[Urang Sunda] Re: Sweeping Warga Asing di Bandung

2006-02-26 Terurut Topik waluya56
Moal Teh, moal nanaon. Da saleresna mah ngan sakedik nu bade swiping- swipingan teh. Ari mayoritas urang Bandung mah, biasa-biasa wae, jiga kapungkur we Teh, teu aya nu robih. Ningali dina TV, nu bade swiping di Hotel Holiday Inn oge, saleresna ngan sakedik, 20-25 urang, da lebet sadayana kana

[Urang Sunda] Re: Standar ganda pihak Barat

2006-02-26 Terurut Topik waluya56
Jadi lucu nya? ari urang Barat mah hayang disebatkeun keun yen Hollocust teh aya, ari urang Jepang mah sabalikna. Katelengesan urang Jepang ka bangsa-bangsa Asia nu dijajah ku urang Jepang, malah dipupus dina buku sajarahna, tepi ka panen protes ti urang Korea jeung Cina. Tapi urang Jepangna

[Urang Sunda] Re: Standar ganda pihak Barat - Jepang

2006-02-26 Terurut Topik waluya56
Kutan Kitu Kang Budhi? janten generasi enggalna mah teu terangeun nya, kolotna teh kungsi ngagalaksak di urang. Tapi teu sadayana ketang. Di lembur kuring, aya soldadu jepang, malah misahkeun maneh, terus jadi tentara Republik. Namina teh Pa Saman (duka nami jepangna mah). Pa Saman nikah jeung

Re: [Urang Sunda] punten......

2006-02-26 Terurut Topik waluya56
Kang Iim,Kang Hendra mah sanes urang Bandung, tapi lamun teu lepat mah warga megapolitan, nyaeta Cianjur. Urang Pasirluhur Padasuka Bandung mah, asana teu aya, ngan kuring atawa Kang ENdang Tatan sok jalan-jalan kadinya, ari poe minggu da lembur eta teh tonggoheun rorompok. Ka Baraya anu

Re: [Urang Sunda] kuningan == Kang Durahman Urang Ciledug...??!!

2006-02-26 Terurut Topik waluya56
Kateureuhan ti wetan panginten Kang Ono. Urang Indramayu, Cirebon (kapetakan) dugi ka Brebes, kamasur tukang tawuran. Duka kunaon eta teh bet resep-resep teuing kana gelut raramean teh. Ceuk beja mah, di Indramayu mah aya soldadu bayaran sagala. Maksud teh, lamun hiji kampung ngarasa kurang

Re: Balasan: [Urang Sunda] tok...... keee....

2006-02-22 Terurut Topik waluya56
Soal Toke, dina acara dunya sato di salah sahiji stasiun TV, dicaritakeun aya jenis toke di Australia, nu sadayana bikang. Eta toke bisa endogan jeung megar, teu kudu make toke jalu. Ngan cenah aya kalemahan dina sistim reproduksi model kieu ( teu make toke jalu), sabab tokena jadi saragam,

[Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....

2006-02-22 Terurut Topik waluya56
Kulantaran kuring nu ngawitan ngawaler kang Yosep. Kuring oge bet asa nyanyahoanan ieu teh, padahal mah ukur ningali kasus anu parantos kajantenan, da ari hukum agama sareng hukum nagara mah teu patos terang. Kasus sapertos nu carioskeun ku Kang Yosep ieu, kantos lebet pangadilan Negeri

Re: [Urang Sunda] ceunah: Megapolitan kaliru!

2006-02-22 Terurut Topik waluya56
Ceuk beja, cenah baheula di kulon, di kalangan nu ngarasa pinter, sok nyarios atawa nulis teh ku Basa Latin. Sanajan basa latin teh geus teu dianggo. Buku Newton soal gravitasi, aslina diserat ku Basa Latin, sanajan urang Inggris sadidintenna mah teu nganggo basa eta. Basa Latin, janten basa

Re: [Urang Sunda] RUU Porosot Nonghol

2006-02-21 Terurut Topik waluya56
Leres pisan Bah Jaka, aurat dina Islam benten sareng ceuk urang Katholik, ngan hanjakalna teh Urang Indonesia henteu sadayana Islam. Upami RUU ieu digulkeun jadi UU. Hartosna Warga Negara Indonesia jeung nu netep di wilayah Indonesia kaiket ku UU ieu. Kumargi kitu urang Irian, Dayak di di jero

[Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....

2006-02-21 Terurut Topik waluya56
Ngiring ngawaler, sanaos sanes ahli agama sareng ahli hukum oge. Kang Yosep ari teu acan resmi pipirakan mah, atuh teu kenging nikah (resmi) deui, komo keur istri mah, da tiasa dianggap ngalakukeun poliandri (gaduh caroge leuwih ti hiji), tiasa dihukum margi ngalanggar UU Perkawinan RI nu

Re: [Urang Sunda] RUU Porosot Nonghol

2006-02-21 Terurut Topik waluya56
Numawi Bah Jaka, kumargi eusina kontroversial, RUU Po(rosot) No (nghol) ieu teh seueur nu protes. Kamari kuring maca dina koran, urang Bali nolak RUU ieu. Ari alesanana mah tiasa nyababkeun disintergrasi bangsa, teu ngahormat yen Indonesia teh prural. Tapi sigana mah pangpangna masalah beuteung

Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi (Kimia vs Teknik Kimia...??!)

2006-02-21 Terurut Topik waluya56
Nambihan sakedik, Teknik Kimia ITB teh kalebet jurusan di ITB nu passing-grade na luhur ( upami teu lepat mah kaopat duka katilu). Sesepuh Kusnet, ngan ayeuna teu aktif, Ua Djatnika Puradinata ( Direktur Medco Ethanol), almunina sami sareng kang Ono. Ceuk Bu Susie ( Prof S. Praptowidodo, dosen

Re: [Urang Sunda] Elmu sareng Quran (Sateuacanna : Wikipedia: papatong == Dinosaurus...??!!)

2006-02-20 Terurut Topik waluya56
Nambihan Kang Kumi, dina milis Islam nu liberal ( ceuk kang Oman mah), kungsi aya padungdengan soal Adam manusa munggaran. Aya nu naroskeun, jiga heureuy tapi hese ngajawabna. Teu pira naroskeunana mah, naha Adam teh bulucun atawa nganggo raksukan?. Jigana mah nu naroskeun teh pedah kakara

[Urang Sunda] Ba: Re: Wikipedia: papatong == Dinosaurus...??!!..Evolusi

2006-02-19 Terurut Topik waluya56
Kang Reddy, ngan aya bentenna antara buku Elmu Pangaweruh populer sareng buku-buku Harun Yahya. Ari buku Elmu Pangaweruh Populer nu biasa mah nyutatna teh lengkep, nu ngarangna teu ngadamel kasimpulan nyalira, tapi ngahijikeun kasimpulan ti sumber-sumber anu dicutat. Tah upami buku Harun Yahya

[Urang Sunda] Re: Aksi Unjuk Rasa Muslim di Inggris

2006-02-16 Terurut Topik waluya56
Hidup Inggris euy, God save the Queen hehehehe (bari rungah-ringeuh bisi kapanggih ku urang Irak nu diteunggeulan ku tantara Inggris) Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, indomum [EMAIL PROTECTED] wrote: Aksi Unjuk Rasa Muslim di Inggris oleh: Al Shahida

[Urang Sunda] Re: Aksi Unjuk Rasa Muslim di Inggris

2006-02-16 Terurut Topik waluya56
Hidup Inggris euy, God save the Queen hehehehe (bari rungah-ringeuh bisi kapanggih ku urang Irak nu diteunggeulan ku tantara Inggris) Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, indomum [EMAIL PROTECTED] wrote: Aksi Unjuk Rasa Muslim di Inggris oleh: Al Shahida

Re: [Urang Sunda] Wikipedia: papatong == Dinosaurus...??!!

2006-02-15 Terurut Topik waluya56
Ceuk beja mah, nu paling heuras nyerang Teori Evolusi teh, urang Kristen Fundamentalis di Amerika Sarikat. Kaum Fundamentalis ieu, disalah sahiji nagara bagian di Amerika kungsi ngadu ka pangadilan supaya palajaran Teori Evolusi dileungitkeun disakola-sakola digantikeun ku teori creatisnist

Re: [Urang Sunda] akhirnya Play Boy Edisi 1MUN SAPUK URANG SERANG REDAKSINA KUMAHA

2006-02-14 Terurut Topik waluya56
Tah nyaeta Kang, sagala-rupi oge kedah aya aturanana nu jelas. Umpamana Playboy parantos medal, teras eusina ngalanggar hukum di nagara urang, jaksa sareng pulisi kedah ngadamel tindakan. Ngan ayeuna mah Playboyna oge acan medal, nya bade ngahukum saha, da teu acan aya buktosna. Medalkeun

Re: [Urang Sunda] Wikipedia: papatong == Dinosaurus...??!!

2006-02-14 Terurut Topik waluya56
Ngiring mairan. Kang Ono upami tuang Alo hoyong terang sato-sato jaman baheula (pisan), tiasa ditingali di Museum Geologi, Jl. Diponegoro Bandung. Mangga geura diajak jalan-jalan kadinya. Upami dinten damel mah, tiasa petepang sareng Kang Oman nu kantorna pegedeng-gedeng sareng Museum. Sareng

[Urang Sunda] Fwd : Amerika, Bush, dan Timur Tengah

2006-02-09 Terurut Topik waluya56
Ieu aya artikel rada lumayan, kenging copy-paste ti baraya_sunda. Nu nulisna Pa Liddle, urang Amrik ahli Indonesia. Pa Liddle dina salah sahiji wawancara, kantos nyebatkeun anjeunna teh simpatisan partey demokrat, sanes parteyna juragan Bushnu konservatif. Nyanggakeun : Amerika, Bush, dan

[Urang Sunda] Re: ahirna nyambung ka seratan Revrisond Baswir ( tadina Padungdeng atw debat....)

2006-02-08 Terurut Topik waluya56
Nuhun Kang Yudi nu kersa ngawaler patarosan-patarosan sim kuring. Ngan kulantaran aya keneh nu ngagantung, kuring masihan pairan nu diselipkeun di seratan kang Yudi : --- In urangsunda@yahoogroups.com, yudi [EMAIL PROTECTED] wrote: Tah lumayan ayeuna mah maju. Aya sababaraha patarosan nu

[Urang Sunda] Re: Jakarta Megapolitan

2006-02-08 Terurut Topik waluya56
Ari alusna mah, supaya koordinasi anatara Jakarta jeung sabudeureunana alus, kumaha lamun DKI teh asup we ka Jawa Barat. DKI cukup dipimpin ku tingkat residen, lamun jaman kolonial mah. Lamun konsep megapolitan model Sutiyoso, tungtungna jadi Jakarta Centris, sagala keur kapentingan urang

Re: [Urang Sunda] alesan nu jero kunaon sababna umat Islambendu ka karikatur-karikatur eta

2006-02-07 Terurut Topik waluya56
Pa Denis Rivard urang Canada Kang, carogena Teh Maria Astuti nu pituin urang Sunda ti Sukabumi nu oge urang Babakan Kusnet. Kuring oge ngahaturkeun nuhun ka Pa Denis nu parantos ngajentrekeun perkawis gambar/patung upami ditingali ti Perjanjian Lawas. Sareng sapagodos pisan sareng Pa Denis,

[Urang Sunda] Re: Padungdeng atw debat kusir? (tadina: Anti kapitalisme = anti barat?....)

2006-02-06 Terurut Topik waluya56
Hatur nuhun waleranana kana debat kusir urang (kunaon tah pangna disebat debat kusir?, jigana jaman baheula aya delman tabrakan, kusirna paadu-adu omong .hehehehe). Ngaos waleran Kang Yudi, wah ...kuring mah teu ngartos istilah deduktif sareng induktif sagala. Maklum teu kantos sakola elmu

[Urang Sunda] Nu Baredegong (deui)

2006-02-06 Terurut Topik waluya56
Poe saptu sore kamari, kuring nonton wartos tina TV. Walah .wartosna mani ku rame, eta wartos nu nyerebu kampung nu di eusi kaum Akhmadyah di Lombok. Batu pasuliwer, clurit, seuneu .. Dicegat ku pulisi dijalan, ngabrul make jalan sawah, nu tutungna eta lembur ampir beak diduruk.

[Urang Sunda] Mr Bean jeung Kebebasan Berekpresi

2006-02-06 Terurut Topik waluya56
Baraya pasti sadayana oge terang Mr Bean, tukang ngabodor urang Inggris, nu salah sahiji bodorna ngaheureuykeun nu keur ngado'a di gereja. Ieu aya artikel kenging nyutat ti milis baraya_sunda, perkawis kumaha urang Inggris ayeuna nyanghareupan perkawis agama sareng Kebebasan berekspresi.

Re: [Urang Sunda] si Ade aya nu ngababuk!= NGAHINA NAON KITU?

2006-02-05 Terurut Topik waluya56
Kang Dudi, Ade Nasution teh nyebatkeun Sifat Urang Aceh beda sifat sareng Urang sunda, sabab urang Sunda mah cukup we dibere lilin, moal palarotes, (nu hartosna ka urang sunda mah gampang, teu hese, teu jiga ka urang Aceh). Saleresna nyariosna soal masalah Aceh, tapi dasar jelema atah warah

[Urang Sunda] Re: Sex Video

2006-02-05 Terurut Topik waluya56
Leres Kang Oman, bangkawarah pisan eta nu ngabajak alamat kuring, Kang Kumi sareng Kang Denis. Duka saha eta teh mangkelukna! Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote: Bedul teh jaram (virus) geus ngaruksak deui. Lain wae si kuring,

[Urang Sunda] Re: ajaran Islam nu ngalarang gambar Rasulullah SAW

2006-02-05 Terurut Topik waluya56
Haturan Pa Denis. Tah baraya aya nu naroskeun, cing saha nu tiasa ngajawab, kanggo nutup kapanasaran Pa Denis. Kuring oge teu terang pasti, ngan asa kantos ngadangu salah sahiji alesanana kangjeng Nabi Teu kenging di gambar teh komo didamel patung mah, bisi engke gambarna disembah-sembah/

[Urang Sunda] Kecap: Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun

2006-02-05 Terurut Topik waluya56
Baraya, ari kecap Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun, teh, upami teu lepat mah hartosna Asalna ti Alloh, mulang deui ka Alloh. Upami hartosna sapertos kieu, cocog kanggo anu nembe ngantunkeun mah, ngan ceuk kuring mah kirang cocog kanggo nu teu damang atanapi keuna musibah sanes ngantunkeun

Re: [Urang Sunda] Kecap: Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun

2006-02-05 Terurut Topik waluya56
Nuhun pisan baraya sadayana parantos diwartosan. Nyaeta puguh ge, tilu minggu kamari budak kuring diopnameu terus ngabejaan bibina nu di Sumedang make SMS. Na ari ditingali teh jawaban ti pun adi teh kieu: Inalilahi , di rumah sakit mana? Pas manehna ngalongok ka rumah sakit, kuring teh rada

[Urang Sunda] Barade nyandung? .............

2006-02-02 Terurut Topik waluya56
Baraya .ieu aya dongeng nikmatna nyandung, tina PR dinten ieu .hehehhe Asyiknya ke Bandar Poligami PESAWAT yang ditumpangi PR mendarat di Bandara Internasional Kuala Lumpur, Sabtu (14/1), sekira pukul 12.05 waktu setempat. Iseng- iseng, PR bertanya kepada beberapa sopir taksi tentang

[Urang Sunda] Sangsarana Nyandung ..........

2006-02-02 Terurut Topik waluya56
Tadi kuring posting nikmatna nyandung, tah kumaha lamun dina jero 6 bulan kudu boga pamajikan langsung opat urang? Wartos tina detikcom ieu, nyarioskeun lalakon lalaki urang Arab Saudi nu ngalaman eta: Dipaksa Kawini 4 Istri dalam 6 Bulan, Pria Saudi Depresi Rita Uli Hutapea - detikcom

Re: [Urang Sunda] si Ade aya nu ngababuk!....ngetop-top-top

2006-02-02 Terurut Topik waluya56
Hehehehe mani puas nya Kang Asep. Nu ngahina urang sunda teh mantan Menag ayeuna rek dihukum gara-gara nyelewengkeun DAU. si Ade Bin Nasution aya nu ngagebug. Tinggal ayeuna majalah ME (Male Emporium) nu ngahina wanoja Sunda. Eh .ME oge ayeuna keur ketar-ketir ketang .pan sainganana

[Urang Sunda] Re: Kapitalis vs Islam?-- Tadina: Naha saukur bungkeuleukna?

2006-02-01 Terurut Topik waluya56
Hehehehehe apan ngarah rame Kang Yudi. Upami duka mah panginten jadi atosan padungdenganana. Pairan kuring diselipkeun dina seratan Kang Yudi. Kang Yudi Nyerat : Duh Bah Waluya mah sok handap asor, nyebat duka soteh pedah abdi mah tos yakin yen Abah tangtos langkung uninga

[Urang Sunda] Sarakah teh perlu, tanggapan kana Hidup Cukup

2006-02-01 Terurut Topik waluya56
Loba nu teu resep kana kecap sarakah teh, da memang goreng. Tapi kuring rek nempo ti sisi nu beda. Lain sarakah anu goreng tapi sarakah anu aya gunana. Kasarakahan sabenerna salah sahiji sifat jelema. Aya nu sarakah kana harta, aya nu sarakah kana pangkat jeung gelar, aya nu sarakah hayang

[Urang Sunda] Re: Cukup teh nyieun sangsara ngajarkeun tanggapan ka 'sarakah' teh perlu

2006-02-01 Terurut Topik waluya56
Manawi, kumargi sifat dasarna jelema teh sarakah, kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika (moral). Ngarep-ngarep jalma sarakah nyieun kahadean, daek babagi jeung nu sejen, eta mah ukur UTOPIA. Nu sarakah diantep we sina ngalajur kahayangna, keun we usahana sina jadi gede. tapi

[Urang Sunda] Tambihan Re: Cukup teh nyieun sangsara ngajarkeun

2006-02-01 Terurut Topik waluya56
Tambihan ti si kuring : Cutat : Pamendak abdi: sanes bae urang peryogi jelma nu tiasa muka lapangan gawe tapi urang oge peryogi jelma nu tiasa muka lapangan usaha, sangkan teu aya jelma nu gede sosorangannan nu biasana bakal kawasa atawa kumawasa. Ieu peryogi sifat jalmi siga Bang Uki- usaha

[Urang Sunda] Re: Kapitalis vs Islam?-- Tadina: Naha saukur bungkeuleukna?

2006-01-31 Terurut Topik waluya56
Jawaban ti Kang Rahman (kuncen Baraya_sunda) kana postingan kuring. Mangga nyanggakeun : Haturan Kang Wly, Rek miluan baceo ah... lain ari ngarti mah, pedah sok resep pipilieun we. Komo urusan ismeu2 mah sok segut, ngarah kaismeuan we ketah he he he. Rek nurutan oge nya Kang, teu nanaon?

[Urang Sunda] Re: Kapitalis vs Islam?-- Tadina: Naha saukur bungkeuleukna?

2006-01-31 Terurut Topik waluya56
Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng referensina. Janten kapitalisme teh asalna mah tina budaya sodagar panginten nya?. Tapi kieu kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi akibat aya faham kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi kana faham kapitalisme bebas di

[Urang Sunda] Re: Kapitalis vs Islam?-- Tadina: Naha saukur bungkeuleukna?

2006-01-31 Terurut Topik waluya56
Kang Yudi sareng baraya nu sanesna, ieu aya artikel anu aya harib- haribna kana perkawis Islam jeung Kapitalismeu. Pangirim ti Kang Rahman (kuncen Baraya_sunda). Mangga nyanggakeun : = Tulisan ini sebelumnya dimuat di rubrik Opini, Media Indonesia, Kamis, 7 April 2005 DALAM

Re: [Urang Sunda] aya virus di babakan

2006-01-31 Terurut Topik waluya56
Virus bangkawarah anehna kana email kuring mah teu asup, beda upami ningali dina yahoogroupsna (situsna) seueur email nu eusina teu pararuguh. Jigana ISP langganan kuring mah geus disaring email nu aya virusan teu lebet. Jigana mah kedah disetting kana No Attachment ieu mah, kumaha ki

[Urang Sunda] Emie, Tahu jeung Tempe --Cai Enteh (as : Re: globalisasi vs lokalisasi

2006-01-27 Terurut Topik waluya56
Coca Cola, KFC, McD saleresna ngan saukur icon globalisasi da saleresna mah nu bogana urang Indonesia-indonesia keneh. Atuh bahan jeung nu digarawena oge urang Indonesia. Di McD sugan aya bule nu ngaladangan urang dahar. Asa acan ngadangu Amerika ngambek kulantaran aya nagara nolak restoran

Re: [Urang Sunda] Imperialisme = Neolibs

2006-01-25 Terurut Topik waluya56
Ari kuring mah, sok tambah bingung upami merhatoskeun pandangan- pandangan ti pengamat. Ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu, bringung ... weh jadina. Teu rek bingung kumaha, sabab keur jaman Suharto jaya mah, apan jadi kareueus upama dipercaya dibere nginjeum gede ku Bank Dunia, ADB, IMF atawa

Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda

2006-01-24 Terurut Topik waluya56
Di sagara Atlantik, deukeut Amerika Tengah, aya kumpulan pulo-pulo, nu disebut kepuloan Hindia Barat. Pulo-pulo ieu lain tadina bogana India nu jauhna rewuan kilometer ti India, tapi tina salah sangka Columbus nu nyangka manehna tepi ka India. Columbus boga kayakinan yen dunya teh buleud,

[Urang Sunda] Re: Tumaros - Tol Cipularang

2005-12-22 Terurut Topik waluya56
Teu kunanaon Kang Eko, mangga bade ngalangkung mah. Dinten rebo kamari, kuring ningali tina Kareta Api, Jalan tol Cipularang rame balawiri ku kendaraan. Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, Eko Ruska Nugraha [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalamu'alaikum wr. wb. Bade tumaros

[Urang Sunda] Re: migran sunda di jawa timur ?

2005-12-22 Terurut Topik waluya56
Kang, tiasa wae. Aya dua kamungkinan urang SUnda nu hijrah ka jember teh. Tiasa nuju jaman Walanda, dicandak ku tuan Walanda, kanggo didamel di perkebunan. Di Jember jeung sabudeureunana seueur perkebunan. Di sukabumi kidul (hilap deui tempatna mah), aya kampung nu eusina asalna urang Jawa.

[Urang Sunda] Re: Inna lillahi wa ina ilaihi roji'un!

2005-12-22 Terurut Topik waluya56
Ngiring belasungkawa ku parantos wafatna Bapa Hidayat Supangkat, mugi- mugi arwah almarhum ditampi ku Alloh Swt atuh ka kulawrgina sing dipasihan kasabaran sareng katabahan. Sim kuring kapungkur sering ngaos seratan anjeunna dina situs apakabar (sanes millis apakabar) anu ayeuna parantos

[Urang Sunda] Oman---Re :Lalakon Urang Arab meuli kaparawanan wanoja Sunda

2005-12-19 Terurut Topik waluya56
Kang Yosep nu urang Cijelag (boga babaturan baheula Urang Cijelag, ngan ayeuna pasti geus kolot, baheula mah kaasup panggeulisna di SMA Sumedang teh), ari Oman seueur minyaknya henteu? ceuk beja mah cenah Oman teh nagara Kasultanan. Kuring mah sok pahili wae antara Oman jeung Yaman teh,

[Urang Sunda] Re: seputar oman

2005-12-19 Terurut Topik waluya56
Rerencangan kuring nu urang Cijelag teh namina Euis, hilap deui panjangna mah. Harita teh (1972) wawuh da sakelas keur kelas Hiji. Ngan waktu naek ka kelas II, Euis pindah duka kamana. Papendak- papendak deui waktu kuring geus mahasiswa. Aya nu nganjang ka kolot di Cimalaka, pas kuring keur aya

[Urang Sunda] Re: seputar oman

2005-12-19 Terurut Topik waluya56
Ah, jadi kaemutan, lamun teu lepat mah Euis putrana kuwu. Dimana ayeuna anjeunna?. Jadi wararaas jaman kapungkur yeuh, jaman keur budak...jaman keur mikir euweuh kasusah. Kang Yosep, Ari urang Oman, Islamna Islam Sunni atanapi Syiah jiga di Iran? Aya bentenna henteu tatacara maranehna

[Urang Sunda] Re: Penduduk jeung Pendidikan di Jabar (lolobana wanoja katut ka angka BH2-na?)

2005-12-01 Terurut Topik waluya56
Bieu kuring sakali deui ka www.bps.go.id, panasaran, da ceuk BPS pusat mah, di Jabar teh lalaki langkung seueur ti awewe (sensus Nasional taun 2000), Ceuk hasil sensus taun 2000, penduduk jabar teh 35. 729.537 jiwa, 18,051,784 lalaki jeung 17,677, 753 awewe. Janten ceuk sensus nasional mah,

[Urang Sunda] Re: Penduduk jeung Pendidikan di Jabar (lolobana wanoja katut ka angka BH2-na?)

2005-12-01 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, oman abdurrahman [EMAIL PROTECTED] wrote: dikeureut Anapon Kab./Kota anu panglobana awewe, hasil survey membuktikan (sanes ceuk Kang Sony jagoan game ieu mah), tetela Kota Tasikmalaya (lain Indramayu geuningan). Ceuk BPS, taun 2003,

[Urang Sunda] Re: Penduduk jeung Pendidikan di Jabar (lolobana wanoja katut ka angka BH2-na?)

2005-12-01 Terurut Topik waluya56
Hehehehe kutan kitu Kang Ato? Waktu kuring nyoba lalayaran asup kana situs WorldPopClock, teras ningalian sex ratio penduduk di tiap nagara, rada kaget oge, ningali sex ratio di nagara-nagara Arab, naha geuning jumlah lalaki teh jauh langkung seueur tibatan awewe. Di Bahrain, malah

Re: [Urang Sunda] Bobogohan saatos Nikah ? [was: Oleh-oleh HBH]

2005-11-30 Terurut Topik waluya56
Bobogohan? .ieu kuring boga dongeng basa lebaran kamari di Sumedang, dongeng kapiemang di Sumedang, anakna dulur misan aki kuring. Si Emang teh ti leuleutik ngilu jeung Aki Kuring. Manehna ngadongeng, baheula basa keur umur 17 taun, manehna dititah kawin ku bapana, sabab adi awewena rek

[Urang Sunda] Re: Media Indonesia: Bupati Majalengka Tolak Mayat Salik Firdaus

2005-11-29 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Gardiadi [EMAIL PROTECTED] wrote: Sajujurna abdi mah ngan ukur siuen paeh wae. Ari jalmi wargi muslim ti Afganistan mah, memang keur ngalawan tentara nu nota bene (iue mah bahasa inggris ciamis, punten.) ngajajah. Oge di Palestina. Tah kukituna abdi

[Urang Sunda] Media Indonesia: Bupati Majalengka Tolak Mayat Salik Firdaus

2005-11-28 Terurut Topik waluya56
Baraya, ieu wartos perkawis Salik nu BBD di Bali tea. Ceuk pamendak si kuring mah (lamun ieu wartos leres) kacida teuing eta Bupati sareng aparat pamerentah Majalengka, make sieun ku layon (sesa) Salik sagala. Kuduna mah para petinggi Majalengka teh ngahormat sakedik ka kahayang kulawarga

[Urang Sunda] Re: nepangkeun aaaaahhhhh!!!!!!!!

2005-11-28 Terurut Topik waluya56
Mangga kalebet kang Rusdi, tong isin-isin, mangga urang ramekeun lembur KUSNET. Nepangkeun sim kuring pun Waluya, urang Bandung tapi aslina ti Sumedang, nu sok dilalandih jadi Bah Willy ku baraya Kusnet. Kumaha di Subang, masih seueur keneh ganas? kuring mah sok bingung keneh wae ari meser

[Urang Sunda] Re: Tukang Kaos Bdg pere heula

2005-11-28 Terurut Topik waluya56
Wilujeng angkat ka Andi, MJ. Teu nyangka eta budak teh teuneung jeung ludeung. Bisaan MJ mah ngawarahna. Sok lah, sugan we engke maca deui na koran, aya ahli seismologi ti Ciamis nu nyarios soal lini di Indonesia. Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED]

[Urang Sunda] Re: kahatur kanggo kang waluya

2005-11-28 Terurut Topik waluya56
Uluh, enya nya di Subang palih kaler teh seueur rambutan. Sakedap deui musim rambutan panginten nya. Asyik .. saha yeuh nu sedep rambutan? Kuring mah teu pati sedep ngan satolombong we seep ku sorangan ..hehehehehe Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, rusdi yunus

Re: [Urang Sunda] Fwd : Saya Sudah di Surga, Ustad!

2005-11-24 Terurut Topik waluya56
Ari kituna mah kuring oge satuju, sabab memang da eta teh sifat dasar (naluri) ti makhluk hirup (kaasup sato), lamun kateken dina kahirupanana, sok destruktif, jadi kanibal atawa babarengan maehan maneh. Gejala ieu geus lila kanyahoan ku para akhli psikologi sato. Fleming swedia ( sabangsa

[Urang Sunda] Re : Destruktif

2005-11-24 Terurut Topik waluya56
Salam oge Kang Darma. Pairan kuring diselipkeun dina artikel akang --- In urangsunda@yahoogroups.com, jaka ekalaya [EMAIL PROTECTED] wrote: salam, Manawi eta nu janten bagian pasualana teh, Kang Waluya. Terma. Ti awalna keneh urang sadaya beda interpretasi sareng maranehna, aktivis

Bom jeung Perang, Kang Viking? ---Re: [Urang Sunda]

2005-11-24 Terurut Topik waluya56
Satujuh kang, kudu bisa nyieun bom, kabeneran kuring tukang survai getaran taneuh (seismik) sok perlu bom keur sumberna. Baheula mah sok nyieun bom tina bahan petasan, supaya murah. Ayeuna mah teu aya nu wani, kuriak ditangkep disangka teroris ...hehehe. Kapaksa atuh make dinamit, hargana

[Urang Sunda] Fwd : Saya Sudah di Surga, Ustad!

2005-11-23 Terurut Topik waluya56
Wilujeng enjing Baraya (Waktu Indonesia Kulon). Sakantenan nyobian posting, ieu aya tulisan kenging ti millis baraya urang keneh. Baktos, WALUYA Saya Sudah di Surga, Ustad! Oleh M. Guntur Romli 22/11/2005 Rabu malam kemarin (16/11), di kediaman Wapres Jusuf Kalla diputar film istimewa.

[Urang Sunda] Re: Balasan: Menanggulangi Virus RONTOKBRO/BRORONTOK

2005-11-17 Terurut Topik waluya56
Hatur Nuhun Kang Runa. Puguh nuju lieur ku si borontok teh, komputer di kantor jeung di rorompok, keuna. Kakara ge rek digawe, mucunghul deui, mucunghul deui, matak pusing. Di delete file HTMLna, keukeuh jebul deui, jebul deui. Hanjakal kuring ayeuna keur nganjang di Batawi, acan tiasa

[Urang Sunda] Bom bunuh diri bakal aya keneh?

2005-11-17 Terurut Topik waluya56
Dr. Azahari geus tiwas, tapi naha leres bom bunuh diri bakal leungit?. Ieu aya artikel meunang ti millis sabeulah, cenah mah meunang tina TEMPO. Nyanggakeun! JENDERAL LASKAR ISTIMATA RUMAH tua itu terletak persis di belakang Pondok Pesantren Al-Mukmin, Ngruki, Sukoharjo, Jawa Tengah. Ada dua

Re: [Urang Sunda] Fwd : Bangsa-bangsa Asia Butuh Mentalitas Baru

2005-10-18 Terurut Topik waluya56
Tah ...leres neng Iva, mental jeung sikep urang Barat nu model diserat ku neng Iva ieu nu kudu diturutan. Aya memang nu teu cocog jeung urang, jiga samen-leven jeung loba nu atheis. Nya nu kituna mah teu kudu diturutan. Nyonto ka urang barat, lain hartina irung urang nu pesek oge, kudu

[Urang Sunda] Re: curiga jeung pnter kodek episode 2

2005-10-17 Terurut Topik waluya56
Kuring henteu nyebutkeun teu simpati ka Rakyat Irak, sok aos mana postingan kuring anu nulis teu simpati ka rakyat Irak? kuring mah ngan nyebutkeun kuring netral dina konflik Irak jeung Amerika. Ari kana derita rakyat Irak mah kuring simpati, ngan kuring teu bisa ngabobodo sorangan, rakyat

[Urang Sunda] Re: curiga jeung pinter kodek Episode minggu 2...

2005-10-16 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Yudi Irmawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng enjing Senen sadayana, punten bade neraskeun hanca minggon kamari. Hatur nuhun, seratan di handap netelakeun simpulan ti payun ngeunaan peryogina ati2 jeung imbang dina nyikepan hiji masalah. Nyutat email

[Urang Sunda] Re: curiga jeung pinter kodek ...

2005-10-14 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Yudi Irmawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Ari bah Willy sok muter kamamana, curiga teh lain wae kanu ngamusuhan, cobi kalimah ieu diterapkeun ka kalakuan nagara sejen? Sakali deui, pikeun abdi dina kasus Aceh nyimpulkeun sikap ati2 pamarentah kedah ditingal

[Urang Sunda] Re: Teori curiga (tadina: Bagir Manan saparkanca)

2005-10-13 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: ---dipotong--- liputan eta teh juru kamera nyorot hiji poster anu unina teh sapertos kieu TERBUKTI INDONESIA MENJADI SARANG TERORIS! Eta anu nyandak poster teh urang Bali asli, anu notabene urang Indonesia

[Urang Sunda] Re: Rasulullah Berhadapan Dengan Avian Influenza

2005-10-13 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Ikmal [EMAIL PROTECTED] wrote: Nyuhunkeun komentarna...(punten teu disulihbahasakeun ngarah orisinil :-) ) hatur nuhun, Wassalam, ikmal Kulantaran disuhungkeun komentarna, aya sakedik kritik kana tulisan ieu teh, tapi sanes eusina, da kana

Re: Balasan: [Urang Sunda] Bagir Manan Saparakanca

2005-10-12 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, asep juarna [EMAIL PROTECTED] wrote: Lamun tea mah enya kasus KPU, Ambalat, Polio, Flu Burung, Kanaekan BBM, Bom Bali II, ayeuna Cenah Bagir Manan, Teras ditambihan deui perkawis Surplus APBN tahun 2005 teh aya sakadang pangatur lakuna (sutradara), tada

Re: [Urang Sunda] Fw: Execution for corruptor family at China

2005-10-10 Terurut Topik waluya56
Aya dongeng soal ironina hukuman pati ieu. Cenah mah baheula di Inggris kajahatan merajalela. Kulantaran kitu hukuman kanu ngalakukeun kajahatan saperti pulang-paling barang batur, dihukum beurat, digantung dipayuneun umum, dilalajoanan ku masyarakat, ngarah nu sejenna kapok. Nu pangheula

Re: [Urang Sunda] (Kuncen) kanggo panganten (STOP)

2005-09-29 Terurut Topik waluya56
Ngiring mairan. Saleresna sawer panganten porno ieu, mimiti mucunghul di millis kisunda. Nu mostingna nyebutkeun cenah asalna ti Banten pakidulan. Tapi kuring teu percaya, sabab eusina togmol pisan (vulgar!). Sananjan basa sunda dialek banten teu pati sarua jeung dialek priangan, ngan teu

Re: [Urang Sunda] Urang minang mangge bahasa sunda waktos nikahna

2005-09-28 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Endang Tatan [EMAIL PROTECTED] wrote: bah..abdi sok ngantosan bah wily tukang bandrek di curug Hampa unggal minggon, geuningan bah wily tara aya di tukang bandrek ?? tara naek gunung deui kitu ?? Tos rada lami teu ka gunung deui Kang Tatan. Nyaeta asa rada

[Urang Sunda] Re: nepangkeun..

2005-09-27 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, dudin supti [EMAIL PROTECTED] wrote: assalamu'alaikum warahmatullah wb. sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen.. nya abdi bade nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da banten oge sunda sanes?) abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna

[Urang Sunda] Re: US jeung pristiwa tahun 65

2005-09-27 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nana Tea [EMAIL PROTECTED] wrote: dua poe deui bangsa diemutkeun ku peristiwa G.30.S peristiwana mawa sangsara urang indonesia sadaya khususna anu aya di pulau jawa khusus kanggo rahayat di Jawa tengah jeng jawa palih wetan kacida pisan mawa sangsarana

Re: [Urang Sunda] Anjasmara Tataranaang Cenah Euy.....Kabita Teu????

2005-09-27 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, enton supriyatna sind [EMAIL PROTECTED] wrote: .. sok atuh kabeh nu pro kanu kararitu sina ditataranjang terus jalan-jalan di nu rame. ... Kang Enton, atuh karunya nu ditataranjang titah jalan-jalan mah, komo dititah lumpat mah, engkena papahna teu

[Urang Sunda] Re: [kisunda] Pulisi Pabbeungahrna di dunya..........

2005-09-14 Terurut Topik waluya56
Pulisi pangkat luhur mah umumna lubak-libuk ku artos, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah. Tapi ieu pulisi anu ngajabat, lamun henteu mah, sanajan pangkat luhur oge, nya .ngahuleng we, ngalamot curuk. Biasana pulisi sial ieu, nu ditempatkeun di Mabes, tapi teu boga jabatan,

Re: [Urang Sunda] Syok karena Bakso tikus...

2005-09-12 Terurut Topik waluya56
Baso beurit? .sedap atuh ...hehehehe. Kade ah bisi persaingan bisnis. Karunya nu boga warung basona, engkena jadi teu payu padahal acan puguh basona tina beurit. Dongeng soal daging beurit, urang Manado mah beukieun pisan. Beuritna teh beurit sawah, rada galalede. Cara ngalana dipuput

Bade Puasa heula ah--Re: Balasan: Re: Balasan: [Urang Sunda] Re: Oleh-oleh KKN ti Tasikmalaya

2005-09-07 Terurut Topik waluya56
Ke puasana batal heula ngawaler heula Ki Hasan. Saleresna si kuring teu masalah padungdengan kumaha oge, si kuring geus biasa hog-hag di millis tatangga anu jauh leuwih heuras ti Kusnet. Ngan terus terang we kuring ngarasa aya sikep kurang adil ti baraya Kusnet. Kuring nyebut moralis jeung

[Urang Sunda] Re: Oleh-oleh KKN ti Tasikmalaya

2005-09-06 Terurut Topik waluya56
.. dangdutan...(gerak jalan hari pertama, dangdutan di depan pesantren! masya allah!! di depan pesantren besar pula: cipasung!). saya heran kok kegiatan ini dapet ijin ya dari kecamatan? apa pak camatnya lagi tidur ya? Sanajan kuring lain urang Tasik, bade ngiringan mairan kana

[Urang Sunda] Re: Mitos jeung Legenda Sumber Inspirasi

2005-09-01 Terurut Topik waluya56
Leres pisan Ki Hasan, waktos Urang Amerika ngirim jelema ka Bulan, misina nganggo aran dewa Yunani, Apollo. Tah lamun urang sunda rek nyieun misi ka luar angkasa, naon nya aran misina? Sok lah urang ngalamun .hehehehehe Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh [EMAIL

Re: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan

2005-08-30 Terurut Topik waluya56
Upami ningali macet nu unggal usik, dimana BBM dipiceunan teu puguh, kuring kadang-kadang satuju BBM teh kudu naek. Ngan nyaeta sok ngemut kumaha lamun naek sapedah wae kitu ka kantor? walah ...kantor kuring aya di bandung kaler, jalanna naek, datang ka kantor teh meureun luut-leet kesang kudu

[Urang Sunda] Ibadah Kaum Minoritas (Tina diskusi dina millis Wanita Muslimah)

2005-08-30 Terurut Topik waluya56
Ribut-ribut soal ditutupna 33 Gereja di Bandung jeung tempat sejenna, seueur didiskusikeun dina millis-millis Islam. Salah sahijina anu menarik postingna Dwi Sugardi (salah saurang moderator millis Wanita-Muslimah, nu nganjrek di USA), nu nyarankeun jiga kieu : Date: Tue, 30 Aug 2005

[Urang Sunda] Re: [kisunda] Kearifan lokal urang Sunda geus leungit?

2005-08-23 Terurut Topik waluya56
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nia Sri Winiarsih [EMAIL PROTECTED] wrote: Abdi oge teu tegaan..epes meer,contohna pami ningal hayam atanapi domba di peuncit,dugi sok asa nyalenyap...deudeuuh teuing...karuny,...teu tegaaaklepek2..les we paeh. Tapi mun dagingna tos dina piring

[Urang Sunda] Re: Kota Batawi pareum listrik....

2005-08-18 Terurut Topik waluya56
Cenah mah listrik pareum teh dina rarangka milangkala 60 Taun Indonesia Merdeka, Kang Boim! Baktos, WALUYA (Keur kesel, jaringan di kantor kakara jalan deui, cenah mah gara-gara serverna di jakarta pareum) --- In urangsunda@yahoogroups.com, kang boim [EMAIL PROTECTED] wrote: Haturan

Re: [Urang Sunda] Kota Batawi pareum listrik....

2005-08-18 Terurut Topik waluya56
Ari jaringan intern di bandung mah jalan, ngan upami lebet ka jaringan pusat (jakarta) teu nyambung. Padahal upami kaluar (internet) kedah ngalangkungan nu di jakarta heula. Nu di jakarta pareum, nu di Bandung oge jadi teu tiasa kamana-mana. Tapi ayeuna mah parantos lancar, mana tiasa posting

Re: [Urang Sunda] KUNTI (Pangalaman Kuring Nyalira)

2005-08-15 Terurut Topik waluya56
Sanes dongeng kunti ieu mah, tapi dongeng pun Adi, nu jadi guru di SMU di Sumedang. Di sakola-sakola sok sering aya murid kasurupan, lamun diantep sok sadayana ngiringan kasurupan, jadi kasurupan massal. Biasana eta teh dimimitian ku murid awewe. Ceuk pun Adi supaya kasurupan ieu henteu

[Urang Sunda] Re: dongengek agama

2005-07-19 Terurut Topik waluya56
Ngiring mairan . enya leres MJ di Pakistan jeung India seueur sekte (aliran) agama. Di Pakistan wae, dina taun ieu, geus sabaraha kali kaributan soal agama ieu teh. Aya masjid Shiah di bom ku urang SUnni, urang Shiah males, nembak pamimpin sunni tepi ka maot. Terus dibales deui

[Urang Sunda] Re: Naon Ari Ahmadiyah Teh

2005-07-17 Terurut Topik waluya56
Kang Agus, dina text berjalan Metro-TV dinten ieu, disebatkeun kaum Ahmadiyah teh ngangken Nabi Muhammad nabi pangakhirna, tapi oge gaduh kayakinan Mirza Ghulam Akhmad teh Imam Mahdi (nabi Isa anu lungsur deui?) kanggo nyampurnakeun ajaran Kangjeng Nabi Muhammad. Panginten eta mah bade satuju

Re: [Urang Sunda] Y.H.I.Laporan KBS

2005-07-01 Terurut Topik waluya56
Pak Herman Ibrahim deui? biasa anjeunna mah, sok nyarios kamana- mendi, bari jeung teu puguh juntrunganana. Mangga we aos artikel- artikelna dina PR, kuring mah loba kerung lamun maca artikel-artkel anjeunna teh. Baktos, WALUYA --- mj [EMAIL PROTECTED] wrote: nu kungsi nyebut

Re: [Urang Sunda] Y.H.I.Laporan KBS

2005-07-01 Terurut Topik waluya56
Pak Herman Ibrahim deui? biasa anjeunna mah, sok nyarios kamana- mendi, bari jeung teu puguh juntrunganana. Mangga we aos artikel- artikelna dina PR, kuring mah loba kerung lamun maca artikel-artkel anjeunna teh. Baktos, WALUYA --- mj [EMAIL PROTECTED] wrote: nu kungsi nyebut

[Urang Sunda] Re: Adegan film Indonesia 'Jaman Baheula'

2005-06-30 Terurut Topik waluya56
Ha...ha...ha aya kurajin eta mah batur, mani kumplit kitu. Ari inget film indonesia sok inget pangalaman kuring naek beus ti Padang ka Muarabungo baheula di taun 1980'an. Harita mah lamun rek ka Muarabungo leuwih gampang ti Padang batan ti Jambi da jalan Jambi - Muarabungo acan nyambung.

Re: [Urang Sunda] Daramang Baraya .......!!!???

2005-06-27 Terurut Topik waluya56
Hatur nuhun Kang. Tapak ontohod teh aya di jalan nu sisina aya keneh sesa leuweung. Jigana mah eta makhluk teh kukurilingan neangan hakaneun da leuweungna ampir seep dibukbak jelema. Di Bontang hujan wae, jadi tapak sato nu nincakkan teh mani jelas nyalaleblok. Tadina mah kuring henteu mirosea

[Urang Sunda] Daramang Baraya .......!!!???

2005-06-26 Terurut Topik waluya56
Dua minggu kuring henteu nganjang ka lembur babakan Kusnet, mani asa sararono. Kumaha baraya daramang? sim kuring alhamdulillah geus tepi deui ka lembur matuh, di Bandung, sanggeus nyaba ka Borneo. Lalungse keneh, da diditu teh sanes senang-senang, tapi apruk-aprukan kanu bala, malah manggihan

[Urang Sunda] Re: Ngiringan nya!

2005-06-05 Terurut Topik waluya56
Mangga kalebet kang Ihsan, nepangkeun sim kuring pun Waluya, urang Sumedang tapi netep di Bandung. Emut ka Manado teh emut kana istilah Tiga B, Bubur, Bunaken jeung Bibir Manado. Henteu ketang ari bibir mah gentos we ku bolervard Manado. Aya rencana bade ka Manado, upami janten di

Re: [Urang Sunda] Urang Australia, bangkawarah!

2005-06-02 Terurut Topik waluya56
Nyaeta kuring oge bingung yeuh, hayang ngabaikot tapi geuning tarigu oge aya nu ti australia, daging sapi oge terus rupa=rupa kadaharan. Ngan anu jelas mah, kuring moal meuli apel jeung bubuhanan anu aya cap Australiana, moal meuli juice merk berry (ongkoh rada mahal deuih ...hehehehe). Silet

[Urang Sunda] Urang Australia, bangkawarah!

2005-06-01 Terurut Topik waluya56
Kacida teuing urang Australia, moal enya KBRI dikirim virus anthrax. Boga dosa naon bangsa urang ka urang Australia. Eta soal si Corby, salah manehna make mamawa mariyuana ka Indonesia. wayahna kudu daek dihukum, da urang Indonesia oge lamun ngalanggar hukum di Australia, pasti ditewak.

<    2   3   4   5   6   7   8   9   10   >