> Hehehe Teh Nen apanan di Bule oge aya divisi exorcism tea ... anu
pengusir setan tea Teh hehehe. Pan ceunah mah dina filem barat jurig
sieuneun ku Salib ... Jurig endonesia ceunah sieuneun ku Al Qur'an
atawa ku Tasbeh meuren taah jadi teu ngalalarti... lamun kitu jurig
bule meureun teu sieuneun ku Al Qur'an ... terus jurig endonesia teu
sieuneun ku Salib hihihihi. Sok asa lucu ngabandungan filem mah... 

Kang Asep, abdi mah rada hambar ari salib tiasa ngusir jurig ???... ah
duka nya he..he..he..he...
 

> Aya oge deui carita anu saleresna kuring mun sempet mah hoyong
moto... aya hiji makam karuhun di deukeut Kampung Kuring di lebah
Tanjung Sari, Darmaraja Sumedang, ieu caritaan warga didinya anu
ninggali langsung... eta makam teh lokasina deukeut pisan jeung
walungan Cimanuk... hiji mangsa eta walungan teh caah badag caina gede
pisan ... dugika kampung di ciwangi mah ceunah sababaraha imah ka eleb
ku cai... oge nelen sabaraha korban anu kabawa palid... anehna walopun
eta makam teh... deukeut walungan jeung lokasina sahandapeun eta
perkampungan... tapi cai ti cimanuk teh euweuh anu asup ka eta
makam... eta makam teh tetep teu kasorang ku cai... kalahka caina oge
nyaligri ngan saukur aya pasisiana wungkul... Tah kuring can sempet
puta - poto di makam ieu... ngan ngeus jangjian jeung Mama Kuwu di
lembur lamun pulang kampung rek ziarah ka dinya... bari sugan
manggihan logical explanation tina eta paristiwa...

Kang Asep atuh sempetkeun moto makamna, abdi hoyong terang, muntiasa
mah kirimkeun potona ka email abdi, sareng pasihan katerangan (lokasi,
sajarah-na), ari abdi mah resep kana carita misteri (yang berbau
misteri), komo lamun aya sejarahna, abdi mah sok ngahaja milarian
bukuna. Abdi oge nuju ngumpulkeun carita-carita misteri upami kang
Asep gaduh pangalaman yang mengandung misteri/gaib, atuh kirim ka abdi
lewat email caritana kanggo koleksi. Upami aya waktos mah bade dibukukeun.

> 
> Makam karuhun eta teh salah sahiji makam anu bakal di eleb ku
pamarentah anu rek ngancurkeun paninggalan urang sunda... tah urang
kampung anu caricing didinya mah dugika ayeuna masih percaya rencana
pamarentah ti taun 63 teh moal kajadian ku sabab ceunah mah Gusti
Alloh teh moal ngawidian ... buktina wae ceunah ku caah badag wae eta
makam titinggal karuhun teh teu ka sorang ku cai... malahan mah ieu
caritaan teh ceunah di saluyu keun kana caritaan sangkuriang
kabeurangan ... anu gagal ngabendung walungan tea... ceunah mah geus
aya uga ti anggalna. Wallohu alam. 

Ari abdi mah teu masalah kana kabenaran carita-na, abdi mah hoyong
terang poto makamna, didaerah mana lokasina ? Saha nami karuhun-na ?

Ah... pokona mah kudu kumplit he..he..he..

Hatur nuhun,
Nn





Kirim email ke