Re: [Urang Sunda] Tes Basa Inggris

2005-10-13 Terurut Topik roisz



panya kuring ge sabulaneun, meh nepi ka Lebaran
heheheOn 10/12/05, ~BUDI HARSANTO~ [EMAIL PROTECTED] wrote:
Huahahaha..Naha dongengna ngan dua dinten bah?Sugan teh bade saminggu, sabulan atanapi sataun kitu.apanan ngabuburit. :regardsbarisiapsiaplumpatdasieundicarekankusiabahkasep
2005/10/12, abah kasep [EMAIL PROTECTED]:itung2 ngabuburit .. tes basa Inggris; Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
 Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.-- diteukteuk Roisz TèaMugia Urang Balarèa Aya DinaGinulur Karahayuan Ginanjar Kawilujengan 
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Sucihttp://roisz.multiply.com






Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id






  




  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.



  









Re: [Urang Sunda] Tes Basa Inggris

2005-10-12 Terurut Topik ~BUDI HARSANTO~
Huahahaha..
Naha dongengna ngan dua dinten bah?
Sugan teh bade saminggu, sabulan atanapi sataun kitu.
apanan ngabuburit. :


regards

barisiapsiaplumpatdasieundicarekankusiabahkasep


2005/10/12, abah kasep [EMAIL PROTECTED]:

  itung2 ngabuburit

 .. tes basa Inggris;

 Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.

 Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu

 borokokok.

-- diteukteuk --




 Yahoo! Groups Sponsor ~-- 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
~- 

Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

* To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

* To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

* Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
 






[Urang Sunda] Tes Basa Inggris

2005-10-11 Terurut Topik abah kasep




itung2 ngabuburit
.. tes basa Inggris;
Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu
borokokok.
Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.
Poé kahiji.
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu
ngancem
"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung dihareup ! Dadan ! "
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh
béas"
"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "
"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "
"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina"
"Nangtung dihareup ! Mahmud ! "
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "
"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Endang !
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
"Nangtung dihareup !Nandang ! "
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
"Nangtung dihareup ! Naddy ! "
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Epul ! "
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! "
Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun
ditanya.
Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.
Bakating ku geumpeur, ari seduuut  téh hitut !
"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabéh ! ",
ibu Lia bendu.
Poé ka dua.
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu
ngancem
"Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros.
"Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ".
"Manéh nu istuning belegug pisan mah !Déni !
"Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"
" Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh ! Matak TBC ngajar
barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu.
" Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di TC séhat-séhat saja tuh"
" Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! "
**
		 Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.





Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id






  




  
  
  YAHOO! GROUPS LINKS



  Visit your group "urangsunda" on the web.
  To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED]
  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.