Sunda Buhun*)
 
Dina Paririmbon Bayah aya babad kieu :
 
Pamarentah Rum ngiangkeun abrulan jalma pria wanita pibibiteun ka Nusa Sawarga, nebak Samudra Kidul.
Nusa mana-manana nu disebat atanapi nu dimaksad Sawarga teh teu diterangkeun, mung cenah para panumpangna di satengahing samudra rea nu tipecleng ka laut, sarta saaranjogna ka Swargatantra katarajang sasalad; di dieuna aya nu digaksak ku sato galak deuih. Ku bawaning ngaraos palalaur, tugenah tur kareueung, sakantunna cenah marulang deui bae; saeutik pisan anu tariasa wangsul walagri ka nagarana teh.
Sadarongkapna parupulih hal kasangsaraan kabalangsakannana di jalan; dicarioskeun yen tutuwuhan Sawarga seuseueurna jawawut, kunyit sareng hanjeli; seueur panyakit rea dedemit.
Sarupi kahudang panasaran, teu kalis ku palemahan bangun sakitu sangar-angkerna, cariosna Rum tatan-tatan pakeun iangan kapindo, ayeuna mah iangan anu samakta: Pakuncen Juja-majuja disarengan ku resi Armaga sareng dua ajar Weda, katut saurang deui senapati ti Babil, ieu limaan cenah ngokojoan abrulan ageung kinten dua rewu kuren jalma, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut angkleung-angkleungan dina sabaraha parahu tohaga.
Leresan Lengkapura mepekkeun pibekeleun, malah ti dieuna diwuwuh aya samentawis parahu ngariring; mutuh matak reugreug ka sarerea. Bral balayar nuluykeun lalampahan; ayeuna mah ngalangkung Nusa Lamuri (manawi P.We ayeuna) malapay basisir-wetan Samudra (Sumatra), narutus ngajugjug pupucuk kidul (Gupitan Sunda?).
Saaranjogna sidik kataringali jabining kalapa sareng korma teh (ieu maksadna manawi tangkal bangsaning jambe-kawung-bogor) jawawut tea tembong tingjalembrung, malah rombongan Lengkapura mah nyebatna cekap ku jawa bae.
Sateuacan bebetah bebenah, para nujumna maretakeun heula sarat palakiah ku mendeman rupi-rupi tumbal katut panyinglar gogoda rancana, dina tegalan-tegalan sareng papasir.
Ti katebihan katon G.Batuwara, mutuh matak waas, haseupna nyerebung nutug reueuk.
Teu acan pisan reres nu metakeun pependeman...na ana beledug teh G.Batuwarna bitu! ... Mahalana anu sanes lumayan: tina kawit etang ewon, semah teh taya wartosna deui saurang-urang acan. Riwayatna seret dieu jep jempe teu ngajanggari... Wungkul kocap gupitan tambah lega, jojontor Tulangbawang mondokan teu nyohnyor teuing ka dinya. Panaitan lesot ti bobojong Wahanten. Dupi Batuwara tadi bencar beulah tilu; dina pancahan nu pangageungna parantos clo deui pasir anu nungtut lain wuwuh luhur.
Iangan ti dayeuh Rum anu nema, teu aya kacatur deui.
Babad-sempalan Timur ieu anu kaya kalampud ku kawinduan, supaan ku pajamanan, cenah pareng kacatet ku Mpu Gandra, anu nungturun ngambah Catur Akswara (opat basa katut aksara?), anu ku jarambahna ahli carita cenah deui, ku angkeuhan mambrih resmi malar dipiloma, kawit carios sasaka, diraeh geseh sapalih, anu wuwuh lamu wuwuh menclog ti asal, pamugasan ngajadi dongeng sesemben.
Sunda Purwa (“purwa” di dieu ku sim kuring dihartoskeun: wetan) kocap jadi pamuhitan onom; dupi Sunda Wahanten dumadi lemah ancik-ancikan: Medanggili; pribumi basisirna ieu kungsi taker getih nyekel cangcut bilang tatu sareng “bajo-bajo” Lengkapura anu pedah pangna bangsana kapungkur teu aya warangsul deui teh samarukna digempur ku ieu pribumi; nanging pancalongok anu kasoran jurit, diangseg ti basisir ka tengah laut, dihujanan ku batu sareukeut sareng “lembing awi runcing”.
Riwayatna deui: Maharaja Tiongkok teureuh Hia, ngaraos sugema manah, reh hasil maksadna ngamilik cula badak bule ti: Medanggili Kidul.
Urang Medanggili ieu moal boa pribumina iseli, sarta tiasa jadi rundayan Jenggi Kidul (Ustrali) anu wartosna kungsi aya sabubuhan bubuara di Cilauteureun; diwuwuh ku wawaran ti Sam Pan Mang Wang Maharaja tadi: pakulitannana semu hideung, pangawakan rata-rata seseg weweg semu mungkuk, panonna henteu saripit, ngomong teu ngebrehkeun teuing huntu cara maranehna.
Jamanna sanggem paririmbon tadi, sinebat jaman Kukila (manuk), alatan rebut hirupna manusa sapanjang basisir lir paksi: anu bedas atanapi pelit, eta anu untung.
Pangeusi Medanggili buhun kawartoskeun teu acan tarerang kana miruha, nanging tangtos teu bireuk kana seuneu kana haseup, kana lebu silalatu, nu asal tina kahuruan dilantarankeun ku gelap atanapi halodo banget; tacan tarerang di reuma di jami, kana huma serang kana pare, nanging langkung ti wawuh kana jawawut; teu garaduheun sesembahan, nanging “harideng” yen aya nu kawasa ngayakeun hujan.
Hirupna teu netep; ana ngiuhan atanapi marondok cekap ku dina legon-legon anu nyangkeredong sakasampeurna; kaanginan teu dihiding, mung dina usum ngijih awak barudakna anu halengker dibalur ku taneuh porang, malar teu tiriseun teuing.
Pakasaban anu jadi babakuna: buburu, ngala lauk sareng ngempelkeun bubuahan (wanitana: ngurus orok, ngempelkeun beubeutian sareng bongborosan).
Parabot atanapi pakakas: Hinis, babaliungan (bangsaning toe laut anu pohara sareukeutna), panggerus (batu anu lumayan pisan), sareng huntu gelap, nyaeta batu walungan anu semu ngabangun patik (digunakeun kampak leungeun, teu digagangan) kenging sapalihna nyeuseukeut ku disompal-sompal ku batu deui.
Pakarangna: batu caleper nu sakinten sareukeut lalancip pamaledog, popotongan kai kenging ngahaja milihan nu barengkok baringkeng (tarabah kacida malengpengkeunnana), tulang pingping banteng (keur paneunggeul atanapi panggitik), kitu deui sumpit (ieu pakarang anu baku) sareng tumbak awi (lalancipna sakapeung diterapan pamatil atanapi cucuk buntut lauk gede; upami teu kitu dipeurahan ku wisa oray taneuh= oray lemah).
Musuh maranehna sadidinten nyaeta sato galak; jadi geus mudu tansah caringcing bae; nanging hirup kieu teh tangtosna tutur; mung ku margi kitu rata-rata kaum priana gorejag tarangginas, anggahotana sasat kalatih unggal dinten, lumpat tararik, naekna kakalacatan, luncat tina dahan ieu cat kana dahan itu, sarta tarabah ngalempagkeun tumbak awi. Jabi ti eta tariasa lumpat mapay tapak lacak musuh atanapi sato leuweung, sareng laludeungan ku pulus ku cucuk, ku seungseureudan.
Maranehna negetan pisan apes-apesna sato galak, sarta pantrang gugup. Ti kaanggangan keneh ieu katangen ambeuna, rajeun tiasa nangtoskeun sato naon anu pingaraheun pati, jadi tariasa taki-taki ti anggalna; malah cenah anu tareuneung mah tarung sareng sato galak teh jadi tongtonan kanca sapakumbuhannana tina luhur kai. (Roesjan)
 
  • Dicutat tina majalah Budaya No 3  (taya tanggalna. Tapi, mun ningali salah sawios seratan nu aya dina eta majalah, ieu majalah teh terbit taun 1953), kedahna kaca 21 (majalah Budaya edisi eta teu dikacaan!). Aslina ditulis dina ejaan Suwandi atanapi Ejaan Lama. Iwal ti nami nu nyeratna (Tubagus Roesjan, karyawan Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PP&K) nu tetep dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakannana diganti ku hurup EYD. Hurup-hurup nu dikandelan, dina artikel aslina dicitak ku hurup badag (kapital). Diganti malah mandar teu sareukseuk katingalna.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke