Nyi Iteung jadi bendahara di hiji yayasan amal jariah, manehna nyekel brankas 
keur nyimpen duit. Hiji waktu manehna rek muka brankas, Na atuh lat we poho 
kombinasi koncina. Diutak-atik, angger we teu kabuka. Panik, tungtungna manehna 
ngageroan atasanana, Pa Ustad, menta tulung. 

Pa Ustad datang mantuan, manehna nyobaan muter-muter konci kombinasina, tapi 
kaciri ragu-ragu. Sajongjongnan manehna ngahuleng, tapi terus tanggah semu nu 
khidmat pisan, lalaunan babacaan. Geus kitu, kalawan yakin, manehna muterkeun 
konci kombinasi, bray weh brankas teh kabuka.

Nyi Iteung kacida takjubna: "Abdi kacida reueusna ku iman Pa Ustadz nu sakitu 
kuatna"

"Ah sabenerna mah lain nanaon, nomer kombinasina ku kuring di tempel dina 
lalangit, rada disumputkeun!", ceuk pak Ustad teh kalem ....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke