Oge dina perkara sistematis dina harti mangrupa wangunan esei. Teu saeutik 
filosof-filosof di wewengkon sejen nu oge ngebrehkeun pipikirannana ku 
dangding, solilokui, haiku, aforisme, rubayat,
atawa fable pisan. Malah dua gegedug falsafah existensialis Prancis, Sartre 
jeung Camus, nu cenah loba dipikaajrih ku seniman entragan Pa Ajip (50-60-an), 
ngebrehkeun pipikirannana teh dina wangunan novel jeung naskah drama. 
(Bandingkeun jeung karuhun urang nu nepikeun piwulangna ku…golek!).

Kakirangan Pa Ajip lianna, nu rada pikahelokeun, anjeunna masih oge ngalamun 
ngeunaan hiji wangunan Sunda nu genuine, orsinil alias 100% asli. Hal, nu ku 
fakta-fakta sajarah jeung sunatullah, tangtuna hiji hil nu mustahal. Nya alatan 
sajarah  jeung hil nu mustahal
eta, Falsafah Sunda teh â€" mun arek leuwih analitis sakaligus ngacapruk abis 
-- kudu dilegaan dina harti “falsafah urang Sunda”, “falsafah nu nyampak 
di Tatar Sunda” jeung “falsafah nu dilakonan ku sawatara urang Sunda” 
tea.  Ku cara kieu, sugan, lamunan-lamunan ngeunaan orisinalitas nu mere hawa 
pesimistis atawa neluh maneh teh bisa diingkahan. Ongkoh teu genuine oge lain 
hiji musibah atawa dosa nu kudu diceungceurikan atawa dihanjakalkeun. Malah 
hiji barokah nu nambah kabeungharan urang Sunda.

Dilegaan teh lain bae narima kana papasten -- yen, urang kungsi “dijajah” 
India, Islam, atawa Mataram. Tapi, oge urang
bisa noong falsafah nu oge diwangun ku urang non-Sunda di Tatar Sunda. Kumaha, 
misalna, kadar conto, pagilinggisikna Sosrokartono jeung urang Sunda harita? 
Boh nu aya di Bandung atawa di luar Bandung. Asa piraku euweuh interaksi pisan 
mah, kaasup dina perkara falsafah atawa teosofi nu dimekarkeun Sosrokartono 
harita. Pon kitu deui pagilinggisikna Raden Saleh jeung urang Bogor? Oge Tirto
Adi Seoryo? Dalah Soekarno pisan? Ku taksiran, Soekarno lain bae panggih jeung 
“Marhaen”, nikah ka Ibu Inggit, sosobatan jeung Gatot Mangkupraja, atawa 
kungsi ngilu ngaramekeun Saritem. Tapi, pantesna, aya interaksi dina widang 
falsafah â€" di luar falsafah kanagaraan nu dikembangkeun ku Soekarno (Nasakom 
jeung Pancasila). Dalah ngeunaan Nasakom atawa Pancasila ge, asana, can diguar 
kontribusi Sunda kana pipikiran Soekarno eta. 

Lian ti kitu, sakumaha kitab buhun nu remen dipesek karek Siksa Kanda Ng 
Karesian, kadieunakeun, asa piraku urang Sunda nu fifilsafatan teh ngan 
Pangersa Hasan Mustapa? Boa-boa, kiai-kiai sanes ge teu leupas tina tasawuf 
atawa falsafah sanesna. Pan, cenah, dipasantren ge didawamkeun manthiq jeung 
tasawuf teh? Piraku teu ngawujud jadi hiji falsafah? Nya, pedah teu ditulis bae 
â€" meureun. Ongkoh, cenah, paelmuan nu kararitu mah ngan pikeun santri-santri 
advanced  -- nu ngabalukarkeun falsafah atawa tasawuf miboga wanda elitis tea, 
nepi ka aya kokocapan “nu nyaho wali mah ngan papada wali”. Pan 
tapak-tapakna mah karampa di sawatara inohong sarupaning Usep Romly
HM, jenatna Arifin C.Noer, atawa Pa Enas. Atuh, nu wandana leuwih 
“abangan”, bisa ditoong ti sakur nu mareulian buku-buku  stensilan wedalan 
koran Kujang (taun 70-an) â€" nu tangtuna beda jeung stensilan nu ditawarkeun 
bari haharewosan di kios-kios buku Cikapundung, PLN Bandung. 
 
Mun tea mah naon nu nembrak tadi dianggap teu nerap dina kahirupan atawa 
pareumeun obor pisan, di Yunani ge teu kabeh jadi filosof â€" komo nu sipatna 
sistematis atawa akademis mah. Malah, kiwari, rahayat ieu nagara teh pan keur 
ukuran Eropah mah kaasup nu paling teu
kaopan? Gara-gara polisi “salah nembak”  jelema bae, sanagara jadi kacau 
beliau. Nepi ka aya kana sabulanna. Watek resi nu diamanatkeun ku Aristoteles, 
Plato, atawa kaum Sofis pisan teh meh euweuh. Di urang? Jalan-jalan di Bandung 
macet, leuweung-leuweung
rungkad, pasir-pasir bulistir, urang Sunda mah aranteng bae. Da, senang mah aya 
dina hate. Hehehe….

Tangtuna ku ngebrehkeun kakirangan-kakirangan Pa Ajip dina makalah eta, kuring 
lain rek nyebutkeun yen panyeureud anjeunna teh salah kabeh. Komo, euweuh 
mangpaatna mah. Paling heunteu, dina perkara
heureutna dokumentasi jeung sistematisasi Falsafah Sunda. Ku panoong, enya 
urang teh kurang kacida dina tulas-tulis teh. Sok komo dina ngeunaan falsafah 
nu sistematis jeung akademis mah. Ngan, lain euweuh. Kadar kurang kacida. 
Kukituna, sigana, ambeh sistematis tea, kudu dijieun hiji agenda dina enggoning 
ngawangun Falsafah Sunda ieu.  Ambeh urang, bisa ngadokumentasikeun naon nu 
aya. Muguhkeun nu “aya tapi euweuh, nu euweuh tapi aya” eta. Kadituna, nya 
ngarah mekar jeung tumuwuh. Sukur-sukur napak dina kahirupan sapopoe. 

Soal pareumeun obor? Ku keukeuh. Ieu mah keun bae! Teu jadi soal. Kadar pareum 
ieuh! Pan oborna mah, pareum-pareum oge aya? Kari diseungeut deui. Di mana 
oborna oge euweuh, nya nyieun bae durukan anyar. Malah, tong kagok asong: 
Nyieun tanur nu gede sakalian, leuwih
gede manan pangdurukan apu nu ngajejer di Tagog Apu. Tong kadar obor. Ongkoh, 
kadar conto, sakumaha nu ditembrakeun ku Kang Eddy Nugraha, Bah Oca, MJ, Kang 
Oman, oge sawatara urang lianna nu aktif di peradaban ka genep puluh tujuh 
dalapan obor teh satemenna teu pareum teu sing. Masih keneh hurung. Malah 
katingalina, di aranjeunna eta seuneu teh hurungna ge ngalelentab. Aranjeunna 
lain bae keur ngaguar jeung nugaran deui etos nu nyampak di Tatar Sunda, tapi 
geus alancrub
jeung kokojayan kana leuwi sistematisasi jeung dokumentasi Falsafah Sunda. 
Kaasup Falsafah Sunda nu wandana rasional jeung akademis. Nu nyampak dina 
konteks “logos vs mitos” tea.

Intina mah, nginjeum kasauran Bah Oca: Mari kita hayu! Sakali Persib tetep 
Persib, Persebaya mawa cilaka. Pa Ajip tetep Pa Ajip, Falsafah Sunda mah tetep 
aya.

Agenda jeung hahalangna? Ieu mah engke deui bae. Geus panjang teuing. Hulu ge 
geus cangkeul. Ongkoh bisi siga Nietszche...

Pasir Maung,  24 Februari Maret 2009.



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.

0812-940-5441

--- End forwarded message ---


Kirim email ke