NGIMPI sang KORUPTOR
Di bojong kenyot mah Babah Cingkleung teh kaasup dedengkot koruptor. Najan 
dicap koruptor nepi kakiwari can ka ambeu ku kapeka kawantu hasil korupsina 
tara ditunda dibank komo deui di-money loundring-keun cara koruptor liana. Ieu 
mah estu make cara tradisional pisan, nyimpen duit anu sakitu leunyana cukup 
dina cengcelengan hayam jago anu ngahaja dipesen langsung ti Plered Purwakarta 
atawa ditunda dina jero kasur anu dikedengan sapopoena, nya mokaha lamun kasur 
eta dipoe lantaran kaompolan, sok dilengo ditungguan da sieun aya nu 
ngaringkid. Gentong padaringan nu aya digoahna ge teu kaliwat dieusian nepika 
leber, kitu deui karung anu ngahuyud dilumbungna, barang dikait make ganco anu 
ngaburusut teh lain pare, tapi duit kencring ngaburulu maruragan. Atuh unggal 
nek incah, duit kencring nu maruragan teh sok dipulungan ku babah Cingkleung 
tur diasupkeun kana kaneron, pikeun mundut lagu "kabogoh jauh" kapangamen 
nepika ngabudah.

Teuing meunang korupsi timana duit nu sakitu ngaleutakna, nepi kakiwari can 
kapaluruh. Ngan nu kanyahoan kubalarea babah Cingkleung teh boga pabrik bakiak 
jeung tusuk gigi anu bahan bakuna cenah hasil tina ilegal logging. Diimahna anu 
agreng diwewengkon komplek 'Bojong Kenyot Indah' babah Cingkleung hirup 
genah,merenah tur tumaninah. Teu genah kumaha, unggal juru imahna dijaga 
sekuriti anu stenbay 24 jam, sarena oge dikeukeupan ku nu demplon bari 
digeberan AC split tilu satengah peka,lapar tinggal am, utu eta tinggal 
ngagupayan badegana, estu hirup lir di sawarga. Ngan hiji hal nu jadi gundah 
gulana pikiran babah Cingkleung teh, panyakit boeroetna beuki dieu teh beuki 
gede wae, komo keur bulan purnama mah kawas cai laut wae sok pasang, boeroet ge 
sok pipilueun ngagedean. Tapi manehna ge sadar, geus jadi konsekuensi cenah 
lamun jadi koruptor kudu rido dieunteupan sakadang boeroet.

Hiji peuting mangsa janari leutik babah Cingkleung ngorejat hudang terus 
ngaguguyah pamajikanana anu sare ngarengkol siga kuuk.
"Ibuna hudang geura...!"
"Naon atuh apana? Sok baku ari geus ngagugubrag nu sare teh, piraku can wareg 
sakitu sore sababaraha kali rintakan!"
"Huzzz...sok kamana wae ngomong teh, ieu apa bieu ngimpi, dina rasa teh apa 
kawin deui jeung nu ngora, tah ceuk ibuna naha ngimpi eta bakal kabuktian atawa 
kumaha?"
"Ah percaya teuing ka ngimpi atuh, riwan eta mah, bakat kuhayang, jadi kaimpi 
impikeun, aluk mah hees deui keur pelem-pelemna wayah kieu mah!"

Geus kitu mah dua-duana guher deui sarare, selang sababaraha jam babah 
Cingkleung ngorejat hudang deui, napasna renghap ranjug,beungeutna pucet siga 
tas manggih kasieun.
"Ibuna hudang deuleu...hudang!"
"Ih ari apana, naon deui atuh?"
"Apa ngimpi deui, ngan nu ieu mah pikasieuneun!"
"Ngimpi naon deui atuh?"
"Dina rasa teh kieu,apa katewak ku kapeka,terus dikerem ditahanan anu bauna 
matak lieur sahulu hulu,terus disidang make saragam tahanan husus koruptor 
warna biru dongker,ditulisan ngajeblag warna bodas "KORUPTOR CAPE DECH", anehna 
dina sidang eta apa langsung diponis, dihukum pati,carana titah milih langsung 
kawas multiple choice,a.digantung make gelasan, b.ditembak make bedil angin, c. 
disetrum ku raket paragi ngala reungit, tah kulantaran apa baheula resep ngadu 
langlayangan nya milih make gelasan, geus kitu mah beuheung karasa aya nu 
nyangreud, hos we paeh, geus paeh mah meureun ibuna ge paham mun koruptor siga 
apa, jigna kamana. Tah kitu, ayeuna nu jadi pertanyaan teh naha ngimpi eta teh 
bakal kanyataan atawa kumaha?"
"Euleuh kutan ngimpi kitu nya! Tah mun ngimpi kawas kitu mah pasti bakal 
kanyataan apana, geuwat geura insap!"

Ngadenge kitu babah Cingkleung langsung ngulapes, jantung koroner karasa deui.
syam ridwan
nb. ka baraya sadayana nu teu acan gaduh buku paket kusnet, nyaeta keom jilid 
hiji sareng jilid dua, mangga japri ka [EMAIL PROTECTED] atawa [EMAIL 
PROTECTED]  pan sakedap deui ulangan, nu can gaduh moal tiasa ngiring ulangan 
he he...

Kirim email ke