************************************************** Haturan Uwa Ganjar lan Mang J!
Paralun nun!! saukur ngadugikeun panimu ti parasepuh nu langkung uninga tipayun ti sim kuring ..... cenah na mah, aya sakaol nun nerangkeun, yen agama teh hiji jalan lempeng keur ngudag saha jeung kumaha jisim teh kudu lumampah dina panghirupan ieu. Reh na agama teh, boh nu ardi kitu oge nu samawina, taya lian maparin jalan keur katengterman hirup (ceuk urang kulon mah "peace"/jalan nu lempeng tea). Jadi nu aya dina agama teh ngabejakeun cara keur urang sangkan bisa ngahargaan ka diri urang, ka sasama, ka lingkungan kitu na oge ka mantena nu ilaharna teh taya lian keur ngudag "peace" tea. Sapagodos naon nu dipedar ku Uwa Ganjar dina raraga, yen isme-isme sarupaning, marxis, komunis, sosialis jeung isme-isme nu lianna, bisa oge disebut agama kitu oge meureunnya nu sering disebut atheis teh agama (da boga kayakinan tea keur nyanghareupan kahirupan na). ....... nanging numutkeun sasauran parasepuh dina elmu ageman, ceuk kuring mah isme-isme siga kieu mah, agama satengah!!. Na kutan kitu? nya pan, nu disebut isme-isme teh cacat tina opat silah tadi... nyaeta... silahturahim ka diri sorangan, sasama, lingkungan tugna ka mantena. Naha cacat? kapan mun urang kotektak mah hampir sakumna nu dibejerbeaskeun dina isme-isme sewang-sewangan teh teu nyumponan sakabeh silah tadi, hiji conto, kapitalisme nu ngan saukur mere jalan keur silaturahim ka diri sorangan, kumaha urang bisa ngadaya upayakeun sagala sumber daya alam/manusa (SDA/M) keur kahirupan urang soson-soson, tapi dina si kapitalisme teh silaturahim jeung nu liannamah can ka udag. Teu kaudag ku manehna mah, yen SDA jeung SDM teh bakal gugus, teu kaudag kumanehna mah, yen SDA jeung SDM nu aya teh kudu pikasukurkeun ka mantena, jsb. Tah jadi bae nu ngangem isme ieu teh alus na teh alus keur sorangan/ golongannana. Ilaharna nu ngangem isme ieu oge teu manggih "peace" tea. Nu pentingna mah keur si kapitalisme teh, beuteung seubeuh, duit weuteuh kahayang kajeujeuh (...heuheuheu...) ....bae awak geus ripuh oge!. Ayeuna nu kumaha atuh agama nu bener teh? Urang papada uninga reh na macem agama teh aya dua, nyaeta agama ardi jeung samawi. Demi imanna kuring ka gusti alloh, agama ardi teh nyaeta sarupaning agama nu dibabarkeun ku jalma-jalma nu ngangken (beja ceuk Durheim mah sarasa, sahate, sapanuju babarengan/ kolektifitas sosial tea lah) jelma suci/Dewa/ pangeran ka hiji/ sababaraha jalma nu bisa dipikaconto, dipikasieun, dipercaya, dipikacinta, dipenta tulung sangkan bisa nengtrem kahirupan pikeun jalma-jalma eta jeung sabudeureunana atawa nyakseni yen anjeuna teh jalma suci. Pamanggih kuring mah, jalma-jalma nu disucikeun dina agama ardi sewang-sewangan (Dewa/ pangeran), mimitina mah aranjeuna meunang elmu ka imanan (percaya) teh, satemenna ti alloh nu maha asih. Tadina mah meureunan teu diniatan ku aranjeuna rek nyipta agama teh, aranjeunna satemenna percaya yen aya hiji kakuatan, kakuasaan nu leuwih luhur jeung luhung nu teu katingal atawa karaba (goib), nu nyiptakeun aranjeuna jeung disakuliah kaayaan alam ieu (bae aranjeuna nyoba-nyoba nyipta make sarana patung atawa nulianna, tetep bae yen aranjeuna teh percaya kanu kakuatan nu luhung tadi). Da meureun harita teh aranjeuna can ngarti/ kahontal naon nu disebut alloh teh, da meureun jeung meureun deui bae, sigana mah harita teh can kapanggih ku aranjeuna ayana pangaweruh agama islam (waktu ti nabi adam tug ka kanjeng rosullallah saw). Tah tidieu pisan ceuk kuring mah pangaweruh tekah polah iblis sabondooyot jeung setan saparakanca keur ngayakinkeun aranjeuna (yen anjeuna bisa boga elmu-elmu goib atawa yen anjeuna geus bisa papanggih jeung kakuatan nu luhung nu diteteangan tadi-padahalmah eta mah jijieunan si iblis tea) kitu oge jalma-jalma nu ngarangken aranjeuna jadi jelma suci tadi (reh na si A teh jelema suci/ dewa/jrrd nu bisa mawa jalan panghirupan maranehna-padahalma eta mah harewosan setan bae). Bakat ku bisa si iblis jeung sabangsana teh, dina ngabentuk jeung mere bukti nyata. Naha bisa kitu, nya? (kok bisa sech! ceuk ABG mah), si iblis saparakanca teh?, kapan dumasar kana saacanna waktu isra jeung mi'rajna kanjeng rosul saw mah si iblis jeung walabadyana teh unggal janari masih diijinan ku alloh keur maok warta ti langit, jadi maraneh na teh nyaho pisan lumampahna kumaha jalma-jalma di dunia jeung elmu-elmu goib bil goib teh. Tah ti beulah dieu pisan si iblis teh jadi ngaraja ka manusa nu can panggih kana iman islam. Kuring mah teu bisa nyalahkeun boh ka aranjeuna nu jadi jalma suci, jalma-jalma nu ngangken aranjeuna jadi jalma suci atawa si iblis jeung setan saturunan. Dumasar, papada mahluk ge boga hak jeung kawajiban sewang-sewangan nu geus diijinan ku alloh. Tah ayeuna kumaha atuh agama samawi nu salian di sebut islam teh??. Ari agama ardi teu bisa disebut bener keur cecekelan hirup mah, kumaha atuh tah ngulikna nu samawi salian ti islam teh? .......ah ayeuna mah kuring nek nanya ka diri heula anan bae. Mun seug teh ti bogor boga tujuan nu sarua ka jakarta........ ras teh kapikiran, nek liwat mananya si kuring? jalan tol nu lempeng jeung tereh tapi kudu mayar?, jalan bogor raya nu loba tetenjoeun tapi lila nepina, apa jalan ka gunung putri teu mayar rada deukeutan tapi loba tempat nu macet??? ....... mun nu ieu geus ka jawab teh, nek make naon atuh, ka dituna? make mobil, beus, milu batur? atawa leumpang bae kituh?...... ke... ke... ke heula anan!...... ehmmm...ehmmm....ehmmm!!!...jentre pisan atuh eta mah, nya? wa'allahu a'lam bishowab! Saestona, samudaya kalepatan... ti handap sausap dampal ti luhur sausap rambut, taya lian sim kuring nu ngaraos bodo. Sayaktosna Iwal alloh nu maparin samudaya elmu tur pangersa. Baktos na, -pun adi- ************************************* On Fri, 11 Feb 2005 17:45:32 +0700 (JAVT), Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > >Tiasa janten, urang sok bias Timur Tengah upami ngadefinisikeun agama > >atanapi kapercayaan teh. Tapi naon wae watesanana, numutkeun pribados mah, > >inti tina agama atanapi kapercayaan teh nyaeta "ajaran". Ajaran ieu > >tinangtu aya wujudna -- leupas tina naha dibukukeun atanapi henteu. > >Patarosanana, wujud ajaran teh naon?. Pon kitu deui dina hal ritual saperti > >kurban, inisiasi atanapi anu sejenna, tangtu aya dasar anu jadi sumberna. > >Lamun heug mah, alesanana teh teu kapaluruh sumberna (saha jeung ti iraha) > >-- misalna wae dipikawanohna teh estuning diturunkeun ti hiji entragan ka > >entragan sahandapeunana, anu satuluyna eta ajaran teh ditarima (baca: > >dipikaiman -- jeung dipraktekkeun) ku masyarakatna, teu nanaon -- mangga teh > >teuing. Kapan dina ngagem agama Timur Tengah oge ngawitanana mah ngan saukur > >pipilueun nurutan kolot. > Kapikiran oge, yen isme-isme anu hirup di masyarakat, sapertos komunisme, > kapitalisme, marxisme jsb; dina seuhseuhanana mah tos janten "agama", margi > dipraktekeun ku sakelompok anggota masyarakat anu janten "pemelukna". Upami > kumandang ieu leres, hartosna sual agama atanapi kapercayaan teh teu > salawasna kedah turun ti langit -- anu penting mah aya ajaranana. > Tapi sigana ajaran dianggap penting (bisa dijadikeun) salah sahiji ciri tina > agama/kapercayaan, lamun eta ajaran teh disebarluaskeun ka balarea. Lamun > heug mah agama/kapercayaan teh dianggap urusan pribadi sewang-sewangan, aspek > ajaran jadi teu penting. Mangga teh teuing bade ngalakukeun ritual anu kumaha > wae oge. Tapi urusan manusa lain ngan ukur sapribadieun, sabab kudu interaksi > jeung anu sejenna. Lamun sakabeh jelema nyieun aturan hirup luyu jeung > kapercayaan sewang-sewangan, meureun dunya teh bakal kacaw. Palebah dieu, > harti agama : teu kacaw pas pisan. Inti tina ajaran kabeh agama/kapercayaan, > sakuduna kudu nyingkahan kakacawan. Lamun heug mah agama atawa saenggeus aya > agama dunya angger keneh kacau, anu salah bisa jadi lain agamana -- tapi anu > nyurahan eta agama (tapi teu nutup kamunginan aya oge agama/kapercayaan anu > ngajarkeun kakacawan?). Kusabab agama/kapercayaan teh ragem, supaya teu kacaw > perlu aya "kasapagodosan", supaya saling hurmat, ulah silih gorengkeun, t! > oleransi, jsb. > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/