eta si kang ndul kalah ngengklokkan,
cik atuh pan uing teh keur jebi, jadi we kaweur hayang seuri, keur
serieus2 ieu teh . :P~
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
kacipta, nyaritana teh bari jebi tea ning...
hi hi
-dul-
percumah uing sakola di sastra sunda unpad teh lah
keur naon atuh unpad make ngayakeun sastra sunda??
teu kudu aya lah keur naon atuh uing nyieun skripsi?? teu kudu
dianggeuskeun wae ieu teh??? (aya jalan komo meuntas)
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Deni Wahyu [EMAIL
Naon atuh ka uing titah hudang, ti tadi subuh ge geus hudang..
Ngan bieu rada ngalenyap saeutik, bari mepende si jalu.. :P~
Teh Elyna ge can hudang, ngke we mun geus hudang deui..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, [EMAIL PROTECTED] wrote:
Wah Ieu mah ngaledek ka neng Pupi jeung neng
kalebet teh ely nyalira, pangangguran ih...
Saur saha abdi pangangguran? geus puguh loba gawe ngurus budak..
Saur saha abdi mahasiswa kuuleun, geus puguh abdi mah mahasiswi nu
geus kawin tuluy ngurus budak :P
Mani somseu, jeung so' sosial pisan...
Kabogoh teh Ely ge pangangguran jeung kuuleun
alhamdulillah abdi mah diajar basa sunda nepi ka paguron luhur, nepi
ka ayeuna can beres2 diajar basa sunda teh :P
nya kitu deui pun anak diajarkeun basa sunda ti barang na beuteung
keneh..
matak mun ka si bagja aya nu ngajak ngobrol basa indonesia, ku uing
mah sok buru2 ditembalan Si Bagja mah
assalamualaikum
nuju naraon ieu teh? tos lami teu onlen, alhamdulillah ayeunamah
dipasihan koneksi haratisan deui...
daramang
mani sono ka kabogoh..
kang kandar aya?
~ipup~
Abdi mah Insya Alloh we, kang Ndul..
~ipup~
On 10/13/06, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
Tina sababaraha nu ngirim konfirmasi, boh keur acara kopdar
boh acara samodel HBH jiga ayeuna, loba pisan nu make kalimah :
Insya Allah bade ngiring.. padahal dina formulirna oge euweuh
pilihan
Mas Dudud, mun abi ngiring kersa teu ngagandongna?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED] wrote:
haturan teh, saha wae kenging teu aya bentenna da ayeuna mah, umur
gender
jeung tangtungan teu mangaruhan kana kiat henteuna naekan gn. kamari
dina
tipi aya
swit swiw
dupi kang totong palay tepangna sareng saha?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, totong usman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Resep-nya, aduh lamun harita akang aya, hanjakal tepangna ayeuna-nya
Ah tepangna oge dina KUSnet teu acan patepang raray heeu euh
waalaikumsalam..
na ieu jeger teh kamana wae atuh? nembe jol deui..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Duli Jeger [EMAIL PROTECTED] wrote:
Assalamu'alaikum Wr Wb
Hatur nuhun ka Ki Kuncen ngidinan simkuring ngiringan gabung
sareng warga di Babakan Kusnet ieu.
Nepangkeun
pami sareng baraya sadaya urang kusnet mah tepangna ngke w, waktosna
halal bihalal (sabada boboran) baraya kusnetna langkung seueur nu
sumping, atanapi ngke acara kopdar di subang dina kaping 30 april,
jigana bakal rempeg oge manawi..
tapi enjing ge pan aya acara di garut, bakal aya sababaraha
duka nami tempatna naon (hilap deui), nu pastinamah ti majalengka bade
ka kuningan nu ngalangkung ka Sumber. di dinya teh sok seueur monyet,
nu cnah mah monyet2 eta tadina manusa, kusabab munjung, nya jleg
jaradi monyet. jeung deui cnah kacirina teh monyet2na sok careurik mun
ningali manusa teh.
salam deui..
kang yaya damang? baruk nj sibuk nyah? ari manawi teh somseu..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, yr32 [EMAIL PROTECTED] wrote:
Salam manis,
maniss.salam ti kuring
Daramang baraya?
Lami teu ngulampreng ka lembur, sanes somseu mung pakepuk sareng
eusi
muhun, sabrang mah jaman baheula dianggona, da sok nguping aki melak
sabrang.. melak cabe..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, durahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Nuhun teh nia, nuhun apih kana waleranana.
Ari di cirebonmah kanggo cabe rawit teh aya dua istilah. Aya nu make
kecap
sanes sapurunna, da ari ngadamel teh kedah siap bahan2na, jabi gula
beureumna kedah nu asli (gula gunung), kalapana kedah nu sedeng (teu
kolot teuing, komo ngora teuing mah).. sareng kapurunan nu
ngadamelna.. angger we balik deui ka dinya.. hehe
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir
sawios ngacapruk ge atuh teh nia, da mun teu ditedunan kapalayna, ke
bilih orokna ngelay..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nia Sri Winiarsih [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Janten hoyong ngadongeng..
baheula basa nuju kelas 2-4 sd di lembur,enya di majalengka...bapak
masih jag2, mindeng
pami alim panas, kedah nganggo keresek panangan duanana.. pan pami
kanggo ase cabe, atanapi kanggo cabe blendereun (kanggo bungbu
beureum), sikina sok dilaanan heula, bari dibeulah si cabena.. kanggo
ase cabe mah ketang mung diturihan wungkul, teu dilaanan sikina.. tapi
ari cabena seueur ge sanaos
kanggo naon poto lauk kancra?
baheula mah mun usum lebaran, sok milu (ka lanceuk) ka kuningan.. mun
geus di kuningan teu betah di imah, da bawaanna hayang wae ulin, ka
cirebon, atawa ka kuningan kota.. kungsi dibawa ka cibulan, lauk
kancra teh jiga oray sisitna, warnana abu-abu semu biru
Hehe, nu dina potona ge si Aki.. duka nu nuju milihan buku-na saha tah?
Tos lami teu ameng ka Margawangi teh, da bureuyeung kieu mah hoream ka
mamana.. Ceu Eros teh d mana kitu?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] wrote:
Wah hebat euy*. Pabukon Wa Sas
Hehuehu, uyuhan nu nyetakna nya teu boseneun..
Kang Soni teu acan ningali abi bureuyeung nya? Hihihi, ceuk salaki mah
cnah buleud, mun digorolongkeun dugi jigana ka Garut..
Sok wae ari aya artikel ttg kehamilan, ke abi nu dipoto bari
nyentreukeun beuteung.. hahaha..
~ipuP~
--- In
PP-SS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) milangkala anu ka-40.
Tempatna di GK Rumentang Siang, Jl. Baranang Siang nomer 1 Bdg. Dinten
Senen, 27 Maret 2006. Tabuh 13.00. Bilih bade aya nu sumping mangga bae.
Kenging info ti PP-SS ngalangkungan sms dinten ieu.
~ipup~
Komunitas Urang Sunda
bangke beurit mani rapet
meuli elemna ti Bojong
na ku naon irung mangpet
singhoreng pinuh ku korong
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, amin mina [EMAIL PROTECTED] wrote:
ketan di piring ti bayongbong
da lain ti malangbong
sanajan kuring tukang tolombong
tapi simkuringmah teu
babi mah sundana bagong
bujur malayuna pantat
kang ndoel koleksi korong
keur diledot ka teh Tatat
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Budhi Setiawan
[EMAIL PROTECTED] wrote:
mun meuli elem ti Bojong
sigana cukup sagendul
mun irung pinuh ku korong
gancangan ondang kang ndoell ...
Meuli jengkol ti Ciputat
Jengkol alus barolotot
Tong nyarioskeun teh Tatat
Apih Siddik tuh molotot
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Soni Abunawas [EMAIL PROTECTED] wrote:
ti meruya ka ciputat
aya cocodot nyumput ka kolong
ku karunya eta tet tatat
nuju diledot ku korong...
Kasura aduh kasura
Lila-lila jadi bareuh
Hampura atuh hampura
Pami aya anu geuleuh
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
mobil mogok didodorong
mun geus cape geura reureuh
ulah sok ngomongkeun korong
bisi aya anu geuleuh
-dul-
Komunitas Urang
Loba runtah di jarian
Runtahna osok diduruk
Naha bet ngamimitian
Puguh jadi ateul curuk
Hayu nongton bajidoran
Atuh eta mah kabeuki
Heup ah moal sisindiran
Matak dicarek salaki
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Make motor euweuh setiran,
dilaporkeun
Ih keur naon si Jang Ihi
Pagawean ngabekokan
Saha nu kaleuleuwihi
Da uing mah ngan ngengklokan
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Hayu nongton bajidoran,
atuh eta mah kabeuki.
Hempek bae sisindiran,
asal ulah kaleuleuwihi.
jk
Komunitas Urang
Mobil geus dikumbah deui
Diasupkeun ka garasi
Balik deui balik deui
Balik kana sikiripsi
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Saha ieu nu mekokan?
Bauna kawas tarasi!!!
Ngengklokan sih, ngengklokan...
tapi jangan lp... sikiripsi!!!
jk
Ngala suluh kai cangor
Rek ngamar, ngamar kumaha?
Uing mah di Jatinangor
Manehna keur di Jakarta
Hayu urang ngala belut
Ngala belutna di sawah
Indung bapa tukang gelut
Budakna soleh/solehah
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Kamal Idris [EMAIL PROTECTED] wrote:
Beu... beu... beu
ari 'regepkeun' jeung 'miregep' mah benten atuh..
di dieu mah aya ge mirebus tina kecap mie jeung rebus.. :P
'regepkeun' mah tos ilahar d sunda mana wae ge, sanes basa wewengkon
deui..
meureun ketang eta ge
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ikmals [EMAIL PROTECTED] wrote:
MO,MH,
gemi aya oge, mung biasana dihijikeun jeung 'rikrik' gemi, hartosna
sami jeung nu dipedar ku kang dur
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, durahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Lain, kang. Soalna di cirebon oge aya kecap eta. Artina sarua jeung nu
ku akang sebutkeun di teoh. Regep.
Jadi we teu nepungan Nyi Randa...
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
heu..heu...meni pabeulit nya...mana atuh nu bener ?
Nu jelas mah, di Bandung teh ayeuna mah matak lieur.
rebo kamari, basa tos lalajo pasanggiri pupuh di UPI, nyimpang
heula ka
Untung abi mah tara lalajo tipi, jarang ketang, bari iklan oge kadang
teu apal.. nepi ka kungsi dipoyok ku salaki.. bae ah
ngeunaan budak nanya patarosan nu can waktuna.. kungsi ta ge alo, tapi
nanya na teh lain ka uing.. nanya ka ninina Ari bi Eneng sareng Om
Ican teh nanaonan wae di kamar, Ne?
aya ketang pilem karesep teh, kartun ngan hiji2na.. nu judulna 'Hey
Arnold'.. Ta ge mun aya si Arnold, sok dibejaan ku alo2.. Da didieu
mah mani pabaliut ku alo.. lieur, komo mun geus ngumpul, kabehanana
aya, cacakan ngan ukur 6 siki..
Naha da abi mah tara ngamar.. kabita nya kabita nya kabita
tapi aya oge nu nyebat kelanan teh kalebet jejebris/embung pisan.
conto kalimahna: Nyai daek teu ka si Ujang itu? ceuk bapa si Nyai.
dijawab ku si Nyai: Ih, kelanan Abah, najis teu sudi aing mah!
kelanan teh tina ke-heula-anan.. ke heula (engke heula) ge sok dirobah
jadi keula atawa kela
Tapi
Teu acan pulih deui, justru nuju katarajang flu ayeuna katambihan ku
jegohna gohgoy.. Asa arateul tikoro..
Mangga langkung sae direhab bae, da seueur nu ngimel ka abdi, pami
tiasa mah alihkeun we ka e-mail Ua Sas, pon kitu deui nmr HP, sareng
nmr rekeningna.. Abdi da tos nyanggem ka Ua.
naha kembang buruan? da keur budak leutik nu keur meumeujeuhna
pikalucueun sesebatan eta mah..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Kanggo aww bangor sok disebat oge kembang BURUAN
SR
Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id
mun 'kembang jalan' = ungkluk..
Nj flu abdi mah, naha mani ngabayangkeun abi bureuyeung geuning??
Saleresnamah da lungsur-langsar, tp aya sababaraha urang, duka teuing
urang mana da di Garut ge kadang sok aya nu nyebat bungsur-bangsar..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, syam ridwan
Meni awis, moal meser ah da teu peryogi, kang Soni td nelp nya? Abdi
nj ka bank tadi teh.. diangkat ku pun lanceuk??
Ngke kaping 30 gaya eung janten bentang di STKIP Garut..
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, soni rosa [EMAIL PROTECTED] wrote:
IKLAN
warga babakan kusnet anu
Duka atuh da teu acan nyiapkeun, justru buku2 nami mah tos seueur..
Mung nyaeta da kalah seueur deuih nami nu sarae hartosna.. Ari
kahoyong abdi mah jiga pun biang nganamian abdi, namina tina ngimpen
waktos anjeunna kakandungan ku abdi. Janten teu harese deui milari nami..
~ipup~
--- In
Teh Nia tos nyiapkeun nami kanggo si utun/inji?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nia Sri Winiarsih [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Haturnuhun kang, sami2
Nembe bade opat sasih kang..teu acan katingal atuh nya
Abdi oge mungaran
Nia
Komunitas Urang Sunda --
Wa'alaikumsalam,
Abdi teu terang kang Eko.
Sakapeung mah osok ge meser hui teh ka Ciromed we. Bujeng-bujeng
terang Cilembuna palih mana, kedahna mah diaprak..
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Eko Ruska Nugraha [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Assalamu'alaikum wrb. wb.
Haturan baraya
biasana ngalarapkeun warna oranyeu, ku koneng, tapi pan koneng oge
aya koneng gedang, koneng enay, koneng (punten) t*i, nu ampir mirip
kana oranyeu mah meureun koneng gedang
~pupi~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Oranyeu basa Sundana naon nya? Nu pasti mah
wilujeng milangkala ka teh nia, mugia sehat walafiat, utun/injina sing
janten jalmi anu soleh/solehah, panjang yuswa, parek rejeki, sareng
hapunten najan tos kalangkung sadinten oge, keun we nya...
~ipup~
(pm palay kueh, ka dieu we dinten saptu/minggu)
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nia Sri
Hehe, muhun ari nj nyiram mah ulah waka ujag-ijig kamana mendi, tp da
abdi mah baong, kamari wae ge waktos taun baru islam, diajak ka gunung
papandayan sareng kawah kamojang ku teh lilies sareng kang murdi ti
caledoni.. tp da teu ngaraos cape..
ayeuna tos 22 minggu langkung, nya kirang langkung
Alhamdulillah sae, salamna bae kanggo kang Parish, neng Saskia oge Neng
Maria (hususon ti Rois) heuheu, oge ti MrMrs Cucumber
~Mrs. Cucum.ber~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, indomum [EMAIL PROTECTED] wrote:
Alhamdulillah sehat dina waktos ieu mah, samulihna kumaha Teh
Teh Lies damang? Dupi Cigalontang teh alamat bumi Teh Lies nu basa
harita tea? atanapi benten deui?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, indomum [EMAIL PROTECTED] wrote:
PSK Singaparna kiwari Alhamdulillah parantos merenah gaduh tempat
sorangan di salah sahiji kamar di bumi sewaan anu
Seler nu dianggo dina kalimah di handap (seratan Bah Willy) hartosna
bangsa sejen atanapi suku sejen, tapi harti sabenerna mah petetan
atanapi anak tutuwuhan nu ngadapur, sabangsaning cau, honje, koneng.
Tapi aya kecap sekeseler nu hartosna turunan/katurunan
~ipup~
--- In
Teu karaos..
Urang ngambah sagara rumah tangga
Dina kanyaah nu ngarandakah,
tumuwuh rasa katresna
Ngajadikeun buah ati
Geus sataun, Engkang..
~ipuP~
Yahoo! Groups Sponsor ~--
Clean water saves lives. Help make water safe for our children.
cikan ngajaran.. (bari hayang seuri)
Kahatur Engkang di Tatar Sunda
Kang, kuring nguping yen Engkang lalagasan keneh. Eta ge aya harewos
bojong nu nyebatkeun Engkang tacan gaduh bebene. Abdi aya nu
ngawartosan alamat multiply
Atuh kantun tepangan we, atanapi ke pami tepang, gabrug MJna, bari
gunyeng2... nyuhunkeun ditawis atuh.. bari ngasongkeun buku nu 3
siki.. Tapi abi mah teu kitu ge, kalah dipasihan bari tuluy
ditandatangan ku MJna..hehe
Kinten2na utun atanapi inji nya?? sok tatarucingan.. mun inji namina
Wa'alaikumsalam.
Naha geuning mani hideung, kedahna munding, da kebo mah sanes basa
sunda.. mun kebo kedah ireng.. janten keboireng :P, tapi sok we
kumaha akang, bebas we lah
Mangga ka lebet..mung tong seueur teuing nyesep, da abi teu kiat
ngambeu haseup roko, sok hoyong utah..
~ipup~
---
Hatur nuhun Ceu Eros, kamana wae atuh mani awis tepang?
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote:
Wilujeng Milangkala Kang Kumi sareng The Mpup mugia Allah masihan
berkah, rahmat sareng ngajantenkeun kulawarga Sakinah, Mawaddah
Warrahmah salawasnaÂ…
Kasebeleun, mbung etaa ngaranna, ni keukeuh ih... :(
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Priatna Abdulhalim jeung Inten Kusneti Solihah
isk
hatur nuhun kana pangdeudeul pangdunga ti sadayana...
Yahoo!
Wa'alaikumsalam,
Wilujeng ka Teh Y2N nu tos sumping di milis urangsunda. Nepangkeun
wasta pun Pupi, kungsi nganjrek di Garut ti lahir dugi ka kelas dua
SD, Garutna di Jl. Ahmad Yani, mung ayeuna tos ngalih ka Jatinangor.
Kaleresan caroge urang Garut, nya lumayan tiasa keneh sakali-kali mah
Kaleresan atuh MJ, skripsi uing ditungtut medarkeunana kawas buku
Semangat Baru eta... Edun, bisa teu nya??? hiks, tega pisan ki
dosen teh.. Abi daptar! Rek ngiringan bedah bukuna!
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
kamarina ngobrol sareng kang Hawe
Pas bieu ngilo deui, geuning bulan April, atuh sataun deui, meureun
uing keur bureuyeung gede.. Nya kumaha ngke we, tapi pastina
diusahakeun bisa.. Ari wisuda rencanana hayang ngudag Februari atawa
Mei, saacan si utun inji brol.. Nah lho nah lho
~ipup~
Yahoo!
Ceuk abi mah hese teu hese.. Saleresna gampil, mung hesena dina
ngarengsekeun skripsina,
kahijina hoream, kaduana ngantosan dosen kolot pangsiun heula, sabab
mun dosen kolot eta masih keneh kumelendang di jurusan sastra sunda.
Hararese, sabab ngeukeuhan wae teori2 heubeul.. Hese we lah..
Ka GK Rumentang Siang we di Jl Baranang Siang nomer 1 gedengeun pasar
Kosambi Bandung, unggal sonten sok aya nu latihan tari, hilap deui nami
sanggarnamah naon
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, nelly tri [EMAIL PROTECTED] wrote:
kasadaya baraya, kumaha damang
sim kuring bade
Lalawora, nambut kumincir teu bebeja heula ka abdi,.. ulah satambut-
tambutna, mun lain tambuteunana!
ipup
--- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma ilyas [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Baraya, ngaos pangalaman di HBH teh meuni rame geuningÂ…hanjakal
simkuring teu ngiringan, komo aya gosip Kendel
Aya deui
Sajak cinta
Urang papada cinta
kanyaah ngaguludag na lulurung kalbu
Lir ciwalungan katresna nu mudal teu kaampeuh
Anjeun cinta
Kuring cinta
Ngan kunaon, aya rametuk nu euntreup
Rek ngoyagkeun cinta urang?
Pira ukur rametuk
Ngajadi pikiran nguluwut
Ceuk anjeun, rametuk teh
Hiji deui
Cinta kuring, cinta keur kuring
Engkang,
Kuring hayang kadeudeuh ti anjeun
Kuring hayang dipikacinta
Enyaan,
Wani sumpah, kuring geus bogoh ka anjeun
Tapi anjeun teu riuk-riuk
Asa nyeri, asa nyeri hate teh, Engkang
Apan kuring geus wakca ka anjeun
Kuring nganti-nganti surat
Waleran
bisa ngahontal, bisa
jadi beunghar atawa kumaha, minder tea naon tea Ke ceuk abi teh..
sapoe tilu we nyieun sajakna, meh jiga nuang landong resep ti dokter,
ngke mun leuwih ti tilumah over dosis
ipup
--- In urangsunda@yahoogroups.com, amin mina [EMAIL PROTECTED] wrote:
--- Puspita
Teh Mia bade ka kang Dzenarf? Sok atuh da tereh rengse S2 di UIna ge...
Kantun aya wanoja nu kersaeun, da ari mesen wanoja mah parantos pan
harita oge basa ngaharewos ka abdi..
ipup
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Endang Tatan [EMAIL PROTECTED] wrote:
atuh abdi bade nawisan ka neng Mia..
Wa'alaikumsalam kang Eko
Eta mah kantorna kang Soni.. Hub we kang Soni juragan Game di
085220147145
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Eko Ruska Nugraha [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
Wilujeng enjing baraya sadayana punten bade tumaros dupi
*Telkom Risti *
Yeee... kang Amin geer.. marukanna ngagentraan, da kang dudin mah
ngaaminkeun du'a
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, amin mina [EMAIL PROTECTED] wrote:
kulan...
DSW [EMAIL PROTECTED] menulis: amin...
Yahoo! Groups Sponsor
Jiga abdi jeung salaki, bobogohanna ge saacan nikah teh ngalangkungan
japri, chat, atanapi postingan sapertos kieu di milis..
Ayeuna tos nikah, asa bobogohan keneh, da tepangna mung saminggon
sakali :)
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Giawati [EMAIL PROTECTED] wrote:
Leres
Bade ka neng Gia? Mangga wee atuhh
~ipup~
(ngamang-ngamang ragaji)
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Tuh geuning... ari teorina mah geus nepi ka lecek kitu kari prung
atuh...
Ngan... hampura we, Nyai... lain engkang teu nyaah... tapi da kumaha
deui
Hehe,
tiasa dietang atuh ti ngawitan tepang ahir Agustus 2003 di kongres
Rajamantri.. Harita abdi kakara 2 minggu lebet milis kusnet.. teu
ngahaja da rek kaditu jeung kuminseu, da manehna pan ti jkt ka garut
heula, bari teu apal di mana cnah rajamantri teh? nya ngajak jangjian
di cileunyi
Keun bae lah, masa laluuu oh oh,
Na atuh bet ngajak nikahna ka abdi nya?? ari keur ngetrek A mah
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Endang Tatan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Padahal mah lamun mpup apal, waktu harita teh kang kumi keur ngetrek
urang milis oge... namina teh tina hurup A,
Kutan?
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Endang Tatan [EMAIL PROTECTED] wrote:
da anu langkung agresifna mpup..
Yahoo! Groups Sponsor ~--
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
Diudag siah diudag, bari ngamang-ngamang ragaji...
Ah jiga carita bodor kieu, mun aya gambaran mah, kabayang, bari erok nu
ngudagna teh nyingsat, leungeun di luhur ngamang-ngamang ragaji
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, rosma ilyas [EMAIL PROTECTED] wrote:
Euleuh geuningan aya nu
Teh Titi, mangga geura waler ieu serat ti kang SR... Cnah kudu mapay
jalan cipularang.. Dugi ka cileunyi kitu?? da kang Syam mah brasna
kadituna ge ka Sumedang..
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Kahatur,
Rai anu pangbageurna sadunya
Enung
Benten eung ari Juragan Keom mah caritana ge ngaguluyurr.. :) hehe
matak resep macana..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, syam ridwan [EMAIL PROTECTED] wrote:
Sanajan HBH kusnet geus kaliwat, tapi hatena mah masih keneh
tibelat. Poe saptu isuk mangsa meletekna panon poe,sikuring geus
Kumaha kendel laitna? raos?? wilujeng ka cep gilly diantos ulemanana..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Gilly Prayoga [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Assalamualaikum...,
Sampurasun baraya sadaya...
Duh beurat nyuhun beurat nanggung, estuning gede pisan
nganuhunkeunana
ka sakumna
Naon ta teh, Teh Mia, teu katempo ku abdi mah.. Jiga basa di mushola
pas di Villa Batan tea nya?? Keur solat magrib nempo nu ngolebat, jadi
we solatna kaweur, muringkak bulu irung.. hehe
Tapi pas abi ngabantun barang bade ngalih ti D ka E, ngaliwat ka lapang
tennis, can nempo nu
Hehe, pas tos beubeuleuman jagong ngalihna ge... Da ari kawengian
teuing mah sieun ngalangkung ka lapang tennisna ge.. Jaba ningal ka
ditu pan lungkawing.. Ari nu keur kendel lait mah meureun endah... Abi
mah bujeng2... sieun we nu aya da geus katempo nu ngolebat tea..
Tos ngalih ka E, neng
ENya kamar di E boh di D ge teu aya nanaon dibanding kamar neng Iva
nu di Kopo mah nya?? Edas, uyuhan ihh.. Kade ka calon salaki neng
Iva, bisi diheureuyan ku nu calik di kamar neng Iva di Kopo... Abdi
mah mun diajak ngendong di teun neng Iva, moal daek..
Maenya kang Ikmal borangan? ck ck..
apan si amihna nu nembang sarange mah... nu loba ye ye ye ye na nya??
heuhue
Neng Nani oge nembang lagu korea... ngan judulna teu apal.. pokonamah
enakeun we, sami deuih seueur ye ye ye ye ye na
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Mia [EMAIL PROTECTED] wrote:
Hmm..andai waktu bisa di
Atuh ngkena katutuluyan ngobrol mun ditanya kitu mah.. ke tuluy uplek
we hayohh... Manasina atuh nembonganna ka kang DeWa.. saacan diusir teh
diajak ngobrol heula :P
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, D Wahyu [EMAIL PROTECTED] wrote:
Pup, ngartieun kitu eta jurig? ceuk urang mah tanya
Kang Syam, abdi ge saleresnamah keukeuh nganggo -na, da ari teu
nganggo -na mah memang teu apdol ceuk urang sunda mah.. alesanana sami
sareng kang Syam, da enya atuh kitu (teu kudu dijelaskeun deui tingali
we seratan kang Syam).. Jaba abdi mah hayang seuri, keur cacamuilan
neda burayot, ti
Ieu mah mirip dina carita novel nu judulna Pintu iasana Fira
Basuki.. Geura sok baca
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Kang Ule [EMAIL PROTECTED] wrote:
heuheuheu..geuningan di tempat nukitu teh kawas kitunya? naon tah
nu kitu
teh..
ieu mah siga alo nguing ateuh dikamarna
Dina enyana ge keun bae we, da geus apal abdi mah nu ngolebat teh teu
nganggo acuk bodas pisan, da nganggo acuk abu belang2.. ieu mah rek
ngaramekeun milis we... eh sanes ngaramekeun ketang, ngabalaan
Hapunten ah... hihihi
~ipup~
(kabrr)
--- In urangsunda@yahoogroups.com,
Heuheu, keun bae da atos ieuh.. Jeung deui da teu ngaganggu, abdi bulak-
balik ka jamban ge gning teu aya nanaon ieuh.. Jeung reugreugna teh aya
kang Amin nu kulem di ruang tengahna..
ipup
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mojang_akank [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Kutan kitu kang yani?!
Sajak Lalaki ka urut kabogohna
Anjeun angger cumarita ti baheula
Bejana rek nungguan kuring
Ngahaja kuring megatkeun
Nu sabenerna ukur rek mapanas anjeun
Kuring bobogohan jeung wanoja sejen
Nu sabenerna kuring teu suka
Tapi geuning anjeun percaya,
yen kuring sulaya
Tungtungna anjeun wakca
kang kamal, cik atuh ka abdi mah japrikeun da geuning teu nembongan :)
Nuhun ah
ipup
Yahoo! Groups Sponsor ~--
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
Hag siah kanyahoan untung uing mah milu karokean keneh pas
Kang Ikmal jeung Teh Ani ka cottage teh Nah lho Nah Lho.. saha
nya?? euh jadi panasaraan.. Hanjakal pisan pindah cottage
ka E, da jauh teuing di D mah.. Mun taeun mah, meureun manggihan..
~ipup~
--- In
ih so nyaho, da di cawang teh ia mah, urang ciamis sukadana.. sanes di
mattel deuihh
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ndoell [EMAIL PROTECTED] wrote:
Teh Ia mah urang cikarang, grupna mattel...
lulusan Itenas...
-dul-
Yahoo! Groups Sponsor
Alah.. Teh Imas mani togmol... surprise naon tah?? ckck.. Kanggo
nyalira mah kedahna abdi terang, kang ndoell uninga..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, salma imas [EMAIL PROTECTED] wrote:
abdi uninga..bari ngacung..
samemehna abdi ninggal aranjeuna di parkiran. soca
Wa'alaikumsalam Teh Dini
Kaleresan judul skripsi abdi ge Gender dina buku Rusdi jeung Misnem
ngabentenkeun budak lalaki jeung budak awewe nu aya di eta buku..
Tokoh utamana si Rusdi sareng si Misnem..
Saparantosna abdi maca ngeunaan dua budak eta, apan ari si Rusdi umur
7 taun budak baong,
Wa'alaikumsalam
Nyuhunkeun dijaprikeun.. da abdi mah nomail.. :) Hatur nuhun
sateuacanna
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Giawati [EMAIL PROTECTED] wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.
Wilujeng enjing baraya
Bade ngaguar pangalaman HBH di villa Batan kamari
Ehm, ehm, ehmmm...!
Kaleresan atuh nya,
Kang Yani, bade masihan ka abdi moal? Meh skripsina tereh anggeus..
Heuheu, nj paudag-udag jeung Roisz yeuh..
Perkawis ngintunkeun skripsi mah, mangga, Ua Sas oge tos pesen..
Abdi dugi ka ngotektak buku2 ngeunaan gender di Perpusnas, ngan
saeutik geuning.. teu acan aya nu
Ok, hatur nuhun
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani
[EMAIL PROTECTED] wrote:
ke ditipkeun ka kang Kandar di Eijkman.
mrachmatrawyani
Yahoo! Groups Sponsor ~--
Help save the life of a child. Support St. Jude
Abdi g mun ka Garut teu ngahaja ngaliwat ka alun-alun, nyampak tukang
goyobod, pasti we kudu meuli.. Tapi ayeunamah teu di alun2 wungkul,
seueur tukang goyobod di Garut teh..
Dapur Sundaa? matak ngacay semur jengkolna..
~ipup~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jalak Pakuan
Aa Yunan teh nu icalan kekesed nya? Nu ceuk kang Ndoell mah ampir mirip
kang Maman Suarrahman, ari ceuk abi keukeuh henteu.. hehe, sok atuh
mangga lajengkeun
~ipuP~
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Yunan Sulaiman [EMAIL PROTECTED]
wrote:
assalamu'alaikum
nepangkeun kasadayana,
pribados
Sawios we cnah kang Ato, pan neng Iva mah gaduh serep kanggo wadah
kacamatana.. Wios etang-etang tawis soca kanggo kang Ato, kenang2an..
Naha ari tilas moci nu abdi teu majarkeun kakantun nya? Atanapi eta
mah dianggap runtah bae? hehe..
Hatur nuhun tos nebeng nganggo mobilna.. Keun we dugi ka
Heuhue, tos puguh runtah, da eusinamah tos diteda ku abdi, eta sakali
neda teh seep ku nyalira 4 cangkang.. Da dina sacangkangna ngan 9
siki moci, bari mani araliiit teh, asa katipu ku si tukang
moci, da meser teh pedah we nu dagangna aki2, hawatozz.. Jeung deui
bawaan orok :P
Tah
Ua, ua, abi mesen Fetussaga (ditambihan siki saga ge teu nanaon).
Harita bade meser di Gramedia Matraman, ku si yayang diwagel, ke deui
w, meh ditandatangan ku nu ngarangna cnah.. Aya buku naon deui Ua?
Karya Seno Gumira Ajidarma aya teu? Atanapi novelna Fira Basuki,
atawa Ayu Utami? Tos ah,
Bari saleresnamah ngeceng ka Rois teh nya?? hihihih Nya eta mah teu
langkung Roisna, duka teuing atuh, ke sugan mamanawian Roisna kersa teu
nya???
ipup
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mojang_akank [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Iraha nawisan? henteu ah. Rois ge katingalna melarian istri
Wa'alaikumsalam Teh Ia,
Uluh2 mani panjang... Sae tapina.. Nepangkeun wasta pun Pupi, ti
Jatinangor, kuliah oge di Sastra Sunda Unpad, bari teu tiasa nanaon.
Buktosna dugi ka ayeuna kuliahna teu acan lulus-lulus, da saur
punlanceuk mah ngedul jeung bedegong.. Sok ah teraskeun, resep macana
ge
1 - 100 dari 249 matches
Mail list logo