Jaman baheula, jaman tai kotok dilebuan, Mang Lamsijan, urang 
Legokhangseur, munggah haji. Di Tanah Suci manehna kudu nyewa onta. 
Loba urang Badewi nu nanawarkeun ka Mang Lamsijan. Mang Lamsijan 
milihan mana onta nu pangalusna, ngarah afdol munggah hajina. Gok weh 
manehna manggihan onta nu hade rupa jeung ceuk urang Badewi ieu onta 
istimewa pisan, lumpatna tarik pisan, ngan aya syaratna,  kudu make 
kalimah parentah kakara onta ieu teh daek leumpang. Kalimah parentah 
ieu teh : "Alhamdulillah".

Jle weh Mang Lamsijan, tumpak Onta, terus ngucapkeun "Alhamdulillah", 
belenyeng onta teh leumpang. Dibere deui parentah sakali deui, Onta 
beuki narikan leumpangna teh. Hayang leuwih gancang deui, diucapkeun 
sakali deui, wah .... beuki nyemprung, ninggalkeun nu sejen. Beuki 
loba ngucapkeun Alhamdulillah, Onta lumpat .....tarikna alahbatan 
mobil.

Mang Lamsijan kacida sugemana, ontana lumpatna tarik. Sanggeus jauh 
ninggalkeun rombongan, Mang Lamsijan ningali dhareupeun manehna aya 
jurang nu lungkawing, tapi ieu onta angger we ngadurugdug lumpat.

"Eureun Siah, itu dihareupen aya jurang", ceuk Mang Lamsijan 
ngagorowok bari sukuna nejeh kana beuteung onta. Tapi onta angger 
nyerepet lumpat, sigana eta onta henteu ngartieun basa Sunda.

"Stop!", ceuk Mang Lamsijan nu beuki kaweur make basa Inggris 
saeutik. Tapi angger onta teh henteu daek eureun. Kesang tiis geus 
nyurulung, Mang Lamsijan teu bisa ngeureunkeun onta. Manehna poho teu 
nanyakeun ka Badewi nu boga onta, kalimah naon nu kudu diucapkeun, 
keur ngeureunkeun onta. Jurang beuki ngadeukeutan, Mang Lamsijan geus 
mereunkeun panon, pasrah rek tigebrus kana jurang, terus 
ngucapkeun : "Bismilah........"

Na ari sreg teh onta eureun, pas pisan dibiwir jurang. Geuning 
kalimah parentah keur ngeureunkeun onta istimewa ieu teh kalimah 
Basmallah. Mang Lamsijan, ngarenghap panjang, hatena ngahaturkeun 
nuhun ka Gusti Nu Maha SUci, manehna salamet teu tigubrus kana 
jurang, Bakating ku muji syukur, manehna ngaharewos 
kendor : "Alhamdulillah, Gusti!"

{Cik kumaha terusna?]

Baktos,
WALUYA
  


   






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke