[Urang Sunda] jarong

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: 35384_420338567375_649487375_4545061_5726220_n.jpg]

jarong.
keur leutik, di lembur teu aya pamisah kaulinan keur barudak lalaki jeung
awewe. dina ayana ge, teu pati jelas. budak lalaki prah we tara ieuh
digurah-geureuh atawa digeuhgeuykeun upama ulin bekles, engkle, sapintrong
atawa anyang-anyangan (anjang-anjangan?). tah lamun keur anyang-anyangan,
sok aya bagean dadaganganna, nu jadi duitna nya daun jaron ieu. beuki gede
daun jarong, beuki gede nominal duduitanna. ngan harita mah teu pati
neungeutan geuning warna kembang jarong teh biruna endah pisan, ngondang
lensa kamera keur ngaabadikeun.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Re: [Urang Sunda] jarong

2010-07-20 Terurut Topik jangdede
Kaalaman ku kuring oge Kang.
Jarong teh enya sok dijadikeun duiduitan.
Ngan mun daun jarongna galalede sok bingung mulangananna. Nya di teukteuk we
jadi 2. Hahahh

2010/7/20, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com: