Taneuh Sunda Geura Beresih

 

Usir
     siluman-siluman nu ngabibita kana kadunyaan,

salametkeun
manusa tina sarupaning kamusyrikan,

teu kudu sieun
salila urang nincak daratan,

teu kudu gimir
salila urang muntang ka Pangeran.

 

Jauhkeun manusa tina menta ka
kuburan,

atawa guha-guha di leuweung
geledegan,

taneuh Sunda milik jalma nu ngan
percaya ka Pangeran,

taneuh Sunda geura beresih tina
sarupaning kamusyrikan.

 

Mimiti poe ieu kuring wakil ti
Tatar Pasundan,

ngajak tarung ka nu mawa
kamusyrikan,

toh pati toh nyawa jang
nanjeurkeun kaimanan,

kuring milu doraka mun ngantep
jalma kabawa kana kamusyrikan.




      

Kirim email ke