Degung jeung Janji Jhoni atawa Industri Film Indonesia
 
Mun urang kiwari bisa mesem lalajo film Janji Jhoni atawa sinetron Kejar Kusnadi, urang kudu nganuhunkeun ka menak Bandung nu jenengannana RAA Wiranatakoesoemah. Komo, mun tas lalajo eta film, urang terus muter kaset atawa nanggap degung mah. Panuhun tadi teh leuwih "mustahak" deui.
 
Naon hubungannana? Kieu:
 
Sawatara ahli antropologi, utamana Max Leigh Harrel, nandeskeun yen degung teh kaasup kasenian buhun. Eta kasenian teh, cenah, geus aya ti mangsa Pajajaran jeung Galuh keneh. Rek deukeut siga kiwari, harita -- numutkeun Juragan Max Leigh -- degung sok dipake dina upacara-upacara adat. Utamana upacara leleran (pelantikan) raja atawa nampi tamu agung.
Bukti nu nunjukeun degung seni buhun nu geus aya ti jaman Pajajaran keneh,  pedah ngeunaan degung eta disabit-sabit dina sawatara carita pantun. Demi pantun, pan geus aya ti baheula keneh, ti jaman Pajajaran tea. "Buruhul menak ti kidul, aleutan para tumenggung, candakna parabot degung, tutup kendang kulit lutung, dirarawat hoe buntung, dipirig ku hujan subuh, ditepak ku nu jarangkung". Kitu ceuk salah sahiji carita pantun.
Kadieunakeun, sanggeus Pajajaran runtag, Tatar Sunda dikawasa ku Mataram, degung terus dipulasara ku urang Sunda. Utamana ku menak-menakna. Abad ka 17, mangsa Aria Wiratanu II jeneng Bupati Cianjur,  eta wewengkon kakoncara dina perkara degung ieu. Ma'lum, Bupatina resep pisan kana kasenian teh. Malah, mun teu salah inget, nya mangsa Aria Wiratanu II pisan tembang Cianjuran mimitina aya teh.
Bandung, nu ngagantikeun Cianjur salaku dayeuh Priangan, neruskeun tradisi nu ditaratas Aria Wiratanu II tea: Bupati atawa menak-menakna jadi pangaping atawa maecenas kasenian. Di kabupaten teh sok aya rombongan degung atawa... Cianjuran!
Peta kitu teh nepa ka elit-elit lianna. Kaasup camat jeung wadana. Nepi, ka aya wadana nu dipercaya ku Bupati pikeun jadi "tim audisi" rombongan kasenian nu rek manggung di kabupaten atawa rek jadi tim kasenian resmi kabupaten. Salah sahijina, ramana Pa Kusnadi Harjasoemantri, manten rektor UGM, nu ayeuna nyepeng kalungguhan Ketua Akademi Jakarta. Ramana Pa Kusnadi eta, saur Pa Kusnadi ku anjeun, nu sok ngetes seniman-seniman nu bade lebet ka kabupaten Cianjur teh. Utamina dina widang tembang Cianjuran. "Mun lulus ti pun Bapa, kakara eta seniman teh bisa manggung di kabupaten," saur Pa Kusnadi, sawatara waktu ka tukang.
Tah, mangsa RAA Wiranatakoesoemah janten Bupati Bandung, anjeunna marentahkeun salah saurang nayaga degung nu aya di padaleman (kompleks) kabupatenna,  pikeun ngarubah degung tina wangunan gamelan renteng kana wangun degung siga ayeuna. Cenah, nepi ka harita mah nu ngaranna degung teh ngarenteng, teu siga gamelan degung cara kiwari. Hartina, najan degung kaasup buhun ge ari wujudna nu kawas ayeuna mah kawilang anyar. Can nepi ka saratus taun. Da, dirobahna ku Pa Idi, nayaga kleub degung Purbasari nu dipiwarang kanjeng dalem Bandung kangge ngarobih wanda gamelan degung tea. kajadiannana taun 1920.
Perkara anyarna obahna wujud degung eta teu beda jeung calung. Sanajan calung kaitung seni buhun, nu cenah paragi karuhun urang hahaleuangan di humana, ari wandana nu siga kiwari mah karek aya taun 60-an. Nyaeta mangsa H.Ekik Barkah masih janten mahasiswa UNPAD. Nya, anjeunna saparakanca nu ngarobih wanda calung janten siga kiwari teh, nu bisa digigiwing atawa dijingjing. Baheula mah, cenah, calung teh ngarantay. Matak, keur ngabedakeun jeung calung jingjing kamonesan Pa Ekik Cs, disebutna ge calung rantay.
Balik deui kana degung, lian ti wangunna, waditra atawa parabotannana, alat musikna, ditambahan ku kendang jeung suling. Saencanna, waditra degung teh ngan aya opat: Bonang, saron, jenglong, jeung  goong. Nu kumaha nu ngaranna bonang, saron, jeung jenglong, tong nanya ka kuring. Da, kuring ge teu apal cangkem apal cangkeum acan. Ngacaprukeun perkara ieu teh bubuhan bae keur euweuh gawe.
Nu pasti, bari jeung cenah deui bae, mangsa wangun jeung waditra degung dirobah eta, pausahaan film nu kuring keur poho ngaranna nyieun film Loetoeng Kasaroeng. RAA Wiranatakoesoemah ngarojong pisan kana produksi film nu dilakukeun ku pausahaan nu  studiona aya di lebah Jl.Astana Anyar kiwari teh (mun teu salah, kitu ge). Bubuhan, harita, sa Hindia Walanda, nya kakarak film eta nu dijieun teh. Hartina, eta film teh film munggaran di Indonesia. 
Pangrojong juragan bupati eta, lain bae ku ngiring ngaluuhan preview  film tadi. Tapi, oge ku ngiring ngemutan sareng ngusulkeun ilustrasi musik keur Loeteong Kasaroeng. Tong poho, cenah, harita nu ngaranna film can aya soraan. Film bisu atawa "film chaplin" tea. Keur nambah panarik nu lalajo, mun eta film keur diputer, sok aya nu maen piano, akordeon, atawa orkes kamar pisan. Tangtu bae live. Lain rekaman -- komo sarupaning minus one atawa karaoke mah.
Tah, waktu film Loetoeng Kasaroeng diputer dina acara preview  tea, dipirigna teh ku sora piano. Tangtu bae karasa ningnangna, siga dahar croisant atawa tiramisu dituturkeun ku nginum lahang atawa cai dawegan. Teu cocok. (Kitu ge ceuk William Wongso. Ari ceuk nu beuki, atawa harita euweuh deui cai mah, ngeunah we nu aya). Nya, RAA Wiranatakoesoemah pisan nu ngusulkeun sangkan pamirig eta film teh rombongan degung Purbasari, kleub degung "wanda anyar" nu diaping ku anjeunna tea.
Nya ti harita, tiap film Loetoeng Kasaroeng diputer di bioskop-bioskop, rombongan degung Purbasari jadi pamirigna. Pon kitu deui basa eta film dikurilingkeun sa-Pasundan. Purbasari teu weleh nuturkeun, jadi pamirig eta film. Ku jalaran eta, lain bae seni degung leuwih ceuyah di Pasundan. Tapi: Industri film di Indonesia ge dimimitian jeung terus ngajembaran. Nepi, ka taun 70-an,  dina sataun, aya kana ratusna film nu dijieun ku sineas-sineas urang. Ti mimiti Si Pitung, Dikejar Dosa, nepi ka Bang Mamad .
Atuh, sanggeus kungsi diwadalkeun keur industri tekstil, bari sineas-sineasna loba nu epes meer, antukna film urang kapeupeuh ku film impor; kiwari urang bisa lalajo Janji Jhoni, Kejar Kusnadi, atawa 9 Naga. Degung jeung dalem Bandung nu namina RAA Wiranatakoeseomah mah meh tara kapilem. Kalimpudan ku amnesia sajarah tea.
 
(Diropea tina tulisan Asep Nugraha, Degung, Gamelan Tua atau Muda?, Majalah Seni Budaya Swara Cangkurileung, No 125, Taun ka 26, Maret 2002, kaca 13).
 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke