Salaam. Ieu aya seratan numutkeun kuring mah alus. Manawi tiasa janten
obrolan :-)

Kolom Basa Sunda: Allah Anu Maha Welas tur Asih
OPINI | 20 November 2012 | 12:48Dibaca: 40   Komentar: 0   Nihil
Komunisme ngadeg dina tatapakan atheism. Seja nyingraykeun hal-hal anu
supranatural dina kahirupan. Seja nyieuhkeun pangaruh hal-hal ghaib
dina alam realita, arek ngajebloskeun niley jeung pangaruh Kailahiyan
di alam dunya. Sakapeung sok aya anu nyaruakeun antara Komunisme jeung
Atehisme, ditambah jeung sosialisme. Ku kacamata basa oge memang beda,
tapi kahirupan teu saukur ditenjo ku kaca panon lahiriyyah, aya
niley-niley substansi antara hiji hal jeung hal anu sejenna silih
rojong, korelasi antara A jeung B bisa mungkin ngawujud. Siga tilu
paham tadi.

Substansi utama paham-paham di dunia ngan ukur dua. Kahiji, Paham anu
ngadeg dina tatapakan Kailahiyan, sagala rupa , kahirupan jeung asal
muasal manusa jeung alam dunya teu bisa leupas tina pangaruh causa
prima, hiji hal anu Maha Agung anu jadi Catur utama. Kadua, Faham anu
ngadeg dina tatapakan kaduniawian, akliah, rasio, miceun causa prima,
boga pamadegan lamun ieu alam teh ujug-ujug aya, euweuh anu
nyiptakeunna. Ayana jalma, suku bangsa, mangrupa hiji proses evolusi.
Intina, euweuh anu kudu disembah dina kahirupan ieu, kajaba ti rasio.

Hal ieu pisan anu jadi matak ramena alam dunya teh. Ku sababaraha ahli
pikir ti Timur Tengah samodel Sayyid Quthb dunya teh ngan dieusi ku
dua kutub kahirupan, jahiliyyah jeung Islam. Salian ti Islam eta
hartina Jahiliyyah. Jauh samemeh Quthb, Aquinas nyebutkeun lamun
kahirupan teh sarua ngan ukur dua, nu dipinuhan ku potensi kajahatan
jeung potensi kaalusan. Antara nilai-nilai kailahian jeung kaiblisan.

Lamun neuleuman kalawan jero, kahirupan samodel kitu siga
ngagambarkeun lamun dunya teh ladang perang, saukur tempat perang
antara golongan  ieu jeung golongan itu. Geus jadi kawajiban ka saha
bae anu aya dina medan laga kudu milu anclub, resikona dua antara
hirup mulia atawa maot syahid. Nalika geus euweuh musuh oge, anu
dipika paur da kusabab cara mandang kahirupan samodel kitu, antukna,
maranehna nyieun setan-setan anyar anu kudu diperangan. Golongan anu
percaya ka pangeran, bari maranehna nyoba mindahkeun seuneu naraka ka
alam dunya, keur ngagodog jalma-jalma anu anti ka pangeran, sarua wa
geus ngajauhkeun pangeran dina kahirupan.

Atuh pantes, di tungtung abad ka 19, Nietczhe mroklamirkeun, Pangeran
Geus Perlaya. Da dipateni ku kasarakahan manusa keur nanjeurkeun
ngaran Pangeran sorangan. Sabaraha juta jalma jadi korban kusabab
ngaran Pangeran dibabawa kana perang? Sabaraha juta budak teu tuah teu
dosa perlaya kusabab perang dina raraga nanjeurkeun kayakinan.
Sabaraha budaya jeung kearifan local ditumpurudeskeun kusabab teu
saluyu jeung kayakinan pangawasa?. Leo Tolstoy pernah mere pepeling ka
Rielka, “ Allah teh deukeut jeung jalma, tapi kusabab sikep deet jeung
boroholna jalma saolah-olah Allah asa beuki jauh tina kahirupan.” Aya
benerna, lamun Allah leuwih deukeut ka jalma tibatan urat beuheung,
geus kudu jadi hiji kaniscayaan, asah jeung asih Allah teu bisa
diwilah-wilah ku jalma jeung ku hiji golongan.

Alesan-alesan, lamun ngaran Pangeran geus jadi hal anu ngalantarankeun
bijilna peperangan papada manusa, dijadikeun dalil kuat keur sabagean
jalma anu teu percaya kana ayana Allah. Ngan, perang anu saestuna, teu
saukur kusabab dibawana agama jeung ngaran pangeran kana kancah
perang. Perang nu lumangsung dina sapanjang sajarah manusa teu bisa
dipisahkeun jeung nu ngaranna kakawasaan. Agama , Allah, Jihad, Perang
Salib, ngan ukur dijadikeun propaganda keur numuwuhkeun wawanen dina
nyanghareupan musuh. Padahal: dina kitab suci jentre dijelaskeun:
Jihad ku harta jeung jiwa anu utama mah.

Intina, perang jeung silih tandasana jalma teh kusabab kasarakahan
kakawasaan. Timbulna ruh hegemoni ti kelompok domain ka kodomain anu
kacida pisan dilarangna ku agama. Naon sabab? Agama ngalarang ha leta
sabab, lamun kahirupan geus didominasi ku kodomain moal aya anu
ngaranna kaadilan. Nu beunghar beuki beunghar nu miskin beuki rupek.
Moal aya dalil rek Aqli atawa Naqli anu ngakelaskeun lamun urang
salaku manusa diwajibkeun nyerang teu pupuguh ka batur.

Di era pasca revolusi industri, jalma-jalma anu ngiblatkeun dirina
kana rasionalisme emprak bari ngacungkeun leungeun. Bukti lamun
pangeran ngan saukur dzat rekayasa manusia lain saukur teori tapi
kabukti ku bijilna teori-teori hasil olah pikir manusa lain hasil tina
ngaji kana kitab-kitab wahyu. Hanjakal, sikep samodel kitu geus mawa
kana kasombongan anyar. Jalma-jalma beuki umaku jeung rumasa geus jadi
pangeran kana dirina sorangan. Tungtungna, jalma beuki resep sili
jejeleh, silih ledek, jeung silih hina tibatan silih pikanyaah.
Klimaksna, Perang Dunia I jeung II, disusul ku perang-perang di
sababaraha tempat, sok sanajan ukuranna leutik tapi mawa pangaruh gede
kana lumangsungna kahirupan jeung eksistensi manusa.

Keun keur anu percaya kana ayana pangeran bari ngajadikeun pangeran
salaku pakakasan keur nyumponan kayangna. Keun oge keur jalma anu teu
percaya ayana pangeran. Anu jelas, urang mah, sakumaha ceuk ajaran anu
bener kudu percaya kana ayana pangeran. Jauh jeung deukeutna teh
ditangtungkeun ku sikep urang-urang keneh. Dina hiji mangsa, sanggeus
nepungan Leo Tolstoy, Rielka –kusabab inti ajaran Islam Judaisme
mangaruhan kana dirina nulis hiji kalimat; Allah kacida deukeutna ka
manusa, ngan manusa sorangan anu nyiptakeun pangeran saolah
mikaceuceub ka manusa, resep mere adzab jeung siksaan ka manusa.

Keur dunya sufisme, aya hiji carita sanajan lucu jeung bodor tapi ieu
mangrupa hiji hakekat lamun ayana Allah teh kudu bener-bener
diteuleuman kalawan jero. Dina hiji mangsa, Nasrudin Hoja kadangan
semah. Eta sewah sasadu : “Menta sidkahna, kuring can dahar ti isuk!”
Ku Nasrudin ditungtun, diajak naek kana suhunan imah. “ Rek naon?”
Tanya Si semah. “ Hayo atuh, menta mah ka Pangerah.. sok!”

Jelas, dina eta kisah. Kusabab kaMaha welas asihan Allah, teu pantes
hiji jalma gede hulu bari umaku lamun aing asa uyah kidul. Padahal,
Allah sorangan geus mere pituduh yen diriNa dipinuhan ku sikep welas
jeung asih.[ ] 
http://sosbud.kompasiana.com/2012/11/20/kolom-basa-sunda-allah-anu-maha-welas-tur-asih-509651.html
-- 
http://www.kompasiana.com/ahsa


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    kisunda-dig...@yahoogroups.com 
    kisunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    kisunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke