Kang ibing kungsi milu ngaramekeun acara kusnet, nyaeta loncing buku kusnet
yp munggaran, sajak banyol jeung sajabana. Harita taun 2002 asana, tempatna
di GSG Itenas bandung. Kang ibing janten nara sumber, sareng abah surya
(hidayat suryalaga) oge ceu Aam Amalia, sastrawati. Ayana ceu Aam pamenta
kang Ibing. 

Kang ibing harita aya acara siang jadi mc di itb. Asalna mah teu kersauen ka
itenas da jadwalna rapet pisan jeung nu di itb. Tapi ku salah saurang
sobatna nuju anom, di DAMAS, Ua Djatnika S Puradinata (ua Dj), oge
tatanggana, ua Sasmita, nya kersaeun sumping ka Itenas.

Nya ari acarana mah kampanye make basa sunda, jsb. Acara rame pisan. Gedung
serba guna itenas, tempat acara pinuh. Bari pinuh ku sora seuri basa kang
ibing kabagean nembrakeun pamanggihna ngeunaan sunda. Panitiana lingkung
seni sunda (lisenda) itenas. Buku sajak banyol jeung sajabana siga judulna,
aya bab banyol. Kang ibing di panggung biantara, "ulah ngabodor hareupun
aing. Moal lucu!" cenah. Nu hadir ger nyakakak.

Pendak rada lila basa keur ngulampreng ka rumah baca buku sunda ua sas di
margawangi nu teu jauh ti bumi kang ibing. Kabeneran pisan, kang ibing
nyimpang. Poho deui aya perlu naon, tapi jadi ngobrol rada lila. Kaasup
lalakon kang ibing basa diajar basa russia ka moskow. Ngobrol tangtu
diselang seuri.

Mulih ka jati mulang ka asal
Telah berpulang, presiden republik jawa barat.


Kirim email ke