Ngiringan akh perkara manuk Tuweuw. Manuk Tuweuw kaasup manuk nu
aktivitasna ti peuting, ari ti beurang mah sare. Salain ti Bueuk,
bebence, sora manuk Tuweuw ti peuting lumayan matak pikakeueungeun.
Keur jaman DI/TII, pun Aki, nu kaleresan jadi lurah di lembur, aya
nu ngabejaan, lamun aya sora
Jarah ka makam kolot, kuring oge masih sok ngalakukuen Neng Empup,
sanajan indung jeung bapa geus ngantunkeun aya kana 20 taun kapengker.
Teuing atuh ari tas ti makam kolot teh, rarasaan teh hirup jadi adem-
ayem, kolot teh asa aya keneh. Kuring mah lamun ka makam kolot teh
tara mawa kembang
Rada ngauhuleng nguping wartos yen tabrakan kareta Api Batu bara
jeung KA panumpang di Bandar Lampung, disababkeun ku barudak rumaja
iseng, nu nyomplokeun sambungan gerbong kareta api batubara, nepi ka
gerbong nu coplok ditabrak ku kareta panumpang. Akibatna lima urang
maot jeung rusakna
Duka tah Kang MH, aya henteu UU /aturan nu ngatur nu kararieu teh.
Ngan nu jelas ma vandalisme di urang teh geus kacida teuing (
eh ...leres henteu kitu istilahna vandalisme, ngarusak kapentingan
umum). Di Kalsel apan kantos, tiang listrik tegangan tinggi diragaji
diala beusina, terus dijual
Loba aturan, beuki loba liang deui keur neangan duit. Ngeunah kanu
boga wewenang, neangan duit teh gampang. Contona aturan sabuk pengaman
keur supir jeung panumpang dihareup, eta oge UUD (ujung-ujungna mah
duit). Aya nu nyupir jeung pamajikanana gigireunana, sadayana oge
masang sabuk pengaman,
Wilujeng Enjing ( waktu Indonesia Kulon) Kang Jaka. Leres kuring
masihan info, bilih harilap deui, yen di urang teh di nagara Republik
Indonesia, aya kontitusi, nyaeta UUD45 + Amandemen 2002. Ieu
kontitusi, pangpangna Amandemen 2002, hasil tina Pemilu 1999. Kanggo
ngadamel Amademen 2002 ieu,
Jigana mah kulantaran daerah Sukabumi kalebet daerah nu seueur
ngirim TKW, kaduana seueur budak di sukabumi anu teu divaksin
polio.. . Lamun geus kitu salah saha nya?
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, iva wanti [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Bade tumaros. leres bah willi
Komentar kuring diselipkeun diantara komnetar Kang Nana :
--- In urangsunda@yahoogroups.com, nana sutrisna [EMAIL PROTECTED]
wrote:
KANG NANA : Sabenerna mah euweuh kontradiksi antara no.2 jeung no.8
teh.
di titah milih partey islam soteh supaya pamarentah TS bisa
ngajalankeun SI sacara
Alhamdullilah geuning Neng Empup, aya nu neruskeun, wanoja deuih.
Rumasa kuring teh rada frustasi kamari basa ngurus soal majalah ME.
Keuheulna teh meunang sababraha poe kuring kukurilingan di Bandung
neangan Majalah ME bulan Februari, weleh teu manggih. Waktu jeung MJ
ka kang Hawe Setiawan,
Sae tah Neng Iva pairanana. Ngan ti kuring aya sakedik koreksi,
nyaeta soal kontitusi nagara urang, UUD 45, nu nybeutkeun kabebasan
beragama jeung kabebasan dina ngajalankeunana (fasal sabaraha, hilap
deui). Maksa non Muslim Warga Negara Indonesia (WNI) sina make
Jilbab, sabenerna ngalanggar
Upami seueur nu maot mah atuh minus sanes surplus, Kang Jaka!
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, joko tingkir [EMAIL PROTECTED] wrote:
Jigana lalakina loba nu maot, perang ngalawan zionis +
Amrik plus jadi teroris. Conto konkret loba nu maot di
Irak.
Jaka
Hanjakal kuring oge henteu lalajo, tunduh. Tapi ieu aya posting ti
millis tatangga soal jilbab dina Metro TV ieu :
From: Aisha [EMAIL PROTECTED]
Date: Thu May 19, 2005 12:58 am
Subject: Jilbab di Padang aishayasmina...
Temans,
Rabu 18 Mei 2005 jam 23.05 ada acara Today's Dialogue tentang
Kuring oge sedih Kang Tito, komo ari kuring mah da pun bojo urang
Sukabumi. Sedinna teh eta Sukabumi teh kaetang caket ka Jakarta,
puseur pamarentahan, caket oge ka Bandung, puseur pamarentahan
provinsi. Naha tiasa loba kajadian panyakit nu geus dianggap punah,
naranongol deui di Sukabumi?
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Miih [EMAIL PROTECTED] wrote:
setau saya di sukabumi teh seueur ayam, pasti akang ge terang nya
ayam yang suka keluar malam
WALUYA : Punten ah Kang, maksad akang seueur hayam di sukabumi teh
aya hubunganana jeung panyakit-panyakit nu marucunghul di
Dongeng nyandung, urang babakan Kusnet anu heubeul pasti arapaleun
ka kuring nu teu resep kana boga pamajikan leuwih ti hiji teh. Salah
sahijina, papatah ti kolot kuring sorangan (almarhum pun Aki). Ceuk
pun Aki, lalaki anu nyandung teh teu bisa dipercaya, ari sababna mah
batur sakasur/ batur
Keur ngimbangan posting-posting alusna poligami, kuring ayeuna rek
mere conto kumaha gorengna kabiasaan eta. Di Kasultanan Cirebon
(kanoman atawa kasepuhan, kang Dur?), ayeuna aya masalah soal saha anu
bakal ngaganti ku tilar dunyana sultan Sepuh. Sultan Sepuh gaduh bojo
dua urang sadayana
Leres pisan kulan, ke kang Akhmad nu mana tea nya? punten ayeuna
mah geus ngolotan, sok harilap deui.
Salam,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Akhmad Gunawan
[EMAIL PROTECTED] wrote:
Ke ke dupi ieu teh Kang Waluya alumni fisika ITB
angkatan '75 sanes?
Salam baktos,
WAG
Ya Alloh, nuhun pisan dipendakeun deui ku kusnet, sanajan sami-sami
geus kolot urang teh. Enya emut ayeuna mah. Kumaha kang Wawan, dimana
ayeuna didamel? leres kuring saheulaanan di LIPI ( LIPI
gadungan ..hehehehe) maklum kuring mah baheula saprak lulus sakola teh
teu meunang digawe ku
--- In urangsunda@yahoogroups.com, nana sutrisna [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Fenomena jumlah awewe anu leuwih loba
WALUYA : Punten kang Nana, kang Dudi Herlianto parantos masihan data
yen perbandingan lalaki sareng awewe teh ampir 1:1, malah lalaki
langkung seueur sakedik. Data ieu ti BPS, nu
Bieu panganggauran asup kana situs worldPopClock (Jam populasi
dunia), nu nampilkeun populasi jelema di tiap nagara. Nu kuring
aneh, naha di nagara Islam, bet surplus lalaki. Geura ieu contona :
ARAB SAUDI, total penduduk : 26.418.000, lalaki 14.477.000, awewe :
11.941.000. Jadi kurang leuwih
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED] wrote:
Mun teu salah nyandung sacara islami teh aya dua sarat penting, hiji
kudu bisa adil, jeung nu kadua aya izin ti pamajikan nu kahiji.
WALUYA : leres kang Dudi, nyandung kedah adil, ngan rarasaan mah, teu
aya syarat
Rada kaget oge maca awewe urang Tunisia, laba anu lajang, tepika
38%, anu hartina aya 38% X 4,999,000 awewe = 1,899,620 awewe anu
henteu kawin. Lamun ieu kaasup anu acan kawin kulantaran acan cukup
umur, budak umur 0 - 14 taun, hartina anu teu kawin tapi geus
meujeuhna kawin : 1899,620 awewe -
Aya bentenna perankan Cina sareng urang Walanda di urang. Ari
Walanda mah jelas-jelas ngajajah ari urang Cina mah daratang
kadarieu lain inisiatif nagarana, tapi leuwih ku inisiatif pribadi
neangan kahirupan nu lewih alus. Urang Cina daratang kadieu, aya oge
anu didatangkeun ku Walanda keur
Nambihan sakedik, teori big-bang, lamun teu salah mah direvisi.
Sanggeus big-bang, alam semesta (universe) ngembang, hiji waktu
bakal ngerut deui jadi leutik ngan boga massa anu gede, geus kitu
ngabeledug deui alias big-bang deui, ngembang, ngerut, leutik pisan,
beledag deui kitu we saterusna,
Protes sakedik ka Kang Shaman, tabel periodik unsur, saleresna
langkung gampang diterangkeun ku susunan elektron, proton jeung
neutron di hiji unsur. Janten ku elmu fisika sanes ku elmu kimia.
Leres pisan ngawitan mah Tuan Mendeleyev ningali sifat-sifat kimia
unsur-unsur anu disusun ku
Hehehehe ...aya-aya wae Kang Asep. Enya anu pangheulana
nyicingan buwana Amerika mah urang kulit beureum alias urang Indian.
Disebut urang Indian teh sabenerna istilah salah kaprah. Columbus
nyangkana manehna tepi ka daratan India, sabab maksud manehna
berlayar ka kulon (lain ka wetan) teh
--- In urangsunda@yahoogroups.com, nana sutrisna [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Naha kunaon kang ari kapuloan nusantara ku urang barat mah osok di
sebut kapuloan Hindia wetan?
WALUYA : Kulantaran ayana wetaneun India!
Salam,
WALUYA
Yahoo! Groups Sponsor
Soal Cina awewena diperkosa atawa henteu memang jadi polemik tepi ka
ayeuna oge. Tapi kajadian di Mei 1998 mere pangalaman traumatik keur
urang Cina. Loba urang Cina nu kalalabur ka luar negeri, teu baralik
deui kaasup Cristianto Wibisono tokoh mahasiswa 1966, aktivis jeung
salah saurang nu
Nambihan sakedik. Kulantaran wartos/artikel nu diposting ku Kang
Nana Sutrisna didamel taun 1998, aya nu ngaganjel, naha leres anu
eklusif (tertutup) teh ngan katurunan Cina? Karusuhan antar etnis di
Indonesia saatosna taun 1998, ngabuktikeun yen lain wae katurunan
Cina anu eklusive, tapi oge
Kutan kitu Kang Soni? Saur Ua Sas mah bumi Kang Soni teh di Sekelimus,
atuh putra teh saleresna mah geus caket ka bumi. Tapi alhamdulillah
salamet. Leres pisan jalan bypass Sukarno Hatta teh rawan, abdi ge sok
keueung upami ngaliwat wengi-wengi palebah dinya teh. Bandung kidul
seueur pendatang
Nu matak oge, para pejabat /politikus anu hayang nyelipkeun foto
dina Yassin/Al Qur'an kudu maot heula hehehehe. Da ilaharna oge
buku surat Yassin sok diselipan foto kunu parantos maot, keur
pangeling-ngeling, sanes keur kampanye
Baktos,
WALUYA
From: Waluya, Dani R
Date:
Ngiring mairan sakedik Neng Iva. Kuring oge ngadangu hawar-hawar
perkawis kawin Mut'ah di urang Syiah, ngan teu yakin leres-henteuna.
Kantos kapungkur maca artikel dina koran, duka koran naon, hilap
deui, cenah mah kawin mut'ah teh biasa dilakukeun di masyarakat Arab
jaman harita. Anu
DAANG jigana mah kecap dahar keur budak leutik. Diurang biasana kolot
osok ngilu cacadelan jiga budak. Budak nu cadel keneh rada heseeun
ngucapkeun dahar, jadi weh dirubah DAANG. Meureun eta oge hehehe
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, nana sutrisna [EMAIL PROTECTED]
Ceuk cenah, kabebasan mikir di Baghdad jaman kekhalifahan Islam,
kacida majuna, nu matak di jaman harita Islam ngalaman jaya-jayana.
Ngan hanjakal datang weh suku barbar, nyaeta urang Mongol ( Kaisarna
Gengis Khan) nu bengis. Bagdad diserebu, diancurkeun, buku-buku
didurukan, maklum urang
Kapungkur aya urang BaKus ngirim software keur ngitung waktu salat
(oge tiasa di download gratis di alamat ieu
http://www.geocities.com/SiliconValley/Vista/9311) Ku kuring teh
dicobaan weh sakeudeung, teu ditelek-telek da waktu shalat mah dina
koran jeung kalender oge aya. Kabeneran aya
Ari kuring mah karunya ka Ustadz Roy, sabab ari niatna mah hade,
supaya nu shalat ngarti naon nu dibaca kunu shalat jeung deuih
sabenerna mah lain sholat bahasa Indonesia, tapi sholat make
tarjamahan bahasa Indonesia. Ceuk dina millis tatangga, di Amerika
shalat dua bahasa, Arab jeung Inggris
Teh Nia sareng Kang Nana, naha teu aya cara lain keur ngayakinkeun
Ustadz Roy supaya ngarobah cara shalatna, salain ti ngancam jeung
rek dihukum? Kuring oge sarua teu satuju kana prak-prakan shalat
ustadz Roy, tapi ari kudu nyatujuan manehna dihukum mah, ke heula
ah. Lamun teu salah pasantren
Wah, ari perkara kedah nurutan ka saha mah, mangga we nyanggakeun ka
Kang Nana Sumarna nyalira. Sakaterang kuring mah memang urang teu
terang ibadah urang teh ditampi atanapi henteuna ku Alloh Swt. Kuring
nangajalankeun ibadah ku kayakinan yen ibadah kuring teh ditampi ku
Alloh swt, tapi
--- In urangsunda@yahoogroups.com, dudi [EMAIL PROTECTED] wrote:
Ceuk kuring mah bacaan sholat ditambah hartina teu salah tapi
oge can bener nepi ka wanci ayeuna mah, anu salah amah anu
ngagebugan satrina eta ustad Roy, oge ustadna kuduna mah bisa ngajaga
kasalematan santrina, lamun henteu
Hukuman potong leungeun kanu maling geuningan kungsi dipraktekeun di
urang nyaeta di Sulawesi Selatan waktu jaman DI/TII Kahar Muzakar.
Di handap ieu aya postingan di millis Wanita Muslimah ti Kyai urang
Sulsel (Pa Nur Abdurrahman alias HMNA) nu nyarioskeun kumaha
praktekna hukum potong
Leres Neng Nia, ari pasantren anu ageung mah, tapi da di Bandung mah
seueur pasantren teh. Kang Suharja aya naon yeuh naroskeun pasantren
caket UPI? . boa-boa pedah aya wartos dina koran PR nu nyebar oge
dina millis-millis, cenah mah aya mahasiswi UPI ngalaman pelecehan
seksual ku salah
Aduh eleh ku Kang Dur euy, enya we mani aya sababaraha wartos soal
pencabulan mahasiswi UPI ku ustadz nu cenah ustadz DT teh dina
detik.com. Beu ...karunya ku AA Gym, katipu ku ustadzna.
Ari keur kuring mah teu aneh lamun aya kajadian nu kieu teh, sabab
lamun aya lalaki nu beukian pisan
Hehehehe Hebat atuh Kang Dani meureun eta bom teh dibulen ku
bahan peredam panas, da lamun henteu mah kaburu seep kabeuleum waktu
nembus atmosfeer jeung teu kudu make bahan peledak pas neumbrag
bumina oge da geus pasti ngabeledug. Ari teori kuring mah lain, make
rudal langsung ti
Hehehehehe.Kang Yudi, Fisika teh sanes elmu teori wae, tapi oge
elmu praktek. Kuring acan ngadangu Vials kantos ka Bali, komo tepi
ka milarian/ ngukur parameter ilmiah keur ngadukung teori manehna.
Teori wungkul, teu kaci dina elmu fisika mah. Kuduh puguh bukti
jungkiringna. Cobi parameter
Kang Yudi, kuring mah henteu satuju upama aya istilah-
istilah keren, sapertos bom Termo nuklir disebut-sebut, bari
sabenerna mah nu nyebut ieu teh teu pati ngarti naon ari bom termo-
nuklir. Kabaca ku urang awam nu sarua teu ngarti, puguh we disangka
bener. Jadina ukur provokasi keur mapanas
Kang Agus Her kantos ngawartosan aya degung nu dinayagaan ku para
bule ti Australia, kitu deui dina KOMPAS (pangulinana kang AGus
Her) CD ieu oge diresensi. Panasaran milarian di Disc Tara, enya we
aya, boh CDna atawa kasetna. Pas dicobaan karasa rada aneh sorana
teh. Sok sieun teu
Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan ceuk beja mah taun ieu arek
ditenderkeun jeung di taun 2009 geus bisa digunakeun. Aya atoh aya
rada hereneg ngadangu wartos ieu teh. Atohna ka lembur jadi caket
tapi nu harenegna sapertos nu dipikapaur ku Neng Nia, sieun jlug-jleg
pabrik tapi ari nu
Da aya aturan oge, tetep we nganggo akal-akalan. Contona dina tender.
Biasana lamun aya 7 rekanan peminat kana tender, nu tujuh rekanan teh
baradami terus harga diatur (biasana si pimpro atawa PNS nu sejen oge
ngiring ulubiung dina nantukeun harga penawaran). teu aya bukti
dokumen tertulis
Kuring oge jadi gagaro teu ateul, macaan wartos Mulyana jeung KPU
teh. Mulyana ceuk cenah hirupna sederhana malah bumina oge masih
ngontrak tapi kejiret ku korupsi. Nu korupsi tepi ka ratusan milyar
malah aya nu nepi ka triliyun malah henteu dinanaon. Tapi memang
rada sesah sih mgabuktoskeun
Jam 10.55 aya deui lini di Bandung, tapi teu karasa di Tempat kuring
mah (Dago). Ceuk detik.com di Cimahi karasana leuwih gede ti lini nu
tadi isuk-isuk (jam salapan). Mudah-mudahan we teu aya korban jeung
karusakan. Karareueung kieu ieu teh .mangga kanu bade nikah
geura
Hih ... ari Neng Nia, eta geuning raribut soal buru-buru nikah
bisi gunung kaburu bararitu jeung ayeuna ditambahan ku lini dimana-
mana. Meureun bisi teu kabagean .hehehe
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Nia Sri Winiarsih [EMAIL PROTECTED]
wrote:
Abdi mah bade ka
Rarasaan kuring mah jauh ka bedug teh hartosna rada mirip-mirip
jeung kampungan atawa meureun hartosna dusun. Tapi kuring hese
nerangkeunana naon ari kalakuan dusun teh. Manawi aya baraya anu
tiasa ngalengkepan?
Ku kuring dicutat deui kalimah postingan kang Yaya nu aya
paribasa jauh ka
Baraya basa aya postingan ti Kang Yaya, aya paribasa nu
dianggo : jauh ka bedug nu hartosna jalmi anu kirang terang tata-
titi kalakuan urang kota atawa dina basa gaul mah kampungan . Ceuk
Haryoto Kunto Almarhum (kuncen Bandung), istilah ieu mucunghul
jalaran baheula mah masjid teh ngan aya
Aya lini di Bandung jam salapan. Kuring mah teu ngarasa da aya di
lantai I di kantor teh, tapi nu di lantai III jeung IV lalumpatan ka
handap. Tadina mah nyangka lini ti Tangkubanparahu (lini Vulkanik)
tapi ceuk BMG aya di Bandung kudul kakuatanana 5 SR. Kamungkinan lini
tektonik ti patahan
Ah Kang Didi, bade dianggap gejala alam, mangga da memang
saleresna kitu, bade dianggap tanda-tanda ti nu Kawasa oge mangga
da meureun paling henteu urang jadi sadar, yen manusa teh sabenerna
mah makhluk lemah, teu daya-teu upaya, lamun parantos nyanghareupan
nu kararieu teh. Eh
Ieu aya tulisan, kenging ti millis tatangga, lumayan kanggo nu sok
resep renung-merenung. Nyanggakeun dihandap.
Seorang lelaki berniat untuk menghabiskan seluruh waktunya untuk
beribadah. Seorang nenek yang merasa iba melihat
Sabenerna mah Indonesia teh dituduh salah sahiji nagara di dunya ieu
sumber perdagangan manusa jeung pornografi anak-anak. Nu nuduh lain
nagara kitu wae, tapi Amerika. Tuduhan ieu patojaiyah jeung slogan-
slogan di dalam negeri nu ngarasa boga moral leuwih alus dibanding
nagara Barat. Duka
Rarasaan mah artikel ieu teh tina PR nya kang Nana? Sae eusi artikel
ieu teh, ngan ari kuring mah panasaran kunu ngarangna, geuning namina
Stevanus Subagijo? Subagijo, nami urang Jawa sareng Stevanus rada asa-
asa, boa nami baptis katholik nya?
Tapi leupas ti nami pangarangna (naon hartosna
Saleresna mah seueur oge urang Sunda anu ancrub dina politik, ngan
duka sok jadi anak bawang wae atanapi ukur jadi pendukung. Duka
masalah budaya nu rada beda jeung seler sejen atanapi duka kumaha.
Ari
kuring mah ningali urang Sunda teh lamun jadi birokrat (+ militer)
atawa hakim sok leuwih
Ari inget cirebon teh sok inget kana sate kalong, kadaharan khas
Cirebon. Kuring kapungkur rada asa-asa bade ngasaan teh, ari pek teh
mani sedap pisan. Mangga geura upami ka Cirebon ulah hilap ngaraosan
Sate Kalong!
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Yudi Irmawan [EMAIL
Lembur kuring kaliwatan jalan Cirebon-Bandung, jauhna ti Cirebon teh
kurang leuwih 70 km. Jadi ari urang lembur kuring mah cirebon teh
sarua deukeutna jeung ka Bandung. Ceuk dongeng pun Aki, jaman
baheula lamun anu arek balanja teh lain ka Bandung, tapi ka Cirebon
anu memang leuwih rame
Upami teu lepat mah, urang sunda anu ahli bahasa Ibrani teh Prof. T.
Ihromi (guru besar UI). Anjeunna teh carogena urang Batak, nu oge
Professor di UI. Urang batak istrina Prof Ihromi teh raina Jenderal
Simatupang. Dina biografina Jend. Simatupang dicarioskeun, kumaha
ributna kulawargana,
Kapungkur basa kuring ka lahan transmigrasi di Jambi, papendak jeung
urang Darmaraja anu ditransmigrasikeun kumargi bade aya proyek
Jatigede. Si akang ieu ngobrolna teh mani optimis pisan, bakal
sukses di tempat anyarna da cenah kabagean lahan anu lega jeung
dipelakan sawit. Si Akang urang
Baheula, di taun akhir taun 1980'an kuring sering asup ka daerah
transmigrasi anu kakara dibuka jeung kakara dieusian ku transmigran.
Daerah transmigrasi anu anyar biasana tadina leuweung luwang-liwung
anu dibukbak (istilah kerenna mah di land clearing). Terus di eta
lahan teh dijieun
Haturan Kang Ganjar. leres pisan Kang, dina katuangan oge moal raos
upami karedok dihijikeun sareng gudeg atawa rujak cingur
mah .hehehehe
Ari ceuk sim kuring mah produk kasenian nasional mah
eta ..dangdut. Mangga we geura dimana-mana di sakuliah Indonesia,
musik dangdut mah kadangu
Nu nulis artikel ieu, meureun jelema frustasi, da cenah (kapungkur
teh aya nu posting) Abidin Alsich teh padamel negeri di Dinas
Kabudayaan Cirebon. Eta meureun uranng Cirebon teh ngarasa rada
dianak-terekeun ku Bandung (baca: urang Priangan) padahal ngarasa
budayana (utamina mah
Ari perkawis urang Kuningan bade mengpek cai ka Cirebon mah nu
terang urang Kuningan nyalira, ngan tantosna oge jadi pertanyaan
kunaon bet jadi kitu, padahal PAM Cirebon ti jaman walanda oge caina
nya ti Kuningan. Salian tina faktor ekonomi, naha aya faktor sanes?
jigana kedah dipaluruh oge
Baraya, ieu aya wartos deui perkawis Judi. Editorial Media Indonesia
dinten Minggu 3 April 2005. Nyanggakeun (punten kanu parantos maca
atanapi nguping di MetroTV kamari) :
EDITORIAL Minggu, 03 April 2005
Judi dan Keberanian Pemerintah
INI fakta mengagetkan. Ternyata, judi merebak
Togel (Toto gelap) ayeuna di urang nerekab ka ka kampung-kampung,
persis di jaman SDSB jeung Nalo jaman baheula, bedana teh ari ayeuna
mah henteu terang-terangan nu ngajualna, tapi ari penggemarna mah
jiga kapungkur we. Kamari poe minggu kuring ningali tukang ojeg
keur ngarumus angka, persis
SDSB saleresna mah undian kreasi anyar, saatosna jaman Nalo (nasional
Lotre). Nalo nerekab di taun 1970'an, namun sanes Pemda DKI anu
ngayakeun, eta mah pamarentah pusat. Upami Pemda DKI mah ngelola
kompleks perjudian nu di Jakarta (sepertos Genting Highland di
Malaysia ayeuna).
SDSB undian
Di televisi dina acara Kriminal sering ditayangkeun (malah mah
sok live) kumaha pulisi ngudag-ngudag ungkluk. Aya nu digedor
kamarna, ber .lalumpatan, aya nu teu dibaju-baju acan. Bakating
ku sieun katewak aya nu ngajleng ka walungan, palid .teu kapuluk
deui. Aya nu cingogo dinu
Ari kuring mah kantos maca hiji carpon (carita pondok), baheula keur
budak, tapi sanes perkawis ungkluk, tapi gunem catur adi jeung
lanceuk awewena nu jadi ronggeng topeng banjet di Karawang. DI
karawang baheula, upama nuju musim halodo, dimana sawah-sawah
kagaringan, kasenian topeng banjet
Ah kang Kamal mah keun wae kang, akang benten pamandegan sareng
sim kuring atanapi kang Yaya, teu janten masalah, da memang kitu ari
jalmi mah, mastakana sami-sami aya buluan, ari pamadegan mah acan
tantos sami. Malah ari keur kuring mah jadi resep, bisa diskusi, bisa
ngaluarkeun
Kabeneran kuring acan maca buku karangan urang jepun ieu, engke ah
rek milarian ka toko buku. Geuning Moehamad Moesa teh nya ageung
jasana nya dugi ka disebat Manusia yang mendahului jamannya. Kitu
deui K.F Holle, walanda anu caket jeung Moehamad Moesa. Base pere
tilu poe, kukurilingan jeung
Ha...haha...ha... politikus oge kedah seueur hiburan panginten
kang, maklum stress ..mikiran teuing rakyat!
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, @@ Ifan [EMAIL PROTECTED] wrote:
punten ahhh... mung saukur informasi,
teu aya maksad nanaon mosting ieu artikel,
bilih aya nu
Ngiring deui mairan Kang Juhara (asa nembean posting, atanapi kuring
hilap deui). Pairan kuring dihandapeun posting kang Juhara
--- In urangsunda@yahoogroups.com, JUHARA [EMAIL PROTECTED] wrote:
Lamun aya oknum aparat ngalarang judi diresmikeun, can tangtu kitu
hatena mah, manehna nyaho
Sakedik nambihan kang Rachmat (sami-sami angkatan 70'an ...hehehehe),
Bang Ali teh ceuk kuring mah, hiji pamingpin anu gaduh visi. Ieu
dibuktoskeun ku anjeunna ngadamel Taman Ismail Marzuki kanggo para
budayawan jeung sastrawan padahal saur Pa Ayip Rosyidi mah Bang Ali
teh henteu patos
Ki Hasan, perkawis Haji Hasan Mustapa, bukuna aya kenging (dicompile)
Pa Ayip Oge, Kuring kantos maca kenging nambut ti Ua Sas. Tapi macana
rada sesah. Kuring oge sering kapungkur sering posting perkawis HHM
ieu, mangga geura pilarian arsipna.
HHM teh salah sahiji ulama sunda anu diajar agama
Kang Yudi, sim kuring oge satuju yen ngadu teh aya dampak sosialna,
dimana-mana oge anu diharamkeun mah ngandung dampak sosial anu awon.
Tapi urang oge kedah ningali realitas anu aya. Ngadu bade Togel (toto
Gelap) ti Singapure atawa ngadu di kompleks perjudian di nagara urang
teh aya jeung
Baraya, ieu aya wawancara Majalah Tempo Sareng Ali Sadikin (kenging
copy-paste tina millis tatanggi)
TEMPO No. 04/XXXIV/21 - 27 Maret 2005
Ali Sadikin:
Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka
ALI Sadikin tak pernah lepas dari kontroversi. Bekas
Gubernur Daerah Khusus Ibu Kota Jakarta (1966-1977)
Upami urang maca wawancara Ali Sadikin nu tadi diposting, katingali
Bang Ali teh jalmina teh heuras. Jigana teh heurasna Bang Ali
kabiasaan kulawargana. Kuring kantos maca lalakon ramana Ali Sadikin
nyaeta Rd. Sadikin, salah saurang tangan kanan Pangeran
Suriaatmaja, Bupati Sumedang, kantos
Ari ceuk kuring mah ngadu (judi) bakal hese ngabasmina, ngan henteu
we nyebutkeun pamohalan mah. Sabab memang aya sabagian masyarakat anu
resep kanu ngadu ieu. Diteumeunangkeun oge ku pamarentah malah maling-
maling. Nu resep ngadu, sagala rupa oge bisa dijieun bahan eukeur
ngadu. Kuring
Sapagodos Kang ZAM Bang Ali saleresna mah Muslim nu taat sareng ti
kulawarga anu oge muslim nu taat. Ieu tiasa ditingali tina nami
kulawrga ageungna, nu nganggo nami-nami muslim (Ali, Hasan jst).
Ramana kapungkur anakbuahna Pangeran Suriaatmaja anu oge disebat-
sebat Muslim anu taat.
abdi
tidak
realistis mah.
Nia
-Original Message-
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, March 30, 2005 8:03 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk
Neraka
Baraya, ieu aya wawancara Majalah Tempo
Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah ayeuna oge
masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin
marentah. Teras soal maksiat, aya buku Jakarta Undercover nu
nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah
dilakukeun ku nu baleunghar
Urang Cina? hehehehe dimana-mana eta mah aya. Di lembur kuring, di
Cimalaka aya toko bogana Babah Ceng Bie. Tokona teh komplit pisan.
Ari di kota Sumedang mah puguh deui. Tahu Sumedang lolobana boga
cina, da memang kapungkurna kadaharan meunang urang Cina. Ieu
panginten salah sahiji jasa
Baraya, ieu posting kuring kanggo Teh Aisha nu ngangken ageung di
daerah Sunda sareng ngaraos aya getih sundana. Anjeunna nu ngawitan
posting artikel ti ME tea ka hiji millis. Teh Aisha ngritik dina
posting pribadina ka kuring, ngrtik kunaon urang sunda melempem.
Tah kuring teh dijawab kieu
Bade teu kabelejog kumaha atuh kang, apan pemiluna oge milih gambar
lambang partey sanes milih jalmina. Wakil ti kota Bandung ka DPR
pusat lamun teu lepat mah Mangara Siahaan (pdip) anu kamari waktos
ribut di DPR bade tikusruk (ceuk koran di Bandung mah tersungkur
cenah, jiga dina tinju
manehna
oge te kenal sareng urang, ceuk paribasa mah beli kucing dalam
karung (Mun
ceuk ibu-ibu mah beli burung dalam sarung hehehehehe)
Have a nice day
Best Regards
Kang Didi
-Original Message-
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, March 21, 2005 1:16 PM
Basa ka Cupumanik jeung MJ, kuring ngadongeng ka MJ soal dalem
sumedang nu Don tea ngaluuhan pajemuhan Rukun Wargi Sumedang (ieu
kumpulan turunan menak sumedang, nu karuhunna henteu asup kana inner
cycle karaton Sumedang. Ari turunan menak sumedang nu di karaton mah
kumpulna teh di Yayasan
Memang saleresna kitu kang Kumi. Ari nu hayang seuri mah eta anu demo
marake motor, pek didarorong. Heueuh nyaho bbm teh mahal, der ieu mah
kalahka diawur-awur. Ras inget baheula, waktu arab ngaembargo minyak
ka amerika dan kawan-kawan. Hasilna malah leuwih hade keur urang
amerika tinimbang
Tah geuning Kang Anugrah sareng Kang Suhardja parantos lebet ka
Babakan KUSNET (Komunitas Urang Sunda di Internet). Kang Anugerah anu
kamari rame sareng Teh Nia. Ari kang Suharja mah diulem ku sim kuring
ti milis WM, ngangkenna urang Karawang. Kumargi di KUSNET raraosan
teh urang Karawangna
Bilih bade nelepon majalah Bangkawarah ieu, ieu nomor teleponna :
021-7202540 (hunting), 021-7225372 fax : 021-7202541.
ALamatna :
Jalan Sultan Iskandar Muda No, 16A, Arteri Pondok Indah, Jakarta 12240
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote:
Baraya, ku menta
: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 14 Maret 2005 11:41
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: Urusan jeung ME acan anggeus!
Bilih bade nelepon majalah Bangkawarah ieu, ieu nomor teleponna :
021-7202540 (hunting), 021-7225372 fax : 021-7202541.
ALamatna :
Jalan
Baraya tadi sore kuring narima telepon ti cbn bandung, manehna menta
maaf ku ayana artikel eta jeung geus dicabut tina portalna. Ngan ceuk
kuring teh kuring teu bisa ngajamin, nu sejen bisa narima kitu wae.
Nya upama dicarekan mah tarima we hehehehe.
Oge kuring narima email ti cbn
Baraya tadi sore kuring narima telepon ti cbn bandung, manehna menta
maaf ku ayana artikel eta jeung geus dicabut tina portalna. Ngan ceuk
kuring teh kuring teu bisa ngajamin, nu sejen bisa narima kitu wae.
Nya upama dicarekan mah tarima we hehehehe.
Oge kuring narima email ti cbn
Hayoh saha nu sok jadi agen KGB (Kareta Gambir - Bandung)? kade
ayeuna mah lamun lapar ulah mengkol heula ka Hoka-Hoka bento!
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, Hakim, Lukman
[EMAIL PROTECTED] wrote:
fyi ...
- Original Message -
Mohon untuk lebih berhati-hati
?
salam
JP
durahman [EMAIL PROTECTED] wrote:
Saenamah tulisan kang surya teh di kintun ka www.cbn.net.id sareng
ka
majalah ME (male emporium). Nya itung-itung klarifikasi, kitu.
Wasalam,
durachman
- Original Message -
From: waluya56 [EMAIL PROTECTED]
To: urangsunda@yahoogroups.com
Saha nu sok tuang di Hoka-Hoka Bento restoran gancangan masakan
Jepang? ceuk wartos dina detik.com dinten ieu MUI nyebatkeun Hoka-
Hoka Bento henteu halal tapi henteu ari disebatkeun haram mah, duka
naon status halal-haramna. Kitu deui roti singapur Bread Talk sareng
inuman Bintang Zero.
Ke punten Teh Iva, Ayip Rosidi sanes urang Sunda Asli? Sakaterang
sim kuring mah anjeunna urang Sunda asli pisan. Bah AYip teh rakana
Mang Ayat (prof Ayat nu kamari di ulem waktos di HS).
Dua AR ieu aslina ti Jatiwangi Majalengka.
Baktos,
WALUYA
--- In urangsunda@yahoogroups.com, iva wanti
701 - 800 dari 927 matches
Mail list logo