Kang Maman,
 
Hade eta tulisan di handap..........nu kieu kakara kukuring di toong dibaca jeung dilenyepan...........
 
Mugia di piconto ku sadaya baraya.....
 
cag
Aa Arjun
Jum'at kliwon
ping 13 Januari 2006
Kertahayu , Pamarican, Ciamis, Jawabarat,Indonesia
 

On Wed, 11 Jan 2006 09:49:04 -0800 (PST)
  Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Milis jeung Nulis
>  
>  Dina pangacaprukan-pangacaprukan ngeunaan milis
>saencanna kuring leuwih loba ngaguar mangpaat milis
>salaku media komunikasi. Kitu ge leuwih loba "ngomongkeun
>urang luar", pihak-pihak nu diasumsikeun atawa katohyan
>pisan teu nyaho atawa teu wanoh kana milis atawa
>internet. Tah, di dieu mah kuring hayang ngaguar mangpaat
>milis hususna, internet umumna, keur urang, nu geus aya
>di "jero". Utamana dina perkara nulis. Sanajan, teu
>pamohalan, ieu pangacaprukan teh taya bedana mapatahan
>Basa Inggris ka caroge Teh Lies atawa Teh Netty.
>  Wawanian ngacapruk ka beh dieu teh pedah bae, cenah,
>urang teh kaasup nu teu produktif dina perkara nulis ieu.
>Handapna produktifitas urang dina nulis ieu lain bae
>perkara politik sentralistis salila ieu. Tapi, oge,
>cenah, patarema jeung sajarah atawa pasipatan urang
>sorangan: Sanajan urang kungsi boga hurup sorangan,
>hartina karuhun-karuhun urang geus nepi kana naon nu
>disebut peradaban aksara, hartina oge boga tradisi nulis
>jeung maca, nu dianggap peradaban "nu maju"; keukeuh bae
>eta tradisi teh leuwih jadi tradisi nu elitis. Sarupaning
>privelege para ajar, kiai, santri, bujangga, jeung
>santana. Lain tradisi nu sumarambah di jalma loba. Di
>cacah (jalma loba) siga maranehna mah, cenah, nu aya teh
>tradisi lisan -- tradisi sungut, baham, eungab, atawa
>tradisi oral tea.
>  Ma'lum, sanggeus peradaban aksara (Laten) dihudangkeun
>deui ku Walanda ge, ngalewatan Politik Etis, nu salah
>sahiji organna Balai Pustaka tea, pan lolobana mah nya
>tedak menak bae nu bisa maca jeung nulis (Laten) teh.
>Dalah pasantren, nu leuwih populis jeung leuwih
>"dipercaya" ku balarea salaku sakola atawa lembaga
>pendidikan, teu bisa ngembangkeun budaya tradisi baca
>tulis tadi kalawan "nyugemakeun". Maca jeung nulis
>keukeuh lain hiji tradisi dina harti dilakonan ku umumna
>masyarakat urang.
>  Tah, sajarah siga kitu teh, cenah, mangaruhan kana naon
>nu dimaksud tradisi nulis dina mangsa kiwari. Kaasup di
>kalangan intelektuil atawa sarjana-na pisan. Pan, teu
>saeutik di antara urang nu teu "kuat" nyieun tulisan nu
>panjangna leuwih ti 5.000 karakter. Di mana aya ge, nya
>ngacapruk siga kuring. Teu sistematis, jeung teu puguh
>alang ujurna. (Kukituna, omat, tong pecaya teuing kana
>tulisan-tulisan kuring!).
>  Perkara nulis (nu papanjangan bari ngacapruk tea),
>kuring remen ditanya: Kumaha bisa nepi ka siga kitu? Di
>mana jeung kumaha diajarna? Kuring sorangan teu boga
>jawaban nu paheut. Komo nu sipatna teori bari jeung
> ilmiah mah. Resep kuring sederhana bae: prak!   Enya,
>ongkoh mah, baheula, can aya QB. Neangan buku teh hese.
>Komo nu ngawarah urang perkara bag-bagan nulis. Atuh di
>sakola, sanajan enya ti fakultas komunikasi, kuring lain
>ti jurusan jurnalistikna – nu urusannana leuwih deukeut
>kana kaahlian sarupaning nulis. Atuh teu meunang kuliah
>kumaha prak-prakkan nulis tea. Kaasup naon nu disebut
>nulis kreatif. Pan ayeuna mah, sawatara lembaga manajemen
>ge ngajarkeun kumaha nulis (oge maca) kreatif sagala.
>Atuh di QB Bakmi GM, Thamrin, nepi ka aya belasna buku
>ngeunaan perkara nulis (kreatif) teh.
>  Ngeunaan prak atawa diajar nulis, keur kuring
>mahasiswa, aya batur nu rajin nyieunan surat pembaca. Meh
>unggal minggu manehna ngider ti koran ka koran nu terbit
>di Bandung. Mikeun surat pembaca. Ku kuring kungsi
>ditanya, keur naon kikituan sagala? "Diajar nulis," ceuk
>manehna. Ku naon teu nulis artikel bae sakalian? "Can
>bisa. Geus sabaraha kali nyieun teu dimuat-muat. Beda
>jeung surat pembaca. Leuwih gampang," ceuk manehna.
>Sanajan, nu kabandungan harita, teu sakabeh suratna
>dimuat. Rumasa deuih, harita kuring teu matuh maca koran
>teh.
>  Mimitina mah kuring bingung ngadenge jawaban batur jiga
>tadi teh. Tapi, sanggeus dilenyepan, kaharti oge. Ku cara
>remen nulis surat pembaca manehna lain bae ngabiasakeun
>ngebrehkeun pipikirannana. Tapi, oge ngabiasakeun nulis.
>Kaasup kumaha nulis di media. Prak-prakkannana, mun surat
>pembacana dimuat, ku manehna sok diimeutan deui.
>Diakurkeun jeung arsip nu aya di manehna. Ti mimiti
>nyurekkeun koma jeung titik, nepi ka cacarakan jeung
>padalisanna teu kaliwat. Geus puguh sarupaning alinea
>mah. Ku kuring sok diheureuyan. "Maneh yakin, yen
>koreksian redaktur eta koran geus bener? Jeung deui,
>boa-boa surat maneh dimuat teh alatan ku euweuh surat
>lianna," ceuk kuring. Dikitukeun teh manehna karah
>ngabetem.
>  Kadieunakeun kuring nyaho, diajar nulis ku cara nyieun
>surat pembaca, singhoreng, lain bae dilakukeun ku eta
>batur. Hiji lawyer di Jakarta, nu kiwari cenah kaitung
>pangmahalna, oge ngalakukeun hal nu sarupa. Utamana,
>baheula, basa manehna karek mitembeyan muka kantor
>sorangan. Ongkoh, keur manehna, nulis surat pembaca teh
>lain bae diajar nulis (nu sipatna populer) atawa sakadar
>ngebrehkeun pipikirannana. Tapi, oge make boga maksud
>lian: Ngiklankeun dirina. "Kita kan nggak boleh beriklan?
>Nulis artikel, kadang-kadang ditolak redaksi. Cara yang
>gampang, ya nulis surat pembaca. Nama dan alamat kita
>'kan ada di sana?," ceuk manehna, bari omat-omatan eta
>"rusiah" teh tong diucah-aceh ka batur. Enya, katingalna
>eta lawyer teh "ngotot" pisan. Ku alatan sok nulis surat
>pembaca eta, maneha nepi ka bisa "ngayakinkeun" PWI
>sangkan manehna dibere kartu anggota.
>  Dina seuhseuhannana, surat pembaca lain bae
>dimangpaatkeun keur diajar nulis atawa "ngiklankeun"
>maneh. Tapi, oge bisa jadi hiji "profesi".  Baheula, aya
>sepuh, urang Aceh, urut wartawan, nu saatos pangsiun
>milih "penulis surat pembaca" salaku "profesi"na. Sanajan
>teu meunang duit ge, eta serat sepuh meh unggal poe aya
>dina koran. Poe ieu di Kompas, isukna di Pelita, pagetona
>di Suara Karya atawa Sinar Harapan. Nepi ka, mun kuring
>teu salah inget,  surat-surat pembaca nu diserat ku
>anjeunna teh kungsi dibukukeun sagala. Bubuhan tilas
>wartawan tea, meureun, seratan-seratan anjeunna teu beda
>jeung artikel atawa berita nu aya dina koran atawa
>majalah.
>  Lian ti surat pembaca, media keur diajar nulis teh
>catetan harian (diary). Nu kuring nyaho, nu ngalakonan
>cara ieu salah sahijina mahasiswa ITB  harita (80-an).
>Ceuk manehna, dina salah sahiji bukuna, ngabiasakeun
>nulis buku harian teh geus dimimitian ti mangsa bisa
>nulis. Ongkoh, ceuk manehna keneh, kolotna ngawajibkeun
>pisan manehna sadudulur  pikeun nulis. Nulis naon bae.
>Geus puguh ari tiap mulang ulin ti hiji tempat wisata
>mah. "Pulang dari pasar aja, kami disuruh bikin laporan,
>bikin reportase," ceuk manehna. Tina kabiasaan eta, nu
>nyambung kana tradisi nyieun buku harian, lian ti
>dibiasakeun ngimeutan dunya sabudereunnana, manehna jadi
>wanoh kana nulis. Malah, sakolana ge sasatna dibeayaan ku
>nulis, ladang artikel nu dimuat di media.
>  Pon kitu deui hiji mahasiswa IPB (harita). Sarua diajar
>nulis ku ngaliwatan nyieun diarry. Kuring sorangan teu
>wawuh jeung eta penulis teh. Ngan rada wanoh kana
>tulisan-tulisanna, sakalieun maca Aktuil jeung sawatara
>majalah rumaja harita, taun 70-an. Nyaho soteh ngeunaan
>soal diary eta, pedah bae ibuna guru biologi kuring di
>SMP. Ma'lum nu janten ibu, reueus ningal putrana tiasa
>nyerat di majalah. Ongkoh, eta penulis teh putra mung
>hiji-hijina. Satengahing ngawulang bag-bagan biologi teh
>anjeunna sok cumarios perkawis putrana. Oge, kumaha sang
>putra dugi ka wacis nyerat sapertos kitu.
>  Mireng kitu, kuring kungsi nyerengeh sorangan. Soalna,
>dina pipikiran kuring harita, malah nepi ka kiwari, nulis
>diary teh kabiasaan budak awewe. Lain budak lalaki.
>Sanajan enya sadar kana mangpaatna, nu kabayang ku
>kuring: Asa teu "macho"  aya budak lalaki nulis  "dear
>diary...". Hahaha... Sanajan, tangtuna lain diary siga
>kitu nu ditulis ku eta dua pangarang teh. Tapi, saha nu
>nyaho ketang? Pan kuring ge can kungsi maca diary
>aranjeunna?
>  Ngan, sigana, tradisi nyieun diary siga kitu teh
>diwajibkeun pikeun sakola-sakola baheula mah. Maksudna
>sakola zaman Walanda, nu ngadopsi (meureun) cara atikan
>sakola-sakola di Eropa. Lain pedah budak sapantar Anne
>Frank bisa nyieun diary nu pikaaheungeun siga kitu. Tapi,
>eta bae, kuring kungsi ngabantuan hiji sepuh nyieun
>otobiografi. Ditingal teh seratan anjeunna, aya ku
>"akurat". Dina mertelakeun hiji kajadian teh, lain bae
>tanggal jeung tempatna. Dalah jam jeung menitna ge tara
>tinggaleun. Hartina, anjeunna ngagaduhan sarupaning diary
>atawa buku harian tea. Pan, asa pamohalan mun anjeunna
>mung ngandelkeun tina emutannana mah? Tong boroning
>kajadian nu geus mangpuluh-puluh taun, kajadian dua tilu
>bulan kamari ge (kuring mah) sok poho deui. Komo nepi ka
>detail jam jeung menitna. Pan,  ari (sakalina) solat ge
>sok poho, naha ieu teh rakaat ka tilu atawa ka dua.
>  Atawa pedah anjeunna tentara, jeung teu weleh jadi
>komandan? Hartina, boga asisten jeung anak buah purah
>nyatetkeun atawa ngalaporkeun kajadian-kajadian eta.
>Tapi, maenya nepi ka kajadian atawa pangalaman nu sipatna
>pribadi oge dicatet ku eta asisten atawa ajudan? Kuring
>leuwih percaya, sakola (jeung kaayaan) baheula memang
>kondusif keur ngalahirkeun tradisi nulis (jeung maca)
>eta. Pan, urang mah tong boroning nyieun catetan harian,
>sakalina nulis surat ge sararangeuk. Ongkoh, ayeuna mah
>geus aya telepon jeung SMS. Mun inget atawa aya beja nu
>rek ditepikeun ka batur ge, cukup nga-SMS.
>  Tah, dina perkara nulis surat ge, bandingkeun misalna
>jeung kolot-kolot urang. Utamana nu kungsi kawarah ku
>atikan Walanda tadi. Bibi pamajikan, sakitu geus sepuhna,
>dina sabulan paling heunteu nyerat hiji serat. Komo,
>waktu saderek-saderekna masih jarumeneng keneh mah.
>Sirikna teu unggal enjing anjeunna ka kantor pos,
>ngeposkeun serat kanggo saderek-saderekna.
>  Bibi pamajikan teh jajauheun bisa disebut penulis
>profesional. Beda jeung Pa Ajip (Rosidi), nu profesina
>memang kana nyerat. Pantar Pa Ajip mah pastina tara
>tinggaleun kana nyerat. Malah, sakali waktu, kuring
>kungsi naros ka anjeunna: Sadinten nyerat sabaraha kaca,
>boh serat biasa boh nu mangrupi artikel? "Teu pira,
>paling ge 18 kaca," saur anjeunna, anteng.
>  Urang, nu hirup dina jaman internet siga kiwari,
>satemenna boga media nu leuwih loba, leuwih gampang,
>jeung tetep relatif murah, pikeun bisa jeung ngabiasakeun
>nulis. Lain bae ku sarupaning serelek (serat elektronik
>atawa email). Tapi, nu sipatna leuwih publis, bari tetep
>murah jeung gampang tadi: Milis jeung web blog.
>  Enya. Pan, ku alatan demokratna milis jeung internet,
>malah liberal pisan, urang bisa nulis kumaha jeung naon
>bae. Nu ngawatesan urang, sigana ngan tilu perkara: Wanda
>atawa paniatan milis, kadaek, jeung ...tanaga urang! Kuat
>heunteu urang nulis leuwih ti 5.000 karakter? Beh dituna
>mah, wawanen. Kaasup, wani heunteu urang disebut "aneh".
>Ngadon papanjangan, ngacapruk nuturkeun pipikiran
>sorangan, nu sakapeung teu nyambung, atawa euweuh
>mangpaatna keur nu lian?
>  Kitu ge mun urang nulisna salah tempat, ketang. Siga nu
>remen dilakukeun ku kuring. Da, mun dina tempatna mah,
>nya dianggap ilahar bae. Teu aneh, teu sing. Jeung deui,
> di mana enya ge teu dina tempatna, kajeun teuing. Moal
>raheut ieuh. Urang mah tawakal bae kana kayakinan urang:
>Sekali cuek, tetap beybeh! Ongkoh,  perkara "wawanen"
>tadi nu remen ngahulag urang pikeun "berekspresi" teh.
>Umumna, urang teu wani nulis ku alatan sieun jeung sieun.
>Utamana sieun salah. Nepi ka loba anggota milis nu
>panonna barelek, malah (ceuk cenah) nepi ka aya nu lolong
>sagala. Alatan ngan noongan bae.
>  Ongkoh lebar bae mun ngiluan milis ngan saukur noongan.
>Moal dipikawanoh ku anggota lianna. Hartina, jadi
>ngurangan babarayaan.
>  
>  
>
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>            
> ---------------------------------
> Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
> Photo Books. You design it and we’ll bind it!

========================================================================================
Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 2005 di
http://www.plasa.com/jatim
dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur)
========================================================================================


Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke