui..amin.

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Zakat hadiah

2007-05-09 Terurut Topik kang boim
wilujeng kang Yul, mudah-mudahan akang anu tinekanan...
kanggo zakatna mah kaluarkeun bade 2,5 % tina ageungna eta hadiah
teras salurkeun ka fakir miskin atanapi kanu hak nampina (anu 8 asnaf
tea)

wilujeng!!

kkbm'69


On 5/10/07, Yuliadi [EMAIL PROTECTED] wrote:

 http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/msgId=115567/stime=1178768327/nc1=4438979/nc2=3848644/nc3=3848569
   Perusahaan tempat kuring gawe, isukan rek mere sesuatu ka anu boga
 prestasi.
 kinerja nu alus dina hal safety, cost saving jrrd
 hadiahna nyaeta munggah haji ka Mekah.
 Patarosan : Zakat ngeunaan hadiah, kumaha unina?

 (pangdu'akeunnya)




Re: [Urang Sunda] wilujeng ka kang SBY-- EUweuh Harepan

2007-05-07 Terurut Topik kang boim
Parpol teh geuning lolobana mah mentingkeun indviduna sorangan...lain
mikiran keur kapentingan rahayat, teu cara lamun keur kampanye nya
matakna SBY oge pusing jeung lieureun jeung serba salah lengkah
akhirna sok ragu-ragu nyieun kasimpulan atawa nyokot
lengkah...hehehe...

kkbm'69


On 5/8/07, surtiwa surtiwa [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Euleuh geuning aya anu ngawitan ngaraos yen kahirupan
 urang teh nya dikekewek ku Parpol !!!


Re: [Urang Sunda] kongress yuuu...Bdg 13 Mei 07

2007-05-02 Terurut Topik kang boim
Teh Egi.,
mangga diantos..., pan hoyong tepang sareng abdi sanes...? hehehe...

dugia ka wayah kieu nu parantos konfirmasi bade sumping dina kongres
pin 13 Mei nyaeta :
1. kang Toni  (bekasi/Bandung)
2. kang Dedih (Jakarta)  tentatif
3. teh Egi (Bandung)
4. ua Sas (Bandung)
5.
6.
7.
8.
9.
10.

Mangga nu sanesna diantos tong isin-isin ngacung saja, tuuh saur MJ
oge tong serius teuing alias nyantai sajahehehe...

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Anggota enggal

2007-05-01 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam...wr,wb.
haturan neng Evi wilujeng linggih di lembur babakan Kusnet, teu hilap
nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang/Bandung ayeuna nuju
aya di Bandung.
mangga tong isin-isin bilih aya nu bade didugikeun naha soal
pangalaman hirup atanapi nu sanesna tapi satiasa-tiasa kedah ngangg
basa Sunda wios tag teg tog bin kasar oge keun soal lepat mah engke
oge bakal aya nu ngalereskeun, pan namina oge nuju sami-sami diajar
saneshehehehe

prungah.!!!

wassalam,

kkbm'69



On 5/2/07, evi e [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Assalaamu'alaikum Warahmatullaah,
 Nepangkeun.  Sim kuring anggota enggal. Wasta Evi Ermayani.  Asli mah
 ti tasik, ageung di Cilegon, SMA ka tasik deui. Ayeuna Ngumbara di
 Jakarta.
 Hoyong ngiringan Ngobrol sareng urang sunda nu saurna aya dimana-
 mana..

 Salam,

 Neng Epi :-)




Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama

2007-05-01 Terurut Topik kang boim
Haturan bah DP lan baraya sadaya,
ari sim abdi asup kana golongan mana nya...? da umur mah rarasaan
karek nincak kapala tilu tapi ari sumanget mah masih keneh kapala hiji
atawa dua...hehehe..
sok ah...didieu mah teu aya nu ngabatesan ku umur sadayana sami bade
kolot bade budak nu penting elmu mah timana wae oge asal aya manfaatna
pikeun urang sarereasanes kitu nya...hehehe

baktos,

kkbm'69
-kuncen pangais bungsu (# 7 )


Re: [Urang Sunda] kongress yuuu...Bdg 13 Mei 07

2007-05-01 Terurut Topik kang boim
Hatur nuhun MJ,
tadina bade diwawarkeun pasisiang tapi geuning tos kapiheulaan ku MJhehehe..
mangga ka baraya US dimana ayana diantos kasumpinganana dina dinten
Ahad bin minggu binti sunday ping 13 Mei 2007 di Jl. Rajamantri Kaler
No.23 Bandung Buahbatu ti tabuh 07 enjing-enjing dugi ka bosen cenah
saur MJ mah...hehehe...
hayu urang ngariung bari silaturahmi + kongres...hehehe(kaci bari
bebekelan naon wae nu penting manfaat komo tuangeun mahhehehe)

nuhun,

kkbm'69
-ka baraya nu bade hadir tiasa konfirmasi ka sim abdi di No Hp.
08122397090 atanapi 022-70132444

On 5/2/07, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
 ka baraya kusnet, kanu salse oge kanu hoyong tepang sareng baraya sanesna,
 mangga diantos kasumpinganana
 dinten ahad minggu sunday

 ping 13 Mei 2007

 waktos; sakabujengna we. nya ti jam 7 dugi ka bosen, jam lima genep magrib
 kaci.

 acara mah silaturahmi bari silatutug ngampar samak.nu ageung teuing
 salirana, teu kuat sila lila, aya korsi.
 eusi acara mah kongress we, ngawangkong teu beres-beres tea.

 acara matuh munggaran -utamana kanu teu acan wanoh- nya wawanohan.

 tempat, Jl. Rajamantri Kaler 23 Buah Batu Bandung



Re: [Urang Sunda] Saba Bandung

2007-04-30 Terurut Topik kang boim
kang Irwan,
leres sakumaha anu didugikeun ku kang WAG, ti Jl. Tol Cipularang
teraskeun ka Jl. Tol Padaleunyi teras ka luar pintu Tol Pasteur,
tidinya ka luar deui pintul Tol Baros (mengkol ngenca) saparantos ka
luar pintu Tol Baros bakal mendak pertiluan (pertelon) anu ka kenca
terasna ka Baros/Cimahi anu ka katuhu terasna ka Leuwigajah, kitu
panginten pami jelasna mah mugia tiasa ngabantos,

nuhun,

kkbm'69


On 4/30/07, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Waalaikumsalam Wr. Wb.

   Atuh gampil upami bade ka Leuwigajah mah, tol Cipularang sambung ka tol
 Padaleunyi engke mengkol anu bade ka Pasteur mung kahade bae ulah
 gancang-gancang engke dipalih kenca aya pintu tol kaluar ka Cimahi.
   Kaluar bae tidinya terus belok ka katuhu dugi ka pertelon. Tah eta
 pertelon teh tos lebet leuwigajah eta mah kantun naroskeun bae naha bade
 belok kakenca atanapi ka katuhu.

   Baktos,
   WAG


Re: [Urang Sunda] Gering, pidu'ana keur bapa kuring. nuhun

2007-04-29 Terurut Topik kang boim
Alhamdulillah...
nuhun pami tos aya kamajengan mah, mugia tuang rama sing enggal damang
sehat jasmani kalayan rohani sareng ditebihkeun tina panyawatna ku
Allah Swtamin.

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Kahatur para Kuncen

2007-04-26 Terurut Topik kang boim
wa'alaikumsalam...
Mangga kang WAG ku abdi bade diulem ayeuna keneh...tapi boa parantos
diulem ku kuncen sanesnahehehe

kkbm'69


On 4/26/07, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
   Mugia para kuncen aya dina hibar kawilujengan.
   Bade nyuhunkeun tulung yeuh wirehna pun alo sareng rerencangan nana hoyong
 ngiring ilubiung di ieu babakan, kukituna punten tah pangangkirkeun, ieu
 alamatna  [EMAIL PROTECTED] dan [EMAIL PROTECTED]
   Hatur nuhun.

   والسّلام
   WAG



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* Your email settings:
Individual Email | Traditional

* To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)

* To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED] 
mailto:[EMAIL PROTECTED]

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Re: [Urang Sunda] KTP

2007-04-26 Terurut Topik kang boim
kang Agus...,
ceuk sim abdi mah ulah waka nyalahkeun batur, coba introfeksi heula ka
diri urang...
- naha basa rengse nyieun KTP jeung KK teu dipariksa heula saacana
ninggalkeun kantor kacamatan..?
- terus basa rek menerkeun naha urang ngabejaan heula ka eta patugas
mana nu salahna...?
coba ah...sing taliti jeung tarapti nyapunten sanes rek ngabelaan
pagawe kacamatan nya...hehehe (da wawuh ge heunteu.hehehe)

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Lalampahan KOPDAR 14 April 2007 di Jl. Langsat tea..

2007-04-26 Terurut Topik kang boim
haturan kang Agus, kumaha wartosna tuang rai (bojo) teh...?
mudah-mudahan parantos sehat nya...
kanggo acara kongres di bandung insya Allah dina sasih Mei, kanggo
katangtosanana ke diwartosan deui (diwawarkeun di babakan). Ari
kawitna ma bade akhir April ayeuna mung kaleresan aya acara ngadadak
anu teu tiasa dikantunkeun, hatur punten kasadayana...

cag...ah, nuhun.

kkbm'69
-kanggo tempat insya Allah moal di hotel...hehehe...


On 4/26/07, Agus K PAKUSARAKAN [EMAIL PROTECTED] wrote:
 punten ah nembe ulubiung deui.. karek bisa muka internetna

 ari kongres bandung iraha acarana kang im?

 teras kanggo HBH, mun bisa entong di hotel lah... teu bisa mayarna..
 di perkemahan cigana bisa lah.. aya keneh tenda urut pramuka baheula


Re: [Urang Sunda] Mulih ka jati mulang ka asal...Dr. Sri Hartati Hatmadji

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Innalillahi wa inna ilaihi roji'un...
mugia almarhumah ditampi iman Islamna, dihapunten dosa sareng
kakhilafanana kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam
kuburna...amiin.

baktos,

kkbm'69


On 4/24/07, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote:

 Dr. Sri Hartati Hatmadji (65th), dosen di fakultas
 Ekonomi UI, ogen janten Ketua Lembaga Demografi UI.
 Saur Pun Bojo mah Bu Hartati teh kantos janten
 Sekretaris Menteri Pemberdayaan perempuan jamanna
 Chofifah Indar Parawangsa sareng Menteri Sri Redjeki.
 Pupusna teh sabada shalat Isya, teu aya anu diraos
 naon-naon.

 Alamatna nyaeta di Kompleks Badan Meteorologi 
 Geofisika, Jalan Perhubungan II/6 Pondok Betung -
 Bintaro - Tangerang. Telpon 021-7353472


[Urang Sunda] Re: [gankleboy] Lutung Kasarung

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Hahahahaha...!!!
hahahahahaa.!!!

aya pais lutung.!!!

kkbm'69


On 4/24/07, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Lutung Kasarung
 Neng!
 Kah!

 Ehemehemehem!
 Tuhnya nembe nyarios si abah tos kadangu dedehem, enggalan ka lebet sarung
 A!
 EuisssEusss...dimana nya si Euis teh, diteang dijobongna suwung ?
 Ieu abah abdi mah di pengker, kadieu wae peryogi mah!
 Euleuh...geuning bet aya diluhureun paranje, nya gawe naon?
 Puguh abah, nuju maturan si pelung, resep ku sorana!
 Ke...ke..ke..lain aambeuan abah wae kitu ieu teh, asa bau sakadang lutung?
 Teu ngabibisani abah, leres pisan bau lutung, malihan apan lutungna ge tos
 aya dilebet sarung. Bongan lutung ieu mah lutung cunihin wantun lukutak
 leketek ka Euis!
 Baruk! Kabeneran atuh Euis, geus lila abah teh hayang pais lutung, isukan
 langsung we asakan nya!
 Sumangga atuh Abah, sapalih urang dengdeng, pelem geura!

 SR





[Urang Sunda] PERSIB vs PERSIJA

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Baraya,
Score saheulanan2 : 0 keur PERSIB

meunang euy!!! Hidup PERSIB.

kkbm'69
-nu ngagolkeun kang Nyek jeung Bekamenga...


Re: [Urang Sunda] sepak bola

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
teh,
sementawis PERSIB kenging 2 : 0

kkbm'69



On 4/24/07, iimasih [EMAIL PROTECTED] wrote:


 Kang kumaha ayeuna persib teh ngalawan musuh bubuyutan, tah kumaha saur
 akang2 persib teh kawon atanpi kenging, mugi urang tiasa ngaduakeun
 mudah2an persib sing aya dina kalancaran. Sareng hujanna ageung pisan.
 da simkuringmah urang Bandung pasti ngaduakeun ka PERSIB bae ambeh
 bandung teh harum kuayana persib kenging.




Re: [Urang Sunda] sementawis 3-0

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Sementawis PERSIB unggul 3-0 ti Persija kang

kkbm'69


On 4/24/07, Iskandar [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Sementawis PERSIB unggul 2-0 ti Persija



 ---
 Mari bergabung dalam e-community kami di www.manggamuda.com .  Kamu akan
 bertemu teman-teman baru, berbagi cerita, mendapatkan info-info menarik dan
 masih banyak lagi hal-hal menarik lainnya.  Tunggu apa lagi, buruan ke
 ManggaMuda!!! See you there :)
 ---



Re: [Urang Sunda] sepak bola

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Ndud...!!
kumaha bejana ari PERSES ayeuna nya?
geuning di divisi 2 oge euweuh bejanaehmm.kieu ath ari euweuh
nu ngaluluguan teh

kkbm'69



On 4/24/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 persib nepi ka menit 24 masih meunang 2 gol. gol-gol nu disayangkeun ku eka
 ramdani jeung c. beckamenga. mun ningali kana permaenanna mah jigana gul-gul
 sejenna bakal nyusul. komo persija maenna dihandapeun permaenan
 pangalusna...

 hidup persib eh perses ;D

 dh


Re: [Urang Sunda] sepak bola

2007-04-24 Terurut Topik kang boim
Ndud...,
ari kalaut mah sigana acan da geuning sok aya keneh ngiluan piala
suratin anu yuniorna mah, ngan anu seniorna teuing kamana...?
kungsi ngiluan di divisi 2 wilayah jabar tapi elehan...hehehe

kkbm'69
-baheula kungsi boga klub maen ball tapi saprak sakola ka dayeuh
euweuh nu neruskeunhehehe


Re: [Urang Sunda] nepangkeun

2007-04-23 Terurut Topik kang boim

Haturan kang Iwan bin iwonkhehehe
wilujeng sumping di lembur babakan Kusnet, sok der ah,...geura ngadu bako
bari ngopi...!
teu hilap nepangkeun sim abdi Iim (boim) kawit ti sumedang/bandung, ayeuna
nuju aya di bandung kaler...heheheh
kang Iwan nyerat bager kedahna bageur, nuhun (punten ah...).

cag..ah,

kkbm'69
-tah geuning aya urang balai selulosa anu di palasari nya...hehe

On 4/23/07, Iwenk bager [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Assalamualaikum wr.wb.
kahatur baraya kusnet sadaya..
nepangkeun simkuring iwan mung rerencangan mah sok nyebat iwonk
kaleresan rorompok simkuring di banjaran, bandung nyingcet sakeudik..,
alhamdulillah simkuring tos dipercanteun kunu kawasa Gusti Alloh SWT
dipasihan yuswa 27 taun, upami kasab mah simkuring di selulosa.
hatur nuhun kasadayana
wassalam

--
Ahhh...imagining that irresistible new car smell?
Check out new cars at Yahoo! 
Autos.http://us.rd.yahoo.com/evt=48245/*http://autos.yahoo.com/new_cars.html;_ylc=X3oDMTE1YW1jcXJ2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3LWNhcnM-

 



Re: [Urang Sunda] Calageurr???

2007-04-23 Terurut Topik kang boim

Wa'alaikumsalam...,
kang Nugraha, biasa lamun urang Sunda mah dimana nyemah atawa wawanohan
teh sok nikukur timimit ngaran, asal muasal, pagawean, jeung ayeuna keur aya
dimana sangkan anu diajak wawanohan gampang wanohna...hehehe.(sok anu
langkung jelas wawanohanana)
nepangkeun sim abdi Iim (boim) kawit ti sumedang/bandung ayeuna nuju buburuh
PANGAB... di Bandung kaler...

cagah,

kkbm'69

On 4/23/07, M. R. Nugraha [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Assalamu'alaikum,
Kumaha daramang urang sunda Salam pang wanoh wae ti sim kuring
urang Ciamis

 



Re: [Urang Sunda] Dongeng US-di-NYC

2007-04-23 Terurut Topik kang boim

Haturan abah Joe,
ehmmm...kumatak waas nya dipangumbaraan nu jauh kasintung kalapa panggih
jeung baraya US bari jeung mintonkeun kamonesan khas US tambah waas sareng
bungah nya Bahhehehe.
bah..., eta kang Sandy A Latief teh pami teu lepat mah urang babakan Kusnet
oge mung ayeuna asa tos lami teu ngelol ka lembur nuju pakepuk sigana
mah
wilujeng bah geuning tos sehat nya ayeuna mah..., mugia salamina abah Joe
sakulawargi aya dina panangtaungan Allah Swt...amin.

cag...ah, nuhun.

incoe Abah tea...

kkbm'69 (Iim bin boim)

On 4/23/07, mangsinggih [EMAIL PROTECTED] wrote:



Kamari ieu, poe Jumaah Mei 20,2007 aya pertemuan perpisahan Duta
Besar Jenie gegedugna PTRI, lain PT. Rep. Indonesia tapi Perutusan
Tetap Rep. Indonesia di PBB. Duka kumaha bet si Abah kabagean jatah
undangan. Da teu boga jabatan, ngan saukur titel Drs., eta oge Drs.
tina Dirumah Sajah. Da geus pangsiunan tea.

Nya jug we si Abah jeung Ambu duaan kana Bus Kota ka Manhattan, East
38Th Street. Nya pedah kana Bus Kota tea, teu bisa muguhkeun jam.
Sakapeung sok elat sakapeung sok ngatileuhaan batur.

Nya sup we ka ruangan tempat perpisahaan' tea, Teu lila nya acara
oerpisahan dimimitian. Nya keur anteng ningali Dubes keur Pidato,
aya budak ngora. Kasep, gagah, buuk cepak. Pasti tangtara yeuh. Ngan
kabeneran anjeuna make baju dinas, baju bodas, aya tanda jasana 6
atawa tujuh meureun, Luhureun tanda jasa aya jiga wing, terus
luhureunna aya tanda Korp Komando. Teu salah deui ieu mah Marinir.
Barang direret, eta pelat ngaran dina dada ngajepat, Sandy A. Latief.

Nya teras we nongton, siga sinetron di panggung. Nya ngadongengkeun
Dubes waktu keur ngora jadi mahasisa Kami. aya ku rame deuih. Oge da
ceuli US, bet asa-asa eta anu dipanggung, boh ngabodor jeung aksi
peupeuleukeuk asa sarua jeung sim kurin keur ngora.

Nya tataros, ari pek teh, anu ageung dikopeah urang Tasik. Eta anu
ngawilan jadi Ketua Partey Gurem urang Ciamis, Anu jadi Dubes keur
ngora urang BAndung. Nya patesan atuh rame pisan. Da urang sunda
kabeh anu memegang peranan dina sisinetronan teh geuning.

Bener oge, US teu perlu Pangguyuban. Ngumpul pira ge lima US geus
rame kitu. Komo deui mun sapuluh duapuluh ngunpul.
Jeung deui sanes nu dipanggung wungkul US, anu jadi penonton ge
seueur US-a, Kepala BI, Kepala BNI, Kepala BRI aya dua tiluna anu
digawe di UN Skertariat. Nya tangtuna teu tinggaleun sesepuh US di
NYC, si Abah Joe. Lain sesepuh wae, geus sepuh deuih. Mun leumpang
ajeg, heuras. Aya nu ngaharewos, si Abah Joe mah kolot-kolot tapi
heuras keneh. Enya nu heuras teh iteukna, atuda tina aluminium,
nya tangtu wae heurasna teh.

Abah Joe, naha eta teu tibalik subject-na. Lain NYC anu di US mah,
geuning ieu mah US di NYC.
Bener mun US hartina United Satets mah, tapi US ieu mah
hartina Urang Sunda pan.

Abah Joe

 



Re: [Urang Sunda] Falsafah buah

2007-04-19 Terurut Topik kang boim
Hahahaha
buah nu ka 7 jeung 8 dalapan patoja'iah nya tapi manfaatna samihehehe..
nuhun kang WAG...

kkbm'69
-keur rada linu keneh oge ngenah seuri...hehehe


On 4/19/07, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Baraya, ieu aya oleh-oleh ti tatanggi sapalih.

   Falsafah Buah

Loba manfaatna; siga buah dada, sajaning mangfaat jadi sumber giji keur
 budak oge bisa jadi alat rekreasi keur bapana budak (he he he he).
Hiji deui yeuh nyaeta ulah iri hate; siga buah ., sanajan baturna mah
 suka bungah dijero, manehna ma sabar caricing bae diluar.
 (ha ha ha ha) keun bae teu rame oge pokona mah seuri bae bongan siga
 kang Syam teu bisa-bisa gening.

   Cag ah,
   WAG

  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Re: [Urang Sunda] Pileuleuyan Ust. Husein Umar

2007-04-19 Terurut Topik kang boim
Innalillahi wa inna ilaihi rojiun...
mugia almarhum ditampi iman Islamna, dihapunten sagala dosa sareng
kakhilafanana kalayan dicaangkeun tur dilegakeun di alam
kuburna...amin.

nuhun wartosna,

kkbm'69


On 4/19/07, wawan sukmana [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Innalillahi wa inna lillahi rojiun.

   Wilujeng paturay tineung Ustadz, anjen ngawariskeun sifat-sifat Alm. M.
 Natsir, istiqomah, jujur, jeung tegas.

   Mugia Amal ibadah ajeun di tampi ku Allah SWT.

   Amin


 -
 Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Re: [Urang Sunda] Test

2007-04-19 Terurut Topik kang boim
kang WAG...,
sae pisan mani jelas bin atra pisanhehehe
nganggo program naon kang...?
nuhun.

kkbm'69


On 4/20/07, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Baraya, dihandap ieu sim kuring nyobaan nulis Bismllahirohmanirrohiem make
 tulisan arab kelir hejo, tah kumaha katampina kubaraya naha kaaos henteunya.

   بسم الله الرحمن الرحيم

   nuhun
   baktos,
   WAG




  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* Your email settings:
Individual Email | Traditional

* To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)

* To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED] 
mailto:[EMAIL PROTECTED]

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Re: [Urang Sunda] PNS

2007-04-19 Terurut Topik kang boim
rampes kang Rahid...,
naon anu dipedar ku kang Maman ulah matak jadi nyeri hate kang,
jadikeun wae pamecut atawa pangaweruh pikeun urang. sim abdi reueus
akang geus janten PNS anu mana bisa babakti ka nagara, wilujeng
kang...
Akang ngarasa disapirakeun pedah basa mimiti asup ka babakan Kusnet
teu aya nu ngabagiakeun majarkeun teu cara lamun aya awewe asup
langsung pada nyambut, nya hapunten wae atuh, keun ku abdi ayeuna
dihaturanan linggih atuh dibabakan Kusnet mugia betah tumaninah sareng
ulah pundungan nyahehehe...(ku diaprovena email akang ka Kusnet
eta hiji tanda akang geus disabut kalayan daria ku ki kuncen ngan teu
pok wungkul)
teu hilap nepangkeun sim abdi Iim (Boim) kawit ti sumedang/bandung
ayeuna keur buburuh jadi kuli di Bandung.
eh...ari akang saha nu saleresna sareng kawit ti mana?
cag...ah, nuhun kang.

kkbm'69


On 4/20/07, arahid_76 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan
 aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring
 pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu
 ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe
 langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong
 disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik
 perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung
 sastra sunda.rampes.




Re: [Urang Sunda] Laporan [EMAIL PROTECTED]

2007-04-18 Terurut Topik kang boim

Assalamu'alaikum wr, wb.
geuning rame nya soal HBH teh...hehehe...
pamendak sim abdi keur sementawis acara HBH urang lakonan sakumaha mistina
wae sakuma anu geus dilakukeun samemehna bari aya paningkatan boh dina acara
atawa dina kagiatanana anu sakirana kadada jeung kaduga ku urang sarerea. da
diheunteu-heunteu oge urang teh pan kaiket ku pagawean sapopoe nu penting
dina prungna kudu sauyunan silih bantu sangkan naon-naon nu jadi udagan dina
HBH laksana pan intina silaturahmi jeung papada baraya nu salila ieu ukur
panggih di alam maya.
Soal gawe bareng jeung pihak UNPAD (kang Ganjar) lain sim kuring teu satuju
tapi dina hal ieu sim kuring boga pamikirian keur saayeunaeun mah sigana can
bisa kalaksanakeun.
naon sababna...?
Sakumaha anu urang sakabeh pada terang pan  kang Ganjar teh bulan nyangking
kalungguhan jadi rektor Unpad na teh can lila bisa karek sapanyepahan ceuk
paribasana mah, keun saheulaaneun mah ulah waka diganggu sina ngalaksanakeun
heula nu jadi programna, lamun sakira geus nyukupan waktuna kakara urang
bisa ngabadamikeun kira-kirana naon anu bakal digarap dina gawe bareng
Kusnet jeung Unpad dina migeuykeun ki Sunda, naha diskusi panel atawa nu
liana jeung sabisa-bisa mah waktuna ulah bareng jeung HBH sangkan fokus
jeung puguh udaganana
dina HBH nu bakal datang sim kuring insya Allah aya rencana hayang ngayakeun
baksos sakumaha anu dilakasanakeun basa HBH di Cibatu Garut tapi sistem
atawa carana beda, nyaeta ku jalan ngabagikeun paket sembako ka baraya
pikeun dulur urang anu sakirana kurang mampu dina segi ekonomi nu aya di
sabudeureun tempat dimana HBH diayakeun dina poe ka duana.
timana dana cenah...? pikeun dana atawa waragadna kumaha lamun dilelang ka
baraya nu aya di kusnet, harga sapaketna misalna 50.000 rupia minimalna
meuli sapaket, maenya wae diantara baraya aya nu teu kersa pan ieu teh salah
sahiji cara pikeun migeuykeun ki Sunda ka masyarakat sanes...?
hal ieu karek mangrupa usulan kitu oge lamun disaluyuan ku sarerea, bisa wae
ditolak atawa diganti ku hal anu liana jeung deuih susunan panitia HBH na
oge can lengkep...hehehe.

Sakitu pamendak sim kuring keur saheulanan mah, ieu maksakeun ka warnet
sabab masih keneh aya nu karasa sabada ngalaman pendarahan akibat tina
dicabut sakadang waos poe kamari...

cag...ah, punten bilih aya lepat tur kirang merenah...nuhun.

kkbm'69



On 4/18/07, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Enya, baheula basa UPI ngayakeun pasanggiri ngadongeng, maca
pupuh jeung sajabana, kuring lalajo. harita teh jeung Kang Iim,
Teh Ika, oge Kang Soni. Kungsi ngobrol jeung Pak Ano Karsana,
oge Pak Tatang (putrana Mang Koko). Jadi apal oge dedeganana
Wa Kepoh teh.

Nu jadi panitia jeung bunitiana nya mahasiswa. Bener ceuk Kang Runa,
mahasiswa mah garede gawe-na, daraekan jeung barisaan, kaasup Kang
Adit. Salian ti ngayakeun pasanggiri, oge aya bazaar buku, dahareun
oge karajinan sagala rupa.

Atuh bilih peryogi, mangga ka Panitia : Kang Iim + Kang Oni
saparakanca meredih ka barudak UPI ngalangkungan Kang Adit atanapi
Neng Anit. Komo kagiatan anu aya pakuat pakait sareng Kasundaan mah.
pasti kersaeun ngabantuan.

Kang Adit, hatur nuhun sateuacana.

-dul-
tukangteuing

--- In urangsunda@yahoogroups.com urangsunda%40yahoogroups.com, A
Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:

 punten, sanes bade ngarewong. pogot pisan padungdengan tehasa
ku kataji. kang Runa sareng kang Yani gaduh ideu2 cemerlang.. ceuk
simkuring lebar pami teu dilaksanakeun mah. gawe bareng sareng
mahasiswa mangrupa hiji cara pikeun ngungkulan pasualan teknis. Kang
Doel kapungkur kantos ka UPI, kumaha pami ka UPI deui,,Insya Allah
ku abdi ditepangkeun sareng nu kinten2 kersa gawe bareng (gawe
bareng tanaga ...heuheu).
 wangun sosialisasi Kusnet, pasanggiri, seminar, dugika promosi
buku sareng HBHna nyalira bawiraos tiasa lumangsung. sugan bae HBH-
na janten HBH nu langkung HBH batan HBH-HBH nu sanesna,,heuheu

 K7/P1 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 He...hekmh kang Yani, upami anu janten KORLAP
(Koordinator Lapanganana) Kang Yani?
 Sapuk lah abdi mah upami KORLAPna Kang Rawyani teh. Ide2na
cemerlang.

 On 4/17/07, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
wrote: Uapmi nilik tempat sareng panata calagra ti
Bandung,
 Insya Allah asana mah tiasa kalaksanakeun. Sareng
 ceukpangemut sim kuring mah, ieu teh hiji tantangan
 pikeun kang Bo'im (Iim) saparakanca, kumaha sangkan
 HBH 2007 beda ti HBH taun-taun tukang.

 Usulan sim kuring, asana mah teu sesah, ngempelkeun
 seratan kang Ganjar Kurnia, naha di milis, di media
 atanapi di Unpad, anu eusina aya pakit sareng
 Kasundaan. Dikempelkeun, diedit teras didamel buku.
 Pami peryogi mah sakantenan wae, makalah Kang Ganjar
 waktos presentasi di payuneun Senat Akademik Unpad,
 sabage calon rektor Unpad. Pasti kang Ganjar masih
 nyimpen. Sakantenan ngamasyarakatkeun konsep, visi
 sareng misi Rektor Unpad. Saha anu ngordinasina?
 Nya, urang Bandung anu caket ka kang Ganjar. Masih aya
 5 bulan deui ka HBH, asana teh cekap kanggo ngadamel
 buku.


Re: [Urang Sunda] Laporan [EMAIL PROTECTED] urang pelesir yuu...!

2007-04-18 Terurut Topik kang boim
Sim abdi salaku anu dina HBH nu bakal datang diamanah janten pupuhu,
insya Allah HBH nu baris datang engke bakal disesuaikeun sareng
kondisi oge kamampu ti pihak panata calagra mudah-mudahan aya
perobihan atanapi paningkatan tinu atos-atos, perkawis usulan sangkan
midamel agenda acara salami HBH engke insya Allah bakal diestokeun
pisan.
Pami teu aya pamengan dina ping 29 April (dinten minggu) di Bandung
baris ngayakeun silaturahmi pikeun nyawalakeun hasil silaturahmi di
Jakarta (dina ping 14 April) ngenaan tatahar pikeun HBH nu bakal
datang engke boh dina susunan kapanitian atanapi nu laina. Mung
perkawis kanggo tempat silaturahmi kanggo ping 29 April di Bandung teu
acan aya katangtosan nu pasti margi sim abdi teu acan konfirmasi deui
ka MJ sareng Ua Sas, insya Allah telatna dina minggon payun (dinten
Senen) perkawis tempat tos aya katangtosan sareng bakal diwawarkeun di
babakan (kusnet).
Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka baraya sadaya anu parantos usul sareng
sumbang sarana kanggo HBH nu bakal datang, insya Allah sadaya usul
atanapi sarana bakal janten pertimbangan kanggo panata calagra HBH
pikeun ngalengkah, teu hilap oge ngahaturkeun nuhun ka baraya anu
parantos nyanggeuman kasiapanana pikeun janten bagian tina panata
calagra (panitia) HBH  engke pikeun lumangsungna HBH kalayan sukses
jeung lancar.

sakitu anu kapihatur, ageung lumur jembar pangampura ti sadayana
nuhun.

kkbm'69
(pupuhu HBH 1428 H / 2007)
-Insya Allah HBH ayeuna baris di ayakeun di tempat anu sakirana tiasa
tur gampang kasaba ku baraya sadaya


[Urang Sunda] Lalampahan KOPDAR 14 April 2007 di Jl. Langsat tea..

2007-04-15 Terurut Topik kang boim
Assalamu'alaikum wr, wb.
Baraya...,

Alhamdulillah..., acara silaturahmi Kusnet  (Kopdar) di Jl. Langsat
Jakarta poe saptu kamari geus lumangsung kalayan lancar jeung
nyugemakeun.
nu hadir dina acara ieu kaitung rempeg jeung loba barayanu anyar
panggih jadi teu eta deui eta deui..hehehe..(nu hadir aya 21 urang
baraya...)
sim abdi kaasup nu datang pang ahirna sabab lalampahan ti Bandung
lumayan rada lila kapegat ku macet jeung deuih indit ti bandungna oge
jam hiji-an...beurang.

Moal dicaritakeun soal kumaha ngaleuyana kadaharan mah pokona mah
matak wareg jeung seubeuhlah...(aya kulub cau, kulub suuk, katimus
jrrd)
Intina hasil tina silaturahmi poe saptu kamari teh nyawalakeun soal
tatahar keur acara HBH (Halal Bi Halal Kusnet 1428 H) nu bakal datang,
dina riungan kamari ngahasilkeun kaputusan yen pikeun HBH nu bakal
datang pupuhu HBH diamanatkeun ka kang Iim (Boim) ti Bandung kalayan
salaku wakil pupuhu jeung Bendahara di amanatkeun ka kang Toni Sofyan
(Bandung/Bekasi) jeung teh Imas (Jakarta).
pikeun saheulaan karek ngahasilkeun susunan panitia sakitu heula, keur
galengkepanana insya Allah sabada kongres di Bandung bakal
dilengkepan.

HBH nu bakal datang insya Allah bakal diayakeun di sabudeureun kota
Bandung, atuh pikeun pitempateun acara HBH sakumaha usulan anu geus
asup aya tilu pilihan
1. Dago Resort
2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor

Ancer-ancerna HBH teh baris diayakeun dina tangal 27 - 28 Oktober 2007
(2 minggu sanggeus poe lebaran), ieu can pasti sabab can jadi
kaputusan panitia tapi karek ancer-ancer atawa kira-kira.( hasil
itungan sim abdi)
Insya Allah saatos aya kaputusan panitia anu sifatna tetep, ngenaan
tempat, waktu jeung acara HBH bakal dibewarakeun di milis sakalian
dibuka pendaftaran pikeun saha bae anu rek ngiluan HBH..

Pikeun saheulanan sakitu hasil lalampahan sim abdi dina acara
silaturahmi baraya Kusnet (Kopdar poe Saptu di Jl. Langsat Jkt), teu
hilap sim abdi ngahaturkeun nuhun ka teh Imas sakulawargi anu parantos
maparin tempat sareng nyuguhan tuangeun sapuratina mudah-mudahan
sadaya kasaean ieu dibales ku Allah Swt janten amal nu
manglipetamin.

cag..ah, punten bilih aya nu lepat...nuhun.

kkbm'69
-hasil salengkepna insya Allah baris dilaporkeun ku kang Ndoel bin
kang Nanang tea...hehehe.


Re: [Urang Sunda] interKATEL!!

2007-04-12 Terurut Topik kang boim
kang Ndud..,
ari intina mah sabab eta katel jeung kaleng susu dipasang USB merk
D-link anu fungsina pikeun nangkep sinyal internet, coba lamun teu
make USB da moal benang eta sinyal teh. Sigana oge di sakuriling
daerah eta aya POP/atawa tower ISP anu make sistem wireless atawa
satelit bin gelombang.
Jeung deuih sok sanajan eta sinyal geus katangkep tapi teu IP adressna
tetep moal bisa ngaakses internetna ukur bisa nangkep sinyalna
hungkul, duka teuing lamun aya nu bocor atawa aya rumus pikeun
ngabobol IP adress nu batur mah sigana biasa ngaakses ogehehehe.
hal kaalaman ku client sim abdi, manehna teu ngahaja keur nyoba antena
jieunan manehna nangkep sinyal interner ISP kuring tapi teu bisa asup
da teu apal IP adressna, antukna manehna daftar jadi client kuring
dina program paket homeNet anu biaya sabulana ukur 350 rebu perak
unlimit tapi sistem share alias dibagi...
tah kitu singkatna mah...sigana nu heueuh...benerhehehe...

cag..ah,

kkbm'69
-jangkauan paket Homenet radius 2 -3 km tina POP tapi gumantung oge
kana alat nu dipake jeung kaayan daerahna...

On 4/12/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 kamari ngadangu cenah kang eko geus hasil nyambungkeun internet ku kaleng
 susu. tah di pamulang mah make katel (ketang keukeuh aya kaleng susuna)
 mangga diilo jeung ditingali di tumbu ieu:

 http://www.pamulang.net/index2.php?option=com_contenttask=viewid=3pop=1page=0Itemid=32

 ngan keur kuring nu awam mah masih teu ngarti. nu jadi pananya kamana ieu
 antena nangkep gelombang internet?

 --
 dh
 ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
 :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
 datiparang.blog.com . deha.wordpress.com



Re: [Urang Sunda] interKATEL!!

2007-04-12 Terurut Topik kang boim
lamu imah anu di jatinunggal enya atuh da can aya jaringanana tapi
bisa make telkomnet instan kitu oge lamun geus aya kabel
talipuna..hehehe..
(tina hp oge bisa ayeuna kang Ndud...)
lain di bogor mah geus aya rt rw net oge kawas wewengkon kang Eko geuning...


kkbm'69


On 4/12/07, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote:
 aduh amun kitu mah masih jajauheun dipake di imah kuring nya bah?
 padahal mah geus bingah amarwatasuta bingah kagiri-giri bakal boga internet
 gratis heuheu


Re: [Urang Sunda] kang Ganjar Kurnia rektor Unpad...(Pelantikanana di tunda deui....)

2007-04-11 Terurut Topik kang boim
Baraya,
aya beja dina koran PR poe ieu (kemis), yen pelantikan kang Ganjar
Kurnia nu geus pasti jadi rektor Unpad ditunda cenah. alesanana mah
pedah aya parobahan agenda juragant menteri pendidikan nasional...,
duka iraha pastina mah.
jeung deui masih keneh beja tina koran PR yen Ketua Pengembangan FKUP
(Fakultas Kedokteran) protes majarkeun proses pamilihan rektor Unpad
aya kacurangan...cenah, samalah geus dilaporkeun ka menteri cenah tapi
can tanggapan nepi ayeuna..., naha pedah jago ti FKUP eleh kitu...?
hehehe...

kkbm'69


Re: [Urang Sunda] Mugia Mulih Kajati Mulang ka Asal

2007-04-10 Terurut Topik kang boim
Innalillahi wa inna ilaihi roji'un...
mugia almarhum ditampi iman Islam, dihapunten dosa sareng
kakhilafanana kalayan dicaangkeun tur dilegakan di alam kuburna ku
Allah Swt...amin.
kanggo kulawarga anu dikantun mugia dipaparin kakiatan sareng
kasabaran dina mayunan ieu cocobi

baktos,

kkbm'69

On 4/10/07, Agus Wirabudiman [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Sampurasun...palawargi...

 Haputen anu kasuhun wireh simkuring lami teu ngiring ulubiung wawanohan dina
 ieu milist.

 Simkuring neda dorong du'a tipalawargi sadaya kanggo pun Bapa anu parantos
 ngantunkeun ieu Alam Dunya (salin Alam) dina dinten Rebo ping 4 April 2007
 dina yuswa 62 Tahun.

 Alhamdulillah, upami ningal tina sareat pun bapa teh Pupus bari calik+teu
 kantos koma, estuning emut teras dugi ka les na, katambih paroman pun Bapa
 imut ngagelenyu tetep teu robih dugi ka di kulemkeun dina liang lahat.
 Mudah-mudahan kuningal eta tawis, pun bapa Salamet di Akheratna, Mulih
 Kajatina. Amiin.

 hatur nuhun sateuacanna
 baktos
 Agus Wirabudiman


Re: [Urang Sunda] kang Ganjar Kurnia rektor Unpad!

2007-04-10 Terurut Topik kang boim
Alhamdulillah
wilujeng kang Ganjar! mugia dina nyepeng amanah ieu dipaparin
kakiatan sareng kasabaran dina mayunan sagala cocobi...amin.
harepan mugia UNPAD langkung nanjer sareng teu lepas tina ciri
kasundaanana..oge tiasa mawa nanjerna barudak pajajaran (sunda)  lan
endonesa...amin.

kkbm'69
-sok atuh burukeun sina beres nyi misnem teh ulah diganggu wae...hehehe

On 4/10/07, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Euleuh... wilujeng, Kang Ganjar... Mudah2an upami rektorna Kang Ganjar mah,
 pun bojo tiasa enggal2. lulus!!! heuheu...

 Mugi2 dipaparin kamampuhan dina ngajalankeun ieu amanat..


Re: [Urang Sunda] GERING, pamajikan kang agus paku asup rumah sakit. neda pidu'a

2007-04-09 Terurut Topik kang boim
Mugia Istri kang Agus dipaparin kakiatan lan kasabaran ku Allah Swt
dina mayunan ieu cocobi kalayan mugia enggal sehat deui sakumaha
mistina...amin.

kkbm'69
-cenah rek aya kecleng kanggo ngabantossok atuh derr...!!!


O
 On 4/7/07, irpan rispandi [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
Baraya sakabeh, kamari kuring narima sms ti kang Agus Kurniawan aka Agus
  Pakusarakan.
  Pamajikannana gering, ayeuna dirawat di RSU Dr. Slamet Garut.
 

 --


Re: [Urang Sunda] Tos lawas pak Dokter anu ti RS Islam henteu ilubiung

2007-04-09 Terurut Topik kang boim
Haturan kang WAG...,
mugia urang sadaya salamaina aya dina panangtayungan Allah Swtamin..

Perkawis pak dokter (pun lanceuk), Alhamdulillah nuju sehat namung
dina danget ieu anjeuna nuju pakepuk pisan ku padamelan sareng sering
tugas ka luar kota janten kanggo ngulampreng ka lembur babakan teh
ampir teu aya waktos saurna keur mah eukeur akses internet di RSAI teh
kirang sae ogehehehe.
Eta oge pami pendak sok tataros kumaha cenah kusnet ayeuna naon anu
nuju rame dibahas...? punten saurna tos lami teu ngelol sareng hatur
salam kasadaya baraya...

Upami kang WAG aya peryogi tiasa sumping ka tempat praktekna di Apotik
Abadi anu di Jl. Buahbatu caket Bank BNI Syari'ah pentaseun Superindo
(pami teu lepat) tiap dinten  Salasa, Kamis sareng Saptu tabuh 4
sonten dugi ka tabuh 7 wengi, carioskeun wae baraya Kusnet
kituhehehe..

sakitu ngenaan wartos kang dokter, hatur nuhun

kkbm'69
-insya Allah pami pendak diwartoskeun...



On 4/10/07, Akhmad Gunawan [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Assalamualaikum Wr. Wb.

   Raraosan  mah asa tos lami pak Dokter ahli tulang ti RS Islam henteu
 nepangan urang sarerea di-ieu babakan, kamana nya sareng kumaha wartosna
 mugia aya dina ganjar kawiljengan.
   Kaleresan sim kuring (biasalah upami peryogi nembe ngaheroan he he he) aya
 taroskeuneun kinten-kintenna kunaon yeuh engsel panangan kiwa sim kuring nu
 luhur (taktak) parantos kirang langkung aya kana 3 minggonna saupami muter
 digerak-gerakeun senam teh disada bae dederekdekan tur rada nyeri.
   Punten ah ka pak Dokter nyuhunkeun gambaran diagnosanna. Hatur Nuhun.

   Baktos,
   WAG


  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Re: [Urang Sunda] Tos lawas pak Dokter anu ti RS Islam henteu ilu biung

2007-04-09 Terurut Topik kang boim
kang Eddy...,
kang Daeng teh lanceuk teges sim abdi, anjeuna no.2 abdi no.6 mung
abdi mah ti yuswa 3 sasih dugi ka sakola SMA di sumedang ka Bandung
pas sakola luhur...
rupina mah kantos pendak sareng sim abdi nya...tapi boa sareng
kembaran sim abdi ketang...hehehe..
Ari kang Eddy sohib kang Daeng nu dimana nya...?

kkbm'69


On 4/10/07, Heryadi, Eddy [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Kutan kang Boim teh raina kang Daeng... rai asli atanapi rai beuteung??
 Hehehe... kantos pendak teu nya sareng abdi... ;D

 baktos,
 -eddy-


Re: [Urang Sunda] Aduh ....IPDN, geuning kalahka beuki ngaco?

2007-04-08 Terurut Topik kang boim

Tambah lieurrr jeung kacao geuining sistem di urang mah, geus puguh pak Inu
teh jalma jujur tapi geuning jadi nanggung akibat tina
kajujurananabeuehmmm..
maju terus pa Inu...! ulah kapalang sok urang buktikeun di pangadilan...naha
hukum bisa mere kaadilan pikeun wargana nu jujur...prung ah!!! (kuduna
mah urang depdagri teh era nya)

geuslah bubarkeun atawa ganti sakabeh sistem militer di IPDN ku sistem sipil
anu wibawa jeung ganti tur hukum sakabeh pimpinan nu aya di IPDN
ayeuna..(wani teu nya juragan SBY.nindakna...???)

kkbm'69


On 4/9/07, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote:


  Koran-koran poe ieu jeung MetroTV, ngabejakeun yen Inu Kencana, dosen
IPDN
anu paling wani nyaritakeun aya panyiksaan di IPDN, dipariksa (di
Investagasi) ku team ti Depdagri jeung teu meunang ngajar di IPDN. Inu
cenah
kamungkinan rek dibere sanksi, kulantaran muka kagorengan IPDN. Teu
tibalik
ieu teh kitu? nu kudu dipariksa jeung dibere sanksi teh lain Pak Inu, tapi

eta pimpinan2 IPDN. Kunaon tepi aya kajadian deui, mahasiswa maot disiksa
ku
mahasiswa deui. Padahan Pimpinan2 IPDN ieu teh nu ngaganti pimpinan2 STPDN

di taun 2003 waktu kasus maotna mahasiswa ti Jabar, Wahyu Hidayat.

Waktu kasus wafatna Cliff mimiti kaambeu ku wartawan, urang IPDN malah
nyumputkeun kasus ieu, pajarkeun teh cenah Cliff boga panyakit lever bari
ditambahan kolotna Cliff teu ngijinkeun otopsi kana mayit Cliff. Geus
kitu,
nu paling parah, mayit Cliff disuntik formalin. Hiji tindakan anu
nyurigakeun, sabab lamun disuntik formalin, bisa nyamarkeun sababna
Cliff
maot.

Kacida teuing euy. Watir ka mahasiswa IPDN nu jadi korban ku sistem.
Enya,
korban sistem, boh nu maot/ nu kabur kulanataran teu kuat disiksa atawa nu

ayeuna keur unggah bale watangan (pangadilan) kulantaran nyiksa. Geus we
lah
bubarkeun we hukum tah pimpinanana, lain mahasiswana wae ..

Baktos,
WALUYA
[Nu kungsi nempo kumaha sedihna kolot Erry Rahman mahasiswa IPDN nu maot
disiksa di taun 2000, di RS Islam Bandung]

 



Re: [Urang Sunda] #1 kumaha nasib persib kang...??

2007-04-02 Terurut Topik kang boim
kang Aldo...!
kamari PERSIB ngalawan PERSIKOTA (basa Saptu) meunang hiji nol...
tah isukan bakal ngalawan PERSIKABO di Bogor...do'a keun sing meunang
deui nya...prung ah.
hehehe...

kkbm'69



On 4/2/07, Kang Iman [EMAIL PROTECTED] wrote:
 adh hawatos ...
 pemain persib kamari lalulumpatan ngudag ngudag bal nu ngan hiji
 der we parebut jeung pemain persita
 untung aya wasit cenah

 tapi duka sabaraha nya gol na ?


 On 4/2/07, Aldo Desatura [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
dear,
 
  kumaha nasib persib keur ngalawan Persita kamari... aya nu terang...???
 
 
 



Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....

2007-04-02 Terurut Topik kang boim
aya kang Yul, didieu yeuh di juru.., dimana aya nu herang teh..??
ehmmm...mani teu beja-beja...hehehe...
ari di serang aya sate oge??? (pasti sate bandeng eta nya)

kkbm'69



On 4/3/07, Yuliadi [EMAIL PROTECTED] wrote:
 yes...eta anu dimaksad.
 ari langsung make kecap bondon mah asana kasar amat.
 ieu mah can nanaon mikirna ngeres bae.
 (bari luak-lieuk) aya kang Boim?


Re: [Urang Sunda] Keurseus Basa Sunda

2007-04-01 Terurut Topik kang boim
Carana salian ti muka kursus basa Sunda, ulah hilap sina ngalangganan
majalah bas Sunda Balebat jeung Mangle atawa Cupumanik, pan dina
mangle mah sok aya rubrik pangajaran basa Sunda pikeun barudak SD
atawa SMP
hehehe...

kkbm'69
(agen majalah basa Sunda Balebat Bandung


On 4/2/07, K7/P1 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 mangga atuh muka kursus basa sunda.


 On 4/2/07, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Baraya...
  ku babaturan, ku tatangga, atawa ku babaturanana tatangga, uing sok
  dipentaan tulung mapatahan anakna ngerjakeun P/R Basa Sunda.
 
 
  Mun kolotna urang Sunda mah, rada bisa mapatahan anakna.
  Tapi loba oge nu teu bisaeun.
  Komo deui mun seug kolotna teh urang Jawa, urang Batak, urang Padang
  atawa urang aring ? Sedengkeun barudakna sakola di wewengkon anu
  aya pangajaran Basa Sunda.
 
  Cik baraya...aya ideu ?


Re: [Urang Sunda] Keurseus Basa Sunda

2007-04-01 Terurut Topik kang boim
Carana salian ti muka kursus basa Sunda, titah oge sina ngalangganan
majalah basa Sunda Balebat, Mangle atawa Cupumanik, pan dina Mangle
mah sok aya rubrik pangajaran basa Sunda keur baruak SD atawa
SMPhehehehe.

kkbm'69



On 4/2/07, K7/P1 [EMAIL PROTECTED] wrote:
 mangga atuh muka kursus basa sunda.

 On 4/2/07, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
 
  Baraya...
  ku babaturan, ku tatangga, atawa ku babaturanana tatangga, uing sok
  dipentaan tulung mapatahan anakna ngerjakeun P/R Basa Sunda.
 
  Mun kolotna urang Sunda mah, rada bisa mapatahan anakna.
  Tapi loba oge nu teu bisaeun.
  Komo deui mun seug kolotna teh urang Jawa, urang Batak, urang Padang
  atawa urang aring ? Sedengkeun barudakna sakola di wewengkon anu
  aya pangajaran Basa Sunda.
 
  Cik baraya...aya ideu ?
 
  -dul-
  tukangteuing


[Urang Sunda] Bewara majalah BALEBAT...

2007-03-30 Terurut Topik kang boim
Baraya sadaya!!
diuningakeun kasadaya baraya nu aya di Bandung jeung sabudeureunana,
bilih bade langganan atanapi meryogikeun majalah basa Sunda
BALEBAT... tiasa ngahubungi sim abdi (boim bin Iim) di Nomor talipun
022-70132444 atanapi 08122397090, pangaosna Rp.5000/ekp.
kanggo baraya anu aya di daerah bandung wetan sareng palih kidul tiasa
ngahubungi us Sas di komp perum. Margawangi  Jl. margawangi VII No.5
Margacinta (atanapi via japri ka anjeuna).

Sakitu anu kapihatur, mangga diantos hatur nuhun.

cag...ah,

kkbm'69


[Urang Sunda] Re: Bewara majalah BALEBAT...

2007-03-30 Terurut Topik kang boim
Punten...,
aya ralat pangaosna Rp.5500 / ekp
nuhun

kkbm'69


On 3/30/07, kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote:
 Baraya sadaya!!
 diuningakeun kasadaya baraya nu aya di Bandung jeung sabudeureunana,
 bilih bade langganan atanapi meryogikeun majalah basa Sunda
 BALEBAT... tiasa ngahubungi sim abdi (boim bin Iim) di Nomor talipun
 022-70132444 atanapi 08122397090, pangaosna Rp.5000/ekp.
 kanggo baraya anu aya di daerah bandung wetan sareng palih kidul tiasa
 ngahubungi us Sas di komp perum. Margawangi  Jl. margawangi VII No.5
 Margacinta (atanapi via japri ka anjeuna).

 Sakitu anu kapihatur, mangga diantos hatur nuhun.

 cag...ah,

 kkbm'69



Re: [Urang Sunda] Bewara majalah BALEBAT...

2007-03-30 Terurut Topik kang boim
Kang Nandar...,
di Bogor aya margi kantor pusatna aya di Bogor sareng anu nerbitkeun
bin ngaluarkeunana baraya KUSNET anu di Bogorhehehe
cobi kontak/japri ka kang Runa Irawan..

nuhun,

kkbm'69


On 3/30/07, Nandar Robbyana [EMAIL PROTECTED] wrote:
 upami di Bogor aya teu?

 kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote:  Baraya sadaya!!
 diuningakeun kasadaya baraya nu aya di Bandung jeung sabudeureunana,
 bilih bade langganan atanapi meryogikeun majalah basa Sunda
 BALEBAT... tiasa ngahubungi sim abdi (boim bin Iim) di Nomor talipun
 022-70132444 atanapi 08122397090, pangaosna Rp.5000/ekp.
 kanggo baraya anu aya di daerah bandung wetan sareng palih kidul tiasa
 ngahubungi us Sas di komp perum. Margawangi Jl. margawangi VII No.5
 Margacinta (atanapi via japri ka anjeuna).

 Sakitu anu kapihatur, mangga diantos hatur nuhun.

 cag...ah,

 kkbm'69





 -
 Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
 in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.


  1   2   3   4   5   6   >