Nuhun Kang Rachmat,
Mangga diantos info saterasna. Moal kitu istilah
"munsyi" teh asalna tina ngaran sastrawan Malayu,
"Abdullah bin Abdulkadir Munsyi"?

salam,
mh

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Ari ceuk (alm) Mang Ayat mah eta istilah asli kaluar
> ti salah saurang wartawan Kompas, pikeun ahli bahasa
> anu sok nulis perkara basa dina rubrik unak-anik
> bahasa di koran Kompas.(ke dikotektak deui, aya dina
> salah sahiji tulisan mang Ayat). Ari dina koran
> sejen atawa media liannya, teu aya sesebutan munsyi
> pikeun ahli basa. Jadi istilah eta teh estu hiji
> kecap anu dipopulerkeun ku koran Kompas wae.
>
> Hiji koran atawa hiji media ngawanohkeun hiji
> istilah, sigana tos ilahar, gumantung kana kasapukan
> masyarakat, naha ditarima atawa heunteu. Siga
> istilah jomlo ayeuna, jigana paling populer di
> lingkungan nonoman ngora, sok sanajan istilah ieu
teh
> upama ditingali hartina tina basa aslina (Sunda?)
> heunteu "pas".
>
> baktos,
> mrachmatrawyani
>
>
> --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Hiji mangsa, nalika nitenan artikel Kompas, kuring
> > rada kerung. Pedah eta artikel teh dina bagean
> > catetan
> > kaki nuliskeun katerangan nu nulisna jiga kieu:
> > "AYATROHAÉDI Munsyi, Tinggal di Depok". Ari ka nu
> > nulisna mah rarasaan teh asa wanoh, pedah mindeng
> > maca
> > artikelna, najan can pernah tepung oge. Ngan
> palebah
> > tambahan kecap "munsyi", jadi aya pikiran sejen,
> > boa-boa lain jalma nu dimaksud. Panasaran, terus
> > dikubek ditempatna, manggih deui catetan kaki nu
> > sarupa kitu: "ANTON M MOELIONO Munsyi, Tinggal di
> > Jakarta". Kanu nulis ieu oge asa wanoh, da manehna
> > sok
> > mindeng nulis di koran. Jadi teg weh boga
> sangkaan,
> > boa-boa "munsyi" teh ngaran hiji organisasi atawa
> > jujuluk profesi. Dina pangajaran sastra baheula,
> asa
> > aya ngaran sastrawan nu make ngaran "munsyi" teh,
> > katelahna "Abdullah bin Abdulkadir Munsyi", ngaran
> > salah saurang sastrawan Malayu.
> >
> > Panasaran terus ngubek ku Yahoo, manggih artikel
> di
> > Wikipedia, cenah "munsyi" teh jujuluk pikeun jalma
> > nu
> > ahli dina bidang basa. Aya nu terang timana asal
> > usulna eta kecap "munsyi"?
> >
> > Salam,
> > mh


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke