Lain Kuring Adigung Adiguna

 

Ka
     sakabeh lelembut,jin jeung siluman,

nu nyiliwuri di ieu daratan,

atawa nu ngahaja datang ti laut
pakidulan,

nu ngolo jeung maksa manusa poho
kana laratan. 

 

Kuring nonggerak rahayat
Pajajaran,

mun papanggih bakal ngusir aranjeun
ti ieu daratan,

bakal ngabersihan tempat-tempat
nu ku aranjeun dipake sesembahan,

ngarah teu loba teuing manusa nu
ku aranjeun dibawa kana kamusyrikan. 

 

Nepi ka getih kuring kasaatan,

nepi ka nyawa leupas tina
pangawakan,

nepi ka ambekan euweuh sesaan,

kuring bakal merangan aranjeun di
ieu daratan. 

 

Lain kuring adigung adiguna,

kuring ngan ukur ngalakonan
parentah agama,

sugan kuring bisa ngurangan dosa.




      

Kirim email ke