Di wewengkon kabupaten Bandung kaler, di lamping kaler Gn Bukittunggul,
wawatesan jeung wewengkon pagunungan Cisalak, Kabupaten Subang, aya tempat
anu diaranan "Bukanagara". Ieu tempat teh khas palemburan di suku gunung,.
model lembur-lembur atawa desa-desa di wewengkon Ciwidey atawa Pangalengan.

Ti taneuh Bukanagara ngarongheap sirah cai anu jadi sumber cai walungan
sohor di Kota Bandung: Cikapundung. Tapi, sabagean sirah cai di wewengkon
Bukittunggul ieu ngamalir oge ka tebeh kaler jadi sumber cai Ci Cupunagara
tea. Sapotong ti walungan Ci Cupunagara ngaliwatan wewengkon Sumedang anu
sabagian tina lokasina sohor sok diparake hiburan walungan taunan para menak
Sumedang jeung masyarakatna: marak lauk tea.

Lalampahan anjog ka Bukanagara lain perkara gampang sok sanajan ayeuna
jalanna ka dinya geus diaspal. Babakuna mah kusabab jalan teh
pungkal-pengkol jeung netek. Sabagian badan jalan masih mangrupa batu anu
tarahal kusabab can diaspal atawa aspalna geus beak kaleled ku cihujan.
Enya, hujan di wewengkon Bukanagara meh unggal poe, ma'lum di pagunungan
daerah tropis tea. Ti mimiti mengkol ti jalan Cisalak-Tanjungsiang ka
katuhu, jalan geus karasa matak eungap ka supur anu mawa mobil. Tapi,
sagigireun ti panatang alam anu lumayan merlukeun sikep taki-taki salawasna
dina mawa kandaraan, urang nalika nganjang ka Bukanagara baris disuguhan ku
pamandangan alam anu bruh-breh boh ka beulah kiduol atawa ka beulah kaler.
Ret ka tebeh kidul, lapat-lapat kebon enteh wewengkon Ciater kareret matak
waas titingalian. Ana ngalieuk ka tebeh kaler lebak Cisalak jeung
pasawahanana lapat-lapat katingal sarua matak waasna.

Sapanjang jalan ka Bukanagara teu weleh aya pananya jero pikiran: kunaon eta
tempat anu rek dijugjug teh diaranan "Bukanagara"? Kumaha sajarahna? Jeung
kunaon walungan anu ka beulah kaelrna diaranan "Cupunagara"?. Can manggih
jawaban. Basa ditanyakeun ka kang Beni anu mandu kuring ka Bukanagara,
anjeunna oge teu tiasa ngajawab. Tinimbang nerangkeun asal-usul aran
"Bukanagara" jeung "Cupunagara", Kang Beni malah nyaritakeun beja anu keur
kuring mah mangrupakeun informasi anyar: Bukanagara teh tempat dieksekusina
para tokoh PKI taun 65-an. Malah, saur anjeunna, ke di hiji pengkolan, bari
katingal tutunggul makam Kolonel Untung. Saur kang Beni deuih, mang Ukra,
pangebon ramana di Panaruban (ayeuna mah tos pangsiun, sareng bojona, bi
Ukra, tos marulih ka lemburna di Cisalak), salah sahiji "jagal" eta
eksekusi.

"Tah eta kang jahul makam kolonel Untung teh", saur kang Beni bari nunjuk ku
tungtung panonna, da pananganna mah tetep taki-taki dina setir, ka hiji batu
anu nonjol tina hiji gawir handap dina hiji pengkolan. Ser karasa aya hawa
anu beda, teuing hawa naon, basa si kuring ngareret kana batu - tembong tei
siga jahul, balikta siga batu biasa wae - kl sagede dingkul nonghol tina
taneuh anu rada nyanggereng sakumaha anu dituduhkeun ku kang Beni. Geuning
teu mangrupa makam kuburan kolonel Untung teh. Tapi barang ras inget saha
manehna jeung kumaha pandangan masyarakat umum jarita ka inyana ceuk dina
sajarah nya pikiran teh bisa narima kalawan wajar lamun wangun kuburanana
teu siga ilaharna kuburan jelema.

Bari ngarengsekeun sesa lalampahan ngajugjug ka desa Bukanagara, kang Beni -
da ngahaja ku kuring ditanggap - ngadongengkeun kumaha rincian tatacara
eksekusi para tahanan G30S PKI anu asalna lain wae ti wewengkon Jawa Barat,
balikta meh ti sakuliah Indonesia.

Cag heula, cangkeul :)

manar

Kirim email ke