Sajarah Ibing di Pasundan*)
Kenging R.Tjetje Somantri
 
Sajarah ibing Sunda anu ku jisim kuring pribadi kaalaman karandapan, nya eta ti ngawitan campleng taun 1900. (Ti sateuacanna keneh sim kuring nguping rupi-rupi wartos ayana tayuban, wayang wong, topeng, doger, gedut ketuk tilu, sjte).
Wayang wong tadi, kitu deui topeng sareng doger, dipetakeun ku anu ngaramen bae, anu ditaranggap di mana-mana, da dipikaresep tea ku urang rea, dugi ka saban-saban ditanggap nu lalajo teh munggah noyek jejel pasedek-sedek.
Dupi nayuban, diayakeun dina hahajatan kariaan sareng pepestaan, nya eta di Kabupaten-kabupaten, kawadanaan, kacamatan, dugi ka bale desa-bale desa. Gamelannana nu dianggo, ilaharna gamelan laras Pelog; ronggengna dua, rajeun tilu, tampolana langkung. Menggah petana (padamelannana) ronggeng-ronggeng teh nya eta ngawih (nyoraan) sareng ngigelna; ronggeng anu pangtegepna (panggeulisna) sarta soantenna pangraosna (punjul katiasana) dijadikeun Nyi Lurah Ronggeng.
Dina nuju para nayaga nambul (nabuh teu diibingan) ronggeng-ronggeng teh dariuk ngaliung tukang rebab bari ngarawih, nyaroraan gending.
Naon margina numawi dariuk caket tukang rebab kitu?
Lantaran tukang rebabna nu ngarengga lagu, minangka nyesepuhan panayagan; dupi ronggeng-ronggeng ngarawih narumutkeun sora rebab.
Dina pepestaan kasebat di luhur, salah saurang nu sarumping ngaluuhan, kapeto jadi tukang ngabaksaan, nya eta anu kawajiban nyanggakeun soder ka nu kaselir kedah ngibing.
Petana: Ngawitan ieu tukang ngabaksaan calik payuneun gamelan sarta mayunan baki nu dieusi soder; ti pengkereunnana, ronggeng-ronggeng tadi, anu sami tarapti ngiring anu ngabaksaan eta.
Engke teh rebab mangkat; leresan wirahma pangkat (gungna goong), breng gamelan muni, lagu Papalayon, bareng sareng ragragna goong pangkat. Tukang ngabaksaan katut ronggeng cong nyarembah, bring ngaribing; anu ngabaksaan tadi, kalawan nyandak baki anu dieusi soder tea, angkat baksa anu naringgang kana wirahma lagu; ronggeng-ronggengna tipengker ngarigel.
Tukang ngabaksaan nyanggakeun soder ka menak atanapi priyantun anu martabat nu pangluhurna (pangagungna); nu nampina soder jung ngadeg; rap soder dianggo, lajeng mundut lagu, upamina: Gunungsari.
Salah saurang tamu jung ngadeg nyandak lumur kosong kiwa tengen, lajeng mayunan nu nyandak soder, maksadna mundut widi bade ngamairan (ngarencangan ngibing). Saparantosna diwidian, ngibing; ronggeng nu kadua cong nyembah jung nangtung ngiring ngigel, nya diibingan ku anu mairan tea. Kinten aya dua tilu menitna, jung deui saurang ngamairan nyepeng lumur kosong; sakengingna widi ti nu ngagem soder, teras deui ngiring ngamairan; cong ronggengna nu katilu nyembah nyampeurkeun nu ngamairan kadua tea; ieu lajeng diibingan. Kitu bae salajengna saseueurna jumblah ronggeng nu dianggo dina eta tayuban.
Anu pangremenna ngawih nya eta Nyi Lurah Ronggeng; ronggeng-ronggeng nu sanesna nyoraan mung selang-selang bae, upami Nyi Lurah nuju ngaso (teu ngawih).
Saparantos aya sajongjongan ngaribingna, rengkenek juru inuman ngiring nyandak ergelek dieusi inuman, keupat nyampeurkeun nu ngagem soder. Leresan ragragna goong, cur lumur nu ngagem soder dieusian; saterasna nu ngamalairan oge sadayana dicician lumurna. Ngeusian lumur ieu oge bareng sareng ninggangna goong kana wirahma.
Saparantos sadaya lumur dieusi, nu ngagem soder ngibingna majeng di tengah medan, nanging tetep bae dina satempat. Ayeuna lar nu ngamalairan angkat keupat ninggang wirahma nyalampeurkeun; leresan goong ninggang dina pungkasan, lagu ngaribingna oge pungkas. Ronggeng-ronggeng dariuk deui ngaliung tukang rebab.
Sabada kitu nu ngagem soder sasauran, ngawilujengkeung ka anu kagungan karia atanapi Pangagung anu dipestakeun. Leresan dieu tamu-tamu anu heunteu ngaribing oge sami ngaradeg, malah sapalih mah ngiring nyepeng lumur katut dieusina inuman. Tuntas sasauran (biantara) rot sadayana ngararot dipirig ku lagu Monggang.
Ti dinya mah anu ngaribing lalinggih deui satempatna satempatna.
Saparantos para nayaga katut ronggeng-ronggeng sakadar ngaraso, rebab mangkat deui; leresan wirahmana gung goong, der deui gending muni, ayeuna lagu Banjaran Kering.
Nyi Lurah Ronggeng top nyandak bokor, lay keupatna ninggang wirahma ngabujeng ka nu ngagem soder tadi. Kinten antawis tilu meter deui lajeng gengsor; leresan goong mungkaskeun lagu cong nyembah gek diuk, harempoy emok mendo bari nyepeng bokor payuneun nu tadi ngagem soder. Ieu teh creng ngalebetkeun artos kana bokor. Maparin artos ka Nyi Lurah Ronggeng kieu teh disebatna “masak”.
Samemeh masak teh sapalih tamu mah sok mundut dipangmaoskeun heula ku Nyi Lurah Ronggeng. Laguna anu sok ditembangkeun teh biasana Dangdanggula atanapi Sinom Pangrawit.
Sabada tembang Nyi Lurah Ronggeng nyembah lajeng mundur, gek deui caket tukang rebab.
Ngaso sakedap, tukang ngabaksaan ngalajengkeun deui kawajibannana; ayeuna laguna (biasana) nu dianggo Banjar Kering atanapi Renggong Gancang. Salajengna prakprakannana sapertos tadi bae.
Nayuban ilaharna dipetakeun ari wengi, ti bada isa dugi ka bray siang. Sakapeung sok aya oge nu ngayakeun tayuban siang.
Sakitu perkawis nayuban.
 
Jabi ti tayub kieu teh aya deui karasmenan ngibing, nya eta gedut ketuk tilu. Ieu mah ti bada isa dugi ka tengah wengi bae; nya osok oge aya nu dugi ka enjing. Diayakeunnana dina pepestaan ageng; ilaharna di alun-alun, di pakarangan Kabupaten, (salamina di luar, langka anu di lebet wangunan).
Tatabeuhannana: rebab, ketuk, gendang, kempul sareng goong. Ronggengna aya 10 atanapi 12 mah, anu ngarigelna kukurilingan bari ngelak ngawih.
Nu ngaredutna biasana para jajaka urang kampung bae, anu heunteu kedah diondang, saha bae oge kenging lebet. Maranehna ayeuna garedut kukurilingan, ronggeng-ronggengna narangtung di tengah bari ngarawih. Dina lagu lenyepan, ronggeng-ronggeng nyalampeurkeun ka nu garedut bari ngawih piligenti.
Dina taun 1911 Aom Doyot, menak teureuh Sumedang, nu harita jadi Wadana Leuwiliang, saban-saban kempelan di Purwakarta sok ngawulang ngibing ka para putra priyantun di ieu dayeuh; nya sim kuring oge harita ngiring diajar.
Ti taun 1900-na Sumedang, Bandung, Garut sareng Tasikmalaya sok kadongkapan rombongan Topeng ti Cirebon. Nu jadi dalangna (nu nopengna) duaan, nya eta Bapa Koncer sareng Bapa Wentar. Ieu topeng teu kinten pajengna ku tina saena, malah sok sering ditanggap di kabupaten.
Lami-lami seueur para nonoman nu kabaritaeun haroyong ngiring ariasa ngibing; nya lajeng galuguru ka Bapa Koncer sareng Bapa Wentar tadi.
Murid-murid Bapa Koncer sareng Bapa Wentar seueur pisan; nu sim kuring terang bae: R.Wirakusuma Lurah Rancaekek, Jrg.Wiranta nu kagungan pabrik aci di Cibiru, saderek Okes Kartaatmaja di Ciparay, sareng seueur-seueur deui.
Dina taun 1918 ku alpukahna Asep Berlian, putra H.Abdulsukur di Bandung, Bapa Wentar katut Bapa Koncer sakulwargina miwah para kancana dialangkir di bumi ramana. Para putra Juragan Haji teh: Asep Berlian, Endang Tamim sareng Endang Asari galuguru ngibing ka Bapa Wentar sareng Koncer. Jabi ti eta tiluan teh seueur deui nu ngiring galuguru, para nonoman ti pasar, para priyantun sareng ti golongan nu sanesna. Malah jisim kuring oge harita ngiring deui diajar.
Bapa Koncer ngajarkeun ibing gagah, ibing ponggawa sareng ibing kalana, nu dipirig ku lalaguan keringan, upamina: Bendrong, Banjaran, Solontongan, Waledan, sjte.
Bapa Wentar ngawejangkeun ibing lemes sareng ibing gandang, nu lalaguannana leyepan: Udanmas, Banjar Sinom, Kulu-kulu, Karanginan, Gawil, sjte.
Sakitu manawi heulaanan tina perkawis ibing di Pasundan, nu kaalaman ku jisim kuring pribadi.
 
  • Dicutat tina majalah Budaya No 2  (taya tanggalna. Tapi, mun ningali salah sawios seratan nu aya dina eta majalah, ieu majalah teh terbit taun 1953), kaca 9-13. Aslina ditulis dina ejaan Suwandi atawa Ejaan Lama. Iwal ti nami nu nyeratna nu tetep dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakannana diganti ku hurup EYD.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke