Milis Wewengkon jeung Basa Sunda
   
  Aya sabaraha milis wewengkon atawa milis kota di Tatar Sunda? Jawaban nu 
paheut mah teu nyaho persis. Ngan, milis siga kitu teh kaitung loba. Ti mimiti 
Serang, Cilegon, Tangerang, Bogor, Bekasi, Depok,  Sukabumi, Karawang, 
Indramayu, Subang, Kuningan, Majalengka, jeung Cirebon. Kabeh aya. Dalah urang 
Pameungpeuk (Garut) jeung Banjaran (Bandung) ge baroga milis sorangan. Bari 
kituna teh aya wewengkon nu milisna leuwih ti hiji. Cianjur bae, contona, mun 
teu salah, aya nepi ka tiluna. Forumcianjur, pedulicianjur, jeung cianjur. 
Encan  milis-milis nu diadegkeun ku barudak sakolana. Teuing aya sabaraha siki.
   
  Ningali kaayaan kitu, urang tangtu ngarasa reugreug. Lain dina harti, lobana 
milis wewengkon teh nunjukeun infrastruktur atawa melek internet (kaasup melek 
milis) di Tatar Sunda geus alus. Pan, soal ieu mah geus diguar dina 
pangacaprukan kuring saencanna, ngeunaan milis jeung community relation. (Ngan, 
sakalian "ralat", datana aya nu anyar. Ceuk Bisnis Indonesia poe ieu, 13 
Januari, nu marake internet di nagara urang teh aya 15 yuta jalma.Lain 3 yuta. 
Ieu mah, mun teu salah deui bae, nu langganan ka ISP). Malah, bisa-bisa, 
sabalikna: Kaayaan eta teh, mun dilenyepan jeung disalisik leuwih jauh, 
satemenna teu matak ngareugreugkeun.
   
  Disebut reureug teh dina harti, aya karep warga (nu asalna) ti hiji wewengkon 
pikeun "ngaropea" sarakanna sewang-sewangan ku cara ngamangpaatkeun milis. 
Paling heunteu ngajaga atawa ngaraketkeun silaturahmi di antara maranehna. 
Ongkoh, ceuk cenah, silaturahmi teh dadasar tina hirup kumbuh urang salaku 
manusa. Kumaha penjelasannana? Eta mah bagian pangersa Almukarom Kang Oman.
   
  Nu jadi perhatian kuring: Saeutikna basa Sunda nu dipake di milis-milis eta. 
Geus puguh ari milis sarupaning Grage Cirebon jeung Indramayu mah. Pan, secara 
kultural ge geus lain Sunda. Paling heunteu, di wewengkon-wewengkon eta mah, di 
rahayatna, Sunda teh teu "dominan" siga di wewengkon lianna. Utamana 
dibandingkeun jeung Bogor atawa Priangan.
   
  Tapi, di milis-milis wewengkon nu aya di Priangan ge basa Sunda nu dipake di 
eta milis-milis teh kawilang saeutik. Ongkoh, loba milis wewengkon nu anggotana 
kurang ti 25 atawa 50 jalma. Malah, mun teu salah inget, paguyuban_ciamis mah 
anggotana teh ngan dalapan urang, kaasup kuring! Padahal, urang Ciamis teh, di 
Jakarta mah, loba nu jareneng. Hartina, leuwih pantes mun aranjeunna langkung 
iasa ngakses internet teh, kaasup ngaramekeun milis wewengkonna.
   
  Tong poho, tadi disebut saeutik teh, boh dina perkara anggota boh frekuensi 
dipakena basa Sunda, mun ku urang dibandingkeun jeung milis-milis ka-Sundaan -- 
sarupaning urangsunda, gankleboy, barayasunda, nyi sunda, jste. (Ka Teh Gilang 
ti Nyi Sunda, punten abdi nyanyahoanan, nya. Bongan milisna diskriminatif 
gender siga kitu).
   
  Tangtu bae, kaayaan kitu teh bisa dianalisis. Pan, ku euweuh gawe mah sagala 
ge bisa dianalisis? Ka bulu-bulu irung dianalisis. Ditingali naha hideung 
meles, coklat, abu-abu, atawa geus bodas pisan. Nuju jeung wandana kumaha? 
Jeceng? Mengkol ka kenca, ka katuhu, atawa paparengkolan alias galing. 
Panjangna sakumaha? Naha kabeh rata? Atawa...geus, ah!
   
  Balik deui kana pangacaprukan nu utama: Perkara basa Sunda dina milis-milis 
wewengkon tadi, analisis, patanyaan, atawa asumsi nu bisa dipedar loba pisan. 
Ti mimiti nu harib-harib kana perkara Sara atawa bisa dikosewadkeun kana Sara, 
nepi ka asumsi nu leuwih "aman".  Asumsi-asumsi eta, di antarana: Hiji, urang 
Sunda nu melek internet  di "eta wewengkon" jumlahna leuwih saeutik manan urang 
non-Sunda. (Kasarna mah: Urang Sunda loba nu teu melek internet manan urang 
non-Sunda).  Ka dua, urang Sunda di dinya (sanajan) melek internet tapi sangeuk 
mimilisan atawa teu melek milis pisan, atawa sangeuk ngilu milis siga kitu. 
Katilu, urang Sunda nu aya di eta milis ngarasa teu perlu make Basa Sunda di 
eta milis.
   
  Bisi aya nu lieur, ku naon kuring make tanda kutip dina kocap "eta 
wewengkon", taya lian ku alatan anggota milis hiji wewengkon can tangtu cicing 
di eta tempat. Malah, teu pamohalan, satemenna euweuh pakaitna jeung eta 
wewengkon. Kuring misalna, ngilu milis-milis wewengkon siga kitu teh alatan ku 
pagawean, boh salaku "wartawan" boh salaku "pengamat Basa Sunda dina milis 
jeung internet". Perkara naon jeung nu kumaha "urang Sunda", siga nu 
ditanyakeun ku ki dulur ti Majalengka nu ayeuna keur ngalap elmu di Yogya, 
saheulaanan mah urang make watesan nu gampang  bae: Kum manusa nu ngarasa urang 
Sunda.
   
  Ku nyodorkeun ieu pasoalan, kuring lain bae rek ngaririeut maneh. Tapi, oge 
hayang ngaririeut batur. Ti mimiti PBB, Interpol, KPK, Dekominfo, Pemda Jabar, 
Paguyuban Pasundan, Paguyuban Bandung, Bappeda Jabar,  Yayasan Perceka, Yayasan 
Perkedel, BMC, mahasiswa elmu komunikasi, ahli-ahli IT, mahasiswa sastra atawa 
basa Sunda, jeung kumna nu milu milis-milis kasundaan. Ngaririeutna teh ku mere 
patanyaan ieu: Naha enya, bener, eta asumsi-asumsi amatiran teh? Mun enya, 
kumaha kolusina, eh, solusina? 
   
  Hususon keur nu aya di kusnet atawa milis kasundaan tea, kuring rek umajak 
(siga hotib): Naha teu leuwih hade mun urang oge ngaramekeun milis-milis 
wewengkon eta? Ku naon, misalna, lian ti ngirim posting ka urangsunda atawa 
baraya-sunda teh teu sakalian ngirim ka milis kota-Bogor atawa Bandung-Raya? 
Pan sarua haratisna?
   
  Dina wangwangan kuring, ku cara kitu, paling heunteu urang ngilu mere wanda 
lokal ka milis-milis eta. Sugan bae atuh basa Sunda teh leuwih loba deui nu 
marakena. Euweuh di pasar atawa di bioskop-bioskop, atuh dina milis-milis 
wewengkon. Komo, mun teu salah basa pasamoan di Hotel Santika, urang boga karep 
rek ngalakukeun kampanye Basa Sunda. Sugan, ku cara kieu (salah sahiji modus) 
kampanyena teh: Ngaramekeun milis-milis wewengkon, nu sakapeung tariiseun atawa 
dilurjeunkeun pisan ku nu bogana, ku cara mosting ka milis eta. Make Basa Sunda.
   
  Lian ti nyebarkeun Basa Sunda teh, atuh urang ge bisa silaturahmi jeung 
dulur-dulur lian nu aya di eta milis. Hanas eta aya nu teu ngarti, nya jeun 
bae. Sasadu bae. Pan urang mah "ngan" rek mere wanda lokal tea. Bongan eta 
milis teh "aya" di Tatar Sunda. Boleh, dong...
   
  Nu ku kuring katingali geus prak ngalaksanakeun "program" tadi teh karek Kang 
Oman. Anjeunna katingal sok ngintun seratan ka milis wargi-karawang sareng 
wargi-purwakarta. Kang Runa, Kang Eko, Kang Kumi, Kang Gibson, Kang Tantan, oge 
sok katingal di milis Tasik jeung milis Asgar -- teuing Sigar teuing Sugar, 
ketang (pokona aya Garut-na). Geus puguh Om Teddy mah sok mendeko di milis 
Subang.
   
  Kira-kira, saha deui, nya nu rek "aribadah" siga aranjeunna?
   
  Boleh, dong...
   
  Maman Gantra
  Mantan Penikmat Milis (Soalna ayeuna ngan bisa ngacapruk sorangan. Teu bisa 
nooangan. Hampura).
   
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
 Photo Books. You design it and we’ll bind it!

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke