tepangkeun...wasta pun yudi. 

caritana kuliah keneh di unpad, tapi can lulus keneh bae :( 
sim kuring ngawani-wani maneh. mamanawian aya diantawis anggota kusnet
aya nu tiasa kana basa walanda. pami aya, mugia jembar manah
ngabantosan sim kuring anu nuju koleng nerjemahkeun artikel nu make
basa walanda.
sanes bade jajagoanan, tapi ieu mah mung nyalurkeun bakat (bakat ku
hoyong enggal lulus).kumargi eta teh sumber kanggo skripsi kuring.

naha gening bet kalahka loba pamenta, pan anyar ngawanohkeun maneh.
(kitu meureun ceuk batur teh) tapi keun bae...
rek diseungseurikeun, pek
rek dipoyok, heug 
da kieu gening kaayannana
nuhun




Kirim email ke