---------- Forwarded message ----------
From: mh <khs...@gmail.com>
Date: 2009/7/1
Subject: Jurus PANJANG UMUR di Milis?
To: urangsu...@yahoogroups.com


hehehe, noong kusnet keur harengheng euy.

mun urang noong buku panduan wisata, sok aya jampe pamake
pikeun ulin ka hiji tempat, judulna teh mun teu salah mah asana
"do's and don'ts".

cing pikeun panduan urang komunikasi di milis, ngarah panjang
umur, kira-kirana cara komunikasi nu jiga kumaha nu dipikaresep
jeung nu teu dipikaresep ku urang.

cing luangkeun waktu sakeudeung mah, keur ngotretkeun perkara
jampe pamake di luhur. tong loba-loba, tuliskeun hiji nu dipikaresep
jeung hiji nu teu dipikaresep, nu pakait jeung cara komunikasi di
milis.

(mh)

Kirim email ke