http://www.facebook.com/photo.php?pid=5070905&id=649487375&ref=notif&notif_t=photo_comment#!/photo.php?pid=5070943&id=649487375&fbid=442840372375

[image: 60252_442840372375_649487375_5070943_8243941_n.jpg]

caricangkas

kitu kasebutna di lembur kuring mah (sok rada teu pédé nyebut hiji
barang/mangkeluk dina basa sunda téh, sok réa bédana jeung di tempat séjén).
sabangsaning simeut nu ogé sok jadi batur jangkrik. enya, mun ditingali tina
raga badagna mah caricangkas teh méh jiga simeut, boga dua antene dina
huluna, jeung dua bebetrik nu jadi suku tukangna. sedengkeun pangna disebut
batur jangkrik pedah ieu mangkeluk teh sok ngéar kasada mun peuting geus
nyanding, adu manis jeung sora jangkrik. (kétang jangkrik gé boga dua antene
jeung dua bebetrik éta, ngan awakna éléh panjang wungkul, jigana mah
tiluanana sabangsaning sisimeutan/jajangkrikan/cacaricangkasan.)

caricangkas jiga héwan séjénna boga cara keur matéaan kejemna alam.
jangjangna sarua jeung warna jeung rupa daun. hal ieu dipaké keur nyamuni ti
nu jadi musuh alamna.

caricangkas ogé ngarupakeun batur deukeut manusa di pilemburan. jiga
bangkong, oray, bangbara, kamarang, jangkrik jeung rea deui hewan sejenna nu
teu asa-asa lamun asup ka imah jelema.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke