*Wejangan Bagenda Ali tina buku Para Pepentol Agama*

ku AHMAD SAHIDIN



Bismillahirrahmanirrahim.

Allahumma shalli ala Muhammad wa ala aali Muhammad.



Salam wa rahmah. Punten batur samahluk Allah, saageman sareng anu teu
saageman. Simkuring ngiring mijah. Ngiring ngagandengan. Ngiring baceo.
Seja masihan iber syiar wejangan sareng kasauran Bagenda Ali Al-Murtadha,
minantu Kangjeng Nabi Muhammad saw sarta carogena putri Nabi (Sayidah
Fathimah) yen:



*(1)     **jelema-jelema mah di dunyana sarerea oge sarare; hudang-hudang
engke ari geus balik ka aherat,*

*(2)     **kapribadian manusa mah nyumput dina sahandapeun letahna,*

*(3)     **jelema anu hade budi-basana sok loba sobatna,*

*(4)     **manusa mah babari pisan kapincutna ku budi parangi,*

*(5)     **tukang rahul mah taya kamanusaanana,*

*(6)     **anu geus sampurna pikiranna, biasana sok kurang nyarita,*

*(7)     **singsaha anu ngarep-ngarep anu henteu pati perlu sok kaleungitan
anu leuwih perlu,*

*(8)     **anu belet mah sok hawara biwir; leuir pikir henteu cara anu
pinter; ngadalian letahna,*

*(9)     **harkatna caritaan the aya dina saripatina.*



Baraya sadaya, eta wejangan Bagenda Ali teh kenging nyutat tina buku alit
jejerna “Para Pepentol Agama” kenging Yusas (Yusuf Sasrasasmita) kaca 71
anu dicitak Al-Ma’arif  Bandung anu medalna 1979.



Dina kaca 69, disebatkeun saba’da Bagenda Ali bin Abi Thalib dirogahala (ku
Abdurrahman bin Muljam ti golongan atawa paham Khawarij basa rek shalat
subuh di Masigit Kufah, Irak, ping 19 Ramadhan 40 Hijriyah) mere wasiat
kadua putrana (Imam Hasan sareng Imam Husen):



*“Anaking, hidep kudu tarakwa ka Gusti Allah Subhana wa ta’ala. Poma pisan
ulah nepi ka tigebrus kana jurang tina pasal ngudag-ngudag dunya. Kudu
daraek balaka satabarasna sanajan baris diseungseurikeun ku nu sejen.
Pikadeudeuh barudak yatim. Tulungan anu dikaniaya jeung kudu dibasmi sakur
anu osok nganiaya. Kudu daek marigawe amal soleh sakumaha anu kaungel dina
Quran. Kudu nyumponan tetekon (shalat) nu lima waktu samemeh ahir waktuna.
Kaluarkeun zakat sakumaha mistina. Masing hade-hade ari abdas. Ulah
pegat-pegat tobat ka Gusti Allah. Sabisa-bisa kudu kuat nahan amarah. Kudu
daek anjangsono jeung papada kaula. Urang Islam kudu dibere nasehat sangkan
daraekeun marigawe bebeneran. Alusna mah sing aya jasa ka lemah cai.
Pingpin manusa-manusa teh sangkan daraek marigawe kautamaan jeung
naringgalkeun sagala rupa kagorengan.”    *

* *

Dina bagean panganteur, Yusas nyebatkeun yen buku “Para Pepentol Agama” teh
sanes karangan manehna, nanging kenging nukilan tina Tafsir Al-Quran
kenging saderek Mahmud Yunus, Sejarah Nabi: Rasul Pilihan kaluaran
Pemeliharaan Rohani Angkatan Darat, buku 4 Besar tarjamahan saderek M.Said,
sareng buku bacaan Sunda Triwangsa.



Janten lamun aya anu kirang pas dina bagean wejangan Bagenda Ali tiasa
dimalum sabab Yusas henteu nyutat langsung tina *Nahjul Balaghah* anu
kawentar kitab heubeul anu eusina sagala rupi hal-ihwal ngeunaan Bagenda
Ali sareng hadis-hadis Kangjeng Nabi anu dicarioskeun deui ku Bagenda Ali.



Cag… sugan jeung sugan isuk jaganing geto aya nu kersa maluruh deui. Sugan
jeung sugan enjing jaganing aya anu kersa narjamahkeun hikmah sarta elmu
anu aya dina leuit: kitab-kitab. (ahmad sahidin, tukang maca buku)






-- 
=>* http://www.kompasiana.com/ahsa <http://ahmadsahidin.blog.com/>*

Kirim email ke