Saurang Bapa satengah tuwuh nyarita ka nonoman nu sajok dina kareta Api: "Hirup nu paling genah tumaninah mah jaman Sukarno jeung jaman Soeharto, ari jaman Habibie, Gus Dur, Megawati jeung SBY mah wah sagala susah"
"Kunaon bapa nyarios kitu?", ceuk si nonoman teh rada kasigeung da bubuhan urut aktivis 1998 nu nurunkeun Suharto. "Kieu Jang, di Jaman Soekarno mah bapa budak keneh, hirup senang da diparaban kolot. Atuh jaman Suharto bapa dikawinkeun ku kolot terus disubsidi kahirupan teh ku kolot. Tapi dijamanna Habibie, Gus Dur, Megawati jeung SBY mah, kolot geus euweuh, bapa kudu digawe banting tulang maraban pamajikan jeung kalima anak bapa! Baktos, WALUYA