Ngaranna sok katelah Bah Omon,
ari umurna mah kira-kira aya meureun 60 tahunan. Ceuk cenah manehna teh pernah
ngasaan jaman jepun, basa hijrah ka Yogyakarta. Basa kungsi carita teh manehna
apaleun lagu jepunna komo lagu keur olahragamah.


Ci abah teh sok beuki banyol oge,
mun kuuing ditanya the “Bah bade kamana”, celetukna “Kaditu Kadieu, Kaditu
Kadieu” jadi weh ear mun nu ngadenge teh. Aya oge mun ditanya bah bade rook,
ceuk manehna nyeuletuk “ieu mah lain roko, ari roko mah daun kawung dikerok
trus make baku”, ceuk uing teh bisa wae ieu 
olot.


Ci abah ieu pakeyanna the sok
make jas coklat nu geus rada kolot, jeroanana pake kaos bodas, kahandapna sok
make calana bahan hideung, ari buukna sok ditutupan ku pici hideung, sok komo
tambah ginding sok make kacamata hideung rada digayakeun kawas dokter tea. Mun
kamana-mana teu poho sok mamawa tas hideung teuing naon isina.


Ci abah ieu teh sok datang ka
warungna Mang Otjid, sok komo ari datangna teh kira-kira jam 7 peutingan atawa
jam salapan peutingan, sabab ilaharna manehna sok ngideur atanapon ulin heula
alias ngideur kamana mendi sakapeung mah ku uing sok kapangggih di sisi jalan
tol jagorawi.


Tah ilaharna sok datang ka
Cidangiang teh alias sindang ka warung mang otjid teh sok ngajak sasalaman ka
barudak didinya, laju weh sina dahar ku mang otjid teh, sakapeung mun aya
barudak nu keur nyeuri sirah, atawa kacaletot urat sok di pang urutkeun ku
manehna.


Tah sanggeus daang teh ilaharna
ku barudak ge sok dipangmerekeun udud, nya ari udud n amah naon weh , ari 
kareuseupna
mah roko karetek sok komo roko samsu mah, ngarah awet cenah, ari roko filter
kawas mild kitu mah teu karasa jeung leutik teuing.


Tah biasa sanggeus rada salse sok
aya nu menta , “Bah ieu sirah rada beurat yeuh, cikang sugan pang urutkeun”.
Tah ku ci abah sok di urutkeun nya ilaharna tukang urut, ngurutna ge sok  
tarapti, ti handap nepi ka luhur, ti tatktak
nepika sirah. Jeung ku anehna mun diurut teh sok disada ctek.. ctek.. ceuk
manehna mah ieu teh asup angin cenah.


Tapi kungsi oge aya babaturan
diurut, cenah ceuk ci abah the “ wah ieu mah kawas ngurutan gajah”, ku
babaturan dibanyolan deui “wah bah ieu mah karek anak gajah, bapak gajah na
acan” deur weh ear, Ci Abah cakakak.


Eta bangsa kungsi diurut ku ci
abah ci babaturan teh lamokot pisan ku handbody nu dicampur ku minyak kayu
putih, atuh da cenah mun teu kitu di urut teh bisi peureuseun. Panan ari pake
handbodymah rada leureun jeung seungit, nya saawak-awak oge jadi beresih ku
hanbody.


Aya deui ari sanggus di urut teh
sok mere kadeudeh babaturanteh, nya ari waragadna mah standard weh, sanggeus 
diurut
sok sina nginum cai laju dibere udud, ari ci abah mah maklum sibuk mereun loba
panggilan jadi langsung mangkat deui, nya sakapeung handbody ci abah urut
dipeuseul teh masih seungit keneh.


Yayan Mulyana, Yayan[dot]m[at]gmail[dot]com,http://balebat-online.co.cc


      

Kirim email ke