[Baraya_Sunda] Re: Kursus Web Design

2006-05-30 Terurut Topik Rahman
Baraya, Kulantaran ieu milis teh ngahaja TEU dikuncenan (dimoderatoran). Rek demokratis we yeuh. Cik kudu dikumahakeun anu kieu? Anu murudul teh iklan jeung iklan deui bae geuning. Tutup lawang na? Atawa kudu diontrog heula? Saha anu daek ngontrog? Ngacung!!! Rh --- In

Re: [Baraya_Sunda] Re: Kursus Web Design

2006-05-30 Terurut Topik mh
Kang RH, Hehehe, tetela demokrazie teh hese nya. Teu diatur, marawa karep sorangan. Ari rek diatur, sieun kurang demokratis. Ieu mah pamanggih kuring nya, jigana hade oge upama dina hal tertentu mah tong diabur teuing. Bisi cul dogdog tinggal igel. Nya difilter we atuh. Salam, mh --- Rahman

[Baraya_Sunda] Re: Kursus Web Design

2006-05-30 Terurut Topik Rahman
Kang MH, Bet kawas udud... make filter sagala? ;)) Da sabener na mah tara aya masalah ketah. Biasana mah aralus bae postingan teh. Pernah eta ge sababaraha kali 'negor' milisi anu ngajejelkeun iklan. Diimelan sakali ge geuning eureun! Keun urang bejaan heula. Mun norek jeung embung nalipak