[Urang Sunda] Neangan anu Leungit (5)

2006-09-07 Terurut Topik waluya56
Tempat ditimukeun layon Kang Deden teh sabenerna mah lain di jurang, tapi di lembah (naon basa sundana nya?), diantara dua pasir. Ieu pasir teh geus dibukbak leuweungna, kai nu aralusna diarala, ari nu goreng jeung dahan-dahan kai disurungkeun ku dozer kana lembah, Jadi weh lembah teh jadi

Re: [Urang Sunda] lulus doktor

2006-09-07 Terurut Topik waluya56
Kuring oge ngawilujengkeun ka pun Adi (maksud teh adi kelas ...hehehehe), Kang Asep Juwarna. Ngilu reueus euy malah lamun teu salah mah kungsi jadi warta dina detikcom kitu? Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, indung peuting [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng kang Asep, si

[Urang Sunda] Re: (surat keur bandung) patung suratung

2006-09-07 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: kieu ieu teh, dung, mun urang ngilikan kota2 sejen di luar nagreg, patung nu aya di kota teh, salian ti raja atawa pahlawan, boh keur nangtung atawa naek kuda, loba oge tokoh2 dina widang sejen. Duh MJ, kade aya nu teu resepeun

[Urang Sunda] Neangan anu Leungit (2)

2006-09-06 Terurut Topik waluya56
Satepina ka Kota Sambas, kuring lapor ka Kantor Transmigrasi jeung ka Kantor Pulisi. Rombongan nu ditugaskeun ka karaton Sultan Sambas oge miang. DI kantor pulisi, lumayan ditanya tetek-bengek, jeung disalahkeun naha teu menta dikawal ku pulisi. Ceuk pulisi daerah Sambas teh di akhir taun

[Urang Sunda] Neangan anu Leungit (3)

2006-09-06 Terurut Topik waluya56
Poe kalima, ti saprakna kang Deden leungit, rombongan SAR mangkat ka lokasi. Kuring ngiclik tukangeun. Di sisi jalan kuring tempa-tempo. Loba tapak sato, tapakna galede. Tanaga lokal nu bareng jeung kuring ngomong, eta tapak ontohod (biruang). Anyar keneh, cenah, paling oge peuting ngaliwatna.

[Urang Sunda] Neangan anu Leungit (4)

2006-09-06 Terurut Topik waluya56
Poe ka dalapan ti saprakna Kang Deden leungit. Poe kajadian mimiti leungit poe Rebo, ayeuna geus tepung deui jeung Poe Rebo. Sirah asa kekeleyengan, meureun peuting kurang sare. Team SAR geus siap-siap rek mimiti deui nyisir leuweung. Team SAR geus kaciri mimiti cape, roman beungeutna sariga

[Urang Sunda] Muslimah arek nganjang ka Luar Angkasa!

2006-09-05 Terurut Topik waluya56
Wartos meunang nyutat ti millis tatangga. Wartos ieu ngawartoskeun yen aya awewe warga Nagara Amerika, Muslim katurunan Iran (Anousheh Ansari), arek jadi turis ka Luar angkasa, make pesawat luar angkasa Rusia. Rusia geus lila nawarkeun ka sing saha wae jalma anu boga duit (hartina daek mayar),

[Urang Sunda] Re: Ki Ageng Sentanu? (1/2)

2006-09-05 Terurut Topik waluya56
MH, ari ieu sumberna timana? .. rada katarik oge, komo upami sumberna jelas mah. Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Kisah Para Asisten Tuan Snouck Fahrudin Nasrulloh 04-09-2006 Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id

[Urang Sunda] Neangan anu Leungit (1)

2006-09-05 Terurut Topik waluya56
Rek ngadongeng ah, bongan sararepi wae. Saperti nu dicaritakeun kamari kuring meunang musibah, kang Deden cilaka dugi ka hanteuna di leuweung Kalbar. Inget we harita teh, kang Deden marengan Udin, juru ukur, metakeun titik-titik pengukuran nu rek diukur ku kuring. Jadi rombonganana beda. Waktu

Re: [Urang Sunda] Cupumanik bulan ieu..

2006-09-04 Terurut Topik waluya56
Waktu Cupumanik datang ka Imah, kuring langsung agul ka barudak jeung ka indungna. Tah ayeuna mah Papah bisa ngarang carpon hehehehe. Enya da tadina mah ukur tulas-tulis keur konsumsi urang Kusnet, jeung waktu nulis si Apuy teh kuring keur lieur ku pagawean, pikiran jadi buntu. Tinimbang

Re: [Urang Sunda] DOWNFALL, lamun moral geus ragrag....

2006-09-04 Terurut Topik waluya56
Lamun nyaritakeun Nazi, ulah hilap Hitler teh kapilih jadi kanselir (Perdana Mentri), ku jalan Demokratis, Hiler naek jadi pimpinan ku jalaran Pemilu. Opini Majalah Tempo sababaraha kali ngingetkeun yen demokrasi teh bisa diselewengkeun jiga di Jerman di jaman Hitler. Ngarasa jadi MAYORITAS,

[Urang Sunda] Re: Pasipatan Lalaki

2006-09-04 Terurut Topik waluya56
Lain ari kuring mah, sok lieur ari macaaan padungdengan soal polygami teh di hiji millis Islam. Nu pro poligami nyutat Al Qur'an, nu teu pro, sarua nyutat Al Qur'an, kudu adil. Jeung cenah Kangjeng Nabi oge kungsi ngalarang Sayidina Ali gaduh bojo deui, ngaduakeun Sitti Fatimah, putrina

[Urang Sunda] Syair Lagu Ayun Ambing

2006-09-03 Terurut Topik waluya56
Kuring boga lagu degung instrumentalia Ayun Ambing. Jadi panasaran hoyong terang syair eta lagu. Manawi aya baraya anu terang? Hatur nuhun pisan, sateuacanana Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web,

[Urang Sunda] Romi Julie ti Cirebon (Cinta Politik)

2006-09-01 Terurut Topik waluya56
Kawin alias nikah, cenah kadorong ku asih (cinta). Tapi kumaha lamun politikus jatuh cinta ka politikus lawanna? Ieu aya wartos tina PR soal anggota DPRD Kota Cirebon ti PDIP kawin ka kader Golkar. Jiga dongeng Romeo Juliet ieu mah : Dinikahi Golkar Sri Akan Dipecat NASIB politisi PDIP

[Urang Sunda] Re: Fenomena Siti Nurhaliza

2006-08-31 Terurut Topik waluya56
Daya tarik lawan jenis, memang benten antara awewe sareng lalaki. Manusa nu ceuk teori Darwin mah hasil evolusi, boga sifat-sifat nu diwariskeun ti luluhurna. Salah sahiji dorongan alamiah mahluk hirup, ngalanggengkeun speciesna. Carana rupa-rupa, salah sahijina nurunkeun turunan ti individu

Re: [Urang Sunda] [w] peusing

2006-08-30 Terurut Topik waluya56
Leuh karunya teuing nu teu terang Peusing. Kuring inget baheula keur di SMA di Sumedang. Aya babaturan mamawa peusing ka Sakola, cenah meunang newak di pipir imahna. Maksudna rek dibikeun ka Guru Biologi. Ku manehna eta peusing nu ngaringkuk wae, teh dikantongan. Tapi kulantaran guru biologi

[Urang Sunda] Tukang Nyandung diuber-uber FBI

2006-08-30 Terurut Topik waluya56
Kamari aya postingan ti Ki Hasan, soal Nyandung Laku Oge di Amrik. Ieu aya wartos ti millis sabeulah (Sigana sumberna ti BBC London), soal tukang nyandung nu diuber-uber ku Pulisi Federal Amerika (FBI). Nyanggakeun : Tokoh sekte poligami AS ditahan Warren Jeffs dituduh melakukan pelanggaran

Re: [Urang Sunda] [w] peusing

2006-08-30 Terurut Topik waluya56
WOw ningalina di Amerika nya Teh Mae. Sigana mah masih sagolongan Teh, antara Aadvark jeung peusing ngan teu sa species. Aadvark teh sato ti Afrika kitu atawa ti Amerika Latin? Ceuk cenah, Gajah Afrika jeung Gajah Asia, henteu sa-species, aya bentenna. Salah sahiji nu ngabedakeun, dina

Re: [Urang Sunda] Nu Linglung(mairan mogers)

2006-08-30 Terurut Topik waluya56
Nuhun ah. Tulisan ieu mah ti sudut pandang kuring nu awam soal urusan moge. Tapi raraosan mah teu nyebat arogan kanu tumpak moge. Ngan kuring mah nyebutkeun sombong ka supir Toyota Land Cruisser nu kacirina sombong (nya duka teuing saleresna mah da papanggihna ge ukur harita). Tapi aya hal nu

[Urang Sunda] Re: Manawi Aya Nu Uninga Ngeunaan Cai Taneuh

2006-08-29 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, O. Taryono [EMAIL PROTECTED] wrote: Nyarioskeun ngeunaan cai ieu, Abdi janten emut ka Bah Willi. Kumaha Bah numutkeun pamadegan Abah...??! Kang Ono, wilujeng gaduh bumi. Bumina dimana ieu teh? di Jakarta? cik palih mana? Biasana ari ngebor mung 15 meter,

[Urang Sunda] Khotbah nyarekan .......

2006-08-29 Terurut Topik waluya56
Kadang-kadang kuring sok teu ngarti, naha nu khotah jumaahan, bet nyarekan jeung ngagogoreng batur? jiga wartos dihandap ieu, aya nu khotbah di Masjid DPRD DKI nyarekan Gus Dur. Atuh puguh nu ngareungeuna, pangpangna mah ti unsur PKB, ngambek. Jumaahan nu maksudna keur nengtremkeun hate, bade

Re: [Urang Sunda] patah hati

2006-08-29 Terurut Topik waluya56
Hihihi . Teh Roro rada nyeuneu. Tapi leres pisan eta teh Teh, teu kedah di sshompet-daunkeun. Da lalaki ge sarua, nu cunihin mah aya nu sok ngarebut pamajikan batur. Komo lalaki mah kadang-kadang teu cukup ku hiji, pamajikan opat ih masih keneh we sok nganjang ka kompleks Artis

Re: [Urang Sunda] Manawi Aya Nu Uninga Ngeunaan Cai Taneuh

2006-08-29 Terurut Topik waluya56
From: O. Taryono [EMAIL PROTECTED] *** Bah Willi, dimana ngagaleuhna eta Jet Pump, oge kinten-kintenna pangaosna sabaraha...??! Kang Ono, upami di Bandung mah jet pump seueur diicalan di Gg. Suniaraja / Otista. Buatan eropa nu 500 watt pangaosna sabudeureun 2- 3 juta rupiah. Di Ace Hardware

[Urang Sunda] Bandung-Bali, 30 Jam

2006-08-28 Terurut Topik waluya56
17 Agustus kamari, kuring indit ka Bali. Indit Kapaksa diparentah ku PANGAB(utuh). DItitahna mah kunu nitah, naek kapal hiber, ngan dipikir-pikir deui, hayang sakalian tempa-tempo, jeung ongkoh libur 5 poe, nya nyewa mobil, ngarental. Meunang mobil anyar, Suzuki APV (kuring nyebutna Awewe), ti

[Urang Sunda] Bandung-Bali, 30 Jam (2)

2006-08-28 Terurut Topik waluya56
Tepi ka Palabuhan Ketapang Banyuwangi, jam satengah tujuh. Meuli karcis Ferri, mobil langsung unggah kana kapal. Teu kungsi lila kapal jalan, ngaleugeuyeung ka Gilimanuk. Dadah Jawa, jero hate. Tepi ka Gilimanuk. Kaluar tina kapal, geuleuyeung maju pas rek kaluar ti Palabuhan pulisi

[Urang Sunda] Nu Linglung

2006-08-28 Terurut Topik waluya56
Waktu balik ti Bali, kuring liwat ka Pantura deui. Saentasna ngaliwat jalan tol Semarang, ujug-ujug aya sirine ngaheong, teu kungsi lila, aya mobil pulisi nyuruntul, nitah kendaraan sejen sina nyingray, nyisi. Supir kuring, Pa Timan, rada bedegong, keukeuh rada nengah. Ceuk kuring teh

[Urang Sunda] Re: calon gambar kaos halal bihalal - bintang david

2006-08-25 Terurut Topik waluya56
Heueuh nya Kang. Ngan Yahudi oge da manusa, sarua ciptaan Alloh Swt. Ari ceuk kuring mah goreng alusna manusa henteu ditangtukeun ku turunana, tapi estu ku kalakuanana. Urang Israel ngabantai Palestina salah, Rezim Pol Pot di Kamboja maehan rakyatna salah, Urang Arab Sudan ngabantai urang

[Urang Sunda] Re: Istimewanya wanita

2006-08-24 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Aj Kusnet [EMAIL PROTECTED] wrote: Aya kintunan ti tatanggi... Punten teu disundakeun... *Itu sebabnya mereka tidak henti-hentinya berpromosi untuk MEMERDEKAKAN WANITA . * *Pernahkah kita lihat sebaliknya (kenyataannya)? * *Benda

[Urang Sunda] Onta ...

2006-08-23 Terurut Topik waluya56
Jaman baheula, jaman tai kotok dilebuan, Mang Lamsijan, urang Legokhangseur, munggah haji. Di Tanah Suci manehna kudu nyewa onta. Loba urang Badewi nu nanawarkeun ka Mang Lamsijan. Mang Lamsijan milihan mana onta nu pangalusna, ngarah afdol munggah hajina. Gok weh manehna manggihan onta nu

[Urang Sunda] Keur ka Batur ....

2006-08-23 Terurut Topik waluya56
Pasosore Mama Ajengan masihan khotbah di hiji pangaosan : Ibu-ibu, bapa-bapa nu dimulyakeun Alloh, Salah sahiji kawajiban umat Muslim kudu berehan, daek barang-bere kanu butuh. Leuwih hade mere tinimbang dibere. Jeung lamun barang bere teh, nu hade mah mere barang anu alus, lain barang nu teu

[Urang Sunda] Piceun nu awon, candak nu saena

2006-08-23 Terurut Topik waluya56
Si Lamsijan balik Jumaahan, ditanya ku baturna, Lamsijan, lain tadi teh maneh make sendal butut, waktu rek ka masjid, naha ayeuna sendalna jadi weuteuh? Hih ... aing mah ngamalkeun amalan Mama Ajengan, deuleu!, tadi waktu khotbah, Ceuk si Lamsijan bari ngungkug balik. Ngamalkeun kumaha, teu

[Urang Sunda] Re: Nyandung Laku Oge di Amrik

2006-08-21 Terurut Topik waluya56
Jelema kaasup Primata (bangsa Monyet) dina biologi mah. Tah dina kahitupan sosial bangsa monyet, teu aya poliandri nu aya oge poligami. Poligami di Bangsa monyet biasana dilakukeun ku para monyet anu gaduh status sosialna luhur, siga mandahong (pamimpin monyet). Beuki handap status sosialna,

Re: [Urang Sunda] resef eureun tina rokok (tah aosss!!)

2006-08-09 Terurut Topik waluya56
Enya lah, rek ngaroko oge mangga, tapi nu alus mah teu ngaroko. Bako dipelak ku para patani di urang, malah jadi sumber kahirupan. Patani di Garut jeung Tanjungsari Sumedang unggal taun melak bako kitu deui di daerah sejen. Di Madura jeung di Jawa Timur (daerah Tapal kuda), bako mangrupakeun

[Urang Sunda] Re: Murid Awewe Lalaki Dipisahkeun

2006-08-08 Terurut Topik waluya56
Enya leres, sakola Katholik aya nu dkhususkeun keur murid lalaki jeung sakola khusus keur murid awewe. Kitu deui sigana di pasantren-pasantren Islam. Tapi sanajan kitu aya oge sakola Katholik atawa sakola Islam nu murid awewe jeung murid lalaki dicampur di kelas. Jelas didieu teu aya paksaan,

[Urang Sunda] Murid Awewe Lalaki Dipisahkeun?

2006-08-07 Terurut Topik waluya56
Wartos dua-tilu minggu kapengker tina Radar Banten, perkawis policy Bupati Pandeglang, nu ngadamel aturan misahkeun murid awewe sareng lalaki, teu kenging sakelas. Cenah mah ngarah moralna sae hehehehe. Wartosna nyanggakeun: Pisah Kelas Akan Diperdakan *Dimyati: Saya Pecat Kepsek Yang

[Urang Sunda] Re: Mulai 10 Rajab, Masyarakat Saudi Mulai Gerakan Boikot Produk AS

2006-08-03 Terurut Topik waluya56
Enya, kuduna mah aya tokoh siga Mahatma Gandhi, nu ngabaikot prodeuk Inggris, tepi ka pabrik tinun di Liverpool balalangkrut. Gandhi konsisten kanu sikepna, make pakean meunang ninun sorangan, hirupna sederhana, pakean ukur lawon disampaykeun, Sanajan waktu ngadep raja Inggris jeung keur usum

Re: [Urang Sunda] Kiblat masjid di Indonesia salah arah?

2006-08-02 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, surtiwa surtiwa [EMAIL PROTECTED] wrote: Sekarang ada alat untuk mengukur Koordinate dengan system referensi GPS (bentuknya seperti DOPOD atau PDA lah). Bah Surtiwa, kade eta ulah nyebat-nyebat GPS, sabab GPS mah kudu diboikot, pan ngagunakeun satelit

Re: [Urang Sunda] Haseup Aneh jeung Si Sapuk

2006-08-02 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Alah enya euy... sigana mah si Kadarsah nu baheula, Bah... Tapi, ari sugan teh lulusan Fisika, leresnya lulusan Meteorologi? Enya, ti jurusan Meteorologi (Geofisika Meteorologi ITB), jurusanana tukang nujum, ngaramal hujan

[Urang Sunda] Lalakon nu Kawin Kontrak jeung Arab

2006-08-02 Terurut Topik waluya56
Ti Millis sabeulah, cenah sumberna tina koran Warta Kota, koran Jakarta. Geuning, lain wae awewe urang lembur bau lisung, tapi oge mahasiswi di Jakarta kersa dikawin nyakeudeung. Wartosna nyanggakeun: Kisah Mahasiswi Kawin Kontrak Dari sekian banyak perempuan yang diamankan petugas dalam

[Urang Sunda] Re: Mulai 10 Rajab, Masyarakat Saudi Mulai Gerakan Boikot Produk AS

2006-08-02 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Ari R. Fikri [EMAIL PROTECTED] wrote: === Dikeureut === Urang teu kedah ngageuhgeuykun usaha sasami urang Islam, bari saeutik sareng rada mahiwal oge aranjeunna mah aya usaha satekah polahna. Bandingkeun sareng urang anu ngan cicing nongton aranjeunna dina

[Urang Sunda] Haseup Aneh jeung Si Sapuk

2006-08-01 Terurut Topik waluya56
Cenah, kamari aya haseup aneh di Bandung, ngan hanjakal kuring henteu nempo. Ieu haseup teh jiga haseup di Yogya, sateuacan aya lini. Bade aya bancang Pakewuh di Bandung? Ngan Gusti Alloh anu terang ANu narik deui, dina wartos ieu, disebat-sebat Kadarsah. Lamun teu salah mah Kadarsah teh

Re: [Urang Sunda] Why moslem can't eat pork...???

2006-07-31 Terurut Topik waluya56
Satujuh kang Surtiwa. Haram mah haram we, teu kedah dipilarian alesan kaditu-kadieu. Jeung deuih upami babi tempat nyayangna panyakit, kumaha ayeuna hayam jeung manuk sejenna? ...apan eta sato teh nyanyandak virus flu burung. Sapi oge henteu bersih tina nyanyandak panyakit. Ngan duka ari onta

[Urang Sunda] Si Apuy .....

2006-07-31 Terurut Topik waluya56
Medio Juli 2005, kuring keur ngalangeu di lobby hiji hotel di Atambua NTT. Teu kanyahoan datangna, aya nu nanya ti tukangeun : Selamat Sore, Bapak Kuring ngalieuk, aya budak ngora kira-kira umur 20 taunan duaan, dedeg pangadegna khas urang dinya, hideung jeung perekel, rambutna kiriting.

[Urang Sunda] Jas ....

2006-07-28 Terurut Topik waluya56
Jas, pakean resmi, kuring mah saumur-umur kakara make sakali, kitu oge kapaksa. Kuring tara make jas, lain kulantaran nganggap jas pakean gengsi, tapi da asa teu perlu. Waktu di wisuda, cenah kudu make jas jeung toga. Tapi teu boga duit, jeung karunya ka kolot, geus lulus, masih menta

Pentingna Sosialisasi Bencana--Re: EWS dana BLBI (artos rahayat) anu `amblas`,...Re: [Urang Sunda] TEWS?

2006-07-28 Terurut Topik waluya56
Nya atuh dipasang we, saeutik, kira-kira nu pibahayaeun pisan jeung mere pangalaman ka para ahli supaya terang EWS. Ari dipasang gede- gedean mah kuring teu satuju. Loba contona alat-alat jiga kitu teh ngan jalan ukur sababaraha bulan, geus kitu mah jadi barang rongsokan, da teu dipiara. Mangga

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-28 Terurut Topik waluya56
Tadi isuk-isuk, maca saliwatan artikel dina Kompas, Nu nulis mimitina mah nyaritakeun perang dua suku di Timika Papua. Eta kajadian perang dua suku teh geus sababarha kali kajadian, geus jadi kabiasaan. Pulisi teu bisa kukumaha, da perang kakara bisa eureun, lamun nu paeh imbang, sarua

Minyak-Timtim--[Urang Sunda] Re: perkara industri....

2006-07-27 Terurut Topik waluya56
Heuheuheu minyakna acan kaluar, da saleresna mah ukur kira-kira, ari acan ngocor mah, acan kabuktian leres. Sok Inget kapungkur di awal taun 1970'an, di jaman Ibnu Sutowo (Pertamina) jaya-jayana. Ka kampung- kampung, beja cadangan minyak di Indonesia teh loba pisan, ngaleuwihan

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-27 Terurut Topik waluya56
Meser HP lir ibarat nu meser Televisi di bumi. Aya nu meser ukur ukuran 14 inci, tapi aya oge nu meser sagede layar bioskop. Merk jeung hargana oge rupa-rupa. Kitu deui nu meser mobil, aya nu meser mobil Karimun, Kijang tepi ka mobil sedan anu mewah. Kumaha gaduh artosna jeung oge karesepna.

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Aya baraya nu didamel pausahaan2 raksasa ieu? Sakanyaho kuring, Nestle pabrikna aya di Pasuruan jeung Lampung. Coca Cola ampir di unggal propinsi aya, malah di Jabar mah aya dua, Coca Cola pusat di Bekasi, jeung Coca Cola distribusi Jabar di Rancaekek Bandung. Aqua (Danone) pon kitu pabrikna

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Cik saha baraya anu sakola dina Hubungan Internasional? sanes kunanaon, peuting tadi saliwatan kuring ngareungeu wawancara SCTV jeung Anwar Ibrahim, urut deputy PM Malaysia. Ceuk si pewancara teh, naroskeun ka Anwar Ibarahim, kunaon agara-nagara Arab teu kompak/ teu heuras dina soal Israel vs

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Ah ...leres pisan eta teh, urang Indonesia nu loba duit, leuwih resep balanja ka SIngapura, atawa gering oge leuwih gengsi upama diubaran di Singapura. Nyarioskeun pola hirup konsumtif, jiga nobgrolkeun buah simalakama. Pola konsumtif ngadorong tumuwuhna ekonomi. Sabab upami jalma teu

[Urang Sunda] Re: perkara industri....

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Duit (modal/Kapital) cenah mah teu boga kawarga-nagaraan, teu kenal jeung tapel wates nagara, atheis, teu boga agama, henteu oge racist (ngabedakeun etnis). Modal ngalir katempat nu kira-kira nu nguntungkeun. Lir ibarat cai, nu ngalirna sok neangan tempat anu handap. Aya hiji nagara, nagara

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Kang Ukay, sababaraha bulan kapengker, kuring maca dina Kompas, cenah neraca perdagangan Indonesia jeung Amerika teh di tahun 2005, Surplus! ( AMerika nu defisit). Duka leres duka henteu eta wartos teh --- In urangsunda@yahoogroups.com, Ukay Karyadi [EMAIL PROTECTED] wrote: Lamun

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Nu kawin beak 1 Milyar? Aya nu untung nu usaha katering jeung usaha jasa nu ngalayanan nu kararieu. Hartina duit 1 M, meureun teu jadi percomah da ngahirupan oge anu sejen. McD jeung KFC, hayamna ti Tasik jeung Ciamis. Upami McD jeung KFC teu payu, nu ngajerit lain wae nu bogana jeung karyawan

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-26 Terurut Topik waluya56
Kang DH, kuring boga pangalaman nu teu pati ngeunah waktu di Bandara Cengkareng. Harita teh kuring datang ka Cengkareng isuk keneh pisan, rek ka Manado. Ti Bandung jam 2 peuting, da harita mah acan aya tol Cipularang. Di Cengkareng di Terminal F, sanggeus lapor, neangan sarapan da can kaburu

[Urang Sunda] Gara-gara oray?

2006-07-25 Terurut Topik waluya56
Manusa, rek manusa dimana wae, lamun papanggih jeung oray teh hayang maehan wae. Tah ieu aya hipotesa ti ahli anthropologi cenah Manusa ayeuna teh, jadi kieu, kulantaran gara-gara oray. Mangga nyanggakeun wartosna : Manusia Berkembang Berkat Ular Selasa, 25 Juli 2006 | 11:11 WIB TEMPO

[Urang Sunda] Kaedanan = Gering Jiwa?

2006-07-25 Terurut Topik waluya56
Basa pameran buku Gramedia di sasana graha SIliwangi, kuring meuli Majalah National Geographic Indonesia. Pedah eta dina coverna aya tulisan Jatuh Cinta. Tapi kuring kakara maca saliwat. Ceuk dina artikel eta, lamun jalma nu keur kaedanan ku lawan jenis, heug otakna diparika/discan ku Magnetic

Re: [Urang Sunda] Kaedanan = Gering Jiwa?

2006-07-25 Terurut Topik waluya56
Teh Mae, dina artikel eta oge, dicarioskeun aya istri nu keur depresi, dipasihan obat anti depresi, ngan cilaka jadi rek pisah jeung carogena, da rasa cintrongna jadi leungit. Tah ubarna kabungbulengan teh meureun ubar anti depresi. Ngan nyaeta efek sampingna malah leungit rasa cinta. Janten?

[Urang Sunda] Dulur ....

2006-07-25 Terurut Topik waluya56
Poe Minggu Dua Minggu katukang, lanceuk kuring ngawinkeun, ngawinkeun adi pamajikanana. Malem Minggu kuring geus di Sumedang, da ki lanceuk omat-omatan kudu datang ti samemehna. Barang datang, geus rame geuning di imah ki lanceuk teh. Papayon dihareupen imah geus diadegkeun, jelema nu masak

[Urang Sunda] Re: Industri Raksasa Pembunuh Palestina

2006-07-25 Terurut Topik waluya56
Isuk-isuk kuring nginum kopi susu buatan Nestle bari nempokeun acara kartun Walt Disney dina TV. Jig ka kantor, gap kana komputer aya tulisan Intel Inside. Rada halahab ngagelegek nginum Aqua (Danone). Kring HP disada, dina HP ngajeblag tulisan Nokia. Walah kumaha atuh nya? Tapi untung kuring

[Urang Sunda] Basa Inggris .......

2006-07-24 Terurut Topik waluya56
Poe Saptu kamari, kuring ditelepon ku Ua Sas jeung Kang Tatan, cenah diulem sumping di Dago Tea House ku Teh Maria Astuti jeung Kang Denis Rivard. Teh Maria jeung carogena kaleresan nuju aya di Indonesia. Jam satuan kuring ka Dago Tea House, kasampak teh geus araya, Teh Maria, Kang Denis, Ua

Pentingna Sosialisasi Bencana--Re: EWS dana BLBI (artos rahayat) anu `amblas`,...Re: [Urang Sunda] TEWS?

2006-07-23 Terurut Topik waluya56
Teh Mae, lamun teu lepat mah Teh Mae teh aya di Amrik kitu?. Punten Teh, ulah disamikeun jeung di Amrik di Indonesia mah. Di urang mah soal kasalametan nomer dua sabab bangsa urang mah lolowodeh dina miara alat- alat kasalametan. Dina nyanghareupan kahuruan wae, sering kajadian, mobil pemadam

[Urang Sunda] Re: itu adalah hak Tuhan

2006-07-20 Terurut Topik waluya56
Hehehehe ahli oge tiasa lepat da sanes Nu Maha Kawasa. Kamari kuring papanggih jeung Dr. Nanang (dosenna tukang kaos Kusnet) di jurusanana, ngan teu kaburu ngobrol lila, manehna rek ngahadiran seminar cenah, da didadasi jeung make jas. Satadina mah rek tunyu- tanya, sabab Nanang kungsi

[Urang Sunda] Re: itu adalah hak Tuhan

2006-07-20 Terurut Topik waluya56
Maksud teh Tsunami nu diakibatkeun ku lini, sanes nu diakibatkeun ku gunung bitu. Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Anu kungsi kacatet teh cenah sunami basa gunung krakatau bitu taun 1883. eta Yahoo! Groups

[Urang Sunda] Re: Panineungan: basisir pangandaran

2006-07-19 Terurut Topik waluya56
31 Desember 2004, 5 poe saentasna Tsunami di Aceh, kuring ka Pangandaran sakulawarga. Indit teh maksakeun pedah si Bungsu rewel terus hayang ningali laut jeung hayang Tahun baruan di luar imah. Kuring ge harita rada hariwang, tapi boga kayakinan, piraku sugan aya tsunami terus-terusan.

[Urang Sunda] Re: Angka 13

2006-07-12 Terurut Topik waluya56
Leres pisan Kang Reddy, angka 13 teh dianggap angka sial. Kapercayaan ieu sigana mah sanes asli kapercayaan urang Indonesia, tapi dicandak ti kulon. Hal ieu tiasa ditingali antara nomer korsi di pesawat jeung beus/Kareta Api. DI pesawat, sanajan eta pesawat ukur ngalayanan domestik nomor korsi

[Urang Sunda] Deleka!

2006-07-12 Terurut Topik waluya56
Urang Asia paling teu sopan sadunya, kitu cenah ceuk hasil survey Majalah Reader Digest. Tah upami maca wartos dina detikcom dihandap ieu, soal tukang tambal ban nu sok ngawur-ngawur paku dijalan, sigana teh, khusus keur urang Indonesia, lain wae teu sopan tapi deleka (nyilakakeun batur!).

Re: [Urang Sunda] luar biasa atawa biasa di luar

2006-07-12 Terurut Topik waluya56
From: MRachmat Rawyani tapi anu aneh sareng lucuna mah jaman Mendikbud Wardiman Djojonegoro. Pan salami janten birokrat teh teu kantos ngajar. Naha atuh sabada janten menteri UNPAD ngukuhkeun janten profesor. Dina aturan, saleresna mah profesor teh hiji panghargaan ti

[Urang Sunda] RUU Kewarganegaraan

2006-07-10 Terurut Topik waluya56
RUU Kewargananegaraan cenah bade disahkeun dinten ieu. UU Kewarganagarran sigana peryogi oge terang, pangpangna kanggo nu gaduh (atanapi gaduh rencana) istri/caroge urang asing. Atanapi oge anu netep lami di LN. Wartosna nyanggakeun: RUU Kewarganegaraan yang Revolusioner Itu Nurfajri Budi

Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita

2006-07-07 Terurut Topik waluya56
Enya cenah Urang Jepang mah kitu nya? Boga babaturan awewe sabaraha urang nu sarkola ka Jepang, loba nu lalagasan keneh. Ceuk kuring teh naha lain kawin wae jeung Urang Jepang? Kalahka ngabirigidig. Omongna teh awewe keur lalaki Jepang, tukang ngawulaan salaki. Salaki rek ngantor, manehna nu

[Urang Sunda] Jabal Al Jannah ceuk Wartawati Urang Arab

2006-07-05 Terurut Topik waluya56
Masih soal JK ( Wapres tea) jeung Jabal Al Jannah. Ieu aya wartos, meunang copy-paste ti millis sabeulah, cenah mah wartos ieu ti Gulf News. Aya nu dipikaseurieun geura, Loba oge urang Arab nu keuna tipu ku mafia tukang dagang awewe di Jakarta. Tas dikawin, terus dicandak ka hotel, awewena

[Urang Sunda] Re: Nikah Massal di Subang

2006-07-04 Terurut Topik waluya56
Uluh? Hanjakal kuring henteu nonton. Tapi sae ketang, pan janten gaduh surat kawin ti KUA. Tadina kumaha eta teh, kawin siri heula kitu atawa kumaha?. Naros teh pedah we di jaman ayeuna mah, seueur nu kawin siri tea, teu kudu ka KUA sagala . Baktos, WALUYA --- In

[Urang Sunda] Re: OOT: Jusuf Kalla dan Otak Nistanya

2006-06-29 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Wenny [EMAIL PROTECTED] wrote: He said the tourists would bring numerous benefits to the women and their offspring, as well as the country's entertainment community. If the janda get modest homes even if the tourists later leave them, then it's OK. The

Re: [Urang Sunda] Ngiring Belasungkawa (Kanggo Kang Tirta + Kang Yaya)

2006-06-27 Terurut Topik waluya56
Sami sing kuring oge, ngiring bela sungkawa ku wafatna ibuna Kang Tirta, mugi-mugi ditampi Iman Islamna. Kanggo ka kulawrgina mugia dipasihan katabahan. Kitu deui ku ngantunkeunana alo Kang Yaya, dina kacilakaan motor di Bandung, sim kuring ngiring bela sungkawa. Mugia almarhum ditampi Iman

Re: [Urang Sunda] Ajarkeun Teori Evolusi ka budak ..........

2006-06-26 Terurut Topik waluya56
Haturan oge, Kang Dudi. Lamun teu salah mah di salah sahiji nagara bagian di Amerika, kungsi nu anti teori evolusi ngajukeun ieu ka pangadilan, supaya faham creatonist oge diajarkeun di sakola. Ngan cenah ditolak hakim, sabab faham eta dianggap agama nu di nagara sekuler jiga di Amerika teu

Re: [Urang Sunda] Urang Asia, ......... - pendidikan

2006-06-25 Terurut Topik waluya56
SIgana kudu diayakeun deui palajaran Budi Pekerti nya Kang? Jaman kuring keur di SD taun 1960'an. masih aya palajaran Budi Pekerti, tapi terus dileungitkeun, dan cenah geus diganti ku Palajaran Agama jeung PPKN. Tapi terus terang we dua palajaran ieu teu ngadidik jalma- jalma jadi gaduh

Re: [Urang Sunda] Urang Asia, paking teu sopan sadunya!

2006-06-25 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Aj Kusnet [EMAIL PROTECTED] wrote: ==DIpotong=== Jadi inget ka Paul Wolfowitz. Enya, urut dubes AS di urang. Pan keur jadi dubes mah manéhna téh salah sahiji bulé panghadéna, pang daréhdéhna, da ngawales kahadéan jeung kadaréhdéhan bangsa urang (maké

[Urang Sunda] Ajarkeun Teori Evolusi ka budak ..........

2006-06-25 Terurut Topik waluya56
Teori Evolusi, teori kontroversial. Seueur nu resep kana teori ieu teh. Sanes wae ti kalangan agamawan, tapi oge ti nu icikibung dina elmu pangaweruh. Ceuk cenah Dr. Yohanes Surya, pakar Fisika jeung tokoh olimpiade Fisika di Indonesia, oge salah saurang nu teu percaya teori Evolusi. Hanjakal

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-22 Terurut Topik waluya56
Kang, PMDK teh geus 21 taun ( tingali cariosan Pembantu Rektor IPB dina Kompas dinten ieu). Mahasiswa nu ditarima PMDK umumna nunjukkeun prestasi nu alus waktu kuliahna. IPB sakaterang kuring, ngarangking SMA di Idnoensia, kitu deui universitas anu sejen nu gaduh program PMDK. Jadi universitas

[Urang Sunda] Re: Stensilan Gus Dur

2006-06-22 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, irpan rispandi [EMAIL PROTECTED] wrote: -- Forwarded message -- From: irmathea108 [EMAIL PROTECTED] Penelitian Untuk Gus Dur ttg Pornoisme Oleh : Fakta 04 Jun, 06 - 4:30 pm Kepada Yth Pendeta GUS DUR di Tempat Punten pisan, sanajan

Re: [Urang Sunda] Kasundaan ceuk si Wanda ......

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Hehe...enya Bah, naon bae dijadikeun alat pikeun ngahontal cita2 atawa kahayang. ngan nya logikana kumaha, nu teu ngagem agama Islam, sina ngado'a basa Arab nu tangtuna ti ajaran Islam-aliran Islam nu lumpatna ka dinya. hehe.

[Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
UAN (ujian akhir Nasional) nangtukeun pisan naha budak SMP/SMA boga izasah atawa henteu. Waktu UN SMA dibuka kamari, loba budak abege nu jadi stress kulantaran teu lulus UN. Malah ceuk beja kamari, aya budak di Medan tepi ka ngagantung maneh. Kuring lain teu satuju UN, da standarisasi mutu teh

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
Hihihi . piraku kudu ngondang deui urang Walanda mah. Nembe kuring maca dina detikcom, cenah aya budak teu lulus, gara-gara niley matematikana kurang 0.25, padahal niley basa Indonesia jeung basa ingrris 8 jeung 9. Karunya eta budak, meureun bakatna dina basa, lain dina widang eksakta. WS

Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN!

2006-06-21 Terurut Topik waluya56
Maksad kuring teh kieu, upami budak teu lulus, kedah kumaha?, da geuning teu jelas. Naha ngulang deui di kelas tilu atawa kumaha, atawa sina jadi pangangguran wae?. Kalulusan murid ti sakola ceuk kuring mah benten sareng testing bade lebet didamel (atanapi bade lebet sakola deui). Kalulusan

Tilu E Perkasa = Re: [Urang Sunda] Quiz: Nyaliksik Data

2006-06-18 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL PROTECTED] wrote: 1. Mak Erot ti Sukabumi, tukang ngaheuraskeun nu leuleus keuyeupeun. Mang H, Ma Erot ti cisolok mah, sanes ngaheuraskeun nu leuleus keuyeup, tapi ngageungan, contona mobil karimun, jadi sagede Kijang ...hehehehe Ngobrol-ngobrol

Re: [Urang Sunda] Naha enya Diki Iskandar Dinata (koruptor) teh Incuna Oto Iskandar Dinata?

2006-06-18 Terurut Topik waluya56
Saleresna mah kuring nu posting perkawis Dicky teh incu kukut Oto Iskandardinata. Ieu oge lamun teu lepat, sabab wartos eta teh, kapungkur, waktos kasus Bank Duta. Dina eta wartos, disebatkeun yen Pa Oto Iskandardinata mah teu gaduh putra. CIk sugan aya baraya nu terang biographina Pa Oto

[Urang Sunda] Re: (4s) milih jurusan kuliah -fisika

2006-06-15 Terurut Topik waluya56
Hans Wosprakit, MJ. Waktu kuring mimiti asup fisika (1976), Jenatna Hans geus tingkat akhir. Manehna asistenna Prof. Barmawi dina kuliah mekanika analitik keur tingkat II. Jadi kuring kungsi kabingbing ku manehna. Leres pisan Hans urang Papua, pinter pisan. Saperti umumna nu palinter di

[Urang Sunda] Gantian di sweeping euy ......

2006-06-15 Terurut Topik waluya56
Maca wartos tina detikcom dihandap ieu, kuring mah bati gogodeg, rek kumaha balegna nagara teh, da jelemana kalahka silih bales kieu. Paingan atuh, loba nu keukeuh supaya dasar nagara urang teh tetep Pancasila, supaya rakyat Indonesia tetep ngahiji jeung silih hargaan, sanajan beda-beda boh

[Urang Sunda] Re: (4s) milih jurusan kuliah -fisika-bah Willy

2006-06-15 Terurut Topik waluya56
Nuhun Kang Brad kana informasina. Mugi-mugi Iman Abdullah tabah nampi cocobi ieu. Ke ari kang Brad di Fisikana angkatan taun sabaraha? atawa kang Brad teh kang Asep Juarna? . Baktos, WALUYA (angkatan 1975) --- In urangsunda@yahoogroups.com, brad porenges [EMAIL PROTECTED] wrote:

[Urang Sunda] Re: Jiwa nu Stress...!!!

2006-06-14 Terurut Topik waluya56
Alah, upami kitu mah leres nya? tadina nyangka teh teu kitu, manawi teh pupusna 3 murangkalih teh ku Flu Burung. Boro ka budak geus sesentak teu meunang dahar hayam. Maca wartos ieu teh, waktos kajantenan we dinten saptu, teu maca deui saterasna. Aya nu narik dina wartos PR ieu teh. Ny. AKS

[Urang Sunda] Re: Naonnya Ubarna STRESS

2006-06-14 Terurut Topik waluya56
Leres Kang Delun. Nu Stress teh sanes wae nu super pakepuk, tapi nu teu gaduh kasibukan. Malah ceuk kuring mah, nu teu gaduh kasibukan langkung rentan keuna stress, margi mikir nu teu pararuguh. Jadi saena mah milarian kasibukan, naon wae, supaya ulah mikir nu teu pararuguh. Aya phenomena, nu

[Urang Sunda] Re: (n) kala hideung jeung gapleh (Sarupaning satu anu sok nyeureud)

2006-06-14 Terurut Topik waluya56
Kala hideung? wah teu apal kuring mah kang Dudi, sanajan sarua ti Sumedang oge hehehehe. Tapi kapercayaan kana kala di lembur kuring oge aya. kala sok dihubungkeun jeung kingkilaban di langit (buburinyayan di langit). Kingkilaban di langit pindah-pindah, kadang- kadang di kulon, di kidul,

[Urang Sunda] Re: (4s) milih jurusan kuliah -fisika

2006-06-14 Terurut Topik waluya56
Hehehehe . keun we da sanes kuring wungkul di Kusnet nu kantos sakola di Fisika. Malah mah sok ngajenghok, naha di Kusnet bet loba nu sokalana di Fisika? Kuring, kang AJKusnet (Asep juarna), Kang Ayub (duka kamana tah batur teh), Kang Michael Ontohod (Fisika UI eta mah), acan nu ti IPB

Re: [Urang Sunda] odeng

2006-06-13 Terurut Topik waluya56
Odeng teh lain nyiruan leuweung kitu? pedah we aya istilah madu odeng. Aya oge sabangsaning nyiruan nu sok nyayang dina batu-batu. Awakna leuwih leutik ti nyiruan. Di lembur kuring disebutna teh teuweul. Maduna rasana rada haseum. DI lembur kuring enggang teh sok disebutna tiwuan. Ieu

[Urang Sunda] Re: Jiwa nu Stress...!!!

2006-06-13 Terurut Topik waluya56
Sanes, Kang Im, eta kajantenan teh leres kitu? kuring teu patos merhatoskeun wartosna. Ngan duh mun leres teh . enya meureun jiwa nu stress. Mudah-mudahan we tiasa kabuka misteri ieu teh. Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, kang_boim [EMAIL PROTECTED] wrote:

[Urang Sunda] Re: review novel: Epigram

2006-06-12 Terurut Topik waluya56
Wilujeng MJ. Walah sobat kuring jadi jalma berbahaya??? hehehehe Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Judul: Epigram Penulis : Jamal Editor : Indah S. Pratidina Penerbit : Gramedia Pustaka Utama Tebal : 384 hlm ; 20 cm Jamal

Re: Surili -- balasan: [Urang Sunda] [w] runyah-rinyuh

2006-06-08 Terurut Topik waluya56
Mang H, bekantan (sok disebat oge monyet Walanda pedah irungna mancung) dina acara TV ngan sok disebatkeun ngan aya di Kalsel wungkul, padahal kuring kungsi manggihan di sisi Walungan Ketungau, anakna walungan Kapuas, di jero Kalimantan Barat. Harita teh taun 1982, kuring naek parahu ti kota

[Urang Sunda] Dongeng Maung (deui) ...ah ...

2006-06-07 Terurut Topik waluya56
Dongeng maung ah, sanajan kuring papanggih jeung maung (lodaya) ukur di kebon binatang. Maung lodaya di Pulo Jawa cenah geus punah. Tapi dongengna masih kadenge tepi ka ayeuna. Waktu kuring survey di kawah Ijen, urang dinya, teu bisa ngabedakeun mana maung lodaya atawa maung tutul. Pokona

[Urang Sunda] Awas ...... salesma manuk!

2006-06-07 Terurut Topik waluya56
Tadi isuk-isuk, kuring tipoporongos ka pamajikan, pedah meuli hayam di pasar. Palalaur sabab salesma manuk geus nerekab di Priangan. Tapi rek dipiceun, lebar da meunang meuli, kapaksa we tetep dipasak, tapi saluyu jeung anjuran pamarentah, kudu dipasak dina suhu 80 derajat .. Dina PR

Surili -- balasan: [Urang Sunda] [w] runyah-rinyuh

2006-06-07 Terurut Topik waluya56
Ngobrolkeun sasatoan di Tatar SUnda, cenah sato mascot Jawa Barat rek diganti ku Surili, lain badak deui, da badak mah ayana di Ujungkulon Banten. Tah dimana nya, tiasa ningali surili di alam liar di Jawa Barat?. Kuring kakara ningali monyet jeung lutung, di Tatar Sunda, tapi surili oge Oa

<    1   2   3   4   5   6   7   8   9   10   >