Parunten atuh ka sadayana; dirobih Judul; ngawitan ti na sempalan1 sareng 2.
Teras judula digentos. Hehehehehe

--- On Mon, 8/30/10, astrajingga hendian <astrajingg...@yahoo.com> wrote:

From: astrajingga hendian <astrajingg...@yahoo.com>
Subject: Bls: Burisrawa kaedanan - 3
To: "Abbas Amin" <abas_ami...@yahoo.com>
Date: Monday, August 30, 2010, 8:25 AM

Punteun bah....iyeu Burisrawa ka 1 sareng ka 2 na kamananya??? Asa teu acan 
lengkep upami kalangkungan..hehehe. haturnuhun bah


Baktos

--- Pada Ming, 29/8/10, Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>
Judul: Burisrawa kaedanan - 3
Kepada: "Aldo Desatura" <hanja...@gmail.com>, "almas aprilana" 
<almasarnyeapril...@yahoo.com>, "AMIN HIDAYAT" <amin_37b...@yahoo.co.id>, 
"astrajingga hendian" <astrajingg...@yahoo.com>, barayako...@yahoo.com, "Dena 
d" <dena_dra...@yahoo.com>, "Ii Sumirat" <sumi...@bdg.bumiputera.co.id>, 
irwanlastia...@gmail.com, "junaedi mahlani" <junaedi_mahl...@yahoo.com>, "Ki 
Leuksa Sunda"
 <ki_leu...@yahoo.co.id>, "Nandang Kusnalaya" <nandangkusnal...@yahoo.co.id>, 
maman...@yahoo.com, "narayana" <narayana_t...@yahoo.com>, 
ricoald...@yahoo.co.id, soeperga...@gmail.com, wahidke...@yahoo.co.id
Tanggal: Minggu, 29 Agustus, 2010, 7:18 PM

Barang Burisrawa emut ka na Purwadaksina; anjeuna kaget; lantaran duka
kumaha carana, anjeuna tos aya di alun2 Kasatriayaan Madukara; Karaton
mani caket pisan katingal sigrong. Wah geuning aing geus aya di Madukara?
Padahal tadi mah kapan di leuweung gerot tempatna jin jeung siluman ?
Wah enya bener sakti eta Ratu Siluman Gedeng Permoni teh. Kitu gerentes
na
 Burisrawa waktos harita.

Burisrawa lalaunan nyaketan ka karaton, bari culang cieung sieun aya nu
nangenan; tapi sigana mah, teu aya nu ningal ka Burisrawa. Teras we maju
nyaketan Karaton Madukara. Barang nuju keketeyepan kitu; katingal teu pati 
tebih pasukan nuju latihan; atuh enggal Burisrawa ngabalicet, nyumpit. Tapi
sigana pasukan Madukara teh teu apal aya Burisriwa; saparantos pasukan
tos ngaliwat; enggal Burisrawa kaluar deui' Burisrawa ayeuna mah ningal
 di
Gerbang Karaton aya nu ngajaga 2 Prajurit bangun kaleker; ka beh jero oge
aya Pos Kaamanan nu Piket aya 3 Tamtama; atuh Burisrawa rada ngaregog;
Burisrawa emut yen anjeunna dipasihan jimat, nu mangrupa ali nu ayeuna nuju
dianggo ku anjeunna. Naha ieu ali bisa ngajadikeun teu katingal, tawa henteu?
Burisrawa teu acan yakin; enggalna bae Burisrawa keketeyepan nyaketan
lawang saketeng; tapi kaciri dua prajurit nu ngajaga caricing we; teu apaleun
aya nu ngadeukeutan ka lawang saketeng.

Burisrawa bungah pisan; ah meureun enya aing bisa ngaleungit yeuh, Burisrawa 
nyaur salebeting galih, tapi keun rek leuwih diyakinkeun heula. Teras we 
Burisrawa langkung nyaketan ka Prajurit nu jaga; bari manggut sareng sura seuri.
Tidituna mah ngajak someah ka nu ngajaga. Tapi eta nu ngajaraga; caricing we
teu siga apal yen aya Burisrawa.

Wah ieu para prajurit teh kacida disiplinna; saur Burisrawa di na manahna.
Enggal
 wae langkung nyaketan deui; teras ngadeg payuneun eta dua prajurit.
Keukeuh we teu aya reaksi sama sakali.

Enya kituh aing teu kaciri ku nu sejen? Wah enyaan ieu jimat teh sakti.
Gerentes Sang Burisrawa. Lalaunan Burisrawa asup lawang saketeng diantara 
dua penjaga; aneh eta dua prajurit teh teu ngalieuk2 acan.

Burisrawa teras nyaketan POS jaga; tetep we para tamtama nu di Pos ge teu
aya reaksina; padahal nu hiji siga nu melong Ka anjeunna; tapi pelongna pelong
kosong; teu soga awas.

Ah enya aing teu kaciri ku jalma sejen. Hahahaha, ayeuna aing rek gancang ka
Kaputren; rek nempo pujaan aing; kabogoh aing. NYa eta Subadra. Hehehehe
sugan we manehna keur mandi? Kitu gerentes hatena Burisrawa. Atuh barang 
ngabayangkeun Sumbadra nuju cebor; raray Burisrawa rada semu oranye.

HANCA



      



      

Kirim email ke