Re: [Urang Sunda] Kusnet jeung Pewarisan Nilai Budaya Sunda

2006-01-12 Terurut Topik Runa Inawan



Uluh seratan mani munel kieu kang maman?
Leres pisan anu di pedar ku kang maman, yen internet dina hal ieu milis, ngagaduhan posisi anu kacida strategisna dina enggoning nepakeun pasipatan atawa nambut basa kang maman mah pewarisan nilai2 tea. Gara2 milis urang tiasa wanoh, gara2 milis urang tiasa pasea, gara2 milis urang tiasa janten pinuh ku informasi sareng elmu pangaweruh, gara2 milis tea urang tisa seuri babarakatakan, anu satemena hal ieu tos aya proses trasnformasi budaya sareng pasipatan. 

Pami ku urang teras dipapayan, milis teh ngagaduhan budaya/pasipatan anu unik. Intina, saleresan pami milis2diropea sareng diorganisakeun kalayanan sae, tangtos bakal ngahasilkeun anu mucekil, boh secara materi, budaya, elmu pangaweruh, silaturahmi, sareng rea-rea deui. Gara-gara milis pan pasipatan kasundaan bisa mucunghul. He...he..

cag ah sakitu bisi ngacapruk teu puguh.


On 1/11/06, Maman Gantra [EMAIL PROTECTED] wrote:


Kusnet jeung Pewarisan Nilai Budaya Sunda
(Tawis hormat kanggo Abah Surya sareng Kang Runa Saparakanca)
Tangtu lain kuring rek nyebutkeun si Abah kalebet birokrat, nu di urang mah konotasina teh goreng malulu. Tapi, maksud kuring, arang para sepuh, utamina nu kalebet
 inohong atawa budayawan profesional sapertos anjeunna, kersa rurumpaheun ilubiung dina milis. Lian ti internet teu pati dipikawanoh ku umumna masarakat teh, milis mah lolobana sok diariluan ku barudak ngora tea. Matak kuring ngabasakeun, milis mah kultur barudak ngora. Ari ieu?

Tah, ku ayana inohong sapertos si Abah, nu ngagaduhan otoritas dina medar kabudayaan Sunda, boh ku sepuhna, pangalamannana, profesina, oge ku kaelmuannana, naon nu jadi tesis Pa Ajip teh geus dilakonan. Sadar teu sadar, aya pewarisan nilai (paling heunteu dina mekarkeun pangaweruh basa) ka generasi sahandapeunna. Kukituna,
 kuring respek pisan ka anjeunna. Nya, sanajan ngacapruk, bari jajauheun tina nyunda ge, ieu teh hormat kuring ka anjeunna. Sakaligus do'a kuring: Sugan bae leuwih loba deui sepuh nu daek ngahuma di tempat nu ngaranna milis atawa internet, di kusnet. 

Pangacaprukan ieu, oge hormat kuring ka budak ngora siga Kang Runa, Kang Eko, Kang Gibson, Kang Kumi, jeung sajabana, nu oge sok katingal di sawatara milis kakotaan di Tatar Sunda. Ku cara kitu, aranjeunna geus ngiring nepakeun atawa ngawariskeun budaya Sunda. Paling heunteu dina perkara basa. Ku cara nu basajan, murah, jeung up to date: Milis kusnet.
Maman GantraJalan Salemba Tengah 51,Jakarta 10440.0812-940-5441 
-- ::ri_1::Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile : +62-818-109410






Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id









  
  
SPONSORED LINKS
  
  
  

Corporate culture
  
  
Business culture of china
  
  
Organizational culture
  
  


Organizational culture change
  
  
Jewish culture
  

   
  







  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









[Urang Sunda] Kusnet jeung Pewarisan Nilai Budaya Sunda

2006-01-10 Terurut Topik Maman Gantra



  Kusnet jeung "Pewarisan Nilai Budaya Sunda"  (Tawis hormat kanggo Abah Surya sareng Kang Runa Saparakanca)Mun kuring nyebut kusnet dina ieu pangacaprukan, lain bae
 milis urangsunda. Tapi, oge kum milis-milis kasundaan. Mimiti ti urangsunda, kisunda, gank-leboy, baraya-sunda, sastra-sunda, sunda-mining, sunda-sci, sun-da bageur, sigasunda, sundasajati jeung sajabana. Kaasup milis-milis wewengkon (kota) nu aya di Tatar Sunda. Malah sawatara web nu make basa Sunda ge, satemenna, kahayang mah, kawengku ku ieu kocap kusnet. Sanajan, enya: Conto-conto nu ditembrakkeun leuwih loba ngarefer ka urangsunda. Bubuhan milis kasundaan pangkolotna, pangramena, jeung panglucuna. Sagala aya.   Oge, kuring ngahaja make tesis Pa Ajip pikeun judul di luhur: "Pewarisan Nilai". Ambeh gagah. Jeung kaciri pisan kumaha "daria"-na ieu "pasoalan" nu rek diguar teh. Sanajan, mun Harry Roesli jumeneng keneh, bari maos ieu pangacaprukan, pasti muncereng. "Kumaha nilai-nilai bisa
 diwariskeun?Paling ge nu bisa diwariskeun mah sumangetna. Lain nilaina," kira-kira kitu pibasaeun si Akang kana eta judul.  Tapi, keun bae-lah. Anggap bae sumanget jeung nilai teh eta-eta keneh. Ongkoh, mun sumanget teu didadasaran ku nilai, sumanget teu puguh tea meureun ngaranna. Sabalikna, mun nilai euweuh sumangetna, keur nanahaon? Matak disebut nilai ge, meureun, pedah aya sumangetna. Atawa, pedah bisa nyumangetan. Jeung deui, ceuk tadi ge make judul eta teh gagayaan wungkul. Ngarah jiga.  Keur sakuringeun, kusnet lain bae tempat silaturahmi dina harti kuring jadi wawuh jeung Kang Oman, MJ, Kang Ilen, Kang Agus, Ua Obie, Teh Tien, jeung sajabana. Atawa Kusnet, nu di dieu maksudna urangsunda, tina hiji komunitas jurig bisa ngawujud jadi "organisasi" (Yayasan Perceka), pasaka,atawa HBH. Lain. Tapi, leuwih ditu deui: Siga nu disigeung dina surat kuring sawatara ka tukang, keur kuring, Kusnet nepungkeun kuring jeung Sunda eta sorangan. Atawa, bisi dianggap kaleuleuwihi: Kusnet ngahudangkeun rasa ka-Sunda-an kuring nu -- diheunteu-heunteu -- nyayang dina lelembutan kuring.  Kahudangna teh lain bae ku wacana-wacana nu "baleurat" ngeunaan realitas ekonomi, politik, budaya, jeung sosial ( urang) Sunda. Tapi, oge ku tulisan-tulisan nu
 basajan, nu (katingalna) teu sapira. Jajauheun tina paniatan berwacana, komo make rek ngawariskeunnilai-nilai budaya mah. Nya sarupaning "just say hello", ngabodor, atawa nyaritakeun pangalamannana.  Tapi, ku cara basajan siga kitu, keur kuring, naon nu disebut (atawa nu ku kuring dianggap) pewarisan nilai tadi teh lumangsung kalayan lancar jeung keuna kana sasaran. Disebut keuna kana sasaran teh, pedah bae anggota milis umumna ngalora keneh. Ari nu ngalora, pan nu pang dipikahariwangna ku para inohong nu ngarasa perlu ngawariskeun "nilai-nilai" budaya tea? Dipikahariwang, sieun barudak ngora Sunda murtad, teu nyunda.Geus puguh tulisan-tulisan nu sipatna "verbal", meleg-meleg ngaguar
 perkara nilai-nilai budaya Sunda mah. Siga sawatara tulisan Kang Oman, Abah Surya, Kang Ilen, jeung rea deui. Tapi, tulisan-tulisan nu basajan tadi ge, nu teu boga karep atawa teu diniatan ngaguar nilai-nilai tadi, teu bisa dimomorekeun kitu bae. Ceuk tadi ge, dina satengahing nyaritakeun pangalamannana, nu narulis eta tulisan teh satemenna ngebrehkeun nilai-nilai budaya tadi. Paling heunteu, keur kuring, ngebrehkeun (baca: ngawariskeun) kabeungharan kokocapan (jeung rasa) nu aya dina basa Sunda.   Perkara basa, kuring meunang pangaweruh loba pisan alatan kukusnetan ieu. Sebut bae kocap "mataholang", "mireng", "keom", "bawiraos", "indung peuting", "Bobo sapanon carang sapakan", jste. Kaasup ngabedakeun "keuheul" jeung "ambek". Nepi ka, baheula,
 mangsa masih gawe di majalah, kuring ngahaja nyadiakeun hiji hard disk nu diajangkeun keur neundeun posting-posting nu aya di urangsunda jeung kisunda.   Dina pipikiran kuring harita, ngeunteung kana katuna diri, boa-boa, aya sawatara kokocapan nu can kacatet dina kamus. Lain bae kamus Wilde, tapi nu disusun ku LBSS pisan. Saha nu nyaho, pan? Paling heunteu, eta data teh bisa dimangpaatkeun keur ningali atawa nalungtik fenomena basa Sunda dina milis, nu sakapeung jajauheun tina papagon nu dianggap "baik dan benar" atawa "nyakola", atawa basa rumaja nu nempel di sawatara anggota milis. Bisi bae aya mahasiswa, boh ti fakultas basa, komunikasi, psikologi, atawa filsafatna pisan, nu rek ngamangpaatkeun eta "database".
   Hanjakal, basa kuring kaluar gawe ti eta majalah, hard disk tadi teh teu kapuluk. Budak EDP nu dipentaan tulung keur ngarawatan eta hard disk, oge ngakat posting-posting tadi kana wangunan wordpad, teuing ka mana. Ongkoh, kuring kaluarna ge bari teu sasadu teu naon. Da, biasa, kaluarna teh pinuh ku kakeuheul. Sanajan teu nepi ka ambek-ambekan.  Salah sahiji tulisan nu, ceuk kuring, nepikeun Sunda kalayan alus jeung basajan, teu sadar atawa teu diniatkeun keur wawarisan tea, atawa bubudayaan, nyaeta tulisan MJ ngeunaan huntu. Enya huntu. Gigi. Bagian
 awak urang nu ranggeteng tukangeun