Geura Nyaring !

 

Geura
     nyaring manusa,

na meni
kabina-bina,

maenya aya
bank gaib sagala,

na duitna
timana?

 

Lamun jin boga bank di alamna,

jang nyimpen duit manusa,

atuh duit urang jadi euweuh
hargana,

jeung kunaon loba jalma nu
percaya?

 

Cenah aya simpenan uang brazil
tea,

diudag nepi kamana-mana,

kunaon bet neangan di ieu nagara,

lain neangan di nagara asalna.

 

Karunya teuing jalma nu percaya,

ngaku makhluk mulia kanu kitu
percaya,

lamun aya oge teuing cetakan taun
iraha,

paling diseungseurikeun ku bank mun
dina enya ayana.

 

Aya oge nu ngudag-ngudag rante
babi tea,

jang bisa narik duit cenah ceuk
nu percaya,

bisa kebal cenah nu makena,

deudeuh teuing sasarna eta
manusa.

 

Mun aya duit marurag teu puguh
timana,

jelas nitah jin maling ti manusa,

kajeun kumaha jelas hukumana,

nitah maling ka sasama.

 

Jenglot jeung batarakarang
dipuja-puja,

jang ngadatangkeun duit saruana,

duh karunya manusa nu percaya,

hayang makaya kalah murag kanu
dimurka.

 

Naon bedana jeung munjung-nyegik
jeung sajabana,

ngagadekeun kaimanan jang meunang
dunya,

geus dipastikeun tempatna dina
naraka,

geus jelas tegas diulahkeun ku Nu
Kawasa.

 

Geura nyaring manusa,

urang boga Nu Kawasa,

jauhan nu diharamkeun ku
anjeun-Na,

ngarah salamet tina azab naraka.




      

Kirim email ke