Memang sakawitna mah sesah oge kang Bambang abdi oge nyerat ngangge basa sunda teh, jujur we dugi ka ngesang meres otak sareng otak dugi ka ngebul kapungkur mah, he.he...padahal mah rarasaan asa teu aya ruhak seuneuan, he...he...
Mung, hayu we diajar nyerat dina versi basa sunda, nya akhirna sakedik2 tiasa sanaos ngaku we awon seratanana. Intina mah sih anu karaos ku simkuring mah, bade kasr bade halus, oge sah, mangga wae..teu kedah sieun dicarekan ku batur pedah basa urang rada mahiwal tinu sanesna. Justru ieu nunjukeun yen basa sunda teh jembar.
Leres pisan yen milis teh tiasa dijanten salahsaiji media pikeun diajar corat coret, kokotret diajar nyerat, diajar ngebrehkeun pipikiran. Jujur wae, simkuring pami payuneun komputer komo pami nyerat kanggo kana millis, pipiran teh sok asa rada caang bengras. He...he...
Milis teh tiasa dijanten media ngebrehkeun unek2 anu nyangkaruk dina hate, dina pipikiran. Anu saha bae oge pasti nampi seratan urang, daek teu dadek, he..he...
Cag sakitu heula,
On 1/12/06, Bambang [EMAIL PROTECTED] wrote:
Para warga US di milis, selama saminggu ngiringan milis ieu. Sayapribadi ngaraos ternyata sekedar memahami tulisan (komo nepi ka nulis)
bahasa Sunda teh perlu 'perjuangan besar'. Duka kunaon atuh siganateh belet wae kanu memahami arti dengan baik teh. Bahasa Sunda nudikenal teh ku pribadi mah bahasa ucapan/pergaulan, jarang dugi kabahasa tulis (dulu pernah diajar bahasa sunda di sakola ngan teu aya
sesana). Komo deui lamun nu muncul dina posting teh bahasa Sunda anuhalus, atuh beuki lieur ngabandungannana. Bisa jadi pedah lebarnajurang budaya nu dialami pribados, da ari nulis pake bahasa Indonesiamah rarasaan teh lancar wae. Hapunteun bisi katingali pabaliut, dan
memang masih pabaliut memahami kalimat bahasa Sunda nu tulisan mah :).wassalam,Bambang--- In
urangsunda@yahoogroups.com, Popeye Suyanto Satjadiguna[EMAIL PROTECTED] wrote: Sumuhun Kang Maman, leureus pisan eta teh, kaasup sim kuring.Kuring ge nyeta harek nepi kana budaya noongan tea, sasakali ketang
nulis... eta ge alatan sieun teu diaku ku dulur-dulur US sadaya.Hehehe... Tapi jigana, ieu mah jigana nya Kang Maman, mun Kang Maman rada dikeureupan mah nulis di ieu milis, jigana nu sejen ge bakal katepaan.
Jiga kuring ayeuna, ujug-ujug hayang nulis saanggeusna maca guaranKang Maman.
Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.