Re: [Urang Sunda] Sunda Purwa ( Sajarah cikal bakal karajaan sunda )

2005-12-06 Terurut Topik tarawadul tarawadul



Nyambung kana hal di luhur, ngango judul Sunda PurwaAbdi kalebet anu mikaresep kana sajarah sunda.Mugiya aya baraya anu tiasa ngaguar silsilah ayana karajaan sunda anu di mimitian di wewengkon banten ku prabu Suryawarman.sareng masalih patilasan candi di wewengkon rancaekek kumaha ayeuna perkembanganana.mangga  wslm  twadul  
		 Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less





Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id









  
  
SPONSORED LINKS
  
  
  

Corporate culture
  
  
Business culture of china
  
  
Organizational culture
  
  


Organizational culture change
  
  
Organizational culture assessment
  
  
Jewish culture
  
  

   
  







  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









Re: [Urang Sunda] Sunda Purwa ( Sajarah cikal bakal karajaan sunda )

2005-12-06 Terurut Topik oman abdurahman



(kamilist anu sanesna, hapunten sakantenan ieu mairan teh dipostingkeun):

Haturan Kang Jujur (tarawadul :)),

Ngadegna karajaan Sunda nuturkeun Naskah Wangsakerta (NW), sanes di Banten (upami wewengkon Banten mah tiasa), namung di Salakanagara (kira-kira caket Pandeglang, kl abad kahiji masehi). Nuturkeun sajarah anu baku di sakola-sakola, karajaan Sunda anu mimiti kapanggih nyaetaTarumanagara di daerah Bogor kl abad 5 M, rajana Purnawarman sakumaha dina prasasti Kebon Kopi, Ciampea (Alhamdulillah, si kuring kungsi ngolongok eta prasasti). 


Sok sanajan kitu, karajaan pangkolotna di Nusantara, sakumaha dina buku2 standar pangajaran sakola, kapanggih di Kutai, samemeh abad 5 M, anu rajana, Mulawarman tea. Tetela, tina akhir kecap ngaran raja-raja anu sarwa man, siga aya hubungan antara Mulawarman jeung Purnawarman. Nya ari ceuk NW mah puguh wae, da Mulawarman teh kaasup kapimamangna keneh Purnawarman. Kacindekan: ayana karajaan Kutai jeung Mulawarman-na bisa jadi hiji entry point keur ngabuktikeun bener-henteuna NW (lamun can yakin, ari kuring mah yakin, NW teh kaasup buku sajarah oge).
Balik deui soal karajaan Sunda anu mimiti, anu jelas sanes di Banten sareng rajana sanes Suryawarman. Upami nuturkeun NW-mah, karajaan anu mimiti teh nyaeta Salakanagara (abad kahiji M tea), kalawan rajana Dewawarman I tea. Tangtuna karajaan dina periode awal ieu mah moal bisa dibayangkeun atawa dibandingkeun sarua jeung kaayaan karajaan Mataram, upamana. Tangtuna basajan pisan. Anu rada geus berkebudayaan mah nya Tarumanagara tea, anu rajana tos ngahontal tingkatan kapake ku masyarakat (sakumaha dina prasasti kebon kopi). Sok sanajan basajan, ngaranna oge sejarah, asal-usul tea diantara hartina teh, nya biasa wae kacaritakeun mah.


Sakitu heula, ngeunaan pedaran karajaan di Tatar Sunda, geus mindeng diguar di milist. Hampura upama teu acan aya anu ngaguar deui. Mangga pariosan wae arsip file ieu milist, atawa longok FAQ ieu milist, sugan geus aya dina agenda FAQ jejer ngeunaan silsilah raja-raj Sunda teh. Lamun can aya, nya meureun tugas urang sarerea ngeusianana. Upami merlukeun katerangan leuwih jauh ngeunaan NW, tiasa diuningaan buku Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat (4 jilid, pedalan pamarentah Jabar, dicitak ku cv. Geger Sunten, Bandung, upama teu lepat mah).


Cag.
baktos,
manAR
(lahir nepi ka smp di Ciamis,Galuh tea, ayeuna dumuk di Bandung)




On 12/6/05, tarawadul tarawadul [EMAIL PROTECTED] wrote:

Nyambung kana hal di luhur, ngango judul Sunda PurwaAbdi kalebet anu mikaresep kana sajarah sunda.Mugiya aya baraya anu tiasa ngaguar silsilah ayana karajaan sunda anu di mimitian di wewengkon banten ku prabu Suryawarman.
sareng masalih patilasan candi di wewengkon rancaekek kumaha ayeuna perkembanganana.manggawslmtwadul


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less 
Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS 




Corporate culture 

Business culture of china 

Organizational culture 


Organizational culture change 

Organizational culture assessment 

Jewish culture 


YAHOO! GROUPS LINKS 

Visit your group urangsunda on the web. 
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED] 
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 











Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id









  
  
SPONSORED LINKS
  
  
  

Corporate culture
  
  
Business culture of china
  
  
Organizational culture
  
  


Organizational culture change
  
  
Organizational culture assessment
  
  
Jewish culture
  
  

   
  







  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









[Urang Sunda] Sunda Purwa

2005-12-02 Terurut Topik Maman Gantra



Panasaran ku "komentar" sorangan ngeunaan Tari Merak di HBH Kusnet kamari, kuring kurah-koreh dina pabukon. Neangan buku nu diwedalkeun ku MSPI, ngeunaan Cece Somantri jeung Tb.Omay Martakusuma. Karah manggih sawatara majalah Budaya nu diwedalkeun ku "Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PPK", mangsa Tb.Omay nyangking pupuhu di eta lembaga.Dibulak-balik, aya tulisan di handap ieu. Ngahaja nitah disalin, oge sawatara tulisan lianna, sugan aya mangpaatna. Anapon ieuartikel aslina ditulisdina ejaan Suwandi atawa Ejaan Lama. Iwal ti nami nu nyeratna (Tubagus Roesjan, karyawan Jawatan Kabudayaan Jawa-Kulon, Kamantren PPK) nu tetep dina Ejaan Suwandi, kabeh cacarakan di dinya digantiku EYD. Ari nomer majalahna mah, nomer 3. Ngan,
 taya tanggalna. (Pantesna mah taun 1953, luyu jeung tulisan lian nu aya dina eta majalah). Ieu tulisan nyampak di kaca 7 nepi ka kaca 12.Hurup-hurup nu dikandelan, aslina dina eta tulisanditulis ku hurup badag.Ku kuring digantisangkan teu sareukseuk teuing katingalna.Nyanggakeun...MGT===  Sunda Purwa Unggeling Tambo Tulangbawang pustaka sigotaka Lampung asal paririmbuan Mpu Gandra, lontar pusaka kagungan Dipati Bangso Radin, Kepala Silebar taun 1668 Masehi…ujaring tambo tadi, dina pajamanan beungeut banua urang hieum sieum ku paleuweungan kiara katut paku tihang anu laluhur, tanah Sunda taneuh teureuh teh lain lainna deui jeung ules palemahan kiwari.  Wates daratan lautan ngabengbeos beda, jauh geseh jeung nu ayeuna. Banua Sunda ngagebleg ngahiji jauh ka tungtung kaler; wetanna tiba kakeureut ku gupitan Lombok kiwari. Nya payus lamun ti Bali ka Banten kocap sakabudayaan buhun
 teh; kecap Bali cenah kasarna tina Banten, anu hartina: korban; pantes deui di Banten loba ngaran desa Kebalen teh, sarta dialek Jawana kapi diteuleung.  Pangeusi Sunda alam harita, tegesna manusana, corengcang keneh pisan, mutuh manuang-maniung; ngaromongna tacan sampurna sarta sok silih hakan.  Palemahan ngajalembrung ku jawawut jeung hanjeli. Di luhur tingkarayap tinggarayot tando, ukuran jangjang upama meber ti tungtung ka tungtung deui kana 8 kaki. Dina kakayon anu caraneom ku areuy gantung, anu munggah rambay lir tumbak binang teu kabilang, ibarat janggot Sang Kala Windu, di dinya jadi paniisan: para ipri, kuntianak, durjana jeung gandarwa; kurcaca-kurcaci; dedemit
 eusi lawang taji, onom ngorobokan lakbok; siluman sileman dina kai dina leuwi; jarangkong pating juringkang; ririwana newo-newo. Jinis-jinisna: ngajirim ngariringkiwik, gewewek ngalelewaan, rerengkenekan nyanggerengan; sanajan katon anu ampuhna, respati nu raresep ngaheureuyan, daek irak sinigawe, malah ngaraksuk ngaruksak; turunannana oge lolobana jadah, beungeut nu hejo nu biru, geus puguh anu bareureum, kiwarina kaperlambang dina wayang; kitu deui aya nu wandu nu banci, mala wadu malawading, sabalikna aya nu reuneuh ku birahi pribadi.  Leuwi-leuwi dieusi lulun samak, lentah buhun ngagelemeng hideung, anu jinis jeung gedena teu geseh ti samak sajadah; petana caricing ngampar dina dasar cai; upama karasa aya nu cakrub ngaraas meuntas walungan, ngagebay nyampeurkeun mangsana, nyeuseup nyepot getihna. 
 Di janggala pancatengah anu pangcarangna ngalaman bahya alam atawa igeungna lini, di dinya jadi panahaban panonoban mahluk-mahluk atawa hewan kajinan, bangsaning maung kajajaden, monyet tumang ngabuntut ajag, aul jeung sejen-sejenna.  Kaayaan alamna anu asal hieum ku halimun, maju windu narawangan; dina hade poena, awang-awang pareng suwung aling-aling, haneutna srengenge sumarepsep sumarambah satengahing lemah, ngagelar seni alam anu narik asri rasaning ati. Langit nganggit: layung umyang semu ruhay, bulan purnama munggah ngepray, bentang baranang tingkariceup tingkaretip. Tutuwuhan wuwuh cukul, katojo dayaning teja, cahya candra sinambungan sinar surya.  Buhbeh dangdaunan anyar aneka warna katut wujud; paria lir meunang ngukir, sasampeuan ngaramo lima, mamangkokan semu mando, kewung cumondang ngadago ciibun ngendong, atawa cihujan nganjang, dumadi cikahuripan; purwa sarwa hejo mupucuk mencenges koneng, atawana bodas cekas, undak hias pulas kayas, kana meuhpeuy beureum eceuy; sapuratina ana pareng pisan ngumpul lir nu midang ngaborelang, siang sari ngaburahay.  Kembang anyarna laligar, make nyambuang wawangen, resmi lasmi ngadalingding. Ganda arum lir pangrungrum, ngajerum alumna alam.  Keleper kukupuna kumareumbing nyeuseup madu, warna jangjang ayun puntang ninggang kembang adu gandang! Beh puspa mangandeuhna aneh aheng; teu euweuheun teup euteup manyeuseupna,
 manuk leutik rumanceunik ngilitik ngebeki seni… Eta samudayana lir sumawur warna sewu paala bakat sarosopan susurupan dina mandi cahya rebut teja. Ku kituna alam atuh lir ngaitkeun wangsit daya seni kana guha-guha Kasundaan…perlambang budaya Sunda ayeuna.  Windu patumbu-tumbu, jaman patema-tema, er kasurak ka japaria hebatna wawales Maha Purba Wisesa ka jalma-jalma anu ngesek-ngesekkeun agama