Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci an tea

2010-09-06 Terurut Topik roro rohmah
Duka ketang... heuheu. Eta mah mung saukur kirata alias dikira-kira tapi nyata. Boa teuing kapungkurna di lembur abdi teh seueur ganggang atanapi manuk... kedah naros ka para uyut surayut nu tos teu araya dikieuna. Nembe noong na Wiki mah saurna : Kareo Padi adalah spesies burung yang

Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci an tea

2010-09-06 Terurut Topik roro rohmah
Wilujeng tepang wilujeng sumping di milis ieu Kang Hadi... Sae pisan paniatan teh bade diajar basa Sunda nu kedah dimumule ku urang sadayana. Da kitu ayana basa Tangerang mah... hehehe.. Mangga, geura ramekeun ieu milis. ro2 --- On Mon, 6/9/10, hadiharton...@gmail.com

Re: [Urang Sunda] Wilujeng boboran siam 1431H

2010-09-06 Terurut Topik roro rohmah
Wa'alaikumsalam Wr. Wb. Amiiin. Sami-sami Wa baranya neda dihapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin, dunya wal akherat. Bilih diantawis seratan sim abdi di ieu milis aya nu teu piraoseun, matak renghat kana manah, neda dihapunten. Wilujeng Boboran Shiam 1431 H. Haturnuhun,

Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci an tea

2010-09-06 Terurut Topik roro rohmah
Owh.. Kutan, aya keneh di urang ge geuning.. Nembe noong, rupi manukna hideung sareng bodas. haturnuhun infona Mama Mannar, ro2 --- On Tue, 7/9/10, oman abdurahman omana...@gmail.com wrote: From: oman abdurahman omana...@gmail.com Subject: Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci an tea To:

Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci an tea

2010-09-05 Terurut Topik roro rohmah
Cikareo, lembur abdi di Wado Sumedang. Ceuk ceunah alias konon Kareo teh nami manuk. Siga kumaha? duka teuing can kantos mendakan. Aya deui Citi Rohmah, eta mah abdi hehehehe ro2 --- On Sat, 4/9/10, mh khs...@gmail.com wrote: From: mh khs...@gmail.com Subject: Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci

Re: [Urang Sunda] Innalillahi, kang Didin Kustandi Bekasi pupus ping 20 Mei 2010

2010-08-25 Terurut Topik roro rohmah
Ngiring du'ana ka Wa Gun, Amin ya robbal alamin. Sababaraha dinten kapengker, katingali dina FB Kang Didin milangkala. Tadina mah bade ngawilujengkeun, naa asa hoream.. antukna hilap, sihoreng... wilujeng angkat, roro --- On Wed, 25/8/10, Akhmad Gunawan wagunawan2...@yahoo.com wrote: From:

Re: [Urang Sunda] Lini euy!

2010-08-11 Terurut Topik roro rohmah
Leres Bah, abdi ge ngaraos ranjang oyag-oyagan mung sakerejep. Eta ge pedah digugahkeun ku pun biang,Ieuh...ieuh... ayah lini!. Enggal-enggal we mamuru panto kalaluar. Teu aya tatanggi hiji-hiji acan, talibra rupina. Dimana nya lini teh? Ah, da hoream nyetel tipi, diteguh-teguh we...boa-boa di

RE: [Urang Sunda] warna-warna sasatoan

2010-08-10 Terurut Topik roro rohmah
Congor? nyaan abdi mah nembe ngadangu. Da, sok ngadangu mah Cungur. Basa wewengkon panginten nya? Di Jatim sok aya ningan rujak Cingur... can kantos ngaraosan, asa-asa tuda cungur dirujax? komo dibebek (rujak bebek sugan hihih) mah ... yaaacks... duka ketang ari nu sedep mah... ro2 --- On

Re: [Urang Sunda] Wilujeng ibadah shaum

2010-08-09 Terurut Topik roro rohmah
Sami-sami abdi ge neda dihapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin, rehna sok kutrat-kotret di ieu milis. Bilih diantawisna aya nu kirang merenah/matak raheut kana manah minuhan mailbox baraya, neda tawakupna. Wilujeng ngajalankeun ibadah shaum Ramadhan 1431H, mugia urang sadayana

[Urang Sunda] Re: Sawangan Awal Ramadhan

2010-08-09 Terurut Topik roro rohmah
Ngiringan ah…   Janten emut kajantenan tadi enjing, nuju tatan-tatan bade mios kuli… Saur pun biang,”Ieuh geura mani asa galaleumpeur kieu rek puasa teh!” “Ih, naha geumpeur?”, cekeng teh ni reuwas, boa-baoa aya lini. “Nya sagala rupa hahargaan nerekel, tapi ningan batur mah

Re: [urang sunda] Ulin ka Kediri

2010-08-04 Terurut Topik roro rohmah
Jang De, konon (ceuk ceunah) Kediri teh kota nu ngahasilkeun tahu oge. Panginten  tos ngaraosan... cik pami sareng tahu Sumedang kinten2 raos mana? ro2 USA - Original Message - From: jangdede To: sunda Sent: Tuesday, August 03, 2010 6:05 PM Subject:

Re: [urang sunda] Ulin ka Kediri

2010-08-04 Terurut Topik roro rohmah
= = == TITO SURYANA - AR SURABAYA DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II TLP. 031 5350510 FLEXI. 031 70951507 HP. 08123548519 - - - - - - - Original Message - From: roro rohmah To: urangsu...@yahoogro

Re: [Urang Sunda] Re: Ngabageakeun budaya melak pare dina pot di pakarangan

2010-07-23 Terurut Topik roro rohmah
Nganggo Polybag sigana tiasa nya? tapi gancang bocor/miis. Jaba tiasa disusun ka luhur panginten, digawingkeun dina paku meh irit wadah. Wah, sae sigana tiasa melak ku nyalira. Teu kedah repot dipaculan, dibajak ku munding, digarisan (ku jidar) heuheu...   ro2 --- On Fri, 23/7/10, Kumincir

Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan

2010-07-22 Terurut Topik roro rohmah
Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading… Ceuk ceunah Odading teh varian tina Cak Kwe nu asalna ti Tiongkok, ngan lolobana dijual di wewengkon Jabar Batawi. Sok rada bingung antara Odading jeung Kueh Bantal. Da, mun dirasa-rasa mah sarua, amis, hipu  aya lolongkrang di tengahna, ngan beda

Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan

2010-07-22 Terurut Topik roro rohmah
Hey Dud Euleuh? ningan ti jaman Kumipeni keneh... eh, Kumpeni? O dat ding... heuheu...   nuhun inpohna, ro2 --- On Thu, 22/7/10, Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com wrote: From: Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com Subject: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan To:

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM)

2010-07-18 Terurut Topik roro rohmah
Sami hartosna sareng lulumayanan panginten nya?   ro2   --- On Mon, 19/7/10, Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com wrote: From: Kumincir Wikidisastra ia.ad...@gmail.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM) To: urangsunda@yahoogroups.com Cc: Kisunda

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM)

2010-07-18 Terurut Topik roro rohmah
] Entragan Anyar Sastrawan Sunda (URHM) To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, 19 July, 2010, 10:54 AM   jigana mah sami sareng oyag-oyag-an hahaha 2010/7/19 roro rohmah roro_rohmah@ yahoo.com Sami hartosna sareng lulumayanan panginten nya?   ro2   --- On Mon, 19/7/10, Kumincir

[Urang Sunda] Memasyarakatkan Cilok dan Mencilokkan Masyarakat

2010-07-15 Terurut Topik roro rohmah
Wilujeng wayah kieu baraya,   Tos lami teu ngadongeng. Yeuh, nyanggakeun... etang-etang pangbeberah manah.   salam, ro2. ===   Memasyarakatkan Cilok dan Mencilokkan Masyarakat   Geus sababaraha bulan, di pagawéan kuring boga adat anyar, meuli cilok

Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan

2010-07-14 Terurut Topik roro rohmah
Kutan? Eta teh kueh tradisional? Ke…ke… asa sok ningali ieu kueh di pertiluan (pertigaan) wewengkon Sayati Kopo.   Ngadadasarna teh sonten kinten-kinten tabuh genepan. Pami kaparengan ngalangkung rada wengi sok dirariung kunu ngaropi. Basa nembe ningali mah mesem we, aneh tuda….dipanaskeun ku

Re: [Urang Sunda] Sumber Bagja jeung bahagia..

2010-07-06 Terurut Topik roro rohmah
Wilujeng tepang Ayi/Teteh/Ceuceu/Ibu? Halakh bingung, nyebat naon atuh nya? Wioslah, Teh Wanda Hamidah, eh Teh Widda Haamidah…   Haarr… etah geuning tiasa nyerat/nyarios basa Sunda? Wios sakedik oge, da seratan anggota milis ieu ge teu sadayana “murni” basa Sunda, sakapeung pabaliuth sareng

RE: [Urang Sunda] Cengcelengan Pulisi

2010-07-01 Terurut Topik roro rohmah
Atuh janten Wayangkara nya Wa...heuheu... Wilujeng milangkala Bah Willy, mugia waluya salawasna. Amin.   ro2 --- On Thu, 1/7/10, Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com wrote: From: Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com Subject: RE: [Urang Sunda] Cengcelengan Pulisi To:

Re: [Urang Sunda] Fw: Kutang jeung Kutu

2010-06-28 Terurut Topik roro rohmah
Duh, ni waas ningali eta poto Bah…   Ngadongeng ah… Jadi inget jaman keur di lembur keneh, ari neang Bi Arnah (Almh), rencang nu sok ngabantuan nu jadi indung kaprak-keprek di dapur jeung beberes di imah. Ngabejaan teh kudu sapoe samemeh gawe, da Bi Arnah sok kabeneran buburuh di sawah batur

Re: [Urang Sunda] Pelawak Sunda (Nyaris) Punah?

2010-06-21 Terurut Topik roro rohmah
Sapuk, Jang De. Sule ayeuna nuju naek daun (hileud meureun hihihi). Sok we PVJ, eh OVJ pami teu aya Sule? Tiis camewek… teu acan sinetron Prikitiwna. Extravaganza, nu lalaunan “tikerelep” Aming, Ronald. Sinden Gosip nu “digegedugan” ku Neng Tikeu dibantuan ku Ferry Maryadi, ni sok pantes jadi

Re: [Urang Sunda] Maung...

2010-06-15 Terurut Topik roro rohmah
Rame matak maruringkak Wa... hi... nuhun, ro2 --- On Tue, 15/6/10, Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com wrote: From: Siddik Wiradireja cikund...@yahoo.com Subject: [Urang Sunda] Maung... To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Tuesday, 15 June, 2010, 7:26 PM  

Re: [Urang Sunda] Meunang Maung euy (1941)

2010-06-14 Terurut Topik roro rohmah
Sarua uing ge karek apal Ma' ung beuki kadu? Kumaha ngadaharna? Boa-boa siga sakadang monyet… bedana ieu mah kadu heheh…   Ngadongeng ah…. nyingcet, bae nya? Disebut nyingcet soteh, lain rek ngadongengkeun maungna, tapi kaduna. Inget dongeng nu jadi kolot, keur taun 70an ngontrak di

RE: [urang sunda] Tuluangan.....

2010-06-11 Terurut Topik roro rohmah
Ngiringan ah… Euleuh…euleuh… etah MJ, mani dibolekerkeun kitu rusiah dapur teh? Abdi gajih 10 koma ge teu agul, tara dibeja-beja… Uhun, tanggal 10 tos koma hihii… Mun seug rahayat Endonesya jiga MJ, meureun moal mahabu korupsi teh… cuek beybeh kana rejeki batur, tumarima kana rejeki

[Urang Sunda] (4S) Check in

2010-06-09 Terurut Topik roro rohmah
Hiji poe di bandara Soekarno Hatta, aya prajurit keur lenga-lengo di hareupeun meja paragi check in jiga nu bingung. Antukna manehna nanya ka petugas di dinya… Prajurit : Neng, ari paranti check in prajurit dimana? Petugas : Maksad Bapak? Prajurit : Kuring rek check in, tapi naha kabeh

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Lasminingrat Sakola Eropa di Sumedang

2010-06-09 Terurut Topik roro rohmah
Sami abdi ge nembe terang aya sakola eropah nu lebetna wanoja wungkul... boa-boa SKP (Sekolah Kepandaian Putri) gigireun SMAN 1 Sumedang nya Bah? Ayeuna mah tos teu aya da RSUD dibadagan. ro2 --- On Wed, 9/6/10, Aldo Desatura ™ hanja...@gmail.com wrote: From: Aldo Desatura ™

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Lasminingrat Sakola Eropa di Sumedang

2010-06-09 Terurut Topik roro rohmah
dinya ge skp tos teu aya teh, gigireun sma teh smp 8... 2010/6/9 roro rohmah roro_rohmah@ yahoo.com Sami abdi ge nembe terang aya sakola eropah nu lebetna wanoja wungkul... boa-boa SKP (Sekolah Kepandaian Putri) gigireun SMAN 1 Sumedang nya Bah

[Urang Sunda] Sumbangan buku ka SDN CIkareo I [1 Attachment]

2010-06-07 Terurut Topik roro rohmah
Wilujeng sonten MJ baraya… Alhamdulillah, buku sumbangan ti Gramedia parantos disanggakeun kamari Ahad, ping 6 Juni 2010. Buku2 ditampi kalayan kabingahan ku Ibu Iyoh salaku kepala Sekolah SDN Cikareo 1. Anjeuna ngahaturkeun nuhun pisan ka yayasan PASAKA. Hapunten sateuacana, sihoreng buku2

Re: Bls: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas

2010-05-11 Terurut Topik roro rohmah
Ih, nyaan ieu mah Kang JP matak muriding muringkak padahal tara “makan issue” hehehe… da kitu kaayaanana, duka pedah alit keneh harita mah… matak pikasieuneun. Wah, kaleresan tara nyumput di sepen, da sok dibubura ku pun nini bisi aya nu coceng eusi sepenna heheh…   Owh, ari sepen di

Re: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas [2 Attachments]

2010-05-10 Terurut Topik roro rohmah

Re: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas

2010-05-10 Terurut Topik roro rohmah
Asa kaemutan, jaman pun nini aya keneh, aya hiji kamar nu ngahaja dijantenkeun “gudang logistik” (hihihi.. meh gaya). Tuda, ari noong eta kamar teh sagala aya, lian ti paragi nyimpen beas, aya oge cau, asem nu aya kulitan keneh, jagong, suuk, boled sampeu nu digaringkeun. Di kamar eta keneh,

Re: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas

2010-05-10 Terurut Topik roro rohmah
Paingan atuh sepen teh sok poek, da sok dianggo paranti nyepi/muja semedi? Pami teu dipantoan, pasti  dihordengan… mun lebet kadinya teh sok muriding bin muringkak bulu punduk… teu puguh cabak da ku geueuman tea. Dipiwarang nyandak kalapa ku nini kalahka waluh kolekeun da teu katingali

Re: [Urang Sunda] Acara Serah Terima Sumbangan Buku ti Gramedia 17 mei

2010-05-06 Terurut Topik roro rohmah
Gramedia 17 mei To: urangsunda@yahoogroups.com Cc: kuringm...@gmail.com, 'mamat' mrach...@telkom.co.id, omana...@gmail.com, 'irpan rispandi' mr.rispa...@gmail.com, 'Roro Rohmah' roro.roh...@sidola.com, dessulae...@gmail.com Date: Thursday, 6 May, 2010, 11:56 AM

Re: [Urang Sunda] Garut ku Waas

2010-05-04 Terurut Topik roro rohmah
Kutan? Nembe terang Ceu Li Pa Non sok ditambut-tambutkeun? Aya rentalanana panginten nya? heuheu…   Panungtungan ngaraosan Jeruk Garut teh 3 taun kapengker. Kaleresan harita nganjang ka baraya nu di Malangbong. Nuju megat mobil ka Bandung-keun aya nu nawisan emang2, lumayan mirah. Benten ti

Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK

2010-04-30 Terurut Topik roro rohmah
Ngiringan ah... Jaman ololeho keneh,  pami aya nu hajat, pamulang nyambungan teh salian ti besek aya nu disebut rinjing. Wangun rinjing jiga wadah salak/bungbuahan kiwari. Lami-lami besek nu biasa dua (handap turubna), meh praktis jadi ngan hiji (handapna wungkul) dituruban ku daun cau +

RE: [Urang Sunda] daftar pasaka, pabukon simpay katresna

2010-04-13 Terurut Topik roro rohmah
Aeh, muhun nya? teu kaemut dugi ka dinya... tuda  tara kantenan ari wangsul ka Wado teh,  jaba sok pacieweuh, kaluli-luli... tungtungna he love dugi ka ayeuna. Tapi MJ, pameng tos dicandak ka pakulian, rencana bade di ka Gramed-keun ke sonten ba'da kuli. Bade dicandak uih, aboth...  wios,

Re: [Urang Sunda] daftar pasaka, pabukon simpay katresna

2010-04-12 Terurut Topik roro rohmah
Desa-desa Jawa Barat Daftar Pabukon 12 SUMEDANG Wado 10-Jul SDN Cireo I WadoRoro Rohmah Jl. Raya Malangbong SUMEDANG 45373 Bapak Iyus Kepala Sekolah

Re: [Urang Sunda] Yan Asmi De’Bodor Ngantun keun

2010-03-29 Terurut Topik roro rohmah
Inna lillah wa inna ilaihi raaji'uun. Mugia dihapunten  dosana, ditampi amal ibadahna, dicaangkeun kuburna. Nu dikantun mugia sabar tur tawekal. Amin. --- On Tue, 3/30/10, hadi darajat hdara...@yahoo. com wrote: From: hadi darajat hdara...@yahoo. com Subject: [Urang Sunda] Yan Asmi De’Bodor

[Urang Sunda] Lalabh...

2010-03-29 Terurut Topik roro rohmah
Baraya,   “Gampang ngasih makan orang Sunda, lepas aja dikebon… hidup dah!” remen kadangu eta gonjakan dicarioskeun ku seler sejen. Tadina mah rada kasigeung, jiga ka embe wae, tapi da kaayaanana kitu? Urang Sunda sedep lalab, sagala digares sabangsaning dangdaunan, mung daun panto daun

RE: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng == tiwul

2010-03-29 Terurut Topik roro rohmah
Sakaterang abdi mah T-wool teh sebatan di Jawa, Nasi Tiwul. Di urang mah biasana disebat Jarangking. Kapungkur nuju di lembur sok mendakan, katuangan tina sampeu/gaplek nu dijantenkeun tipung, tras diseupan dikalapaan… teu langkung bade diuyahan atanapi digulaan, kumaha kahoyong. Ayeuna,

[Urang Sunda] 4S (Badminton)

2010-03-24 Terurut Topik roro rohmah
Badminton 1 Utep : uing karek miluan latihan badminton yeuh... hayang tereh bisa. Atep : ceuk pelatih uing, mun hayang lancar diajar badminton kudu make reket nu beurat heula. Utep : kumaha carana? Atep : make reket tenis.     Badminton 2 Encur   : akhhh…! tuur

Re: Bls:.. [Urang Sunda] Awet Jaya

2010-03-24 Terurut Topik roro rohmah
Gampil hoyong damang kokoloteun mah... ku kulit jeruk ageung Bali/Cikoneng/Pamelo bae. Carana : dipesek jerukna, pisahkeun kulitna, tuang lebetna. Kulitna dipotongan, damel momobilan... tungtun weh... Pan janten bubuakeun... ro2 --- On Thu, 25/3/10, dudi mulyadi dudi_m2...@yahoo.com

Re: Bls:.. [Urang Sunda] Awet Jaya

2010-03-24 Terurut Topik roro rohmah
bubudakeun... Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

[Urang Sunda] re : nyondong

2010-03-23 Terurut Topik Roro Rohmah
Tet* salah! Sanes tangtara ningan* Owh, paingan atuwh*. Ari sanes tangtara mah, rupina tos kaismeuan urang Kalimantan, urang peuntas tea nyariosna rada disentak-sentak hehehe.. punten ah*. ja...@itenas.ac.id 03/23/10 12:30PM Abah Amin teh asana mah pangsiunan akuntan di pabrik

[Urang Sunda] Re: Nyondong

2010-03-22 Terurut Topik Roro Rohmah
Euh Abah, sanaos Boboran Siam tebih keneh ge dihapunten pisan ku abdi, sawangsulna abdi ge kedah dihapunten ku Abah* Perkawis dirupus henteu na mah eta kumaha jalmi nu nampi emailna. Panginten, nuju pakepuk ku padamelan * atanapi katingali ku aranjeuna seueur nu ngawaler kana hiji paguneman

[Urang Sunda] Re: Nyondong

2010-03-22 Terurut Topik Roro Rohmah
Hampura miheulaan, da bongan aya kecap MJ sakumna miliser hartina kaasup uing atuh Jang*? heheh. Barina oge teu kudu era disebut Akang Teteh, eta teh hiji pangajen siga Mas Mbak nu geus dinasionalisasi* hih, da teu kitu kumaha? tong boro di Jakarta, di Bandung ge ari nyalukan teh Mas Mbak

[Urang Sunda] Re: Nyondong

2010-03-21 Terurut Topik Roro Rohmah
Sapuk Kang Kumi, Uing ge hayang nyaho kunaon kecap NYONDONG teu dihalalkeun? Maklum atuh da uing mah urang kampung jeung diajar basa Sunda ge semet SMP we hungkul, baheula basa di Wado. Nyaho basa Sunda soteh tinu jadi kolot, ti aki-nini uing, mamang-bibi jeung dulur-dulur lianna (eh, bet naha

[Urang Sunda] Re: Nyondong

2010-03-21 Terurut Topik Roro Rohmah
Ish, atuh da Bah Amin mah jalmi nyondong eh, lepat* jalmi ngartos* ceuk dina iklan Tropicana Slim tea mah, perempuan suka angka yang lebih kecil * jaba ngeunaheun nyebutna ge* yi Roro, mun yi Kumi mah asa kumaha kituw*hihihii* Syukur ari ngaku bodo mah heheheh* kalahka gayana we, boga kamus

[Urang Sunda] Re: WAAS, keyword of sundanese aesthetics

2010-03-14 Terurut Topik Roro Rohmah
ah, ma enya? teu percaya ah... lain babaturan meureun eta mah Kang Kumi hehehehe... ia.ad...@gmail.com 03/12/10 04:37PM ceuk babaturan abdi mah, rasa waas teh mucunghul mun ngabayangkeun najong nini-nini nu keur cingogo... sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org

[Urang Sunda] Re: modus maling hp di angkot

2010-03-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Wa, gumujeng we teh, MJ mah tos ikhlas painginten hehehe... hese tuda kedah kamana ngudagna? Mugi sing enggal kagentosan deui. Kedah panginten, da kiwari mah hp teh nyawa kadua, teu aya hp asa heureut ku lengkah, padahal jaman kapungkur mah adem ayem teu aya hp heheh. ngiring sedih, ro2

[Urang Sunda] Batik Sumedang

2010-03-07 Terurut Topik Roro Rohmah
Baraya, Nembe terang, ningan Sumedang ge kagungan batik? (ih, kuper nya? hehehehe...). Nyanggakeun wartosna dina Kompas dinten kamari. salam, ro2 Batik Sumedang, Hanya Tinggal Nama? Minggu, 7 Maret 2010 | 04:07 WIB Myrna Ratna Memasuki wilayah Sumedang, kenangan kembali ke masa puluhan tahun

[Urang Sunda] TOM [1 Attachment]

2010-03-04 Terurut Topik Roro Rohmah
Wilujeng wayah kieu baraya... Alhamdulillah, tabloid Sunda Urang (Group Radar Bogor) medalkeun deui carpon abdi nu judulna TOM. Edisi 103, ping 4-10 Maret 2010 kaca 13. Carpon ieu kantos dialungkeun ka ieu milis. Margi pamundut ti redaktur nu urang wetan tea kedah rada dipanjangkeun, nya ku

Re: BLS: [Urang Sunda] Fw: Daek henteu ditaranjangan?

2010-02-28 Terurut Topik Roro Rohmah
Iiiiy* nya kantenan, alim abdi ge atuh* Tong boro abdi nu sanes nanaon, Paus ge protes teu satujueun.. Sanaos di bandara pasti aya petugas istri pameget, tapi teu ngajamin bakalan aman di jalur sewang-sewangan istri marios istri, pameget marios pameget. Waduh, upami nu ditaranjanganana Neng

[Urang Sunda] Re: Sang Bikang

2010-02-16 Terurut Topik Roro Rohmah
Wanita? Numawi teu acan kantos Bah* Muhun, resep maos novel teh, hobi. Uluh, ningan novel jadul? Pami nitenan info Bah Wil mah eta novel teh rame* ke wang pilarian ah* saurna minggu payun, bade aya pesta buku di Landmark, mamanawian aya. Biasa Bah, kiwari mah kedah modis alias modal diskon

[Urang Sunda] Re: papasangan

2010-02-15 Terurut Topik Roro Rohmah
Haturan Aki* Alhamdulillah, dina danget ayeuna mah nuju dipasihan damang. Ieu email tos lawas pisan Ki, masih keneh dikukut? Manawi teh tos dialungkeun kana pabetekan hehehe* Abdi sering ka Wado, tapi tara tangtos iraha-irahana mah* mung boboran atanapi aya nuju aya kaperyogian. Haturnuhun

[Urang Sunda] Re : Ngaderes - A-Ba-Ta?

2010-01-14 Terurut Topik Roro Rohmah
Ngiringan ah* Margi abdi mah ti aalit di Batawi, janten ngaos di masigit teh nganggo : 3. alif atas a, alif bawah i, alif depan u, a - i - u. Gentos guruna, Mas Marsono urang Jawa nu amis budi, dilandih si keom da*sok keommm weh* heheh* 2. alif fatah a, alif kasrah i, alif dhomah u, a - i *

[Urang Sunda] re : Afghan

2010-01-14 Terurut Topik Roro Rohmah
@ Jang Ndudh : sapuk, uing ge resep ka eta papatah. Wios teu terang mah, moal maksa hihi* @ Bah Iwa : muhun, bah caket* tatanggi tsai kana cai mah* heheh* @ Kang Nana : A Thousand Splendid Suns ? nembe bade breng abdi mah* @ Bah Willie : haturnuhun sejarahna. @ Kang Husein : Wah, boa-boa baraya

[Urang Sunda] Afghan

2010-01-12 Terurut Topik Roro Rohmah
Afghan Kuring resep ka hiji biduan jang Afghan. Keur mah kasep budak teh* ni lucu, irung bangir, pipi kempot, dikaca panon *. Sorana nu halimpu matak dedengeeun, komo mun dina bulan puasa sok ngahaleuangkeun niat puasa di wewengkon Kampung Daun, matak nyerep kana hate. Tapi, kuring mah lain

[Urang Sunda] Soeria Disastra, Penyebar Virus Sunda

2010-01-10 Terurut Topik Roro Rohmah
Baraya, Reueus. Geuning kalahka bangsa Babah, Nci, Koko Ii nu daria ngamumule basa Sunda. Sanaos songong teu ngagunakeun UUBS, ih* PareDe we*Siah gelo maneh! Teke ku aing! sok kadangu we ari personalia di pakulian nu socana petet, nindak pagawe nu baong ngarumpak aturan pakulian. Sanes hoyong

Re: [Urang Sunda] hatur nuhun baraya KUSnet...29 desember 2002

2009-12-29 Terurut Topik Roro Rohmah
MJ sakulawargi, sami abdi ge ngiring bingah... du'ana ngiring ka Wa Ntit. Amin. ti...@telkom.co.id 12/30/09 08:11AM ngiring bingah mugia runtut raut sauyunan dugi ka paketrok iteuk.. - Original Message - From: mang jamal To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Tuesday, December 29,

[Urang Sunda] Jojodog Monyet [1 Attachment]

2009-12-20 Terurut Topik Roro Rohmah
Jojodog Monyet Mun ngadenge eta kecap, lolobana jelema pasti langsung inget kana jojodog/didingklik/korsi leutik nu dijieun tina kai paragi diuk baraya jauh urang (pasti arembung ngaraku baraya nya? * ih, dulur mah teu beunang dikumbah*heuheu*) Baheula basa kuring mimiti nyaho, kuat ka

[Urang Sunda] Re: Wilujeng, Pak Guru Tangtara!

2009-12-03 Terurut Topik Roro Rohmah
Kumaha geuy tuda pamarentah mah ngagugulung we nu dipuseur dayeuh, ari rahayat nu dipasisian kaluli-luli* kumaha bade maju atikan bangsa urang? Kabita ku kayaan nagri tatangga nu sagala aya, tiasa mupus rasa cinta ka lemah cai. Nya teu aya guru, tangtara ge jadi! Lumayan teu awon-awon teuing

[Urang Sunda] Re : Sang Pemimpi...film produksi Miles

2009-11-30 Terurut Topik Roro Rohmah
Paingan asa aneh, naha nu jadi lalakon teh Ariel? Pan rambutna jarot bin jogjrog? Sihoreng ngalakonkeun Arai, dulur sakaligus sobatna si Ikal. Ariel can kungsi ngambeuan dunia kampus? kacipta umba-ambeu* pan eta oge ngambeuan kampus UI waktos shootingna sanaos mung saencret. Jigana nyieun

[Urang Sunda] Re: Fatwa MUI, hade?

2009-11-24 Terurut Topik Roro Rohmah
Pangalaman imah di Wado pahareup-hareup pisan jeung masigit, ceuli mah teu beunang dibobodo*lain ngewa ka ageman sorangan da mun dirasa-rasa mah gandeng oge. Jaba Ngong ti Nagrak (beh kaler), ngeng ti Elos (beh kidul, kuring nyebut eta wewengkon Los Angels hihi...), jadi matak teu puguh

[Urang Sunda] Re : BIBIT

2009-11-11 Terurut Topik Roro Rohmah
nambihan abdi ge ah* bobot, basa lemesna ngandung = hamil beubeut = jatuh, sok dilarapkeun dina tibeubeut = terjatuh, dibeubeutkeun/dipuragkeun = dijatuhkan. sakapeung sok ngadangu aya dibabétkeun = dipuragkeun dina kaayaan jalmina nuju ngambek, duka ieu teh basa wewengkon atanapi sanes. ro2

[Urang Sunda] Re: Tamiang Meulit ka Bitis....Hag Siah!

2009-11-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Dina kamus Basa Inggris- Sunda nu digarap rereongan tea, abdi kabagean bab Awi, didinya aya diserat : A w i T a m i a n g, thin, used for making temporary spears. aya oge awi nu sarupi sareng awi Tamiang nyaeta A w i B o n g k o n o l, small like Tamiang of little use. Seueur keneh rupi-rupi

Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH

2009-11-10 Terurut Topik Roro Rohmah
Wilujeng tepang Kang Adit* Euleuh? Na* atuh mani luluasan bade maehan maneh? Sakunyung-kunyung teh basa naon nya? aya ge kurunyung asa namah* Atanapi tina sekonyong-konyong? heuheu* maksaw ih* Kamari ningali dina tipi, Kapolri papayun-payun sareng anggota Dewan. Dimimitian ku Kapolri nganggo

Re: [Urang Sunda] Oncom Bandung vs Oncom Pasireungit

2009-11-04 Terurut Topik Roro Rohmah
Teh Indri, sanes kasar* tapi jorang alias jorok hehehe.. Dasar pameget mah kitu da* jigna teh kadinya deui* kadinya deui* harav maklum.. margi di milis ieu mah nu aktif seuseueurna pameget. Tong pundung atuh Teh* pan hoyong diajar basa Sunda sanes? Ke bilih disebat mental oncom kumaha? heheh*

[Urang Sunda] Oncom Bandung vs Oncom Pasireungit [2 Attachments]

2009-11-03 Terurut Topik Roro Rohmah
Wilujeng sonten baraya... Kantos jangji bade motoan Oncom Bandung Oncom Pasireungit, kaleresan mendak kamari waktos ka Sumedang. Punten teu patos jelas, maklum nganggo camera hapew... Oncom Bandung : Kulit luar langkung seueur kelir oranye Kandel bin kedewil kirang langkung 5cm Rada teuas

Re: [Urang Sunda] Oncom Bandung vs Oncom Pasireungit

2009-11-03 Terurut Topik Roro Rohmah
@ Jang Ndudh : Halow oge*hihi* jadi inget lagu keur budak* Row, row, row your boat Gently down the stream Merrily, merrily, merrily, merrily Life is but a dream. ... Oncom gebleg? Di lembur uing mah disebutna Oncom Geblig, nya bener hipu pisan euweuh suukan da dijieuna tina dage tahu (ampas

[Urang Sunda] Re : Gara-Gara Ucing -- Re: Tahu Sumedang ......

2009-11-02 Terurut Topik Roro Rohmah
Nyohag ah... Mitos ucing, jadi inget ka babaturan bapa uing* Harita rek nganteurkeun anakna ujian UMPTN. Sarua jeung dongeng Bah Willie yen nubruk ucing bisa jadi mamala/musibah. Teuing pedah rusuh ngudag waktu, teuing pedah geus kitu jalanna ti Allah... ujug-ujug aya ucing ngaliwat.

[Urang Sunda] Re: Toilet Umum di Bandung

2009-11-01 Terurut Topik Roro Rohmah
Wilujeng Wa Sas, Emut ka dongeng pun Bapa (Alm). Kantos aya sidak ka kantorna, boro weh tihothat beberes di sabudeureun kantor, ari pek teh nu sidak teu sindang kamana-mana heula, tapi langsung ka jamban. Sihoreng saurna, ciciren bersih henteuna hiji jalmi tiasa katingali tina jamban di bumina.

[Urang Sunda] Re : Tahu Sumedang ......

2009-11-01 Terurut Topik Roro Rohmah
Emut basa ambengan ka pun adi nu di Jatim. Uih ka Bandungkeun teh kaleresan nganggo beus. Biasa dina beus tea pabuis nu dagang sareng nu ngamen. Salah sahijina aya nu nawisan tahu. Mbak tahune masih anget lho Mbak* bari ngasong-ngasong tahu dina palastik. Tahu buatan mana Mas? cekeng teh

Re: [Urang Sunda] isuk sore ngapung..neda pidu'ana.

2009-10-28 Terurut Topik Roro Rohmah
Ngiringan ah* Wilujeng angkat MJ, mugia salamet dugi ka Nagri Kolecer... Wilujeng ngalap elmu, mugia lungsur langsar, kacandak hasilna ka lemah cai... Wilujeng sesepedahan, kade mun geubis gugah kunyalira nya? heuheu* Salam ka Nden Beatrix, ro2 cikund...@yahoo.com 10/28/09 02:17PM Wilujeng

Re: Bls: [Urang Sunda] Ti Urang keur Urang.

2009-10-27 Terurut Topik Roro Rohmah
Ngartos kana basa Sunda pan?... teu ngartos mah, nya wayahna kedah ngartos. Ngerti basa Sunda kan? Kalo gak ngerti, ya harus mau ngerti Hai oge Tet Ntut* (punten, sebatan kanggo urang Sunda kitu biasana mah*heuheu*) Hai juga Teh Ntut* (maaf, biasanya orang Sunda menyebut demikian* heuheu*) Salam

Re: [Urang Sunda] horeeee juara I esey LBSS 2009

2009-10-25 Terurut Topik Roro Rohmah
Wah, hebadh MJ, abong ahlina kana wangunan jaba dipoles ku bodor janten kereeen :) Wilujeng ngiring bingah, ro2 ja...@itenas.ac.id 10/26/09 11:41AM Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes

[Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us

2009-10-23 Terurut Topik Roro Rohmah
Marty, tadinamah sugan teh sanes urang Sunda da nganggo y, biasana mah Marti. Komo jaman kiwari mah i tungtung nami teh ngaruh pisan, meh rada ngota*ari dipiwarang ngeja nami ni sok omat-omatan* Awas nya make way lain i Pas ningali tungtungna Kartalegawa, ah yakin ieu mah urang Sunda, da Jawa

[Urang Sunda] Takongkeng/Cermot

2009-10-18 Terurut Topik Roro Rohmah
Baraya, Kamari iseng ngobrol sareng pun biang, anjeunna nyarioskeun hiji bungbuahan nu disebat Takongkeng/Cermot, saurnamah wanguna siga Stroberi, amis, tapi ayana di leuweung. Yakin, wayah kieu mah siganamah tos langki, atanapi pundes pisan. Duka tah... Aya nu uninga? Diantos pedaranana...

[Urang Sunda] Re: ngiring liwat

2009-10-16 Terurut Topik Roro Rohmah
buzenk2...@yahoo.com 10/16/09 04:20PM ngiring liwat.. *liwat lemesna apa ya?* = ngalangkung -urangsundatapiteulancarbahasasundaapalagisundalemes-

[Urang Sunda] Alhamdulillah, hatur nuhun...

2009-10-12 Terurut Topik roro rohmah
Assalamu’alaikum Wr. Wb.   Daramang baraya? Abdi seja nganuhunkeun ka :   1.  Allah SWT nu parantos maparin ieu cocobi, panginten mana dipaparin ge abdi dianggap sanggem mayunanana. Sanaos kantos rada “nyeuneu”,  diemut, dibulak-balik, dibeuweung lajeng diutahkeun,  Alhamdulillah

[Urang Sunda] Alhamdulillah… hatur nuhun...

2009-10-12 Terurut Topik roro rohmah
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Daramang baraya? Abdi seja nganuhunkeun ka : 1.    Allah SWT nu parantos maparin ieu cocobi, panginten mana kieu ge abdi dianggap sanggem mayunanana. Sanaos kantos rada “nyeuneu”,  diemut, dibulak-balik, Alhamdulillah tiasa rerep deui. 2.    Baraya Kusnet nu

[Urang Sunda] Re : Baraya kumaha daramang? ―- Perwira Polri Gelut jeung Perwira TNI!

2009-10-05 Terurut Topik Roro Rohmah
Perwira Polri Gelut jeung Perwira TNI! Ieu kajadian kamari pisan di hareupeun hiji mall di Bandung. Danki Brimob nu pangkatna AKP gelut jeung Mayor CPM. Duanana masih keneh marake baju dines kasampak keur silih sorongot jeung popolotot bari ngacung-ngacungkeun pestol. Saacan kajadian silih

Re: [Urang Sunda] Berita Duka

2009-10-05 Terurut Topik Roro Rohmah
Innalillahi wa inna ilaihi roojiuun, sanaos teu kenal, ngiring belasungkawa mugia almarhumah ibu Pa Menristek dihapunten sagala kalepatanana, ditampi Iman Islamna, dicaangkeun jalanna. Kanu dikantunkeunana sing dipasihan kasabaran sareng tawekal. Amin. y...@yahoo.com 10/06/09 07:10AM

[Urang Sunda] Wilujeng Boboran Siam

2009-09-17 Terurut Topik Roro Rohmah
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Baraya nu bageur, sim kuring ngahaturkeun : Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1430H Maklum sim kuring sok resep kutrat-kotret na ieu milis. Bilih diantawisna aya nu matak renghat kana manah baraya pamugi kersa ngahapunten samudaya kalepatan. Mugia ibadah saum urang

Re: [Urang Sunda] Susi Air Penerbangan Jakarta-Bandung-Pangandaran (PP)

2009-09-16 Terurut Topik Roro Rohmah
Kang Wahyu: Tuh, pan* ciciren urang Sunda teh geuningan sabenerna mah hareudang eh harudang. Nu hudang mah nya nyileuk, nu sare mah nya peureum hehehe* Komo ieu mah wanoja, hirup wanoja Sunda! Kang Budi : Nuhun info no teleponna, kamari naroskeun ka 108, teu acan kadaptar saurna. ro2

Re: [Urang Sunda] Susi Air Penerbangan Jakarta-Bandung-Pangandaran (PP)

2009-09-16 Terurut Topik Roro Rohmah
Haarrr* kutan? Ih, manawi teh* paingan asa-asa da pengker namina Pujiastuti. Dilamot deui ah reueusna* heheh. ro2 khs...@gmail.com 09/17/09 11:31AM dua jempol kanggo mbak susi, memang pengusaha hebat. koreksi sakedik kanggo teh roro, dina sababaraha artikel disebatkeun, yen mabk susi

[Urang Sunda] Susi Air Penerbangan Jakarta-Bandung-Pangandaran (PP)

2009-09-15 Terurut Topik Roro . Rohmah
Wah, raos ayeunamah bade ambengan ka Pangandaran teh.. teu sieun kapegat macet suracet... :) Susi Air Penerbangan Jakarta-Bandung-Pangandaran (PP) Pergi

Re: [Urang Sunda] ajaran kabantenan, nu kumaha?

2009-09-01 Terurut Topik Roro Rohmah
Ke la sainget uing mah aya sababaraha ngaben... Ngaben = maen musik Ngaben = ngabeuleum mayit Ngaben... cong... hihiw... Inget jaman keur leutik di lembur ...ari ngaben muncang haram teu? ro2 ia.ad...@gmail.com 09/01/09 01:07PM aya deuih anu lumpat ka ngaben diharamkeun. tong boro

[Urang Sunda] Re: Klaim anyar negri jiran

2009-09-01 Terurut Topik Roro Rohmah
Deuh, MH ngabela Maling siah euy* sieun diusir nya? punten, heureuy ah* hihi* Kahartos ari orang utan abu-abu mah (buluna abu2 pan?) da masih keneh sapulo Indonesia-Malaysia. Ari Tari Pendet mah kacida teuing atuh* Waktos nembe terang mah Tari Pendet diklaim oge, suwer asa ngabebela yeuh*

[Urang Sunda] Re: masalah To jeung uching :P Re: Kaca 251-252 geus kahanca

2009-08-26 Terurut Topik Roro Rohmah
Sapuk Jang Ndud, masing tos setor ti kaca 01-10 tapi angger asa-asa... bener kieu? siganamah ku MH kdah ditingali deui. Memener soteh, nya nu kira-kira apal we... Da matak ilubiung teh, susuganan nambahan kecap2 anyar, da rumasa basa Sunda uing mah ni sa-ivrit pisan... ro2

Re: [Urang Sunda] Cing saha anu terang ieu bahasa [1 Attachment]

2009-08-26 Terurut Topik Roro Rohmah
Cing nyobian neguh... pami teu lepat ieu ge... Krepus mah tutup mastaka nu didamel tina benang wol (jiga topi Mbah Surip, tapi ieu mah muncugug ka luhur) Tetenong : wadah rencang sangu (tingali na pail nangkod) didamel tina anyaman awi aya tutupan supados teu digembrong laleur/sabangsaning nu

Re: [Urang Sunda] Al-Kindi anak kahiji

2009-08-25 Terurut Topik Roro Rohmah
Wilujeng Kang Irpan... mugia tuang putra janten murangkalih nu shaleh, sehat, pinter bageur, bakti ka sepuhna. Amin... Alkindi? Meh Nyunda mah nenehna Ndi atuh nya? heuheu... ro2 mr.rispa...@gmail.com 08/24/09 11:55AM Ku sabab ngaran kahiji diprotes ku pamajikan, atuh anu dipake teh nya

Re: [Urang Sunda] ITOK - Tips keur laskar Kamus Sunda

2009-08-25 Terurut Topik Roro Rohmah
Wah, nuhun pisan tipsna Kang Irpan... nyaan we jadi gancang pisan yeuh heuheu... kari mariksaan... Ari sugan teh OCR ngan bawaan scanner hungkul, ari pek teh di MS Office ge aya ningan. Teu kedah di-send ka text langsung di copy paste ge tiasa. ro2 mr.rispa...@gmail.com 08/24/09 05:02PM

[Urang Sunda] Re: Wilujeng Shaum...

2009-08-20 Terurut Topik Roro Rohmah
Amin, dungana ngiring ka Wa Sidik... salam, ro2 cikund...@yahoo.com 08/20/09 12:17PM Para wargi, rehna sasih Ramadhan kantun puluhan jam deui, sim abdi neda dihapunten samudaya kelepatan, anu karaos sareng nu teu karaosna, ti dunya dumugi kaakherat. Wilujeng ngalakonan ibadah shaum, mugi

[Urang Sunda] Gagal

2009-08-20 Terurut Topik Roro Rohmah
Mapag Lebaran nu sabulan keneh, Bi Da'ah keur diajar nyieun bolu nu engkena bakal dijual. Bari ngabengbrengkeun bahan-bahanna, manehna bulak balik ngilikan resep dina majalah. Bi Da'ah nelek-nelek resep mani ati-ati pisan, maklum sieun gagal. Mimiti ndog hayam negeri (pasti aya nu swastana

[Urang Sunda] Re: (4S) Huis

2009-08-14 Terurut Topik Roro Rohmah
Eh, sorry lur bin punten tadina namina the Mang Sukra, tapi asa raoseun Mang Bana bari jeung teu digentos deui di handapna...Jadi weh lieur ... kieu tah mun teu diroris deui ... matax lieur nu macaheuheu... ro2 ia.ad...@gmail.com 08/14/09 12:52PM Jadi patarosanana, saha atuh

[Urang Sunda] (4S) Huis

2009-08-13 Terurut Topik Roro Rohmah
Nurutan Bah Willy ah... Karek ge sup ka imah tas macul ti sawah bari luut leet kesang keneh, Mang Bana geus ngadengen pamajikanana ngacacang ngomongkeun si Edod nu beuki dieu beuki baong wae. Sakola mineng mabal, komo deui bolos mah ampir unggal poe. Baroraah ngapalkeun, gawena ulin. Ngaji

[Urang Sunda] RE: Densus 88

2009-08-12 Terurut Topik Roro Rohmah
Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara berkembang (teu tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina, nya asa biasa weee* heuheu* To: urangsunda@yahoogroups.com From: waluya2...@yahoo.co.id Date: Wed, 12 Aug 2009 11:14:56 +0700 Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Densus

  1   2   3   4   5   6   7   8   >