Baheula pare nu sok ditutu teh jenisna pare huma, sikina leuwih kuat napel kanu pakangna, beda jeung pare sawah. Samemeh ditutu morolokeunana lain digebotkeun kanu gebot tapi diirik. Beas beunyeur lolobana ditempat si kuring mah dijual jadi parab hayam anakna atawa manuk. Lamun dipolah sok dijieun anu samodel uras.
From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: Monday, September 20, 2010 10:29 PM To: Urangsunda; kisunda@yahoogroups.com; baraya_su...@yahoogroups.com Subject: [kisunda] sangu beunyeur http://www.facebook.com/photo.php?pid=5070584 <http://www.facebook.com/photo.php?pid=5070584&fbid=442816857375&id=64948737 5#!/photo.php?pid=5070618&fbid=442820197375&id=649487375> &fbid=442816857375&id=649487375#!/photo.php?pid=5070618&fbid=442820197375&id =649487375 Image removed by sender. 63070_442820197375_649487375_5070618_8285755_n.jpg sangu beunyeur beunyeur téh béas bubuk. di jaman baheula nu ngaranna beunyeur réa dihasilkeun sabab ngarobah paré jadi béas masih maké prosés ditutu. ku ditutu, tarik beubeut halu kana lisung teu bisa angger. pedah tanaga manual téa, tanaga manusa mah pan teu bisa dikira-kira. kalan halon teuing tapi leuwih remen deui bedas teuing. nu tungtungna paré nu sakudu ngabéas ngalaleunjeur bubuk jadi beunyeur. sedeng di jaman kiwari, ku ayana mesin giling modern--héleran cek urang lembu kuring mah, nu jigana mah hasil salah déngé tina kecap basa asing--ngabeunyeurna béas bisa leuwih dikurangan. tah balik deui kana sangu beunyeur. najan sarua tina béas, sangu tina beunyeur téksturna béda dibanding sangu tina béas biasa. rasa ngagerenyil sangu beunyeur bakal leuwih rosa. séjénna deui, kuring can kungsi ngasaan sangu beunyeur nu diolah sarua jeung sangu biasa. biasana mah sok bari dibungbuan jeung direueuy ku kacang suuk dibalur ku parud kalapa ngora. tangtu ku cara kitu sangu beunyeur leuwih karasa gurih tinimbang sangu béas biasa. -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
<<image003.jpg>>