Tah tos aya Kang Dian ngabalakan. Keun sina dibewarakeun ku rengrengan situs
Kusnet.

Kang Deni "Cepot" der ah euy!

Jigana wae rarancangna jiga kieu:

1. Tahapan kahiji, urang ngumpulkeun hasil transkripsi carponna heula. Engke
urang pilah jeung pilih, carpon nu mana nu baris dipake.

2. Tahapan kadua, ngabewarakeun daftar carpon, bari sakalian ngumpulkeun
hasil rekaman carpon ti pamilon.

3. Tahapan katilu, nganilai bacaan carpon ku balarea, make pooling online.

4. Tahapan kaopat, ngabewarakeun hasilna.

Salam,
mh


On 1/8/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Abdi daptar kang :-)
> Sok atuh geura dibewarakeun ngeunaan pasanggiri ieu di website Kusnet.
>
> Salam,
> Dian.
>
>
> On 08/01/2008, mh < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun
> pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!
>
> Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur
> balarea.
>
> Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran.
> Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta
> pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
> tah. Sugan we dikeureuyeuh.
>
> Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon
> milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
> ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
> kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
> masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file
> disimpenna.
>
> Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
> cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
> Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
> sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
> nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.
>
> Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya
> donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
> hadiah.
>
> salam,
> mh
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke