Ka Sakur Nu Nyebut Siliwangi Lain Islam
Ka
sakur nu nyebut Siliwangi lain islam,
kunaon angger
teu bisa maca kajadian alam,
moal aya kyai
nu bakal mikeun anakna ditikah ku lain islam,
atawa
buktikeun ka kaula mun bener Siliwangi lain islam.
Jentrekeun ka
kaula Siliwangi lain
Ulah Hoghag Ku Ngan Ukur Beda Cara
Hey
sakabeh urang sunda nu ngaku umat islam,
saenyana musuh
aranjeun lain nu sarua islam,
ulah hoghag ku
ngan ukur beda cara,
sabab jalma
kafir eta kahayangna.
Keun
we antep jalma nu ngarasa pang islamna anaking,
keun we antep
jalma nu
Rakeyan Santang Ngarana
Hiji
budak turunan Subang Larang ayana,
anu taat patuh
ka ramana,
anu sarua
nyaah ka rahayatna,
bener nyekel
kaislamana.
Rakeyan
Santang ngarana,
diharepkeun
wicaksana jiga guru ramana,
guru nu
katelah Ki Santang ngarana,
istuning
Rakeyan nyaah kanu
Nun Gusti Ieu Abdi
Nun
gusti ieu abdi,
dangukeun
jumerit hate abdi,
tingali
rembeyna cisoca abdi,
hoyong
ngabelaan agama gusti.
Nun gusti ieu
abdi,
nu ngan ukur
nyembah ka gusti,
nu sering
nyegruk ningal kaayaan agama gusti,
nu teu rido
ningal kapeurih nu dialaman
Mang Taun taun Neang Batur Salembur
Lamun
geus kuduna pinanggih,
moal enya teu
dititah linggih,
bari
nungguan mangsana pinanggih,
geus pasti ku
sarerea dihaturanan linggih.
Deudeuh teuing
dulur,
mangtaun-taun
neang batur salembur,
susuganan
urang bener jadi dulur,
kajeun
Hiji Lalaki Uyap-Ayap Sisi Jungkrang
Gunung
galunggung nu ngajurungkunung,
mapag mega di
tungtung layung,
karyaning
damelan Gusti Anu Agung,
dibarengan ting parentul
tangkal kawung.
Hiji lalaki
uyap-ayap sisi jungkrang,
awakna barabak
ku seukeutna batu karang,
geus
Kudu Bisa Jadikeun Ngawujud
Sakabeh
eusi alam semesta diciptakeun saimbang,
nu hiji
diayakeun jang ngajaga kaayaan nu lain,
nu hiji euweuh
bakal digantikeun kunu lain,
istuning hiji
hukum alam jang ngajaga kasaimbangan.
Nu di luhur hiji
mangsa ka handap,
nu di handap
hiji
Nu Teu Kaharti Ku Uteuk
Acan
puguh nu karasa ku indriya,
eta nu sabenerna
aya,
sabab ngan ukur
ceuk uteuk eta aya,
nu teu kaharti
ku uteuk bieung dianggap aya.
Moal Diwilah-wilah Moal Dibeda-beda
Ka
sakur nu mawa tanda,
geura rampa
geura mere tanda,
sabab titis
tulis geus aya,
saacan aranjeun
gubrag ka dunya.
Moal
diwilah-wilah moal dibeda-beda,
aranjeun sarua
nu rek ngabela Tatar Sunda,
moal ditempo
anjeun boga harta banda
Teangan Heula Kasasuaan
Anu
nepi pucuk di elmu sakolaan,
geuning kaliwat
teu diajar elmu mairan,
teu inget
manehna bijil ti Pajajaran,
ngudag-ngudag
sebutan ti nagri lain ngan ukur jang sorangan.
Leuwih resep
pahaok-haok perang kayakinan,
dina prak-prakan
teu bisa turun bari
Hiji Lalaki Uyap-Ayap Sisi Jungkrang
Gunung
galunggung nu ngajurungkunung,
mapag mega di
tungtung layung,
karyaning
damelan Gusti Anu Agung,
dibarengan ting parentul
tangkal kawung.
Hiji lalaki
uyap-ayap sisi jungkrang,
awakna barabak
ku seukeutna batu karang,
geus
Na Ari Urang Sunda Kamarana ?
Jang
sakabeh urang sunda nu geus ngajeujeuh,
inohong-inohong
nu geus ngajeujeuh,
gegeden-gegeden
nu geus ngajeujeuh,
nepi iraha
aranjeun kanu leutik kaleungitan kadeudeuh?
Sakumaha
luhurna kahirupan anjeun,
sakumaha
pikaserabeuna kawasa anjeun,
Matak Lungkawing
Sakali
deui dina tengah peuting anu jempling,
kuring nyaring
dibaturan gerentes hate ngahariring,
kainget bieu
ngimpi kuring nu matak kana hate muriding,
angina gede,adi-adi,indung bapa,imah,masjid,wudu,solat,
jeung barudak
santri matak lungkawing.
Rek Aya Nu Hudang Nu Tadina Cicing
Ieu
peuting dunya asa jempling-jempling teuing,
bari
dibarengan hawa panas sakuriling bungking,
hey manusa
geura areling,
rek aya nu
hudang nu tadina cicing.
Kula nu ngahandeuleumkeun sakabeh sesa
Mun
Siliwangi aya keneh dikieuna,
moal aya nu
nyarita asa pang enyana,
geus puguh
seratan dina leungeun maranehna,
ukur reka-reka
jalma nu nulis jaman ayeuna.
Kula nu
ngahandeuleumkeun sakabeh sesa,
rek
dijagragkeun dina mangsana,
naha
Ka Anjeuna Nu Kangtos Nyandak Wawangi
Nun
gusti dugikeun salam jisim abdi,
ka anjeuna nu
kangtos nyandak wawangi,
wawangi ka ieu
nagri,
mugia gusti
maparin anjeuna endahna sawargi,
sawargi nu tos
dijangjikeun ku para nabi..
Amii.
Boa Rek Aya Bitu Taneuh
Sasatoan
geus mimiti ngarasa aya nu teu ilahar na jero taneuh,
cacing
kalaluar tina jero taneuh,
ngarasa panas
datang na handapeun taneuh,
sasatoan
leuwih pinter maca tanda na taneuh.
Boa aya seuneu
nu ngadeukeutan handapeun taneuh,
nepi sasatoan
teu
..Engke Didatangan Ku Kuring.
Teu
kudu boga niatan neangan kuring,
mending ku
anjeun geura hartikeun nu datang ti kuring,
sabab hese cape mun
aranjeun neangan kuring,
kalah teu
kaharti naon nu dipimaksud ku kuring.
Anggur pake
tanaga aranjeun jang nuturkeun kuring,
Lain Ngarobah Nu Geus Aya
Ti
Pajajaran nu ngawasa,
lain ngarobah nu
geus aya,
diaping ku wadia
balad lodaya,
istuning sunda
anu waluya.
Sabab Gunung Can Mangsana Bitu
Kuring
nyumput lain sieun ku aranjeun,
kuring nyumput
lain teu hayang wanoh jeung aranjeun,
kuring sieun
jadi matak ka aranjeun,
sabab musuh
sunda bakal ngudag ka aranjeun.
Geura ngarti
kunaon bet kitu,
sabab gunung can
mangsana bitu,
mun ku
Geus Tidituna Adam Jeung Hawa Teu Sarua
Awewe
jeung lalaki istuning beda,
kajeun ditempo
timamana tetep beda,
ulah ngalawan
kodrat hayang sarua,
geus tidituna
Adam jeung Hawa teu sarua.
Ulah
ngababanding aturan Qur’an ku rarasaan manusa,
geus tangtu kahayang
setan mamanas
Ulah Ngangluh Komo Bari
Ambek
Inget
mangsa Siliwangi pipindahan,
asruk-asrukan
kana leuweung geledegan,
mamawa rahayat
nu kalaparan,
jang neangan
tempat padumukan.
Nu ku aranjeun
disinghareupan ayeuna teu sapira,
ukur ngalakonan bari saaya-aya,
henteu nepi ka
kudu balangsak
Kula Didideu Milu Nyakseni
·
Cik ku aranjeun tempo nu taliti,
naha bet gujrud kyai gede boga pamajikan
deui,
turunan sunda nu ngarti hukum islam sajati,
nepi aranjeun nyawad Qur’an oge wani.
Abdullah Gymnastiar salira muslim sajati,
kula didieu milu nyakseni,
yen anjeun bener
Teu Hayang Nempo Rahayatna Pasea
Siliwangi
nu didongengkeun ngahiang harita,
dicaritakeun
ngaleungit harita,
dicaritakeun
jadi maung harita,
ku kaula geus
ditelekkeun kajadian nu sabenerna harita.
Kuduna jadi
conto aranjeun sarerea,
Siliwangi nu
nyaah ka rahayatna,
teu
Hapunten Anu Kasuhun. Haturan…
Haturan Kang Dudi
Herlianto (Ua Duq),Kang Djoni Rochyana,Kang Abbas Amin (abas_amin08),Kang
Hendian (Astrajingga19),Kang Rahman Syaifoel (rsyaifoel),Kang Tubagus
Taufik Iskandar(prabu_wangi),
Lamun
bener aya tanda,
geura tepungkeun
Sanghareupan Nu Bakal Ngadatangan
·
Sing saha nu wani-wani nyawad aturan Qur’an,
sanghareupan nu bakal ngadatangan,
kayakinan anjeun cepeng ku anjeun sorangan,
kayakinan kula rek dicepeng ku kuring
sorangan.
Lamun anjeun nu nyawad Qur’an lain islam,
geura jempe kusabab lain
Islam
·
Islam teu ngan ukur make logika,
islam teu ngan ukur make rasa,
islam ngahijikeun duanana,
ditambahan iman sajati ka Nu Kawasa.
Istuning Ujud Jalma Nu Jarang Aya
Raja-raja
laleutik jadi kabita,
menta ngahiji
teu kudu dipenta,
ceuk saha
maranehna milu bari dipaksa?
Ukur ku ucap
Baduga maranehna tumarima.
Lila-lila
Pajajaran beuki gede pangaruhna,
jalma
ngarumpuyuk ukur ngadenge ngarana,
komo mun
Ieu Geus Wayahna
Duh
gusti sim kuring sono ka manehna,
inget kana
kasaean sipatna,
inget kana
kabersihan hatena,
tepangkeun
abdi engke di sawarga.
Kajeun lain
manusa anu sampurna,
namung seueur
saena batan awona,
muga sakabeh
turunanana,
ngado’akeun
Baduga salamet mayunan Nu
Istuning Melang Ka Rahayat
Aya
patih nu nyieun sumpah ka nagarana,
arek
ngahijikeun raja-raja nepi ka Sumatra,
ngan hanjakal
kahalangan ku Nagri Pajajaran,
nu kawentar
dipingpin Siliwangi raja pasundan.
Arek ngahaja
ngajak peperangan,
geus kasawang
moal bakal meumeunangan,
Geura Ngahiji
Aya
sawelas manusa nu bakal ngaping mangsa,
mangsa
ngamimitian nguniangna urang sunda,
tina sare
tibra nu geus lawas kacida,
jang
kadigdayaan nu geus aya dina ramalan para pandita.
Takdir teu
beunang dipungkir,
kajeun
sakumaha aranjeun mungkir,
ieu kajadian
geus
Raja Soleh Tur Wicaksana
Cecetok
diparake ku pa tani jeung nu kapalasar,
istuning
nambah kaendahan nu dumasar,
ramena rahayat
masing-masing gawean,
nandakeun
tengtremna rahayat dina kahirupan.
Siliwangi
pamingpin nu nyaah ka rahayatna,
lain pamingpin
nu ngarogahala katengtreman
Raja nu resep ngahiji jeung
rahayatna
Sawah
ngeplok hejo di padataran,
dilingkung
pasir pinuh tatangkalan,
dibeulah
kamalir nu ngahaja meunang nyieunan,
istuning
nandakeun rahayat meunang kasenangan.
Nu tatanen
sawah kebon jeung babalongan,
digarawe pinuh
ku katengtreman,
teu
Anggur Tempo Hatena
Sagala
rupa kaleuwihan tinu Maha Kawasa,
eta mangrupa
kurnia ti mantena,
kurniawan hiji
manusa nu teundeung ludeung ngabelaan kayakinana,
pakusarakan jadi
tanda timana mimitina.
Boga kahayang nu
luhung jang urang sunda,
tetep pageuh nyekel
papagah ti
Jumerit Hate Hiji Lalaki
Keclak
cimata hiji budak lalaki,
nu teu niat mawa
kasusah kana ati,
ati indung
bapana nu teu jagjag deui,
ceurik balilihan
ngarumasakeun diri.
Gusti sanes abdi
nu langkung ngaraos tunggara,
naha
bet nyanyandak manah pun biang sareng pun bapa,
naha
Langit Lenglang Dibaturan Caang Bulan
Sora
gamelan nuturkeun haleuang tetembangan,
unggal peuting
matak waas dedengean,
di lingkung
karaton ngabaturan nu gogolehean,
ngaleupas kacape
sapopoe gawe papanasan.
Langit lenglang
dibaturan caang bulan,
nyanghareupan
gunung
Abdi Nyaah Ka Aranjeuna
Nun
gusti paparin abdi waktos,
supados abdi
tiasa ka sepuh babaktos,
ulah heula
abdi kapegat ku waktos,
gusti abdi
ngajerit dina harewos.
Abdi nyaah ka
aranjeuna,
abdi kerep
nyegruk emut kana panyawat aranjeuna,
abdi nyeri teu
tiasa ngabantos
Beak Dengkak Neangan Bagja
Hiji
poe kuring anteng mencrong hiji lalakon manusa sangsara dina kanyataan,
hirup di imah
nu euweuh lalangit jeung kentengan,
euweuh panto
jeung jandelaan,
nu cenah
baheulana mah ayaan.
Ngan kaburu
dibuburak ku ponggawa karajaan,
raja anu
ayeuna
Anging Gusti Nu Tiasa Nulungan Pun Anak
Muragna
cimata indung jeung bapa,
nempo anakna
nu keur ngalaman tunggara,
unggal peuting
nu lain sare tibra,
indung bapa
nyegruk ceurik menta ka Nu Kawasa.
Gusti Nu Agung
enggal jait pun anak,
anging gusti
nu tiasa nulungan pun anak,
Kari Geura Nunjukeun Tanda
Bagja
teuing anjeun nu cinta ka sasama,
katambah boga
kabisa nu euweuh jadi mangrupa,
nu tadina ukur
na hate diulas jadi nyata,
kari geura
nunjukeun tanda.
__
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail
Kari Nunjukeun Ka Sasama
Hiji
ngaran nu bela kanu ngaran jalma,
sujalma nu
dipikahayang wawakil alusna jalma,
kari nunjukeun
ka sasama,
ngaran anjeun
lain ukur ngaran biasa.
__
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the
Sugan Bisa Kuring Milu Maca
Tirta
anu seungit wawangi wijaya kusuma,
diharepkeun
hirup nanjeur mawa wawangi ku kolotna,
mang taun-taun
nedunan kahayang kolotna,
ngan asa aya
keneh nu ngaganjel kana sukma.
Bagja ngabagi
elmu ka sasama,
estuning
dipisuka Nu Maha Kawasa,
mun
Mun Teu Dimimitian Moal Manggihan
Bener jeung salah ngan ukur kumaha titingalian,
kumaha
nagtukeuna mun urang acan kungsi ngalaman,
hayu geura milu
neuleuman,
ngarah ngarti
ulah nepi ka salah titingalian.
Mun teu
dimimitian tetep jadi sawangan,
mun teu ngamimitian
tetep jadi
Tinggal Yakin Eta Gambaran
Kujang jeung loreng bener sapasang,
dua tanda nu nyirikeun kagagahan,
kagagahan wadia balad pajajaran,
jang nyingkirkeun kamurkaan nu mawa kasalahan,
kurang jelas naon deui nu datang kana implengan?
Teu samata-mata boga gambaran,
lamun euweuh nu mere
Igelan Seuneu
Seuneu
nu ngaduruk tatangkalan,
ngahebos heab ka
sakabeh tutuwuhan,
nu leutik nu
gede ngadorokdok kabeuleum kaseuneuan,
eta contona
seuneu mun teu diigelan.
Ngarana seuneu
teu puguh bijil ti mana,
ujug-ujug karasa
mun geus ngarerab kamana-mana,
nu teu tuah teu
Make Pikir Batan Nekad
Kuring
lalaki lalanang jagad,
tapi kuring
leuwih make piker batan nekad,
sabab mun teu
tarapti nyawa leupas tina waragad,
estuning lengkah
anu dicawad.
Ulah
ngarasa geus seubeuh pangalaman ngalalana,
sabab umur
anjeun teu sapira,
kuring oge nu
Kari Daek Anjeun Mikiran
Asa
kapoekan di jero rohangan,
asa euweuh nu
bisa dipake jang nyaangan,
padahal geus
loba anu bisa dipake nyaangan,
kari daek anjeun
mikiran.
Dimimitian
ngageuing sunda,
nu kadua
ngahijikeun sunda,
katiluna ngajak
nindak urang sunda,
kaopatna
Geura Pikiran Terus Jieun
Tatar
sunda unggal poe kasorot sarangenge unggal poena,
kunaon teu
mikiran ngarah jadi tanaga ngagantikeun nu ayeuna,
geura pikiran da
anjeun ge sarua manusa,
jieun cara
ngamangpaatkeuna.
Ulah ngangluh
teu boga elmuna,
ulah ngangluh
teu boga
Kadieu Urang Pepende
Urang
Sunda geura sare,
kadieu urang
pepende,
kuring resep
anjeun ngan ukur nyangkere,
kuring bungah
anjeun kasasama hare-hare.
Mun Teu Ati-Ati Sunda.
Lain
ngan ukur ku kawani,
jalma wicak kudu
ngalengkah tarapti,
kudu bisa ngukur
diri,
anu dipikahayang
ngarah nepi.
Anu hayang
leungitna ciri sunda lain bangsa lalawora,
mun teu ati-ati
sunda leuwih katalangsara,
lain laksana
kalah leuwih
Dayeuh Nu Kapidangdam
Luhur
gunung urut dayeuh baheula,
kuring diuk
nengetkeun marakbakna bandung
ayeuna,
katebak angin
peuting nyelesep tiis kana iga,
dibaturan
peuting anu jempling euweuh sora.
Asa kakara
kamari kami diuk duaan babarengan,
nempo ka bandung
dikuriling
Istuning Gumbira
Sora
dulag dipanungtungan bulan,
ngabarengan
reangna santri takbiran,
nandakeun geus
rek anggeus bulan Ramadan,
nandakeun geus
rek nepi poe lebaran.
Hate asa
ajlok-ajlokan,
mun teu era
hayang milu gogonjakan,
jeung barudak
leutik nu keur lulumpatan,
milu
Wilujeng Boboran
* Sinareng dintenan anu fitri,
panungtung sasih anu suci,
sim kuring seja dihapunten ku manah nu suci,
rumaos sadaya kalepatan alatan jisum abdi.
Wilujeng boboran Iedul Fitri,
seja nyuhun dihapunten ku lahir rawuh ku bathin.
Mugia urang sadaya ditingkatkeun
Wilujeng Boboran
* Sinareng dintenan anu fitri,
panungtung sasih anu suci,
sim kuring seja dihapunten ku manah nu suci,
rumaos sadaya kalepatan alatan jisum abdi.
Wilujeng boboran Iedul Fitri,
seja nyuhun dihapunten ku lahir rawuh ku bathin.
Mugia urang sadaya
Wilujeng Boboran
Dibarengan ku datangna poe anu fitri,
kuring Ijaji ukur bisa menta dihampura,
kuring rumasa loba matak kabatur nyeri,
kusabab rumasa kuring ukur makhluk biasa.
Wilujeng iedul fitri ka kabehna,
sakabeh ibadah urang kamari ditarima,
mapag poe nu aya tungtungna,
nu dipikaharep
Minal Aidzin Walfaidzin
Poe ieu nandakeun meunangna iman ti nafsu,
sabulan pinuh urang nalian nafsu,
datang poe anu fitri,
nandakeun panutup bulan anu suci.
Minal aidzin wal faidzin,
kuring Kule sakulawarga,
menta dihampura nu sagede-gedena.
Hampura lahir jeung bathin,
muga pinanggih jeung
Assalamu'alaikum ka sadaya incu Baduga,
geusan mapag poe anu fitri,
ti gusti Allah anu maha suci,
kuring Tuba Sakulawargi,
ngecapkeun minal aidzin walfa'idzin,
nyuhunkeun saikhlas-ikhlasna hampura ti sarerea,
nu awon istuning ti kuring,
nu sae sayaktosna gagaduhan mantenNa.
Mugi pitulung gusti
Endahna Peuting Di Bulan Puasa
Bentang
marakbak ngabageakeun peuting di bulan ramadhan,
ngahiasan
bulan nu geulis di beulah wetan,
hawar-hawar ti
masjid sora jalma soleh keur pupujian,
dibarengan ku
bagjana hate patepung jeung bulan kabarokahan.
Angin peuting
nu sapopoena
Endahna Peuting Di Bulan Puasa
Bentang
marakbak ngabageakeun peuting di bulan ramadhan,
ngahiasan
bulan nu geulis di beulah wetan,
hawar-hawar ti
masjid sora jalma soleh keur pupujian,
dibarengan ku
bagjana hate patepung jeung bulan kabarokahan.
Angin peuting
nu sapopoena
Tinekanan Jeung Bagja Nu Bakal Sumping
Tengah
peuting nu istuning jempling,
datang lamunan
nyelesep kana hariring,
lamunan nu
istuning matak lungkawing,
kahayang nu
katempona nangtawing.
Hiji mangsa
dimana urang sunda enggeus kageuing,
pangajak
ngahiji enggeus dikuping,
Sugan Jeung Sugan Urang Geura Ngahiji
Dimimitian
ku jangji pasini,
babakti ka ieu
nagri,
nagri warisan
ti aki jeung nini,
sugan jeung
sugan urang geura ngahiji.
Geus loba
teuing urang meunang kanyeri,
kunaon bet aya
keneh nu bisa seuri,
kumaha mun nu
ngalaman urang boga
Sing Inget Timana Urang Mimiti
Di
luar imah urang loba keneh baraya nu keur ngarandapan,
hirup
balangsak bari euweuh nu mairan,
sawatara nu
sejen keur pahibut malingan,
bari
hirup senang jiga di karajaan.
Ting guluyur
make sedan,
ting cikikik
diwowoy kasenangan,
ting
Boa…?
Sababaraha
poe ieu kuring nyalukan hujan,
geuning aya
hawa panas nu ngahalangan,
usum hujan nu
kuduna enggeus ngadatangan,
nepi ayeuna
cai nu datang kalah lalumpatan.
Hawa panas nu
teu biasana,
keur maksa cai
hujan teu murag ka dunya,
boa aya nanaon
dibeuteung taneuh
Deudeuh Teuing Anaking Kanyaah Ema
Tengah
peuting nu kalintang jemplingna,
hiji awewe keur
mendekul nyanghareup Nu Kawasa,
mudalkeun
sakabeh kanalangsana,
masrahkeun
sakabeh nasib ka mantenNa.
Diteuteup kabeh
anakna nu keur sare tibra,
nu salila ieu
mere kakuatan kana batina,
Paparin Heula Abdi Ningali Saung Butut.
Geuning
datang keneh baluang dina hate,
sakitu geus
mulak-malik kabisa oge,
dada ngarakacak
nungguan waktu anu teu tangtu,
kurang kumaha
kuring satia nuturkeun waktu.
Aya naon keneh
nu kirang ti lengkah abdi gusti,
nu mana nu teu
Sakali Deui Kuring Negeskeun
Kuring
nyaho geus loba nu dibere tanda,
ngan hanjakal
loba nu teu malire eta tanda kana dirina,
kusabab disangka
dongeng anu teu pira,
disangka tahayul
nu estuning teu bisa dipercaya.
Arek loba
cumarita kudu kasaha,
arek balaka
sieun kalah ka
Anjeun Lain Bangsa Aniaya
Tatar
Sunda kaitung legana,
ti wetan nepi ka
kulon,
ti kidul nepi ka
kalerna,
istuning lemah
cai nu teu lintang endahna.
Ting parentul
raja-raja laleutik nu kasebar luhureuna,
aya cirebon,galuh,sumedang,subang,pakuan,banten,jeung
sajabana,
nu
Kuring Aya Di Kulon
Kuring
nonggerak murid Ki Santang,
kuring lain
turunan Ki Santang,
kuring ukur
maturan Ki Santang,
kuring rahayat
sunda nu dipikanyaah Ki Santang,.
Kuring aya di
kulon,
kuring nganjrek
di kulon,
na wangsit
kuring kudu di kulon,
gumelar kajayaan
sunda
Ngarah Sunda Panggih Bagja
Geura
nyaho kana laratan,
geura nyaho kana
wiwitan,
ulah beunang ka
olo bari
diwadulan,
urang sunda sing
sarua jeung ti kahiyangan.
Lain salah nu
ayeuna manggihan,
ku sabab ngahaja dikarang-karang ku
urang sabrang nu baheula ka sunda ngamusuhan,
Ieu Lain Jang Kuring
Lamun
aranjeun geus bisa silih asih,silih asah,silih asuh jeung baraya,
ngajauhan sipat
adigung adiguna,
patali ati dina
mangsa kahareupna,
ku kuring bakal
ditembrakeun ngarah katempo nonggerak ku balarea.
Ieu lain nu
kuring,
ieu lain jang
kuring,
ieu
Dalah Teuing Endahna Sunda
Lamun
sakabeh urang sunda geus ngarasa sadulur sabaraya,
silih ngawangian
ku basa nu lembut jeung daria,
runtut raut dina
hirup natangga,
silih genti
mairan mun nu lain keur nalangsa.
Lamun sakabeh
urang sunda ngarasa reueus jadi sunda,
ngarasa
Ulah sakali-sakali ngaleungitkeun
ciri.
Ulah
sakali-sakali ngaleungitkeun ciri,
keukeuh pageuh
nunjukeun jati diri,
sakuat tanaga
ngabela harga diri,
ngajaga jeung
ngariksa warisan ti karuhun nepi kiwari.
Hirup akur jeung
batur salembur,
pacekel-cekel
pageuh sasama sunda asa
Ulah sakali-sakali ngaleungitkeun
ciri.
Ulah
sakali-sakali ngaleungitkeun ciri,
keukeuh pageuh
nunjukeun jati diri,
sakuat tanaga
ngabela harga diri,
ngajaga jeung
ngariksa warisan ti karuhun nepi kiwari.
Hirup akur jeung
batur salembur,
pacekel-cekel
pageuh sasama sunda asa
Anggap eta jiga banda nu laina
Lamun
aya hiji makhluk ti golongan jin jeung manusa,
nu boga
kayakinan hiji cecekelan dipuja-puja,
nepi ka ngarasa
bisa mawa kasalametan di dunya,
atawa nagtukeun
nasib jin jeung manusa,
eta tandana geus
nganggap ngamulya-mulya.
Lain ku soal
Anggap eta jiga banda nu laina
Lamun
aya hiji makhluk ti golongan jin jeung manusa,
nu boga
kayakinan hiji cecekelan dipuja-puja,
nepi ka ngarasa
bisa mawa kasalametan di dunya,
atawa nagtukeun
nasib jin jeung manusa,
eta tandana geus
nganggap ngamulya-mulya.
Lain ku soal
Kuring Lain Sagawayah Nyarita
Lamun
geus wanoh ka makhluk nu teu katempo,
istuning sarua
jeung anjeun kajeun teu katempo,
euweuh nu haben
cicing di hiji tempat atawa barang eta ngabobodo,
nu percaya jin
bisa hirup salilana di alam manusa eta nu kacida bodo.
Kuring lain
Kabeh Make Tujuan
Euweuh
sahiji oge nu teu dihaja dina kahirupan,
kabeh saimbang
dina aturan alam,
nu leutik nu
gede pasti aya tujuan,
tinggal urang
sadia ngalenyepan.
Allah
Subahanahu Wata’ala nyieun alam lain heuheureuyan,
nyiptakeun
sakabeh eusina sabab kurang
Omat Urang Sunda Ulah Papisah
Sarupaning
laku lampah nu geus jadi kabiasaan,
kajeun geus lila
aya disabudereun kahirupan,
ulah salempang
tepikeun bebeneran,
rek diturut
atawa henteu urang teu boga urusan.
Lamun urang teu
wani nepikeun bebeneran,
urang bakal
dibenduan ku
Hormat Kuring Ka Ambu
Lain
bobodoan kuring hormat ka Ambu,
ngan hanjakal
ulah hayang buru-buru,
kuring jalma
leutik teu sabanding jeung Ambu,
hampura kuring
satia pisan kana waktu.
Lamun Gusti
tungtungna ngijinan,
urang bakal
sairing babarengan,
kajeun beda
sarua tujuan,
Haturan Kang Agus Nucinta
Kang
Agus nucinta,
kuring mesem mun
anjeun cumarita,
padahal kuring
kerep tepung jeung anjeun di alam nyata,
hampura kuring
can mangsana bebeja.
Geura Anjeun Balaka
Kuring
geus muka,
kuring nyaho
anjeun boga carita,
make kudu era
nyarita?
Pedah sieun
disebut teu nyakola?
Geura anjeun
balaka,
kungsi
kadatangan saha,
kungsi dibejaan
kumaha,
batan ditoong
mending balaka tiheula.
Kuring sabisa-bisa
bakal mere beja
Ki Santang? Lara Santang? Rakean Santang?
Baduga
mere ngaran anakna Lara Santang jeung Rakean Santang kunaon Sababna?
Sabab Baduga
boga sobat dalit jeung guru nu ngarana Ki Santang,
bakating ku nyaah jeung hormat
Baduga mere ngaran anakna ditungtungan ku Santang,
jadi hampura Ki
Kawajiban Kuring Nepikeun Beja
Kuring
geus lila meunang beja,
urang sunda
bakal meunang bagja,
kawajiban kuring
nepikeun beja,
jeung ngaguar nu
jadi beja.
Benteng agreng
katempo geus lila,
ngajengjreng nu
ngajaga geus lila,
kuring tinggal
nungguan sawala,
supaya muka
Batu Jeung Kulit Kai
Aya
seratan dina batu jeung kulit kai nu kudu dibuka,
lain hanacaraka
atawa sangsekerta,
estuning kudu
dibaca kunu boga elmuna,
boa richadiana
jeung saparakanca.
Teu hese
mindahkeun alam,
ngan hariwang
ngarusak alam,
angin puyuh bakal
kaluar ti batu lawang,
Deudeuh Teuing Manusa
Naha ku araraneh ari
manusa,
sakapeung
ngaku makhluk nu paling mulya,
ari kana keris
sok ngamulya-mulya,
kana cingcin
sok ngamulya-mulya,
kana kuburan
eyang anu sok ngamulya-mulya.
Naha ku araraneh ari
manusa,
sakapeung
ngaku makhluk paling pinter dirina,
Deudeuh Teuing Anaking
Aya
hiji lalaki papanggih jeung hiji jalma..
Lalaki
jangkung gede beungeutna heuras nandakeun hate jeung sifatna nu heuras..
Sedengkeun lalaki hiji deui katingali cicing,
leutik jiga
piit.
Nu heuras
mangtaun-taun ancrub ka dunya nu kalintang poek
Deudeuh Teuing Ku Setan Ka Olo
Hiji
deui carita urang sunda,
nu jauh tina
kumpulan nu caritana urang sunda nu seubeuh nyakola..
Rek diantep?
Atawa anjeun
tetep cicing da beuteung geus seubeuh..
Inget,
eta dulur
jeung baraya anjeun hey urang sunda..
Mun ngantep
urang sakabeh
Deudeuh Teuing Sunda
Hiji
mangsa nu keur kalakonan ayeuna,
ngawangkong
dua jalma,
hiji jalma teu
boga sifat cukup ku beuteung sorangan seubeuh,
teu cukup ku
boga baju jang sorangan weuteuh,
teu cukup jang
sorangan wungkul..
Manehna malire
ku hatena dulur-dulur sunda nu sejen,
Deudeuh Teuing Euweuh Batur Salembur Nu Nulungan
Di
hiji lembur luhur gunung,
paragi hirup
urang kampung,
nu ceuk
urang-urang bau lisung,
mun diukur
kaayaana jauh ti untung.
Loba nu gering
ngalanglayung,
loba nu teu
nurut ka indung nu ngandung,
loba nu
neangan jalan nu
Deudeuh Teuing Baduga
Angin
garing diusum panas,
jukut gararing
leungit hejona ku panas,
daun-daun
garing maruragan tina tangkalna teu kuat nahan panas,
taneuh ngebul
haliber beuki nambah teu ngeunah rasa diusum panas.
Sumur garing
euweuh caina,
walungan saat
euweuh caina,
Deudeuh Teuing Anjeun
Deudeuh
teuing sok salah pipikiran,
kalah rek
ngarobah gambar si kabayan,
anggur pikiran
kunaon eta nu jadi gambaran,
lain bet
nyalahkeun si kabayan.
Moal bisa
ngarobah gambar si kabayan,
komo bari
rek maksa batur ngarobah gambaran,
si kabayan teh
ngan
Haturan Kang Doel Sumbang
Kuring
menta kaikhlasanana,
kang Doel nu
geus kakoncara senina,
kuring menta
sakabeh ieu carita,
dijadikeun
haleuang nu ngeunah kadengena.
Ti mimiti serat
kuring nu kahiji,
mangga geura
jadikeun haleuang anu nyeni,
kuring ikhlas
kang Doel di ical ka
Deudeuh Teuing Sunda
Aya
carita hiji mangsa nu bakal datang nu boa ku urang sunda mah teu kasorang.
Hiji budak ngahuleng na hareupeun bacaan nu teu kalintang matak lewang ka
urang.
Eta budak hayoh
we mencrong kana hiji kecap nu dina kereteg asa wanoh.
SUNDA.
Bari
Sing Inget Kana Wiwitan
Sunda
teh si Kabayan,
bangsa nu ngan
ukur hayang dihuapan,
bangsa nu ngan
ukur hayang diusapan,
bangsa nu
kakoncara pamalesan.
Sunda teh si
Kabayan ,
bangsa anu
euweuh kahayang,
bangsa anu
sieunan,
bangsa anu
nyumput dina kalangkang.
Sunda teh
Jadi Urang Sunda
Ulah
daek jadi urang sunda,
hirup ngan ukur
bisa ngaula,
nyarita ku basa
sorangan ge era,
nunjukeun dirina
sunda ge teu wasa.
Ulah daek jadi
urang sunda,
bangsa nu
leungit cirina,
bangsa nu teu
nyaho seratan hana caraka,
bangsa nu teu ngahargaan
karuhuna.
Buktos Sejarah
Sampurasun
Ambu,Kang Ika,Kang Ema,Kang Agus Nucinta,sareng Ua Duq.
Perkawis buktos
tea,
mugi enggal
tiasa ku simkuring saparakanca tiasa kacandak dina tempatna.
Mangrupi seratan
dina batu sareng kulit kai.
Ari tempatna mah
tos ditunjukeun ka simkuring,
namung
Perkawis Pedaran-Pedaran
Perkawis
pedaran-pedaran ti simkuring nyuhunkeun dimaklum,
teu aya maksad sanes,
komo kanggo narik masa,
malah kuring hoyong ekspedisi ieu
teu seueur masalah kapayuna
ti pihak-pihak nu benten
kapentingan.
Upami aya nu teu sapagodos,
tur
Siliwangi Teu Nyangka Ti Tadina
Sing
inget kajadian nu ngamatakkeun runtuhna Pajajaran,
Siliwangi poho
noong niat batur sakurilingna,
bakating ku
percaya ka murid-muridna,
padahal manehna
bisa nempo ka jero manusa.
Aya jalma nu
pisan dipercaya,
boga niat milu
ngawasa,
Si Janggot
Aya lima
urang nu bakal ngadatangan,
tempat-tempat nu sok dijieun
sesembahan,
wayahna ku maranehna eta tempat
bakal diberesihan,
maranehna ku kuring geus dibekelan
jang maehan siluman.
Si Janggot bakal dititah
kukurilingan,
miceunan eusi disakabeh pusaka nu
cenah
1 - 100 dari 142 matches
Mail list logo