punten bilih can aya nu maca ach ieu kenging nyutat ti
:
http://www.mangle-online.com/view.php?id=04051010858&kategori=Berita&klasifikasi=Nyusur%20Galur%20Mapay%20Raratan
Ngadegna Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman
Kangjeng Prebu.

Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur,
jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng
Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu
tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta,
wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden
Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh
Ciamis (1839-1886)

Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun
Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti
taun 1677 oge geus dilaksanakeun anu disebut
Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung
komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu
jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah
geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran
wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun
ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina
Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna
dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tetela di Kabupaten
Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu
diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu
pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst nu
ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina
kalungguhanana teh.

Mimiti Ngebon Kalapa.
Tangtu bae Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin
nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung
nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda.
Rahayat ukur kabagian kokioprot kesangna wungkul,
kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung
kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung
enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna
kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe
Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse
di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman
Administraturna Max Salhuteru anu gede kamelang kana
kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I
dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis
dengkleung Dengdek ku Administraturna.

Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu
tega nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah
kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan
sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka lieuk
euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan,
kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun
ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder katut
dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh solokan
Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842,
Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru
diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.

Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta
henteu tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh,
muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di
mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal
calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa
kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di
buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.

Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh
Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi
ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila oge
Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di
Priangan wetan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun
ku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna
Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik
Haoe Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna
Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom
waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun
ngaran, sumawonna nu sejenna. Ka dieunakeun minyak
kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak
goreng sejenna .

Sakola Sunda.
Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton
Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega
lahan tempat karaton ngadeg legana sahektar, aya
empang anu laukna tingghudibeg, di antarana aya
babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan
kekembangan anu arendah. Di bagian sejen karaton, aya
kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks
karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton
ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga
Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna
dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani
nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung
hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina
guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba
panyakit, amal jariah kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria
Kusumahdiningrat, medali mas pajeng kuning."

Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah,
pangpangna rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah
ieu guguritan nu disusun dina pupuh Kinanti teh sok
dihariringkeun ku barudak sakola rayat.
Sajaba ti wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati,
Kangjeng Prebu oge ngageder ngawangun gedong-gedong
pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun 1859
tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya
ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupaten anu agreng,
perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus
gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong
nagara atawa gedong kabupaten, sakaligus tempat
lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan sejenna,
tangsi militer, panjara, masjid agung, gedong keur
kontrolir jeung kantor telepun.

Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana
kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu
anjeunna lali. Pendidikan dinomer hijikeun ku Bupati
anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para
putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar
guru Walanda, J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka
kabupaten, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa
Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola
Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di
Kawali. Ieu teh sakola munggaran di Tatar Sunda.
Dina enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng
Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan.
Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan
sabagian masarakat anu masih keneh nyarimpen
sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna
satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok
ngayakeun silaturahmi jeung pangaosan, ngahaja ngeprik
masarakat.

Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak
ka rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka
pangaosan jeung ririungan, marawa arca anu aya di
imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula
da kaula oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih,
satuhu tur kumereb ka pangawulaan teh, barungaheun we
dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya
arca. Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh
geus teu aya deui arca anu disimpen dimumule.
Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu
kendat muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar
satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun
we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal
waregu, jadi karimbunan. Eta sababna tepi ka ayeuna
loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di Selagangga
tea.

Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu
tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu
kabatinanana luhur. Ceuk saujaring carita anu mekar di
kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu oge
ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis
mah.
Taun 1861 jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun
nunjang lancarna patalimarga, ti Tasikmalaya ka
Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka
Jogjakarta.
Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya
jalan kareta api teh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh
kabupaten, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna
memang jadi gede sabab eyeuna mah kudu mnyieun
jambatan panjang lebah Cirahong jeung Karangpucung.
Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu
ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh
ayeuna narikolot, tapi Ciamis diliwatan kareta api, di
antarana kareta api Galuh.
Taun 1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon,
kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor
jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.

Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu
ngaso ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih
keneh teras bebenah jeung ngawangun Galuh Ciamis. Dina
jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti dipake,
peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup,
henteu risi ngaluarkeun modal gede keur muka
usaha-usaha perkebunan pangpangna. Kulantaran kitu, di
Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana
Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan,
Damarcaang jeung Sindangrasa.
Taun 1915 Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka
Karsidenan Priangan, sacara resmi disebutna jadi
Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu
propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel
jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten jeung genep
kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan
Priangan Timur.
Saenyana di lokasi karaton Selagangga oge Kangjeng
Prebu teh ngadamel masigit agreng anu dipercayakeun
pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul
Karim.
Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi
dina elmuna teh, marentahkeun ka para Kapala Desa
suaya di tiap desa aya masigit, sajaba ti keur ibadah
sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman
diajar ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun
mental spiritual masarakat. Masdjid Selagangga teh
kacida kaimpunganana ku para nonoman.

Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung
Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu
perenahna beh kulon mah geus taya tapak-tapakna acan,
da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah
kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah
tanah beulah kulon teh kagungan para putra sareng putu
Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates jeung
Jambansari Ayeuna jadi lembur.
Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus
dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku
Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman
ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad.
Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka
kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya
ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah diomean
dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal,
kapan anjeunna teh putra Minang ? Memang leres
Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah terahing
menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu. Jadi,
ngaraos ngiring tanggel waler geusan mulasara,
ngamumule pamakaman jeung komplek Jambansari anu ku
rayat Galuh kacida dimulyakeunana.
Aya anu rada ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh
Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan Selagangga,
sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan
Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap
kana jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang
Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di
dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna
sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu
diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka
rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan,
kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana
kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna. Bupati anyar
dipentes gawe mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan
jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu jalan ngandung
sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna
karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti
dieu anjeunna ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu
oge kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna
Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu
panemu, boh lahir boh batin, turta pinter meakeun
batur teh. Dipendemna oge di pamakaman Sirnayasa
(Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan nu bisa
ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti.***
(Sabagian bahan ti Yayasan jeung salahsaurang guru
Sajarah di Ciamis).[MANGLE 1964]


                
___________________________________________________________ 
To help you stay safe and secure online, we've developed the all new Yahoo! 
Security Centre. http://uk.security.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke