RE: [Urang Sunda] Re: Nyuhunkeun tulung bahan lajuninglaku--Re: [kisunda] Aksara Sunda dina unicode

2006-01-22 Terurut Topik ato.riyanto

Alhamdulillah,

Abdi ge ngarojong pisan program ieu.

Mangga Kang Oman lajengkeun.Katingalna
mah sae-na mah abdi mosisikeun anjeun janten Programmer-na we lah.

Salam baktos,

Kang Ato

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Dian Nugraha
Sent: Saturday, January 14, 2006
5:44 AM
To: oman abdurahman
Cc: urangsunda@yahoogroups.com;
[EMAIL PROTECTED]; Baraya_Sunda@yahoogroups.com;
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
[EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Re:
Nyuhunkeun tulung bahan lajuninglaku--Re: [kisunda] Aksara Sunda dina
unicode

Sumangga kang Oman
dilajengkeun. 

Abdi ngarojong pisan panitiana diluluguan ku kang Oman.
Panginten ayeuna mah abdi ngantos kabar salajengna, utamina waleran ti para
ahli téa tina patarosan-patarosan anu kamari dikintunkeun. 

Wassalaam,
-Dian-

On 12/01/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:

Kang Dian,

Hatur nuhun pituduhna, munel kalintang.Saheulananan, naon rupi
anu dikintunkeun dina posting salira anu dibalesan ieu parantos cekap keur
bahan lajuning laku.Katerangan-katerangan jeung conto-conto dokumen anu
diperlukeun keurngurus aksara Sunda sangkan kacatet di Unicode - sakumaha
dina alamat tumbuloka (referensi) ti salira - kalintang ageung manfaatna.

Saayeunaeun, naon anu keur digarapan enggoning lajuning laku ieu
kagiatan diantarana nya ngahubungan sababaraha pihak anu katangen baris tiasa
ngarojong ieu rarancang saenggal-enggalna. Dina leresan ieu,kalebet
neruskeun posting-posting anu mekar di milist dina jejer ieu ka dulur-dulur anu
aya di pamarentahan ogeka ahli basa jeung aksara Sunda anu karongkong,
geus conggah jeung katangen baris gasik ngarojong. 

Ngeunaan panitia, nya ari kapercaya mah ku sadayana si kuring anu jadi
luluguna - utamana di darat - mangga teh teuing. Seksi ingkig tea saur Mj mah.
Nanging, rupina kaputusan saha-sahana panitia jeung luluguna mah, utamina versi
pamarentah - lamun tea mah aya perhatian ti pamarentah dina lebah dieu (payusna
mah aya) - urang antosan wae kumaha kecebur caina, geletuk batuna. Sok sanajan
teu katunjuk jadi panitia atawa lulugu resmi versi pamarentah engke-lamun aya
-poma urangtetep ilubiung ngabantuanieu kagiatan samampuna,
sakadugana. Insya Alloh sim kuringogeseja kitu lalampahan
teh. 

Alhamdulillah, pihak anu dihubungan, boh ti pamarentahna sumawonna ahli
kabudayaan mah, danget ieu ngarojong jeung gura-giru neruskeun jejer ieu ka
pihak-pihak sejenna anu pakait. Urang du'akeun wae jeung prak garapan ku
sarerea, pamugi kahayang aksara Sunda asup kana Unicode teh enggal-enggal
kalaksanakeun. Amin. 

timpah hatur salam,

manAR

On 1/12/06, Dian
Nugraha [EMAIL PROTECTED]
 wrote: 

Kang Oman,

Hatur nuhun parantos ngadugikeun ngeunaan hal ieu ka Abah Surya. Panginten
peryogi disusun timna nya ti Kusnét kanggo proyék ieu? Kinten-kintenna saha
waé? 

1) Pikeun référénsi, urang tiasa nyonto ka nu tos suksés lebet kana Unicode,
nyaéta Aksara Bali dina situs BabadBali [1], hususna préséntasi ngeunaan
komputerisasi aksara Bali [2]. 

2) Numutkeun Everson, ku kawalerna patarosan-patarosan anu kamari dikedalkeun
ku sim kuring, insya Allah cekap kanggo bahan proposalna. Salian ti éta,
panginten peryogi ogé serat rekomendasi ti Pemda pikeun standardisasi aksara
Sunda kana Unicode kanggo nguatkeun posisi proposal téa. Teras serat
rekoméndasi ogé ti Badan Standardisasi Nasional (BSN), contona [3]. 

3) Kanggo kontak sareng Unicode, tiasa ditingal tina serat rekomendasi BSN
alamat Unicode. Urang tiasa ngahubungan Michael Everson, margi anjeunna téh
salah sahiji anggota. Sim kuring parantos sababaraha kali koréspondensi. Dina
kasus aksara Bali, anjeunna diulem sumping ka Bali
kanggo ngadamel proposal téa. Proyék aksara bali nyalira cenah nyéépkeun 40
juta, tapi panitiana teu kabagéan da séép kanggo ongkos. :) Saupami
korespondénsi antawis panitia di Indonesia sareng di dieu tiasa
lancar, panginten teu kedah ka dinya ogé teu nanaon. 

Hatur nuhun,
-Dian- 

On 11/01/06, oman abdurahman  [EMAIL PROTECTED]
wrote: 

Bil khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi sareng sadaya anu seja rereongan ngurus
Unicode Aksara Sunda,

Nembe saparantos si kuring macaan padungdengan perkara aksara Sunda di
Unicode, si kuring ngahubungan Abah Surya via telepon. Maksudna mah taya lian
minangsaraya pangnepikeun ieu pamaksudan ka Pemda Jabar, bil khusus, ka
kepalaDisbudpar Jabar anu boga kawenangan dina urusan aksara Sunda. 

Abah Surya ngarojong pisan, malah hal ieu teh bade langsung didugikeun
ku anjeunna ka pihak-pihak anu pakait. Ngan, tumali sareng kasibukan jeung
kakirang-engeuhan para pangagung pamarentahan kana IT aya pamundut
ti Abah: saena kaperluan keur nguruskeun hal ieu teh ditulis dina wangun surat atawa proposal.
Keur gambaran wae: kadisbudpar akhir-akhir ieu teh ukur 2-3 jam kulem
sadidintenna tina awahing ku sibuk sagala di urus, ma'lum kitu kedahna sareng

[Urang Sunda] Re: Nyuhunkeun tulung bahan lajuninglaku--Re: [kisunda] Aksara Sunda dina unicode

2006-01-13 Terurut Topik Dian Nugraha

Sumangga kang Oman dilajengkeun. Abdi ngarojong pisan panitiana diluluguan ku kang Oman.Panginten ayeuna mah abdi ngantos kabar salajengna, utamina waleran ti para ahli téa tina patarosan-patarosan anu kamari dikintunkeun.
Wassalaam,-Dian-On 12/01/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Kang Dian,

Hatur nuhun pituduhna, munel kalintang.Saheulananan, naon rupi anu dikintunkeun dina posting salira anu dibalesan ieu parantos cekap keur bahan lajuning laku.Katerangan-katerangan jeung conto-conto dokumen anu diperlukeun keurngurus aksara Sunda sangkan kacatet di Unicode - sakumaha dina alamat tumbuloka (referensi) ti salira - kalintang ageung manfaatna.

Saayeunaeun, naon anu keur digarapan enggoning lajuning laku ieu kagiatan diantarana nya ngahubungan sababaraha pihak anu katangen baris tiasa ngarojong ieu rarancang saenggal-enggalna. Dina leresan ieu,kalebet neruskeun posting-posting anu mekar di milist dina jejer ieu ka dulur-dulur anu aya di pamarentahan ogeka ahli basa jeung aksara Sunda anu karongkong, geus conggah jeung katangen baris gasik ngarojong.

Ngeunaan panitia, nya ari kapercaya mah ku sadayana si kuring anu jadi luluguna - utamana di darat - mangga teh teuing. Seksi ingkig tea saur Mj mah. Nanging, rupina kaputusan saha-sahana panitia jeung luluguna mah, utamina versi pamarentah - lamun tea mah aya perhatian ti pamarentah dina lebah dieu (payusna mah aya) - urang antosan wae kumaha kecebur caina, geletuk batuna. Sok sanajan teu katunjuk jadi panitia atawa lulugu resmi versi pamarentah engke-lamun aya -poma urangtetep ilubiung ngabantuanieu kagiatan samampuna, sakadugana. Insya Alloh sim kuringogeseja kitu lalampahan teh.

Alhamdulillah, pihak anu dihubungan, boh ti pamarentahna sumawonna ahli kabudayaan mah, danget ieu ngarojong jeung gura-giru neruskeun jejer ieu ka pihak-pihak sejenna anu pakait. Urang du'akeun wae jeung prak garapan ku sarerea, pamugi kahayang aksara Sunda asup kana Unicode teh enggal-enggal kalaksanakeun. Amin.

timpah hatur salam,
manAR

On 1/12/06, Dian Nugraha [EMAIL PROTECTED]
 wrote:
Kang Oman, Hatur nuhun parantos ngadugikeun ngeunaan hal ieu ka Abah Surya. Panginten peryogi disusun timna nya ti Kusnét kanggo proyék ieu? Kinten-kintenna saha waé? 
1) Pikeun référénsi, urang tiasa nyonto ka nu tos suksés lebet kana Unicode, nyaéta Aksara Bali dina situs BabadBali [1], hususna préséntasi ngeunaan komputerisasi aksara Bali [2]. 2) Numutkeun Everson, ku kawalerna patarosan-patarosan anu kamari dikedalkeun ku sim kuring, insya Allah cekap kanggo bahan proposalna. Salian ti éta, panginten peryogi ogé serat rekomendasi ti Pemda pikeun standardisasi aksara Sunda kana Unicode kanggo nguatkeun posisi proposal téa. Teras serat rekoméndasi ogé ti Badan Standardisasi Nasional (BSN), contona [3]. 
3) Kanggo kontak sareng Unicode, tiasa ditingal tina serat rekomendasi BSN alamat Unicode. Urang tiasa ngahubungan Michael Everson, margi anjeunna téh salah sahiji anggota. Sim kuring parantos sababaraha kali koréspondensi. Dina kasus aksara Bali, anjeunna diulem sumping ka Bali kanggo ngadamel proposal téa. Proyék aksara bali nyalira cenah nyéépkeun 40 juta, tapi panitiana teu kabagéan da séép kanggo ongkos. :) Saupami korespondénsi antawis panitia di Indonesia sareng di dieu tiasa lancar, panginten teu kedah ka dinya ogé teu nanaon. 
Hatur nuhun,-Dian- 
On 11/01/06, oman abdurahman 
[EMAIL PROTECTED] wrote: 

Bil khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi sareng sadaya anu seja rereongan ngurus Unicode Aksara Sunda,

Nembe saparantos si kuring macaan padungdengan perkara aksara Sunda di Unicode, si kuring ngahubungan Abah Surya via telepon. Maksudna mah taya lian minangsaraya pangnepikeun ieu pamaksudan ka Pemda Jabar, bil khusus, ka kepalaDisbudpar Jabar anu boga kawenangan dina urusan aksara Sunda. 

Abah Surya ngarojong pisan, malah hal ieu teh bade langsung didugikeun ku anjeunna ka pihak-pihak anu pakait. Ngan, tumali sareng kasibukan jeung kakirang-engeuhan para pangagung pamarentahan kana IT aya pamundut ti Abah: saena kaperluan keur nguruskeun hal ieu teh ditulis dina wangun surat atawa proposal. Keur gambaran wae: kadisbudpar akhir-akhir ieu teh ukur 2-3 jam kulem sadidintenna tina awahing ku sibuk sagala di urus, ma'lum kitu kedahna sareng sumangetna nuju ngagedur pisan kana urusan budaya. Atuh dina lebah IT, tos jadi rahasia umum yen pagawe pamarentah kurang engeuh kana IT, kajabi hiji-dua anukersa neuleuman sareng prak ngalarapkeundina keperluan kahirupan sapopoe. Kukituna, naon rupa anu rek didugikeun ka Pamarentah dina lebah IT - sanajan urang yakin penting jeungngadesek -sanea kudu asorkeunkalawan geus kari mukajeung ngahartikeun sapada harita.Teu aya sanes, sangkan henteukedah kerung anu merlukeun waktu pikeunpaham tug nepi ka anu dimaksudna. 

Kukituna, pikeun nyusun bahan surat ka Pamarentah ieu - dina raraga ngagolkeun pamaksudan Aksara Sunda resmi kacatet dina Unicode, si kuring seja minangsaraya bantuan ka sadayana anu haat merhatikeun hal ieu. Bil khusus 

[Urang Sunda] Re: Nyuhunkeun tulung bahan lajuninglaku--Re: [kisunda] Aksara Sunda dina unicode

2006-01-12 Terurut Topik Dian Nugraha

Kang Oman, Hatur nuhun parantos ngadugikeun ngeunaan hal ieu ka Abah Surya. Panginten peryogi disusun timna nya ti Kusnét kanggo proyék ieu? Kinten-kintenna saha waé? 1) Pikeun référénsi, urang tiasa nyonto ka nu tos suksés lebet kana Unicode, nyaéta Aksara Bali dina situs BabadBali [1], hususna préséntasi ngeunaan komputerisasi aksara Bali [2].
2) Numutkeun Everson, ku kawalerna patarosan-patarosan anu kamari dikedalkeun ku sim kuring, insya Allah cekap kanggo bahan proposalna. Salian ti éta, panginten peryogi ogé serat rekomendasi ti Pemda pikeun standardisasi aksara Sunda kana Unicode kanggo nguatkeun posisi proposal téa. Teras serat rekoméndasi ogé ti Badan Standardisasi Nasional (BSN), contona [3].
3) Kanggo kontak sareng Unicode, tiasa ditingal tina serat rekomendasi BSN alamat Unicode. Urang tiasa ngahubungan Michael Everson, margi anjeunna téh salah sahiji anggota. Sim kuring parantos sababaraha kali koréspondensi. Dina kasus aksara Bali, anjeunna diulem sumping ka Bali kanggo ngadamel proposal téa. Proyék aksara bali nyalira cenah nyéépkeun 40 juta, tapi panitiana teu kabagéan da séép kanggo ongkos. :) Saupami korespondénsi antawis panitia di Indonesia sareng di dieu tiasa lancar, panginten teu kedah ka dinya ogé teu nanaon.
Hatur nuhun,-Dian-On 11/01/06, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Bil khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi sareng sadaya anu seja rereongan ngurus Unicode Aksara Sunda,

Nembe saparantos si kuring macaan padungdengan perkara aksara Sunda di Unicode, si kuring ngahubungan Abah Surya via telepon. Maksudna mah taya lian minangsaraya pangnepikeun ieu pamaksudan ka Pemda Jabar, bil khusus, ka kepalaDisbudpar Jabar anu boga kawenangan dina urusan aksara Sunda. 

Abah Surya ngarojong pisan, malah hal ieu teh bade langsung didugikeun ku anjeunna ka pihak-pihak anu pakait. Ngan, tumali sareng kasibukan jeung kakirang-engeuhan para pangagung pamarentahan kana IT aya pamundut ti Abah: saena kaperluan keur nguruskeun hal ieu teh ditulis dina wangun surat atawa proposal. Keur gambaran wae: kadisbudpar akhir-akhir ieu teh ukur 2-3 jam kulem sadidintenna tina awahing ku sibuk sagala di urus, ma'lum kitu kedahna sareng sumangetna nuju ngagedur pisan kana urusan budaya. Atuh dina lebah IT, tos jadi rahasia umum yen pagawe pamarentah kurang engeuh kana IT, kajabi hiji-dua anukersa neuleuman sareng prak ngalarapkeundina keperluan kahirupan sapopoe. Kukituna, naon rupa anu rek didugikeun ka Pamarentah dina lebah IT - sanajan urang yakin penting jeungngadesek -sanea kudu asorkeunkalawan geus kari mukajeung ngahartikeun sapada harita.Teu aya sanes, sangkan henteukedah kerung anu merlukeun waktu pikeunpaham tug nepi ka anu dimaksudna.

Kukituna, pikeun nyusun bahan surat ka Pamarentah ieu - dina raraga ngagolkeun pamaksudan Aksara Sunda resmi kacatet dina Unicode, si kuring seja minangsaraya bantuan ka sadayana anu haat merhatikeun hal ieu. Bil khusus ka Kang Dian, Mh, Kang Kumi oge anu sanesna anu sayogi. Upama anu dulur-dulur anu dipenta tulung papada sibuk, teu nanaon sakirana bantuan teh mangrupa pituduh (alamat web, link, pihak-pihak anu bisa dihubungan, jst). Bahan-bahan anu diperlukeun teh nyaeta:

1) Pedaran ringkes ngeunaan Unicode (sacara ringkes guaran ngeunaan:harti, maksud jeung tujuan Unicode, asal-usul Unicode, lingkup Unicode, manfaat Unicode);

2) Syarat-syarat sangkan Aksara Sunda bisa katuliskeun dina Unicode (aya rohangan keur aksara Sunda dina Unicode) kalawan pedaran singget wangun ieu syarat-syarat (surat, dokumen, gambar-gambar bukti digunakeunana aksar Sunda, jst);

3) Proses ngurus Unicode (pihak mana wae anu kudu dihubungan, kumaha wae prosesna, kamana surat pengajuan dialamatkeun jeung kusaha dikirimkeunana, jst);

4) Sareng bahan nu sanesna anu diperyogikeun.

Hatur nuhun, diantos pisan gawe barengn. Hatur nuhun.

baktos,
manAR

Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id

SPONSORED LINKS
  
Corporate culture
  
Business culture of china
  
Organizational culture
  
Organizational culture change
  
Jewish culture
  
  YAHOO! GROUPS LINKS

  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

[Urang Sunda] Re: Nyuhunkeun tulung bahan lajuninglaku--Re: [kisunda] Aksara Sunda dina unicode

2006-01-12 Terurut Topik Dian Nugraha

Hilap tumbuweb-na:[1] http://www.babadbali.com/aksarabali/[2] http://www.babadbali.com/aksarabali/presindo.htm
[3] http://www.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n2974.pdf (Serat rekomendasi ti BSN)On 12/01/06, 
Dian Nugraha [EMAIL PROTECTED] wrote: