Susah
 
Hirup....hurip.....
ripuh...nyaan!
komo kiwari mangsa paceklik...langlayeuseun
Tah dengekeun beuteung kuring ngurubuk
sora cacing nu saminggu
can manggih sangu...
 
Awak begang siga congcorang
jasad peot lain pedah kolot
taneuh garing garihal
tatangkalan teu weuleh kuhama
ari isuk rek ngalebok naon.???
 
Duka....duka rek nepi kairaha
kasusah..incah
kanyeuri ...indit
duka..tah
 
 
 
 
 
Jakarta, 14 Desember 2005: 22:50
 

 
 

sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]>
menulis:

Kanggo baraya kusnet sadaya, ieu minangkanamah nuju diajar corat coret ngadamel sajak. Kapihatur ah! :)

 

Kasurti Diri

 
Miluruh harepan na galur nu teu weleh surti
Ngareka ngabaca diri
Neang wanci nu pasti
Ayana kaheman
Dina lampah laku
Nyiar sarupaning Ruruntuk uteuk
Sakapeung imut aya cahayaan
Sakapeung cakueum
Lir ibarat jomantara kabaseuhan kakeueum cai
Nu maruragan, niiskeun sing saha bae nu halahab
Ku pakepukna rasa, ku simpena basa
Humandeuar!
 
 

Lain!

 
Lain! Lain kuring teu tumarima
Lain kuring teu apal
Lain kuring teu surti laku
Lain kuring teu ngarti basa
Lain pedah beda
Lain pedah umur
Lain! Teu pisan-pisan
Lain kuring teu atoh
Lain kuring teu asa kagunturan madu
Kakeclakan menyan bodas
Dipiharep ku anjeun
Lain maksud kuring nguciwakeun
Dalah kuring oge ngaji diri
Kuring lain wanoja luhung elmu tur hade pangadeg
Kuring lain istri pinilih komo siga istri Nabi
Ngan numatak pedah kituÂ…
Kuring keur diajar ngamumule hiji hate
Diajar ngamumule rasa nu sanyatana
Mastikeun jalan hirup
Ukur ka manehna!
 
 
Biru Laut, 14 Desember 2005, 5.00 sonten
 
 
 Baktos,
-eeya-

Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping



Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Dibuana"
 

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke