Re: [Urang Sunda] kangge MJ, salam ti Hendriko

2006-01-24 Terurut Topik kang boim
MJ..., sok lah ngaran abdi asupkeun jadi salah sahiji tokoh dina novel nu bakal datang keun jadi tukang susulumputan ogeheheh. (sugan bae kateureuhan bisa nyieun novelheheh) kkbm'69 -basa wengi teh bade nyetel RRI Bandung jan 9.30, eh...pas distel radiona kalahka teu jelas sorana bin

RE: [Urang Sunda] Tiiseun

2006-01-24 Terurut Topik ahmad
Halo-halooo Sampurasun Salamualiakum wr wb kamaran yeuh gening kalahkah nyarumput sieun ku bom kitu??? -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell Sent: Monday, January 23, 2006 6:20 PM To:

Re: [Urang Sunda] nepangkeun = Wilujeng Icikibung di Kusnet....

2006-01-24 Terurut Topik ikmals
ha ha ha ha. pangesto kang JB, kaman wae geningan tara katingal ayeuna mah?? nami nambihan teh margina karakter hurup di gmail mah geningan minimal 6 hurup, nya atuh nyandak gampilna we ditambihan s pengkerna, sugan atuh janten tiis, moal bayeungyang teuing hatur nuhun, baktos ikmal

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik Tatang Sariman
Tah geuning meni lebet pisan teu kadugi ari kuanu sanes widangna sapertos abdi mah, namung alhamdulillah teu poekeun teuing ari tos ngiring 'rapat' bari dibajiguran mah, he he he. nuhun ah, sok deui anu sanesna, manawi, diantos. wasalam.mj [EMAIL PROTECTED] wrote: ieu teh sabenerna mah keur

Re: [Urang Sunda] Milari Padamelan

2006-01-24 Terurut Topik soni rosa
haturnuhun wa! On Tue, 24 Jan 2006 13:25:28 +0700 soni rosa [EMAIL PROTECTED] wrote: haturan... baraya kusnet sadaya bilih aya anu tiasa ngabantos pun alo,hatur nuhun sateuacana sonirosa Daftar Riwayat Hidup Nama Evi Kartika Sari Tempat/Tanggal

RE: [Urang Sunda] kangge MJ, salam ti Hendriko

2006-01-24 Terurut Topik Hari Wibowo
Nami abdi ge teu nanaon janten tokoh na novel nu payun .. .. .. Tapi nami abdi mah tos rada ngetop, apal meureun nya; .. .. .. He he he .. .. -wass- Bowie - H Ari Wibowo From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of kang boim Sent:

Re: [Urang Sunda] Aya baraya nu linggih di Jerman ?

2006-01-24 Terurut Topik henny dulimarta
Assalamu'alaykum wr.wb Kang Ari teh aya di Bandung atanapi di Jerman ieu teh? Ku abdi ditaroskeun heula ka rerencangan di Jurusan manawi aya nu kersa janten sahabat pena. Wassalam wr.wb henny --- "Ari R. Fikri" [EMAIL PROTECTED] wrote: Sateu acanna sim kuring ngahaturkeun nuhun kana

Re: [Urang Sunda] ceuli-rasa-selera

2006-01-24 Terurut Topik KILLERMART
meni resep yeuh ngabandungan perkembangan di lembur, punten wawanianan cumarios, komo deui upami urang malikan kapungkur ku wastana Bapak Dalang Asep Sunandar Sunarya dina TPI (nepi ka ayeuna kuring gondok lantaran demi penghematan listrik jadi acara urang Sunda anu di tunggu2 ku Urang

Re: [Urang Sunda] kangge MJ, salam ti Hendriko

2006-01-24 Terurut Topik mj
hehee. Boim mah tos aya, baladna Lupus. tapi gendut. kang Iim mah henteu. hehe. di fetussaga teh aya ngaran Fandi, sabenerna ti ngaran balad kang Im urang Batununggal (ayeuna balik deui ka sekar kagugat) tea. ngan make F meh teu kaciri teuing, bisi sediheun. hehe. adina mah teu ditambahan

RE: [Urang Sunda] Tiiseun

2006-01-24 Terurut Topik Soni Abunawas
kang Ahmad...nembe jol tos gogorowokan...ari di lembur mah biasa upami usum hujan sok ngaringkeub weh...di lebet bumi..da tiris panginten atanapi siduru dina hawu bari ngabubuy sampeu komo lamun di gula kawungan mah... -Original Message- From: ahmad [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday,

Re: [Urang Sunda] Milari Padamelan

2006-01-24 Terurut Topik soni rosa
hatur nuhun cep wahyu! sae tah gaduh bakat ngacapruk, tiasa janten jurka...he..he... On Tue, 24 Jan 2006 14:51:23 +0800 Cecep Wahyu [EMAIL PROTECTED] wrote: biasana sababaraha pausahaan atanapi sapertos kamari di PU kitu kangge cPNS teh salah sahiji syaratna kedah aya sertifikat Toefl ti

Re: [Urang Sunda] nepangkeun = Wilujeng Icikibung di Kusnet....

2006-01-24 Terurut Topik Ragil_M
Lancar dulur Katambah ayeuna usum hujan..nambih lancar waeproyek teh..heehehee.. Kumaha si eneng teh tos di giring kaKUA..? Siaplahsim kuring jadi saksi...sugan we bisa jadi wasit.. cag ah, ---Original Message--- From: urangsunda@yahoogroups.com Date: 01/24/06 15:17:19 To:

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Rek miluan ngalokan ah. Ceuk mang Hasan Djafar, dosen arkeologi FIB UI, di Indonesia teh kerajaan anu pangkolotna aya di wewengkon Jawa Barat (Tarumanagara tea). Harita oge tos aya palabuan laut. Para palaut asing anu ngahaja balayar neangan rempah-rempah teh pangheulana nya balabuh di sunda

[Urang Sunda] pangajaran b. sunda...

2006-01-24 Terurut Topik sara raka
Baheula di Jakarta budaya sunda geus kacaturkeun boga peran anu kenteul pisan, urang tiasa nilik kana nami jalan, basa serapan na basa nu lumangsung di jayakarta, bisa disebutkeun serapan basa sunda aya kana 50 persenna. Panginten seuer jalmi nu daratang ka Jakarta ngangge basa nu

Re: [Urang Sunda] re: Pabukon di RRI

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Hiji mangsa, abdi teh nuju mirengkeun radio RRI di gelombang MW. Ngadangu sora meni tarik pisan (sora Ua Sas). Teras ngadangu sora deui meni lalaunan pisan (sora MJ). Bakating ku tunduh, lep wae abdi teh sare, nepi ka teu kadangu sora anu lalaunan, komo deui anu tarik pisan. Teras kuring teh

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda

2006-01-24 Terurut Topik dede mariana
Nya memang kitu ayana ari fakta geografis nu oge fakta sajarah mah, dataran sunda mah nya dataran sunda we, oge kumpulan pulau-pulau sunda besar sareng pulau-pulau sunda kecil. Keur kuring sakola SD kira-kira taun 1969/ 1970an mah atlas peta ge asana mah masih nyantumkeun eta sesebatan (sunda

[Urang Sunda] kertas buatan urang sunda

2006-01-24 Terurut Topik sara raka
Salilana kasundaan bakal dipadungdengken. Cumarita dina masalah pers Sunda dina enggoning pikeun nanjerkeun Sunda sagemblengna, sim kuring bade sakedik ngungkapkeun naon nu aya dina uteuk. Pers teh minangka ciri khas kabudayaan modern. Dina raraga ngajaga kabudayaan US diantarana kertas.

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda

2006-01-24 Terurut Topik waluya56
Di sagara Atlantik, deukeut Amerika Tengah, aya kumpulan pulo-pulo, nu disebut kepuloan Hindia Barat. Pulo-pulo ieu lain tadina bogana India nu jauhna rewuan kilometer ti India, tapi tina salah sangka Columbus nu nyangka manehna tepi ka India. Columbus boga kayakinan yen dunya teh buleud,

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik mj
ieu mah ngawadul kang. hehe. aya nu kaliwat saeutix: eta peta/map/kar jieunan bule pelaut ulung teh dibarawa balik ka lemburna. terus disimpen atawa disetorkeun ka raja atawa nu ngamodalananan. terus bangsa sejen, tatanggana nariron (boa meuli) pikeun jadi peta panduan maranehna berlayar oge.

RE: [Urang Sunda] re: Pabukon di RRI

2006-01-24 Terurut Topik Mochamad Prakoso
kang Jamal meni ganteng dina photo mah gak..gak..gak -Original Message- From: soni rosa [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, January 24, 2006 3:34 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] re: Pabukon di RRI nambihan sakedik dina panungtungan gunem catur, di

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik Waluya
Di sagara Atlantik, deukeut Amerika Tengah, aya kumpulan pulo-pulo, nu disebut kepuloan Hindia Barat. Pulo-pulo ieu lain tadina bogana India nu jauhna rewuan kilometer ti India, tapi tina salah sangka Columbus nu nyangka manehna tepi ka India. Columbus boga kayakinan yen dunya teh buleud, jadi

RE: [Urang Sunda] Fwd: Game Sunda

2006-01-24 Terurut Topik sonirosa
.abdi bade naroskeun dimana abdi niasa ninggali gamena, apa tiasa di download dina internet ? www.cupumanik.com ( -dina menu GAME SUNDA) mangga cobi di longok kang Budi, kanggo Download off line namah teu nembe nuju disiapkeun. Hatur nuhun kan apresiasina. Cag! Nuhun kang eko!

RE: [Urang Sunda] aya nu peryogi DESAINER GRAFIS

2006-01-24 Terurut Topik sonirosa
Kang darajat kuring resep nyusun game hususna keur barudak cobi toong di www.cupumanik.com (menu 'game sunda') Manawi tiasa gawe bareng (ayeuna oge tos ngawitan gawe bareng ayicharacter design, dadan sutisna carita + web publisher, oman abdurahman environment info Nuhun soni

RE: [Urang Sunda] kertas buatan urang sunda

2006-01-24 Terurut Topik sonirosa
Janten numutkeun kang Raka Urang kedah ngamimitian ngalekah timana ? soni From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of sara raka Sent: Tuesday, January 24, 2006 6:29 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] kertas buatan urang

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik denysuwarja2k
Basa kuring keur nganjrek di Baduy, kungsi ngobrol jeung si Asnar katut si Salim dua urang Badung anu sok ngadon milu mondok di saung kuring. Maranehna teh 2 pamuda, anak Jaro di Cikeusik (Baduy Jero). Ceuk maranehna mah, ari puseur dunya teh sabenerna mah di sumur Domas. Nyaeta hiji tempat

RE: [Urang Sunda] Data BARAYA US: PUNTEN DI-ARAPDET -Kang ATo

2006-01-24 Terurut Topik joko tingkir
Nuhun pisan kang Ato. Jiga memang salah password. Nurutkeun pituduh ti kang Ato oge (cara 2) tetep teu tiasa. Bakat ku keuheul asal entri wae, saatosma ngetik ID tea, pan kedah ngetik password (biasa otomatis timbul), tah nu otomatis teh dipupus we diganti ku password anyar (susuganan nyangkut da

[Urang Sunda] Bisnis sampah??

2006-01-24 Terurut Topik Rahmat
Bisnis sampah? aya kitu? tapi da emang aya nya? Cobian ka situs ieu: http://www.alat-penanganan-sampah.blogspot.com Yahoo! Photos – NEW, now offering a quality print service from just 8p a photo. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO!

Re: [Urang Sunda] Data BARAYA US: PUNTEN DI-ARAPDET -Kang ERN

2006-01-24 Terurut Topik joko tingkir
Sim kuring parantos ngalengkepan kang, mung eta kunaon tanggalna teu langsung robih nya. Ayeuna pan ping 25 Januari 2006, waktos lebet masih ping 24 Januari 2006. Saeana (upami tiasa) pas gentos tanggal (tabuh 00 wengi), langsung gentos oge. Teras poto nembe gentos saatosna ka luar heula, teras

Re: [Urang Sunda] Aya baraya nu linggih di Jerman ?

2006-01-24 Terurut Topik rima lestari
Kang Ari, dupi Akang linggih di mana? Upami teu di Indonesia mah atuh hayu urang ngobrol2. Ai tiasa mah henteu, mung sakedik ngartos basa Jerman. Atanapi hoyong ku baraya anu di Jerman? Kantenan sim kuring gaduh rerencangan di ditu. Urang Sunda deui, urang Ujung Berung. Anjeuna tos aya kana

Re: [Urang Sunda] Data BARAYA US: PUNTEN DI-ARAPDET -Kang ERN

2006-01-24 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Kanggo kaping ke urang parios deui..kang ato tiasa bantos ? Kanggo foto saleresna mah teu kedah kaluar oge tiasa dicobi kang jaka di Refresh atanapi F5 Wassalam @ERN On 1/25/06, joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote: Sim kuring parantos ngalengkepan kang, mung eta kunaontanggalna teu

[Urang Sunda]

2006-01-24 Terurut Topik Lukman Hakim
Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of

RE: [Urang Sunda] Data BARAYA US: PUNTEN DI-ARAPDET -Kang ERN

2006-01-24 Terurut Topik ato.riyanto
Haturan Kang Jaka + Kang Eko, hapunten sateuacana. Perkawis waktos mun teu lepat ngetes mah, leres ngaco. Katingalna jam server hostingan teu diset leres tah. Janten teu pas sareng urang. Janten we pas gentos dinten tengah peuting manenhna mah telmi (telat mikir hehehehe). Punten

Re: [Urang Sunda] Jam luar nagreg -Kang Ato

2006-01-24 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Waduh sigana eta setting jam luar nagreg kang da serverna oge aya diluar.. lamun ngadamel function nyalira kumaha tah kang ato kantun tambih sabaraha jam kitu.tapi ke urang cobian ngontek si admin anu gaduh serverna. Hatur nuhun kang ato @ERN On 1/25/06, ato.riyanto [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda

2006-01-24 Terurut Topik Jalak Pakuan
Upami (minimal) nu di Tatar Sunda tetep konsisten make peta kawas peta heubeul make Sunda Besar, Sunda Kecil, oge media massa nu di Tatar Sunda konsisten make istilah Sunda Besar, Sunda Kecil sareng Badak Sunda (badak cula hiji) tangtosna eksistensi "sunda" minimal katahan di wilayahna.Ieu

RE: [Urang Sunda] Jam luar nagreg -Kang Ato

2006-01-24 Terurut Topik ato.riyanto
Hatur nuhun oge Kang, Tiasa wae sih ngadamel fungsi nyalira, mung kedah aya informasi ti hostingan perkawis locale atanapi timezone server nu dianggo. Ke mun tos terang eta nembe tiasa diprogram. Baktos, ato From: urangsunda@yahoogroups.com

Re: [Urang Sunda] Jam luar nagreg -Kang Ato

2006-01-24 Terurut Topik Eko Ruska Nugraha
Asana mah kanggo setting locale atanapi timezone na cobi lebet ka contol panel kusnet mung abdi hilap deui menunna kanggo setting eta teh. Baktos @ERN On 1/25/06, ato.riyanto [EMAIL PROTECTED] wrote: Hatur nuhun oge Kang, Tiasa wae sih ngadamel fungsi nyalira, mung kedah aya informasi ti

[Urang Sunda] Re: Milari Padamelan

2006-01-24 Terurut Topik rosma ilyas
Cing Cep Soni cobian ngiringan milis ieu : [EMAIL PROTECTED] Wilujeng… Baktos,Ceu ErosMessage: 1 Date: Tue, 24 Jan 2006 14:13:53 +0700 From: den adoel [EMAIL PROTECTED]Subject: Re: Milari Padamelan Cobi ngiringan milist info kerja saha nu terang aya milik sae kanggo pun alona kang soni

[Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda...Cheng Ho

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Perkara pulo-pulo, aya wartos cenah mah anu pangheulana nimu benua Amerika teh sanes columbus tapi laksamana Cheng Ho ti nagri Cina (anu dikenal oge di Indonesia). Manehna teh ninjak taneuh Amerika 70 taun sateuacanna Columbus. Ieu beja teh ceuk salah sahiji media di Cina, hasil panalungtikan ti

RE: [Urang Sunda] aya nu peryogi DESAINER GRAFIS

2006-01-24 Terurut Topik hadi darajat
geuning teu tiasa di toong webna naha nya. nyusun game kumaha maksadna kang. asa teu ngartos sareng dimana tempatna --- sonirosa [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang darajat kuring resep nyusun game hususna keur barudak cobi toong di www.cupumanik.com http://www.cupumanik.com/

Re: [Urang Sunda] re: Pabukon di RRI

2006-01-24 Terurut Topik ika mardiah
Heuheuheu...eta mah raja sagala beuki. Pantes raja-raja jadi kurang sakti da sagala dituang. Sae upami KUSnet janten program maneuh di RRI, saur Alo Runadi Bogor oge nawisan, mung saha anu bade ngeusi acarana sareng program anu bade didugikeun na kedah tos disusun supados jelas. Mangga

[Urang Sunda] Pabukon di RRI...kanggo buku Kang Syam

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Kang syam sareng mang J kumaha tah carios dihandap masih tiasa dilebetkeun kana Buku Keom anu bade dicitak? Hiji mangsa, abdi teh nuju mirengkeun radio RRI di gelombang MW. Ngadangu sora meni tarik pisan (sora Ua Sas). Teras ngadangu sora deui meni lalaunan pisan (sora MJ). Bakating ku tunduh,

[Urang Sunda] re: Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-24 Terurut Topik mj
tah, murudul katerangan sejen anu ngeuyeuban. mun palebah perang Bubat teu diasupkeun kana lalakon sasakala Sunda Gede Sunda Leutik -sebut we jamana beh ditu keneh atawa malah perang Bubat teh sabenerna mah teu kungsi kajadian tapi carita direka walanda ('aliran Sunda' kang Ilen)- katerangan ti

Re: [Urang Sunda] re: Pabukon di RRI

2006-01-24 Terurut Topik ndoell
Tuh nya.. garapan Kusnet teh beuki nambahan wae geuning... nu mana heula nya ? jeung saha deuih nya nu daék ? (bari nyabutan jenggot) tuang heula ah... -dul- --- In urangsunda@yahoogroups.com, ika mardiah [EMAIL PROTECTED] wrote: Heuheuheu...eta mah raja sagala beuki. Pantes raja-raja

[Urang Sunda] ngenalkeun

2006-01-24 Terurut Topik kang Enduy
Assalamu'alaikum, Sampurasun wargi urangsunda, nepangkeun simkuring wasta pun Enduy (landihan ieu mah), kawit ti Bandung di jalan Kopo Sayati ti palih kiduleun kota Bandung. Dupi ayeuna simkuring nuju kuli macul di kota Nabi, Madinah. Ka ki kuncen, hatur nuhun pisan simkuring di baeu keun

[Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Siddik Wiradireja
"Wilujeng milangkala ka cep Yayan Mulyana" mugi salamina aya dina kucuran rakhmat, karunia sareng maghfiroh Allah SWT, ditebihkeun tina sagalaning dosa sareng cocobi. Amiinnn ya robbal alamiinnn..Pidu'ana ssw NB. singenggal kenging ... Komunitas Urang Sunda --

[Urang Sunda] Neoliberal=imperialisme?

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ka para wargi KUSnet hapunten bilih seratan dihandap ieu rada melenceng tina maksad ayana milis ieu. Ieu aya artikel, upami ceuk sim kuring mah konci kanggo memahami kaayaan gonjang-ganjing di nagri urang. Seratan ieu aya patalina sareng postingan kuring anu kapungkur, waktos ngintunkeun artikel

RE: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Yosep Hania
Wilujeng milangkala ka kang yayan .Doa na nangkod ka Ua Siddik Sing enggal kenging naon yeuuuhh -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Siddik Wiradireja Sent: Wednesday, January 25, 2006 9:10 AM To:

Re: [Urang Sunda] Neoliberal=imperialisme?

2006-01-24 Terurut Topik oman abdurahman
Hatur nuhun Kang Rachmat, Patali keneh jeung jejer tulisan anu dicutat ku Kang Rachmat, dina alamat di handap ieu aya tulisan anu sigana bisa oge mere kajelasan sajarah liberalisme-imperialisme (boh model baheula atawa model anyar) di Indonesia. Sok sanajan si kuring teu satuju sagemblengna

Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik kang boim
Jang Kemod...milangkala wilujeng mugia salamina aya dina panangtayungan Allah Swt...amin. (utamina sing enggal ka bale nyungcungheheh) cag...ah, kkbm'69 -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Siddik Wiradireja

[Urang Sunda] MendakJohn Lennon

2006-01-24 Terurut Topik Maman Gantra
MendakJohn Lennon"Rumentang rek dijual, AACC dipake peringatan maotna John Lennon. Urang sunda kudu brgerak," ceuk eta SMS. "Na, make kudu riweuh? John Lennon ge urang Sunda, lin? Bapana ti Cicadas, emana ti Malimping", walon kuring. Teu lila, kurunyung deui SMS. "Serieus, euy. Jam

Re: [Urang Sunda] Kanggo kang Rahmat

2006-01-24 Terurut Topik Tito Suryana
Kang, bojo akang aya di surabaya nya...? aurna dugi ka dinten jumaah.beu dikantunkeun sabaraha wengi tah hehheheheh * punten abdi teu acan tiasa nepangan...kamari wengi rada galingging yeuh pedah sadinten jeput rapat di ruangan AC beu..dasaryeuh awak teh nuju teu fit - Original Message

[Urang Sunda] Persib Bandung Pikahariwangeun!!!

2006-01-24 Terurut Topik Pangeran Gogon
sayah mah jadi hariwang ningali Persib ayeuna... punten yeuh ka dulur2 kabeh, kalah di kumaha oge, tetep urang sunda mah moal bisa dipisahkeun ti Persib. sayah jadi hayang nyaho, kumaha kira2 na pamikiran urang sunda sa alam dunia supaya Persib bisa maju tur bisa jadi jawara di liga

Re: [Urang Sunda] Persib Bandung Pikahariwangeun!!!

2006-01-24 Terurut Topik Tito Suryana
ah..si kuring mah ti baheula oge teu satuju mun pamaen persibdicampur ku pamaen asing..jadi teu aya rasa sumanget kadaerahan...teu jiga jaman Adjat sudrajat, Robi Darwis (si Bima tea)...beh dituna pan aya omo, aang witarsapan sakitu hebatna persib teh malah waktu loba ngagabung ka

RE: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Siddik Wiradireja
Kenging naona mah.???, ssttt... eta mah rusiah sareng jinisna... heuheuheu...sswYosep Hania [EMAIL PROTECTED] Wilujeng milangkala ka kang yayan ….Do’a na nangkod ka Ua Siddik… Sing enggal kenging naon yeuuuhh… Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id

[Urang Sunda] DVD Bajakan

2006-01-24 Terurut Topik Maman Gantra
DVD BajakanRada era oge maca Bisnis Indonesia poe ieu, Rebo, 18 Januari 2006, kaca T3. Disebutkeun, pamarentah leungiteun pajak nepi ka Rp 10 triliun ku alatan ayana DVD bajakan. Komo, kamari kuring narima undangan ngeunaan seminar pajak. Dina panganteurna disebutkeun,

Re: [Urang Sunda] ngenalkeun

2006-01-24 Terurut Topik Tito Suryana
mangga kalebet.kang Enduysok sing betah tumaninah.nepangkeun oge si kuring Tito Suryana asli cicadas bandung ayeuna nuju kokoreh di surabayaistri hiji, anak 2 heheheheheh - Original Message - From: kang Enduy [EMAIL PROTECTED] To: urangsunda@yahoogroups.com Sent:

RE: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Hari Wibowo
Punten abdi mah mung bade nga-AMIN-keun piduana uwa Apih Siddiq AMIN, AMIN, AMIN .. .. Ya Rabbal alamin Wilujeng milangkala ka kang Yayan Mulyana -wass- bowie From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Siddik Wiradireja Sent: 25

Re: [Urang Sunda] Persib Bandung Pikahariwangeun!!!

2006-01-24 Terurut Topik kang boim
Haturan kang Pangeran Gogon..., sarua sim kuring oge manghariwangkeu nempo kaayaan Persib siga ayeuna, kurang kumaha pamaen nu ayeuna leuwih punjul batan ti nu taun kamari tapi naha bet kieu jadina nya.. saha atuh anu kudu disalahkeun...? ceuk pamikir kuring mah ieu sakabeh masalah nu utama aya

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda...Cheng Ho

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
--- MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Perkara pulo-pulo, aya wartos cenah mah anu pangheulana nimu benua Amerika teh sanes columbus tapi laksamana Cheng Ho ti nagri Cina (anu dikenal oge di Indonesia). Manehna teh ninjak taneuh Amerika 70 taun sateuacanna Columbus. Ieu beja teh

Re: [Urang Sunda] ngenalkeun

2006-01-24 Terurut Topik kang boim
Wa'alaikumsalam wr, wb. Haturan kang Enduy..., mangga wilujeng linggih di lembur babakan Kusnet, nepangkeun oge sim abdi Iim bin Boim kawit ti sumedang ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung, geuning mani lampar kang Enduy teh nyaraos atuh nya aya di kota Nabi urang sadaya (nabi Muhammad

RE: [Urang Sunda] ngenalkeun

2006-01-24 Terurut Topik kang Enduy
Haturan kang Tito, hatur nuhun pisan kana sanes kanten pangangken-na, bagja kumanjangan nya tos batian geuning hehehe. Simkuring mah nuju milarian bibit keneh kanggo si utun inji jaga heuheu -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of

[Urang Sunda] Re: Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik ndoell
Jang Kemod... wilujeng milangkala, do'ana ngiring nangkod ka Uwa Siddik.. Amiin -dul- enbe : sing enggal kenging oge... naon ? duka atuh hi hi --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng milangkala ka cep Yayan Mulyana mugi salamina aya dina

Re: [Urang Sunda] DVD Bajakan

2006-01-24 Terurut Topik kang boim
haturan kang Maman..., sami kang abdi ge ari kudu meuli nu asli teu kabedag tungtungna mah nya meli nu bajakan wae da murah alias kahontal ku eusi pesak, emang aya bedana nu asli jeung nu bajakan dina kualitas nu bajakan mah sok aya bae cawadeunana tapi teu kabeh kitu nu bajakan oge aya nu

Re: [Urang Sunda] Kanggo kang Rahmat

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ti kawit tanggal 16 januari kang Tito. Perkara dikantunkeun mah tos latihan ti taun kamari. Sakantenan nuju mraktekeun perkawis gender. Ari tugas pun bojo teh pan turni ka sakuliah kabupaten di Indonesia tugasna nyosialisasikeun kawijakan berspektif gender (Teh Ika oge salah sawios anu kantos

[Urang Sunda] RE: Spam:[gankleboy] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Miih
Title: Message Wilujeng Milangkala kang Yayan mugia sehat selalu do'a namah nangkod we ka Apih nya amiin..yaa robbal alamiin wassalam, -Original Message-From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, January 25, 2006 12:10 PMTo:

Re: [Urang Sunda] Re: Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Mia
Wilujeng milangkala kang kemod eh jajaka subang tea nya. du'ana ngiringan ka sepuh..amien..amien ya robbal alamin. ~mia~ On 1/25/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Jang Kemod...wilujeng milangkala, do'ana ngiring nangkod ka Uwa Siddik..Amiin-dul- enbe :sing enggal kenging oge...naon ? duka

Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik iva wanti
Wilujeng kang yayan. Du'ana sami sareng apih. Tambihanana, pami tos kenging...sing enggal kekengingan:D Neng IvaSiddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote:"Wilujeng milangkala ka cep Yayan Mulyana" mugi salamina aya dina kucuran rakhmat, karunia sareng maghfiroh Allah SWT,

RE: [Urang Sunda] DVD Bajakan

2006-01-24 Terurut Topik Yosep Hania
Ny.ceuk kuring oge tungtung namah Ngadu Domba ? mani ku keukeuh etaahh.tapi da lain domba ketaang.. Da ari kudu meuli DVD kana 200 rebu mah..mending keur meuli susu budak.puguh deui mangfaatna. Perkara nagara rugi anu sakitu gedena, etamah urusan na gara a.kuring mah ngurus

RE: [Urang Sunda] Persib Bandung Pikahariwangeun!!!

2006-01-24 Terurut Topik Yuliadi
lain dua kali tanding tos ka"asupan", hoyongna kumaha? hahahahaha persib-psds, saha nu meunag? -Original Message-From: Pangeran Gogon [mailto:[EMAIL PROTECTED]Sent: Wednesday, January 25, 2006 12:20 PMTo: urangsunda@yahoogroups.comSubject: [Urang Sunda] Persib Bandung

RE: [Urang Sunda] Iber Milangkala

2006-01-24 Terurut Topik Cecep Wahyu
Ngiringan ahhh... Wilujeng Milangkala kangge kang Yayan aka Kang Kemod, du'ana ngiringan Apih.. mugia sing enggal kenging Sertifikat Ganteng asli. Baktos, -Original Message-From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]Sent: Wednesday, January 25, 2006 12:10 PMTo:

Re: [Urang Sunda] Persib Bandung Pikahariwangeun!!!

2006-01-24 Terurut Topik Mohammad Iskandar
dupi tukang menbal teh mung Persib wungkul kitu? Ari klub sapertos PSB (Bogor), Persis (Sukabumi) kalebet kana kumpulan urang Sunda henteu. Margi sami we..pikahariwangeun?kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote: Haturan kang Pangeran Gogon...,sarua sim kuring oge manghariwangkeu nempo kaayaan Persib

[Urang Sunda] Milarian Pamingpin Urang Sunda

2006-01-24 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Sigana krisis anu nuju kaalaman ku bangsa urang teh, nu pang pokona mah nya paktor utamana mah pamingpin. Margi sistim budaya urang mah masih nyoko ka paternalistik tea. Siga kamari, para pamuda sulawesi nyalonkeun Ilham Habibie sabage pupuhu ICMI. Kasangtukangna ceuk kuring mah kusabab putra pa