*******************************
Hehehheeh ....... tong di-dago-an Ki, di-lédeng-an baé .... :D!
..... cikan ngiluan atuh kuring, meungpeung salsé yeuh!

 Ki Hasan, sigana nu kudu diheulakeuneun téh "Penting Henteuna", laju
disusul ku "Hésé Henteuna" .... heheheh

Cék kuring!!!
..... ari bahasa téh panyambung komunikasi lin? (nék bahasa jelema,
komputer, sandi, jrrd meureun ogé nepikeun ka bahasa tong'o :P) Kukituna
kuring mah nék no'ong  tina jihat komunikasi baé. Ari dina komunikasi téh
kapan aya nu disebut nu ngirim jeung nu narima, jadi kieu mereun pedaranana
:
--------
*Ilaharna Bahasa:
Penting Henteuna:
Pikeun nu ngirim jeung/atawa nu narimana, éta bahasa téh kacida
penting/pereluna mun maranéhna butuh!
Kapan sok aya kacaturkeun nu keurna bobogohan mah, dumeh ku butuh téa, sok
maké bahasa-mahugi sagala. Duit keur ongkos atawa keur jajan disakola téh
kadang mah di pahugikeun keur  kabogohna, da penting cenah ceuk manéhna mah
nyenengkeun kabogona téh, malah sakapeung mah sok uniko sagala ....
ahahahahah! Tah ti dieu pisan geus aya pangorbanan pikeun kapentingan éta!
Kitu ogé lamun urang ngarasa dina masalah ipoléksosbudag jeung hankam téh
butuh komunikasi ku salah sahiji bahasa, kukituna sangkan nyambung éta
komunikasi téh payus pisan mun urang kudu mentingkeun éta bahasa, jadi nya
kuduna urang téh ngorbanken boh waktu, tanaga atawa béaya pikeun diajar éta
bahasa.

Hésé Henteuna:
.... ari kana perkara anu hararésé téh kapeungan mah (seringna kétang.. :D),
urang teh sok tara ngariksa diri! enya, sok nyalahkeun batur atawa
sagalaning nu aya diluar urang. "Ah, hésé manéh mah!! teu bisa pisan dibéré
nyaho!" atawa "Aing mah, ku hararésé teuing muka kéler téh!" leuwih pasna
mah kieu "Euhh, meni heurin ku létah kieu ngomong maké basa sunda ka kolot
mah!"
....... hih!!! naha jadi ambek Ki Silah téh!! Mun si éta teu bisa dicaram
mah, nya urangna baé atuh nu kudu surti neuleuman, da meureun si éta téh
masih kawates pangartina. Nya kitu deui ateuh Ki Silah téh, mun hésé muka
kéler mah keun wé sawataraeun mah disina batur nu leuwih-bisa nu mukakeunna,
laju urang tengetan kumaha carana, tah geus kitu paké ku urang éta carana.
Sarua ogé atuh mun Ki Silah téh boga rasa, sieun salah maké basa sunda ka
kolot, ulah salahkeun basa sunda-na, nya coba geura loba tatanya! diajar!
diajar! jeung diajar!! da salalawasna urang mah diajar.
Tah didieu geus kairong urang téh kudu sabar.
Cik urang balik deui kana siloka bobogohan téa (hehhe... keur puber kitu
kuring téh?? nyaritakeun bobogohan waé!) ...... keur jaman endog
disileungleuman kénéh ku hayam :P, kuring mah asa hésé ngomong iinggrisan
téh, enya pédah teu ngarti jeung sieun salah téa!, tapi sabada dibéré
resep/wawuh/reueus/héman jeung sajaba ti éta ka si yasmin, wanoja motekar nu
niléy basa inggrisna nomer wahid disakola, kuring sok remen susuratan maké
basa inggris nepikeun kuring jadi sumanget macaan kamus 50.000-kecap tug ka
hatamna :P. Nya ti saprak éta, ningan kuring teu ngarasa hésé jeung sieun
deui iinggrisan téh ... hehehe   (enya geuning ari kusabar mah jucung ogé
kahayang téh)

Cindékna:
Ari penting heunteuna mah kumaha kabutuh urang ka éta basa, biasanamah aya
pangorbanan nu leuwih gedé nu kudu dikaluarkeun.
Ari hésé henteuna mah kumaha micintana urang ka éta basa, tah didieu téh
sok  nuwuhkeun rasa kasabar.
Tatapi mun ngandelkeun saukur butuh wungkul, kahésé téh jaga bakal aya waé,
béda mun urang micinta, nu penting ogé bakal dipentingkeun.
Contona: mun urang saukur butuh, hayang bisa maén kacapi-suling pikeun
méntas di acara wisuda sakola urang (saumpamana) tangtuna kabisa jeung
kanyaho urang téh ngan saukur/samet ka bisa maén kacapi-suling wungkul. Tapi
mun urang micinta kana kacapi-suling, tong boroning ragemna kacapi-suling
atawa kawihna dina éta pangajaran kacapi-suling nu bakal dipibisa ku urang
...... sigana  basa/ ajén-inajén/siloka/sasakalana kasundaan nu aya dina éta
kacapi-suling tug na nepikeun ka sabangsaning menu kadaharan urang sunda
ogé, bakal disaliksik sangkan urang apal/wawuh :D.
Kitu oge lamun urang cukangna dina micinta kasundaan téh tina basa
sunda/kasundaan nu lianna, sacara sadar atawa heunteu, urang téh baris
ngotéktak naon baé nu aya dina kasundaan. (meureun téh teuing mun ieu nu
disebut ku Kang Ganjar mah minangka getih goib kasundaan téa!!)
----------
*Basa Sunda Kiwari (tina jihat komunikasi):
Penting Henteuna:
Pentingna:
-Pikeun jelema (pihak nu ngirim) nu keurna (butuh) ngotéktak/nalungtik
kasundaan boh pikeun kaperluaan sorangan atawa kaperluan ipoléksosbudag
hankam, sangkan bisa leuwih jembar tur wijaksana dina meunangkeun hasil
pamaksudanana.
-Pikeun papada (pihak nu ngirim jeung nu narima) nu micinta (ilo ogé "Saha
Ari Urang Sunda Téh?" pedaran Abah Surya
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=208 )  tatar sunda, kasundaan lan Ki
Sunda dina sagala widang, tétéla ieu Basa Sunda téh penting/perelu pisan,
salian pikeun mulasarekeun ieu Basa Sunda, ogé pikeun ngabeungkeut-hijikeun
pamadegan dina kasundaan jeung kalomaan papada US.
Henteu pentingna:
-pikeun jelema/élmu-pangaweruh/kaayaan (pihak nu nu narima) nu ku urang
/US(pihak nu ngirim) ditalek pikeun disaliksik pangabisa/elmu-panemuna
pikeun diadumaniskeun/disaluyukeun keurna kamekaran lan kamotekaran
kasundaan lan Ki Sunda dina sagala widang.

Hésé Henteuna:
Héséna:
-basa sunda nu mangragem dina ucap-pitutur di sababaraha wewengkon tatar
sunda.
-ayana undak usuk basa sunda.
-ayana hurup é,e jeung eu
Henteu héséna:
-pikeun jelema nu boga kahayang bisa/butuh/micinta ieu basa sunda.

Cindékna:
Tina jihat komunikasi, kabutuh jeung kacinta kana kasundaan téh bisa jadi
tolak ukur penting henteuna urang dina maké ieu basa sunda.
-------

... tah kitu Ki ti kuring mah, salian geus capé ngetik ogé sieun loba teuing
salahna... hehehhe

Hampurana baé,

-Ki Adi-
*******************************

On 12/21/05, mh < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Baraya,
> Rek ngadagoan deui, respona  patarosan kuesioner kamari. Nembe aya respon
> ti 19 wargi. Sok kanu  sanesna, diantos waleranana. Ieu patarosanana:
>
> Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh
> penting atawa henteu?"
>
> Hadena mah jawabanana tong saukur "enya/henteu",
> "satuju/teu  satuju",  tapi lengkepan ku ARGUMEN. Hehehe. Upama penting
> lebah mana  pentingna.  Upama tos teu penting, naon alesanana. Kaci upama
> make  alesan toongan  dina jihad pulitik, ekonomi, sosial, budaya,
> agama,  atawa jurutinggal  ("sudut pandang") naon wae.
>
> Ceuk itungan upama urang apal kana penting henteuna basa
> Sunda,  urang  baris boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek
> dimumule,  urang  boga alesan nu kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa
> Sunda teh  rek  ditinggalkeun wae, moal ngarasa dosa teuing. Hehehe
>
> Mangga diantos nya, ARGUMEN-na.
>
> Salam,
> MH
>
> =======
>   PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi
> sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana pentingna.   Upama
> teu penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan kuring ieu  jawaban  teh
> penting, pikeun nyieun titincakan, ngarah urang boga  argumen nu  kuat
> pikeun diri masing-masing, upama hayang milu mulasara  basa Sunda.  Hehehe.
>   =======
>   RESPONDEN
>   1. kumincir
>   2. rahman
>   3. budi cahyadi
>   4. yuliadi
>   5. syam ridwan
>   5. nuraini
>   6. mh
>   7. joko tingkir
>   8. yudi rosandi
>   9. otong suhendar
>   10. soni abunawas
>   11. waluya56
>   12. dede engkos
>   13. agus pakusarakan
>   14. indung peuting
>   15. tito suryana
>   16. dudi indrasetiadi
>   17. kang maman
>   18. dudi herlianto
>   19. kang boim
>
>
>
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> ---xxx


--
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda téa.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun baé ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke