Geura Nyaring Geura Nyaring Kanu masih percaya minyak bakal ngadatangkeun harta, kanu masih percaya barang pusaka ngadatangkeun kasalametan dunya, kanu masih percaya aya siluman bisa dipenta ngadatangkeun pakaya, geura eling ka Nu Kawasa. Jin jeung manusa geus dipisahkeun alamna, euweuh nu bisa nangtukeun nasib makhluk kahareupna, jin oge sarua teu apal nasib manehna engkena, geura nyaring aranjeun ngan ukur diperdaya. Kuring nonggerak bakal tarung sabisa-bisa, ngalawan siluman-siluman nu ngaku loba kawasa, mugi Allah masihan abdi tanaga, abdi peurih nempo loba manusa ngagadekeun imana ka maranehna.