[Urang Sunda] pungpurutan

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
[image: 37655_420358177375_649487375_4545528_3445529_n.jpg]

pungpurutan
keur budak, lamun keur meujeuhna lengger, heureuy jeung babaturan teh sok
make buah pungpurutan ieu. pungpurutan teh digasahkeun/digelangkeun kana
buuk batur. buahna nu leutik, teu geseh gede jeung pedes, teh kulitna
cucukan, lamun seug digelangkeun kana buuk nu meujeuh panjangna bakal napel.
beuki loba pungpurutanna, beuki lila ngagelangna, beuki hese pungpurutan
dilaan tina buuk. sakapeung mah, budak nu ceehan mah bakal ngawiwiw ceurik,
laju istori ka indungna. ngan resepna keur budak, ngambekna ukur saharita,
isukanna mah der deui we kikituan deui.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Re: [Urang Sunda] pungpurutan

2010-07-20 Terurut Topik jangdede
di kuring mah ngarana Pungpulutan da.
Enya inget sok di tempelkeun dina buuk si Dodo keur ESDE teh, da buukna
galing.
Manehna sok ceurik tuluy bebeja ka indungna, majarkeun di heureuyan ku
babaturan cenah.
Heheh..eta si Dodo ayeuna cenah geus boga budak 2, padahal bahuelamah sok
dipoyokan buukna rintit.

Hahhah..kang Dodo budak mang Ukar jeung Ceu Onah.
Budak nu panggedena geus kelas 6 SD cenah ceuk indung uing mah.
Da geus lila pisan teu panggih ti saprak lulus SMP baheula taun 2000.

2010/7/20, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com: